wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN HARIAN 1 SUNDA XII

Total questions: 20

Worksheet time: 55mins

Name
Class
Date
1.
Sok buru-buru baé nyadiakeun leueuteun. Cai téh kana cangkir husus paranti tamu. Maké baki. Lamun aya lalawuhna sok tuluy dikahareupkeun sakalian jeung pisin kuéhna. Sakapeung Apa sok miwarang ninyuh kopi. Kumaha tatamuna baé, da sok kadangu anjeunna sok nawaran tatamu: “Badé ngaleueut kopi?” saurna. Sempalan bahasan tradisi diluhur kaasup salah sahiji aspék tatakrama Gaul, nyaéta ….
a)
tatakrama wawanohan
b)
tatakrama nelepon
c)
tatakrama ngalongok nu gering
d)
tatakrama sasalaman
e)
tatakrama nyémah
2.
Sajarah di Kampung Kuta teu meunang nanggap wayang nya éta …
a)
Lantaran aya angin topan
b)
Lantaran aya pangantén awéwé anu diiwat ku dalang
c)
Lantaran aya mahluk leuweung
d)
Lantaran pangeusina katarajang panyakit
e)
Lantaran ngotoran lembur
3.
Di Kampung Adat nu miboga kalungguhan dina urusan adat dipupuhuan ku ….
a)
RT
b)
Kepala Dusun
c)
Lurah
d)
RW
e)
Kuncén
4.
Lamun kuring anu mukakeun pantona keur tatamu, sok langsung diitung baé jumlah tatamuna méh teu hararésé deui. Ku lantaran ti leuleutik téa meureun dilatih, jadi geus teu ngarasa beurat deui nyuguhan tatamu téh. Nyadiakeun cai-cai baé mah asa geus teu matak susah deui. Kapan tamu téh lemesna tina sémah, nya éta jelma anu nganjang ka imah urang. Ari sémah, sok dipaké heureuy, magar matak hésé nu boga imah. Tapi teu kitu keur bapa kuring mah. Nu diterapkeun ku anjeunna ka kuring sadulur-dulur, tatamu téh rejeki. Keur budak mah kahartina téh lamun tatamu barang kirim geus pasti rejekina téh. Tapi teu kitu keur Bapa mah. Sagala rupa ogé kudu dilenyepan. Imah nanahaon saurna imah anu tara kaanjangan ku papada jelema mah. Jadi kudu atoh lamun imah urang kaanjangan ku sémah téh. Dipikir-pikir enya, lamun teu kaanjangan ku jelema mah, meureun nu nganjangna lain jelema. Matak sieun meureun. Eta gé kudu dilenyepan saurna. Imah nu tara kaanjangan ku sémah mah sok caranéom. Saupama ditilik tina sempalan téks di luhur anu dimaksud sémah téh nyaéta ....
a)
Nu sok ngahésékeun nu boga imah
b)
Jalma nu babawaanana ginding
c)
Lahan pikeun tatanén paré
d)
Tukang barangpénta kadaharan nu boga imah
e)
Kecap lemesna tamu nyaéta anu nganjang ka imah urang
5.

Ieu di handap ditataan sawatara tatacara dina tatakrama 1) Témbongkeun paroman nu hadé, ramah, jeung sopan 2) Maké baju anu sopan, basajan tapi bersih tur rapih 3) Upama salah nyambung, kudu ménta hampura 4) Nalika ngobrol, sémah teu meunang ngadominasi téma obrolan 5) Teu meunang méakeun idangan nu diidangkeun ku tuan rumah 6) Kudu miara buuk sangkan beresih Anu kaasup kana tatakrama nyémah diantarana ....

a)
1,2,3,4
b)
1,3,4,6
c)
1,2,3,6
d)
1,2,4,5
e)
2,3,4,5
6.
1) Bubuka 2) Mukodimah 3) Eusi 4) Panutup 5) Kacindekan Bahasan tradisi Sunda téh miboga struktur karangan, runtuyan struktur karangan bahasan tradisi Sunda anu bener nyaéta ....
a)
1 – 2 – 3 – 4
b)
2 – 1 – 3 – 4
c)
1 – 3 – 5
d)
1 – 3 – 4
e)
2 – 3 – 4
7.

Ngahaja ieu tulisan téh dijudulan “Tatamu”. Dina ieu pedaran, kuring hayang nyaritakeun saha-saha baé nu geus nganjang ka imah kuring, ti mangsa kuring keur leutik. Para tamu téh aranjeunna nu aya kaperluanana ka indung bapa kuring. Aranjeunna sok aruplek ngobrol, rupa-rupa wangkonganana. Aya sadérék indung bapa kuring nu lalandes, aya anu geus laér. Kitu deui aya nu lain dulur-dulur acan. Tapi ku kuring kaharti pisan aranjeunna téh baroga masalah anu parenting. Kuring sok nengetan jeung sok tuluy tatanya, naha aya naon pangna sarumping jeung ngawangkong panjang. Malah aya nu sok tuluy ngéndong.

Sempalan téks bahasan tradisi di luhur mangrupa bagian ....

a)
Mukodimah
b)
Eusi
c)
Panutup
d)
Bubuka
e)
Téma
8.
Alhamdulillah tara bahula. Sok buru-buru baé nyadiakeun leueuteun. Cai téh kana cangkir husus paranti tamu. Maké baki. Lamun aya lalawuhna sok tuluy dikahareupkeun sakalian jeung pisin kuéhna. Sakapeung Apa sok miwarang ninyuh kopi. Kumaha tatamuna baé, da sok kadangu anjeunna sok nawaran tatamu. Sempalan téks bahasan tradisi di luhur mangrupa bagian ....
a)
Mukodimah
b)
Eusi
c)
Panutup
d)
Bubuka
e)
Téma
9.
Meureun éta téh ganjaran kanggo anjeunna, anu biasa ngahormat tamu, atuh ari natamu biasa ngahormat pribumi, dina ahir hayat téh dina mangsa anjeunna natamu ka Gusti Nu Mahsa Suci, tatamu anu sarumping téh éstu garinding. Siga pésta baé. Masya Allah. Sempalan téks bahasan tradisi di luhur mangrupa bagian ....
a)
Mukodimah
b)
Eusi
c)
Panutup
d)
Bubuka
e)
Téma
10.
Alhamdulillah tara bahula. Sok buru-buru baé nyadiakeun leueuteun. Cai téh kana cangkir husus paranti tamu. Maké baki. Lamun aya lalawuhna sok tuluy dikahareupkeun sakalian jeung pisin kuéhna. Sakapeung Apa sok miwarang ninyuh kopi. Kumaha tatamuna baé, da sok kadangu anjeunna sok nawaran tatamu. Sempalan paragraf di luhur nyaritakeun ngeunaan ....
a)
Tatakrama di ondangan
b)
Tatakrama dahar
c)
Tatakrama leumpang
d)
Tatakrama nyémah
e)
Tatakrama nginum
11.
“Jang ulah sok saré sareupna, bisi keuna ku teluh!” Kalimah di luhur nuduhkeun salah sahiji pakeman basa nyaéta ….
a)
Babasan
b)
Cacandran
c)
Panyaraman
d)
Paribasa
e)
Uga
12.
“Jang ulah sok saré sareupna, bisi keuna ku teluh!” Panyaraman di luhur téh maksudna ….
a)
Waktu sareupna biasana jadi waktu laliarna mahluk halus atawa demit téh dina wanci sareupna. Teluh ogé dibarawana téh ku bangsa dedemit, kaasup bangsa jin. Lamun urang saré sareupna bisi bangsa dedemit asup kana kurungan urang, kaasup teluh kiriman batur.
b)
Waktu sareupna nyaéta waktu diciptakeunana teluh ku jin.
c)
Waktu sareupna nyaéta waktu nu mustajab pikeun neluh.
d)
Waktu sareupna nyaéta waktuna neluh jelma nu dipikahayang
e)
Waktu sareupna nyaéta waktu teu hadé pikeun neluh.
13.
Ari lawang panto téh jajalaneun paranti lalar liwat. Lamun aya awéwé diuk dina lawang panto matak ngahalangan jala. Ieu téh mangrupa simbul keur asupna jodo ka imah kahalangan. Jeung euweuh gawé diuk dina lawang siga euweuh deui tempat. Harti panyaraman di luhur mangrupa salahsahiji conta panyaraman di handap nyaéta ....
a)
Ulah sok lalangiran bisi paéh Indung.
b)
Ulah diuk dina lawang panto bisi nongtot jodo.
c)
Ulah ngiihan ruhak, bisi nyeri kiih.
d)
Teu meunang sasapu ti peuting, bisi nyapukeun rijki.
e)
Ulah ngintip nu keur mandi, matak turuwiseN
14.
Hartina ti peuting mah waktuna istirahat jeung saré. Kaduana waktu peuting mah poék, tetempoan teu écés kacirina, bisi aya barang penting anu ragrag kasapukeun jadi leungit. Ku kituna, sasapu ti peuting matak ngaleungitkeun rejeki. Harti panyaraman di luhur mangrupa salahsahiji conta panyaraman di handap nyaéta ....
a)
Ulah sok lalangiran bisi paéh Indung.
b)
Ulah diuk dina lawang panto bisi
c)
Teu meunang sasapu ti peuting, bisi nyapukeun rijki.
d)
Ulah ngintip nu keur mandi, matak turuwisen
e)
Ulah ngiihan ruhak, bisi nyeri kiih.
15.
Ngintip nu mandi téh pagawéan henteu sopan. Lamun pngintipna tina liang bilik, bisi kacolok panon atawa dina bilik aya tetep atawa mérang. Lamun tetep atawa mérang keuna kana panon, panon urang jadi béntol malah bisa bareuh. Ku kituna, karuhun baheula nyarék ngintip nu keur mandi matak turuwisen atawa bareuh panon. Harti panyaraman di luhur mangrupa salahsahiji conta panyaraman di handap nyaéta ....
a)
Ulah sok lalangiran bisi paéh Indung.
b)
Ulah diuk dina lawang panto bisi nongtot jodo.
c)
Ulah ngiihan ruhak, bisi nyeri kiih.
d)
Teu meunang sasapu ti peuting, bisi nyapukeun rijki.
e)
Ulah ngintip nu keur mandi, matak turuwisen
16.
Ieu di handap ditataan sawatara siklus hirup anu dipaké dina kabiasaan adat istiadat, iwal ti ….
a)
siklus lahir
b)
siklus nikah
c)
siklus maot
d)

ékahan

e)
manula
17.
Adat kabiasaan anu tujuanana ngado'akeun jeung méré amalan hadé ka nu tos tilar dunya nyaéta ...
a)
ékahan
b)
siraman
c)
tingkeban
d)
sawéran
e)
tahlilan
18.

Informasi anu dituduhkeun ku gambar ieu téh, mangrupa infografis ngeunaan ....

a)
ékahan
b)
siraman
c)
tingkeban
d)
sawéran
e)
tahlilan
19.

Informasi anu dituduhkeun ku gambar ieu téh, mangrupa infografis ngeunaan ....

a)
ékahan
b)
siraman
c)
tingkeban
d)
sawéran
e)
tahlilan
20.

1. Wangunan imah teu menang mewah.

2. Sakabéh imah teu meunang ngujur ngalér atawa ngidul. Panto imah teu meunang nyanghareup ka kalér.

3. Parabotanana teu dimeunangkeun maké barang-barang anu dianggap méwah. Sakabéh parabotan di jero imah kudu basajan

4. Teu meunang nanggap wayang dina saban kariaan

5. Unggal pagawé negeri, boh sipil boh militér, dipahing pisan milu asup atawa milu jiarah ka makam karomah

anu kaasup panyaraman di kampung dukuh nyaéta ....

a)

Kabéh jawaban salah

b)

kabéh jawaban bener

c)

1, 3, 4, 5

d)

2, 3, 4, 5

e)

1, 2, 3, 5