wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kuis Materi Dongeng

Total questions: 20

Worksheet time: 16mins

Name
Class
Date
1.

Anu dimaksud pamohalan teh nyaéta....

a)

Bagian carita anu kaharti ku akal

b)

Bagian carita anu logis

c)

Bagian carita anu teu kaharti ku akal

d)

Bagian carita anu deskripsina jelas

e)

Bagian carita anu deskripsina teu jelas

2.

Saméméh réa dibukukeun, nyebarna dongéng téh ngaliwatan....

a)

Lisan

b)

Naskah

c)

Prasasti

d)

Panggung teater

e)

Tulisan

3.

Dongéng Si Kabayan téh kaasup kana jenis dongéng . . . .

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Sasakala

d)

Sage

e)

Mitos

4.

Dongéng Nyi Roro Kidul anu sumebar di masarakat basisir kidul kaasup kana jenis dongéng....

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Sasakala

d)

Sagé

e)

Mite

5.

Unsur intrinsik dina dongéng anu ngajelaskeun ngeunaan runtuyan kajadian dina carita disebut....

a)

Jejer

b)

Amanat

c)

Galur

d)

Palaku

e)

Latar

6.

Dongéng di luhur mangrupa dongéng "sangkuriang", kaasup kana jenis dongéng....

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Legenda

d)

Sage

e)

Mite

7.

Dongéng mibanda ciri-ciri anu bisa ngabédakeunnana jeung wangun basa lancaran (prosa) lainna.

Di handap ieu nu teu kaasup ciri-ciri dongéng nyaéta….

a)

sakabéh eusi caritana bohong

b)

sumberna tatalépa sacara lisan

c)

awalna kagolong kana sastra lisan

d)

teu jelas nu ngarangna (anonim)

e)

ngandung unsur-unsur pamohalan

8.

Carita rékaan dina wangun basa lancaran anu sumebarna sacara lisan tur ngandung unsur pamohalan disebut....

a)

Dongéng

b)

Carpon

c)

Sisindiran

d)

Sajak

e)

Novél

9.

Di handap ieu anu teu kaasup kana latar dina dongéng nyaéta....

a)

tempat

b)

waktu

c)

suasana

d)

amanat

e)

setting

10.

Sarupaning hal nu hayang ditepikeun ku pengarang ka nu maca disebutna...

a)

Galur

b)

Latar

c)

Penokohan

d)

Amanat

e)

Bubuka

11.

Kecap rajékan nyaéta kecap anu....wangun dasarna

a)

disebut 2 kali atawa leuwih

b)

disebut kecap awalna

c)

disebut jumlah suku katana

d)

disebut sakali

e)

Disebut tutuluyan

12.

Kecap rajékan anu dibalikan deui bagian tengah wangun dasarna disebut....

a)

trilingga

b)

dwilingga

c)

dwimadya

d)

dwimurni

e)

dwipurwa

13.

Kecap rajékan anu dibalikan deui wangun dasarna sagemblengna disebut....

a)

trilingga

b)

dwimurni

c)

dwireka

d)

dwimadya

e)

dwipurwa

14.

Kecap “tajong” upama dirajek ku cara dwipurwa maka jadi….

a)

tajong-tajong

b)

tatajong

c)

titajong

d)

dwireka

e)

tujang-tajong

15.

Naon kecap rajékan nu aya dina kalimah "babalik pikir"....

a)

dwilingga

b)

trilingga

c)

dwimadya

d)

dwipurwa

e)

dwimurni

16.

Anu kaasup kana kecap rajékan trilingga nyaéta....

a)

beberesih

b)

bapa-bapa

c)

sapopoé

d)

blag-blig-blug

e)

ulak-ilik

17.

Umat-imut lucu,

Sura-seuri nyari,

Larak-lirik kepat,

Mojang Priangan.


Kecap "umat-imut, sura-seuri, jeung larak-lirik" mangrupa kecap anu dirajék.

Dumasar kana wanguna, kecap-kecap éta téh ngagunakeun jenis kecap rajékan ....

a)

Dwimurni

b)

Dwiréka

c)

Dwimadya

d)

Dwipurwa

e)

Trilingga

18.

Sapeupeuting kuring teu bisa saré sabab beurangna nginum kopi dua gelas.

Kecap rajekan dina kalimah di luhur kaasup wanda....

a)

dwimurni

b)

dwirḗka

c)

dwipurwa

d)

dwimadya

e)

Trilingga

19.

Mana di handap ieu nu kaasup kecap rajékan dwimadya....

a)

aki-aki

b)

sababaraha

c)

gulang-guling

d)

tulas-tulis

e)

brang-breng-brong

20.

sapeuting jadi sapeupeuting, sapoé jadi sapopoé nyaeta conto kecap rajékan....

a)

dwiréka

b)

dwipurwa

c)

dwimadya

d)

trilingga

e)

dwimurni