WorksheetsSisindiran
Total questions: 15
Worksheet time: 30mins
mawa peti dina sundung,
dibawa kanu sajawa
pangarti teu beurat nanggung
kabisa teu beurat mawa
Sisindiran diluhur kaasup kana wanda .....
wawangsalan
tatarucingan
teteguhan
paparikan
rarakitan
Pikasureun dijarumat
Jarumna harga sasenan
Saluhureun kudu hormat
(...........................................)
Ungkara anu merenah keur ngalengkepan sisindiran diluhur nyaeta ....
sasama kudu ajenan
hubungan dihargaan
sahandapeun diajenan
kulawarga kudu ajenan
dulur baraya agehan
ieu dihandap aya wawangsalan :
Bibika tipung tarigu
ku engkang henteu kaharti
Wangsalna, nyaeta ....
kungkang
bibika
tipung
kaharti
roti
Salasahiji aturan sisindiran nyaéta purwakanti. Puwakanti nyaéta….
Padeukeutna sora di tengah padalisan.
Sora anu sarua.
Padeukeutna sora di awal padalisan.
Padeukeutna sora vokal di tungtung padalisan.
Pajauhna sora.
Lengkepan eusi sisindiran ieu di handap!
Hayam jago eukeur béla
Dipeuncitna ku ki santri
Kudu getol ka sakola
………………………
Ngarah loba meunang élmu
Sangkan beunghar ku pangarti
Ngarah jadi santri
Sangkan beunghar
Sangkan beunghar ku élmu
Anténeu piring nu badag
Kudu getol ka sakola.
Wangsalna: ……
Anténeu
Sakola
Parabola
Piring
Pemancar
Sisindiran anu papak/midoan kawit (sarua) sora kecap nu hareupna, salasahiji ciri sisindiran jenis….
Wawangsalan
Paparikan
Silih asih
Rarakitan
Piwuruk
Haté bungah nempo soto
Tong poho dahar cékérna
Haté kuring rasa sono
Hayang panggih jeung manéhna
Sisindiran di luhur mangrupa sisindiran nu sipatna….
Rarakitan
.Wawangsalan
Sésébréd
Silih asih
Paparikan
Wangsalna "Simeut" ari cangkangna nyaeta ....
teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipameumeut
kembang bodas buah bunder, Neng Rina dipikameumeut
teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang
maung tutul saba kasur, diri teungareunah cicing
teu beunang disupa dulang, teu meunang dibebenjokeun
Tengetan kalimah-kalimah di handap ieu!
(1) Kaasup karya sastra wangun puisi.
(2) Kaasup karya sastra wangun prosa.
(3) Teu kanyahooan saha nu ngarangna.
(4) Pangarangna jelas.
(5) Aya cangkang, aya eusi.
(6) Jalan caritana pondok.
Anu kaasup ciri-ciri sisindiran nya éta....
(1), (2), jeung (3)
(1), (3), jeung (5)
(2), (3), jeung (4)
(2), (4),jeung (6)
(4), (5), jeung (6)
Ulah loba dahar peuteuy,
ngala awi ngan sabuku,
Barudak ulah hareureuy,
sok geura baruka buku.
Wangun sisindiran anu sarua jeung sisindiran di luhur nya éta....
Ulah ngala cocongoan,
bisi rusak tangkal manggu.
Ulah waka bobogohan,
bisi sakola kaganggu.
Kiripik siki kanari,
ngala saga arék nyeupah,
Sing apik naliti diri,
ngajaga ucap jeung lampah.
Abdi mah alim ka Bandung,
hoyong ka Sumedang baé,
Abdi mah alim dikantun,
hoyong sasarengan baé.
Lamun hayang melak salam,
kudu daék ngarawatna.
Lamun urang ngaku Islam.
kudu daék jeung solatna.
Tas Juli méméh Séptémber,
putus gé teu panasaran.
Jauh-jauh manggul awi,
nyiar-nyiar pimérangeun,
Jauh-jauh néang abdi,
nyiar-nyiar pimelangeun.
Eusi anu sarua jeung sisindiran di luhur nya éta....
Ulah loba dahar peuteuy,
ngala awi ngan sabuku.
Barudak ulah hareureuy,
sok geura baruka buku.
Rék ngala manuk japati,
deukeut kadu sisi cai.
Can lila pakait ati,
meureun kudu putus deui.
Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun awak.
Sing getol néangan élmu,
nu guna dunya ahérat.
Melak lobak dua jajar,
ripuh kalah kalémpohan.
Ka sakola rék diajar,
lain kalah bobogohan.
Rarasaan ngala mayang,
teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
teu nyaho cakeutreuk hideung.
Torotol kembang sapatu,
kembang bolang gurat-gurat,
…………………………….........,
…………………………….................
Padalisan anu mernah pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nya éta....
Sing getol nu lima waktu,
bekel mulang ka ahérat.
Teu tepung sareng jinisna,
sawios potrétna ogé.
Nini-nini ngeunah seuri,
huntuna ngan témbong hiji.
Lamun urang leutik kénéh,
ulah resep ngomong goréng.
Nu matak manéh sing kukuh,
papatah guru amalkeun.
………………………………,
………………..................
Batur mah jelema kaya,
kuring mah sangsara baé.
Padalisan anu mernah pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nya éta....
Batur mah maké calana,
kuring mah kabaya waé,
Tamiang reujeung hinisna,
katojos kakését hoé,
Lamun urang ninun kantéh,
ulah resep maké poléng,
Ka Cikini ka Ciceuri,
balikna meuli érloji,
Samping kageutahan dukuh,
dikelab dikacaikeun,
Jalan-jalan ka Cilamé
Inditna téh jeung Si Ratna
Singkahan tempat nu ramé
...............................................
Kalimah nu cocog pikeun ngalengkepan padalisan ka-opat sisindiran di luhur nyaéta...
Méh urang teu beunang macét
Méh teu beunang ku corona
Méh teu panggih musuh gerot
Méh teu kapanggih ku batur
