WorksheetsPTS BASA SUNDA KELAS 6A SEMESTER 1
Total questions: 30
Worksheet time: 15mins
Karangan dina wangun lancara (prosa) anu ukuranana pondok disebutna.....
dongeng
sketsa
carpon
carita wayang
Dina karangan carita aya unsur-unsur di handap ieu, iwal.....
palaku
wirahma
latar
galur
Kecap anu teu ngandung rarangken tengah, nyaeta......
kumaki
barudak
laleueur
gumading
Kecap nu teu ngandung rarangken tengah -ar-, nyaeta.....
baralik
jaragjag
karadak
arindit
Dawegan teh keur mejeuhna (leho)
lehoan
lelehoan
ngaleho
lumeho
Di handap ieu anu teu ngandung kecap pananya, nyaeta.....
Saha nu ngarang kumpulan carpon Kanyaah Kolot?
Kaayaan di sakolana teh kumaha ayeuna?
Ari Wandi teh sakola henteu?
Di mana Wandi teh bumina?
Kalimah di handap anu salah nulis huruf kapital, nyaeta.....
Dudi sakelas jeung Wandi.
Di mana bumina Pa Dedi teh?
Bapa nembe mulih ti jakarta.
Bu Lilis nuju ngawulang basa Sunda.
Kalimah di handap ieu anu salah nuliskeun tanda bacana, nyaeta......
hayu ah urang ucing sumput.
Iraha Kang Ajat sumpingna?
Barudak kelas VI keur diajar basa Sunda.
Doni, pangnyandakeun buku di perpustakaan!
Tokoh anu ngalalakon atawa nu dilalakonkeun dina carita, nyaeta......
tema
palaku
latar
galur
Hal anu dilenyepan tina eusi carita ku nu maca, nyaeta....
palaku
latar
galur
amanat
Kecap pananya anu fungsina keur nanyakeun harga, jumlah, jeung bilangan, nyaeta.....
saha
naon
sabaraha
kumaha
Tanda baca anu dipake di tungtung kalimah wawaran, nyaeta.....
titik
pananya
panyeluk
koma
Kecap bodas jadi barodas, make rarangken......
-al-
-ar-
-um-
-an-
Kasenian Kuda Renggong mimitina aya di Sumedang, nyaeta di Kecamatan.....
Wado
Sumedang Selatan
Tomo
Buah Dua
Kecap pananya "naon" fungsina pikeun.....
nanyakeun ngaran
nanyakeun tempat
nanyakeun hal, barang
nanyakeun harha, jumlah
Pangeran nyiptakeun kaayaan nu beda-beda teh sangkan urang.....
silih asih
silih ajenan
silih poyok
silih tipu
Indonesia teh beunghar, ngabogaan.......leuwih basa daerah
600
700
800
900
Teu saeutik bangsa deungeun anu ngahaja daratang ka Indonesia pikeun ningali......
kaendahan alam jeung budaya Nusantara
warga negara Indonesia
seler bangsa Indonesia
jumlah pulo Indonesia
Motto "Bhineka Tunggal Ika" teh hartina.....
Bangsa Indonesia teh boga rupa-rupa seler bangsa
Nagara Indonesia boga rebuan pulo
Nagara Indonesia sarua jeung Nusantara
Najan rineka tur bineka, tapi tetep hiji
Di handap ieu kecap-kecap nu ngandung rarangken tukang -ing/-ning, iwal:
mungguhing
kersaning
ceceting
bakating
Di handap anu lain kalimah aktip, nyaeta......
Mang Nana keur ngala buah.
Kang Dudung meuncit hayam.
Bapa ngala lauk di balong.
Jang Adang kacugak paku.
Ieu di handap anu lain kalimah pasip, nyaeta.....
Oray diteunggeul ku tangkal sampeu.
Buah diala ku Mang Nana.
Barudak keur diajar ngawih.
Si Dede keur diacukan ku Mamah.
...........ku puyeng, Ma Icih ngagubrag.
aya
bakating
lamun
najan
Ieu di handap anu lain seni budaya Sunda, nyaeta.......
angklung
bangreng
calung
tari lilin
Kasenian angklung teh dijieun tina........
kai
awi
parunggu
kuningan
Anu teu kaasup kecap dirarangkenan -ing/-ning, nyaeta......
bakating
estuning
kersaning
munding
Anu kaasup kalimah pasip, nyaeta.......
Mang Karta keur nyieun anyaman.
Mamah nuju ngadamel kueh.
Bapa nuju maos koran di tepas.
Bolu diseupan ku Ina.
Anu kaasup kalimah aktip, nyaeta.....
Nani keur meresan buku dina rak.
bolu keur diseupan ku Ina.
Sangu keur diakeul ku Bi Anah.
Bal ditalapung ku Rendra.
Anu kaasup kalimah alesan, nyaeta......
Ibro teu sakola kamari
Ibro nyeri beuteung
Ibro kamari teu sakola
Ibro teu sakola lantaran dahar tambarakan
Gedong nu mangrupa has Jawa Barat, nyaeta.....
Gedong Sate
Gedong Nagara
Museum Sribaduga
Stadion Si Jalak Harupat
