NEW
Font size
WorksheetsBahasa Sunda
Total questions: 40
Worksheet time: 20mins
Pék baca sing gemet!
Adat-istiadat dina Ngalamar
Ngalamar jaman ayeuna, leuwih gampang jeung sederhana. Béda jeung jaman baheula, loba pisan cara jeung aturanana. Jaman baheula mah, antara si lalaki
nu rék ngalamar, jeung si awéwé nu rék di lamar téh, tacan tangtu wawuh. Ari ayeuna mah apan umumna lain baé geus wawuh, tapi geus jadi bébéné. Jadi, nu disebut ngalamar téh, ukur formalitas atawa nanya resmi, siap henteuna si awéwé diajak kawin. Atuh jawabanana ogé,
moal aya basa nolak.
Tah, ngalamar jaman baheula mah can tangtu kitu. Teu unggal ngalamar pasti ditarima. Bisa waé si awéwéna nolak, boh lantaran teu bogoh, boh lantaran geus kapiheulaan ku nu séjén. Ngan dina nolakna tara togmol nyebut lantaran geus kapiheulaan ku nu séjén. Umpana langsung ngajawab, ”Punten pun anakna henteu bogoheun.” Atawa, ”Punten, parantos aya nu gaduh.”
Ngalamar jaman ayeuna béda jeung jaman baheula, jaman baheula mah....
Si lalaki jeung si awéwéna geus jadi bébéné
Si awéwéna bisa waé nolak
Si lalaki jeung si awéwéna geus pasti wawuh
Si awéwéna geus pasti narima
Si lalaki jeung si awéwéna sarua bogohna
Pék baca sing gemet!
Adat-istiadat dina Ngalamar
Ngalamar jaman ayeuna, leuwih gampang jeung sederhana. Béda jeung jaman baheula, loba pisan cara jeung aturanana. Jaman baheula mah, antara si lalaki nu rék ngalamar, jeung si awéwé nu rék di lamar téh, tacan tangtu wawuh. Ari ayeuna mah apan umumna lain baé geus wawuh, tapi geus jadi bébéné. Jadi, nu disebut ngalamar
téh, ukur formalitas atawa nanya resmi, siap henteuna si awéwé diajak kawin. Atuh jawabanana ogé, moal aya basa nolak. Tah, ngalamar jaman baheula mah can tangtu kitu. Teu unggal ngalamar pasti ditarima. Bisa waé si awéwéna nolak, boh lantaran teu bogoh, boh lantaran geus kapiheulaan ku nu séjén. Ngan dina nolakna tara togmol nyebut lantaran geus kapiheulaan ku nu séjén. Umpana langsung ngajawab, ”Punten pun anakna henteu bogoheun.” Atawa, ”Punten, parantos aya nu gaduh.”
"Punten, parantos aya nu gaduh".
Ungkara di luhur ngandung harti....
si awéwé narima lamaran
si awéwé bogoh ka si lalaki
si awéwé can boga kabogoh
si awéwé siap diajak kawin
si awéwé nolak lamaran
Adat-istiadat dina Ngalamar
Ngalamar jaman ayeuna, leuwih gampang jeung sederhana. Béda jeung jaman baheula, loba pisan cara jeung aturanana. Jaman baheula mah, antara si lalaki nu rék ngalamar, jeung si awéwé nu rék di lamar téh, tacan tangtu wawuh. Ari ayeuna mah apan umumna lain baé geus wawuh, tapi geus jadi bébéné. Jadi, nu disebut ngalamar téh, ukur formalitas atawa nanya resmi, siap henteuna si awéwé diajak kawin. Atuh jawabanana ogé, moal aya basa nolak.
Tah, ngalamar jaman baheula mah can tangtu kitu. Teu unggal ngalamar pasti ditarima. Bisa waé si awéwéna nolak, boh lantaran teu bogoh, boh lantaran geus kapiheulaan ku nu séjén. Ngan dina nolakna tara togmol nyebut lantaran geus kapiheulaan ku nu séjén. Umpana langsung ngajawab, ”Punten pun anakna henteu bogoheun.” Atawa, ”Punten, parantos aya nu gaduh.”
Sasaruaan (sinonim) tina kecap bébéné nyaéta...
kabogoh
pamajikan
istri
geureuha
mitoha
Teu béda ti adegan karangan lianna, umumna mah rangkay, raraga, atawa kerangka karangan pedaran téh diwangun ku tilu bagian, nyaéta (1) bubuka, (2) eusi, jeung (3) panutup. Bagian anu midangkeun hal-hal umum perkara eusi pedaran nyaéta...
Bubuka
Eusi
Panutup
Kacindekan
Amanat
Di handap ieu anu teu kaasup kana katangtuan nyusun tulisan nyaéta....
Nangtukeun tokoh
Nangtukeun jejer jeung judul
Nangtukeun tujuan tulisan
Ngumpulkeun bahan
Nyusun rangka karangan
Dina nulis bahasan, aya bubuka, eusi, jeung panutup. Dina bagian panutup nyaritakeun ....
Kacindekan
Panganteur bahasan
Naon nu rek dipedar
Inti bahasan
Tujuan
Bagian bubuka dina hiji bahasan, eusina nyaéta ...
Inti bahasan
Pungkasan bahasan
Harepan panulis
Kacindekan
Nyaritakeun naon nu rek dipedar
Tengetan silsilah Mahabarata di handap!
Tina silsilah di luhur, Yudistira téh sahana Duryudana?
Paman
Alo
Uwa
Lanceuk
Misan
Anu ngalantarankeun carita wayang vérsi aslina ti India loba bédana jeung vérsi nu di Sunda nyaéta ….
Béda tempat
Béda budaya jeung agama
Béda basa
Béda pangarang
Béda pamaca
1. Astinapura
2. Aléngka
3. Leuweung Amarta
4. Leuweung Dandaka
5. Kurusétra
6. Ayodya
Latar tempat carita Ramayana aya dina nomor ....
1, 4 jeung 6
1, 3 jeung 5
2, 4 jeung 6
2, 3 jeung 6
2, 5 jeung 6
Arya Kumbakarna téh saurang patih ti Karajaan Aléngka Dirja. Ciri hasna téh nyaéta awakna nu gedé, buluan dadana sabab manéhna katurunan Buta atawa Denawa. Arya gaduh lanceuk anu ngaranna Dasamuka alias Rahwana ti karajaan Aléngka anu murka jeung kejem, Rahwana gé gaduh adi anu ngaranna Gunawan. Tapi sipatna sabalikna ti Rahwana, Gunawan anu dianggap pembelot ku Rahwana sabab Gunawan ngahiji sareng musuhna nyaéta Rama. Unsur carita wayang anu didadarkeun di luhur, nyaéta...
latar
galur
amanat
penokohan
jejer
Arya Kumbakarna, Dasamuka, jeung Gunawan téh ngaran-ngaran tokoh tina carita...
Ramayana
Mahabarata
Cépot hayang Kawin
Dawala Maling
Anoman Duta
Carita Mahabarata nyaritakeun perang antara Pandawa jeung Kurawa lantaran parebut kakawasaan di karajaan Astina Pura. Klimaks tina ieu carita nyaéta...
Pandawa diusir
Duryudana jadi raja
Pandawa jeung kurawa maén dadu
Yudistira naék gunung Himalaya
Perang Baratayuda
Urutan gambar wayang golék di handap ti kenca ka katuhu nyaéta…
garéng, cépot, dawala, semar
cépot, dawala, semar, garéng
semar, dawala, cépot, garéng
dawala, semar, cépot, garéng
cépot, garéng, semar, dawala
Sérén Taun nyaèta salah sahiji tradisi anu aya di masarakat Sunda, nepi ka kiwari. Éta tradisi masih kénéh digelarkeun ku masarakat agraris tradisional Sunda, saperti di Sukabumi, Kuningan, Bogor, Banten jeung daérah séjénna. Téhnik anu digunakeun dina nyieun karangan pedaran di luhur nyaéta…
téhnik idéntifikasi
téhnik klasifikasi
téhnik définisi
téhnik ilustrasi
téhnik prosés
Téhnik klasifikasi nyaéta…
Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung medar ciri-cirina éta perkara atawa barang
Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung nyieun papasingan éta perkara atawa barang
Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré wangenan kana éta perkara atawa barang
Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré gambaran kana éta perkara atawa barang
Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré gambaran prosés nyieunna éta barang.
Téhnik anu digunakeun pikeun ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré gambaran prosés nyieunna éta barang nyaéta…
klasifikasi
idéntifikasi
prosés
définisi
ilustrasi
Naon alesanna kecap wayang téh dicokot tina kecap bayang-bayang?
wangunna jiga manusa
gambaran kahirupan manusa
suménder kana pagelaran wayang kulit
diusik malikkeun ku dalang
asalna ti India
Saurnira tanhana panjang.
Sinenggih sabda uninga.
Walabakti ya dening asih.
Kang asi aja kentara.....
…..mangrupa tembang dalang dina pagelaran wayang golek, ngagunakeun basa Kawi.
kakawén
murwa
nyandra
antawacana
janturan
Jalma anu purah nabeuh gamelan dina pagelaran wayang nyaéta…
nayaga
sindén
dalang
juru kawih
alok
Unggal tokoh téh boga sora anu mandiri, nepi ka nu lalajo nu geus apal, bisa neguh saha nu keur nyarita najan ukur ngadéngé tina sorana baé. Paguneman atawa dialog antar tokoh wayang dina pagelaran wayang disebut...
kakawén
murwa
nyandra
antawacana
janturan
Dina pawayangan Sunda, Si Cépot, Dawala, Garéng jeung Sémar téh katelahna…
pandawa
kurawa
wanara
wisésa
panakawan
Pandu Déwanata kawin ka Dewi Kunti boga anak ngaranna Yudistira, Bima, jeung Arjuna. Arjuna kawin ka Subadra boga anak ngaranna Abimanyu. Subadra ka Dewi Kunti perenahna?
minantu
anak
incu
misan
mitoha
Hayangeun kawin Si Cépot téh. Tapi, ku Semar boro-boro dipupujuhkeun, dihaminan gé henteu. sempalan carita wayang Si Cépot hayang Kawin kaasup kana carita...
panakawan
pangawulaan
lalakon galur
rékaan anyar
sampakan
Pandu Dewanata kawin ka Dewi Kunti boga anak ngaranna Yudistira, Bima, jeung Arjuna. Arjuna kawin ka Subadra boga anak ngaranna Abimanyu. Bima ka Subadra perenahna...
dahuan
suan
alo
minantu
adi beuteung
Ngeunaan tipe jeung gaya kapamingpinan Sunda kapanggih dina naskah kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesian anu ditulis maké aksara jeung basa Sunda Kuno. Ceuk éta naskah, kaharmonisan pamaréntahan téh nyaéta Tritangtu di Bumi ‘Tilu Panangtu Kahirupan di Bumi’: Sang Prabu, Sang Rama, jeung Sang Resi. Luyu jeung Trias Politika anu digagas ku Montesqiu nyaéta…
yudikatif, législatif, éksekutif
législatif, yudikatif, éksékutif
yudikatif, éksékutif, législatif
législatif, éksékutif, yudikatif
éksékutif, législatif, yudikatif
Golongan masarakat anu pancénna ngaberdayakeun hukum agama, darigama, jeung nagara, nyaéta …
sang prabu
sang rama
sanghyang siksa kandang karesian
sang resi
sutasoma
Dina sistim kapamimgpinan Sunda "Tri Tangtu di Bumi", Sang Prabu kudu boga palasipah ngagurat batu, nyaéta...
ngawujudkeun kulawarga jeung masarakat anu ayem tengtrem
taat tur patuh dina ngajalankeun hukum, tanpa ayana rékayasa
boga watek nengtremkeun dina kaadilan
jeung bawahan boga watek silih asih, silih asah, silih asuh
kudu lumampah dumasar tékad, ucap, jeung lampah
Dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian aya anu disebut Pangimbuhning Twah, nyaéta pituduh watek atawa tatakrama hadé pikeun hirup kumbuh sapopoé, sangkan manusa hirupna téh boga pamor (bertuah). Jumlahna aya 12 sipat atawa watek anu kudu dipibanda ku urang Sunda, diantarana aya anu disebut Purusa ning sa, anu mibanda harti...
mibanda jiwa pahlawan atawa sikep nasionalisme, gedé rasa tulung tinulungan
boga karep pikeun maju, gedé sumanget, henteu éléhan
nyekel prinsip jeung kayakinan kana dirina
boga watek cingceung, tangginas (gesit]
saharti jeung rajin, bisa ngamangpaatkeun waktu
Carita wayang Mahabarata di India jeung di Sunda téh aya bédana. Carita wayang di Sunda mah...
Euweuh tokoh punakawan
Dorna téh guru nu wijaksana
Drupadi téh pamajikan Yudistira wungkul
Srikandi lain awéwé
Gatotkaca lain tokoh penting
Dina ngajéntrékeun atawa medar hiji perkara, aya rupa-rupa téhnik nu dipaké dina nulis karangan diantarana ieu di handap. Iwal...
téhnik idéntifikasi, klasifikasi, définisi
téhnik idéntifikasi, ilustrasi, prosés
téhnik prosés, définisi, prosés
téhnik définisi, isian, prosés
téhnik définisi, idéntifikasi, prosés
Adat kabiasaan ilaharna jadi ciri has ti hiji daérah. Ungkara di luhur mangrupa harti tina paribasa…
adat kakurung ku iga
bengkung ngariung bongkok ngaronyok
ciri sabumi cara sadésa
dogdog pangréwong
élmu ajug
Dina kahirupan masarakat Sunda, adat kabiasaan téh patali jeung upacara daur hirup (siklus hidup). Ieu di handap tradisi anu teu kaasup kana daur hirup nyaéta…
adat nu nyiram
adat ngariksa nu reuneuh
sundatan
saparan
kapapaténan
Iket atawa totopong téh kabeungharan budaya tutup sirah pangbuhunna di Sunda. Mun dijujut tina harti kecapna, iket asalna tina kecap ‘saiket’, nu hartina sabeungkeutan, sauyunan dina hiji pakumbuhan. Ieu di handap anu henteu kaasup kana beulitan iket, nyaéta...
Barangbang Semplak
Julang Ngapak
Parékos Jéngkol
Buaya Ngangsar
Kuda Balap
(a) alesan milih jejer (topik);
(b) pentingna jejer (topik);
(c) legana pedaran;
(d) watesan jejer pedaran
Mangrupan bagian dina pedaran …
salam bubuka
bubuka
eusi
panutup
salam panutup
Kagiatan ngawur-ngawur béas, konéng, duit, kembang jeung sajabana dina runtuyan acara sabada akad nikah disebut…
nincak endog
huap lingkung
sawér pangantén
buka pintu
meuleum harupat
Nu teu kaasup seni jeung tradisi nu asalna ti Cirebon nyaéta...
sintrén
tari topéng
tarling
sisingaan
burok
Titénan gambar silsilah kulawarga ieu di luhur! Dumasar gambar di luhur Abiyasa ka Setiawati perenahna …
nini
indung
incu
bapa
uyut
Saumpama urang nanya ka nu taram-taram kana pawayangan, ti mana asalna wayang? Pasti dijawab gancang pisan, pokna, ti India. Bisa jadi mémang carita wayang asalna ti India nu nyoko kana dua carita lulugu (pokok): Mahabarata jeung Ramayana. Sempalan artikel di luhur nepikeun pasualan...
wayang
wayang India
asalna wayang
carita lulugu dina wayang
India tempat asalna wayang
Lalakon wayang téh asalna ti India, carita babonna nyaeta Ramayana jeung Mahabarata karangan...
Ramayana karangan Wiyasa, Mahabarata karangan Walmiki
Ramayana karangan Walmiki, Mahabarata karangan Wiyasa
Ramayana karangan Amir Hamzah, Mahabarata karangan Ménakjingga
Ramayana karangan Ménakjingga, Mahabarata karangan Amir Hamzah
Ramayana karangan Empu Gandring, Mahabarata karangan Empu Tantular
