wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

3 BAB

Total questions: 24

Worksheet time: 18mins

Name
Class
Date
1.

Badé … ka mana, Bapa?

Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta…

a)

Indit

b)

Mios

c)

Angkat

d)

pergih

2.

Kuring kakara balik ti sakola

Robah kalimah di luhur jadi ragam basa hormat!

a)

Abdi nembe mulih ti sakola.

b)

Abdi kakara mulih ti sakola.

c)

Abdi nembé wangsul ti sakola.

d)

Abdi nembé mulang ti sakola.

3.

Komunikasi dua arah anu dilakukeun ku dua urang atawa leuwih disebut …

a)

Nelepon

b)

Nyarita

c)

Paguneman

d)

Panggih

4.

Di handap aya conto paguneman dina kaayaan formal, iwal (kecuali) …

a)

Ngobrol jeung babaturan

b)

Rapat OSIS

c)

Rapat guru

d)

Rapat pemilihan Ketua OSIS

5.

Lamun urang keur ngobrol jeung batur aya sababaraha hal anu kudu dilakukeun, di antarana …

a)

Motong omongan batur

b)

Teu merhatikeun omongan batur

c)

Nyarita gancang teuing

d)

Nyarita sing jelas tur sopan

6.

Dina tatakrama basa Sunda, dibagi jadi …

a)

Basa lemes, basa kasar

b)

Basa hormat, basa loma

c)

Basa loma, basa lemes keur sorangan, basa lemes keur ku batur

d)

Basa kasar, basa lemes keur guru, basa lemes keur ka kolot

7.

Kecap “dahar” lemesna keur batur teh nya eta …

a)

Neda

b)

tuang

c)

Dahar

d)

emam

8.

Tatakrama basa téh maksudna ....

a)

silihargaan jeung sasama

b)

ngahormat ka leuwih luhur jabatanna

c)

ngahargaan ka diri sorangan

d)

ngabéda-béda darajat jalma

9.

tema paguneman caritaan diluhur téh ngeunaan?

a)

nyaritakeun pangalaman

b)

diudag nu gélo

c)

pancén basa sunda

d)

teu boga pangalaman

10.

Anu jadi tema tina paguneman di luhur nyaéta ....

a)

indit sakola

b)

motor mogok

c)

kabeurangan datang ka sakola

d)

dianteurkeun ka sakola

11.

Latar tempat dina sempalan paguneman di luhur nya éta…

a)

Méja pikét

b)

Rohang kelas

c)

Di jalan

d)

Lapangan

12.

Paguneman téh dilakukeun ku ….

a)

Sorangan bari sorana tarik

b)

Duaan tapi nu ngomongna saurang

c)

Sorangan dina jero hate

d)

Duaan atawa leuwih bari silihtémpas atawa ngajawab

13.

Paguneman kaasup kana komunikasi ….

a)

Isarat

b)

Lisan

c)

Surat

d)

Tulisan

14.

Paguneman ngagunakeun kalimah anu mangrupa kalimah langsung, ciri kalimah langsung teh nyaeta?

a)

Aya tanda kekenteng (".....")

b)

Aya tanda tanya (?)

c)

Aya tanda seru (!)

d)

Aya tanda koma (,)

15.

Kaulinan dina basa Indonesia hartina ...

a)

Permainan

b)

Anak-anak

c)

Hobi

d)

Olahraga

16.

Di handap ieu mangrupa kaulinan pikeun budak lalaki, nyaéta ...

a)

Sondah

b)

Bobonékaan

c)

Langlayangan

d)

Anjang-anjangan

17.

Di handap ieu kakawihan nu biasana dipake mun rek nangtukeun nu jadi ucingna nyaeta......

a)

hompimpah

b)

ayang-ayang gung

c)

cingcangkeling

d)

tampolong bahe

18.

Kenténg ditumpuk tuluy bagilir (bergiliran) malédogkeun sendal, saupama beunang kana kenténg nu disusun, nu séjén nyarumput. Ucingna nyusun deui kenténgna bari tuluy néangan nu nyarumput. Kaulinan di luhur nyaéta…

a)

Ucing Sumput

b)

Hong-hongan

c)

Boy-boyan

d)

Bancakan

19.

Di handap ieu anu kaasup kana kaulinan barudak nu dibarung kakawihan nyaéta ….

a)

Boy-boyan, galah asin, cingciripit, pérépét jéngkol

b)

Oray-orayan, cingciripit, endog-edogan, pérépét jéngkol

c)

Oray-orayan, bébénténgan, bancakan, pérépét jéngkol

d)

Anjang-anjangan, paciwit-ciwit lutung, endog-endogan, pérépét jéngkol

20.

Pardu wudu aya genep sadayana,

Hiji niat hadua ngumbah beungeuta

Tilu ngumbah leungeun dua jeung sikuna

Opat ngusap saeutik tina sirahna

Lima ngumbah suku dua jeung muncangna

Genep tartib sing puguh runtuyanana


Pupujian diluhur aya ...........padalisan

a)

6

b)

5

c)

4

d)

3

21.

Pupujian teh asalna tina sair, nyaeta puisi nu asalna ti ...

a)

Indonesia

b)

Arab

c)

Inggris

d)

Jawa

22.

Eling-eling dulur kabeh

Ibadah ulah campoleh

Beurang peuting ulah weleh

Bisina kaburu paeh


Sabab urang bakal mati

Nyawa dipundut ku Gusti

Najan raja nyakrawati

Teu bisa nyingkahan pati


Karasana keur sakarat

Nyerina kaliwat-liwat

Kana ibadah kaliwat

Tara ngalakukeun solat


Kaduhung kaliwat langkung

Tara nyembah ka Yang Agung

Sakarat nyeri kalangkung

Jasadna teu meunang embung


Pada (paragraph) kahiji pupujian eling –eling dulur kabeh diwangun ku ….. padalisan

a)

3

b)

4

c)

5

d)

6

23.

Eling-eling dulur kabeh

Ibadah ulah campoleh

Beurang peuting ulah weleh

Bisina kaburu paeh


Sabab urang bakal mati

Nyawa dipundut ku Gusti

Najan raja nyakrawati

Teu bisa nyingkahan pati


Karasana keur sakarat

Nyerina kaliwat-liwat

Kana ibadah kaliwat

Tara ngalakukeun solat


Kaduhung kaliwat langkung

Tara nyembah ka Yang Agung

Sakarat nyeri kalangkung

Jasadna teu meunang embung


Pada (paragraph) kahiji pupujian di luhur teh ngelingan kaurang sangkan……………

a)

Salawasna kudu eling, lantaran sakabeh nu hirup di alam dunya bakal maot

b)

Salilana kudu eling kadulur jeung ka baraya nu geus maot

c)

Salawasna getol neangan elmu jeung harta banda pikeun bekel hirup di alam dunya

d)

Salilana kudu getol ngajalankeun ibadah,pikeun bekel diaherat

24.

Dina basa atawa sastra sunda pupujian teh kaasup karya sastra puisi (wangun ugeran) nu eusina ……………

a)

Piwuruk atawa nasehat masalah kaagamaan

b)

Piwuruk atawa nasehat pikeun alus gawena

c)

Piwuruk tikolot kanu jadi anakna

d)

Piwuruk ti guru keur ka para siswana