WorksheetsQUIZ KAULINAN BARUDAK
Total questions: 20
Worksheet time: 55mins
1. Kaulinan barudak téh mangrupa kamonésan anu mindeng dilakukeun ku barudak dina mangsa keur ….
Keur rinéh
Keur gawé
Keur saré
Keur sakola
2. Kaulinan barudak awéwé di antarana, iwal ti (kecuali) ….
Simar
Beklén
Sondah
Gatrik
3. Kaulinan barudak lalaki di antarana, iwal ti (kecuali) ….
4. Kaulinan anu bisa diulinkeun ku barudak awéwé jeng lalaki nya éta ….
Simar
Sondah
Galah/santang
Ngadu kaléci
5. Ieu di handap anu kaasup kana kaulinan barudak anu dibarung (dibarengan) ku kakawihan nya éta …. (pilih 3 jawaban)
Oray-orayan
Ucang-ucang anggé
Paciwit-ciwit lutung
Sapintrong
6. Kaulinan barudak anu teu dibarung ku kakawihan nya éta …..
Boy-boyan
Pacici-cici putri
Pérépet jengkol
Endog-endogan
7. Gambar kaulinan di luhur disebutna nya éta …
Pérépet jengkol
Sondah
Ucing sumput
Bébénténgan
8. Ciri-ciri kaulinan barudak Sunda di antarana, iwal ti ….
Dipaénkeun leuwih ti saurang
Ngandelkeun pakakas (alat) anu nyampak
Ulinna di tempat anu leg
Maénkeunna make handphone
9. Mangpaat kaulinan barudak ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuyeuk-heuyeuk leungeun.Kecap paheuyeuk-heuyeuk leungeun sarua hartina jeung ….
Sosoranganan
Borangan
Sieunan
Babarengan
10. Kaulinan barudak anu dipaénkeun ku saurang nya éta ….
11. 1. Kaulinan barudak anu diulinkeun make bal anu dijieun tina kertas anu dikuwel-kuwel tuluy dibalédogkeun ku jalma anu jadi ucing sanggeus ngaruntuhkeun tumpukan kenténg disebutna …..
Ucing-ucingan
Galah
Boy-boyan
Simar
12. Bebeletokan téh dijieunna tina ….
Paralon
Kertas
Awi
Karét
13. Sasaruaan harti kecap (Sinonim) tina kecap “ayeuna” nya éta ….
baheula
kapungkur
kiwari
kamari
14. Sinonim tina kecap “dipaké” nya éta ….
Ditinggal
Dianggé
Dibaca
Disauran
15. Kakawihan téh asal kecapna tina kawih anu hartina ….
lagu
puisi
pupujian
sisindiran
16. Lalaguan Sunda anu dikawihkeun nalika keur maénkeun kaulinan barudak disebut ….
Kakawihan
Kawih
Tembang
Pupuh
17. Kakawihan téh kaasup kana karya sastra wangun ….
Puisi
Prosa
Dongéng
Carpon
soal 18.
Ucang-ucang anggé
Mulung muncang ka papanggé
Diudag ku anjing gedé
Anjing gedé anu nu ki lebé
Ari gog.. gog cungunguuung….
Kakawihan di luhur téh disebutna …
Empét-empétan
Bangbang kalima gobang
Endog-endogan
Ucang-ucang anggé
19. Gatrik téh mangrupa kaulinan barudak anu diwangun ku … kelompok. Unggal tim diwangun ku 2-5 urang. Gatrik biasana dipaénkeun di lapangan.
dua
tilu
opat
lima
20. Pikeun nangtukeun anu jadi ucing dina kaulinan barudak nya eta ku cara ….
Ngitung
Cingciripit
Lumpat
Muter
