Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN XI CARPON + PANUMBU CATUR

Total questions: 37

Worksheet time: 19mins

Name
Class
Date
1.

Judul carpon kudu masing alus tur hadé. Éta hal miboga tujuan sangkan…

a)

Ngahudangkeun kapanasaran batur pikeun maca karangan urang

b)

Ngagampangkeun pamaca pikeun nyieun ringkesan carita

c)

Ngahudangkeun sumanget penulis

d)

Bisa mikanyaho kasang tukang penulis

e)

Bisa mikawanoh wangun karya sastra heubeul

2.

Anu teu kaasup kana unsur-unsur carpon nyaéta…

a)

Tema

b)

Rasa

c)

Galur

d)

Palaku

e)

Latar

3.

Mana nu kaasup kana ciri-ciri carita pondok, iwal…

a)

Caritana pondok

b)

Bisa réngsé dibaca dina sakali mangsa

c)

Méré kesan lir enya-enya kajadian

d)

Alurna teu kompleks, museur kana hiji kajadian

e)

Teu anggeus maca ku sapoé

4.

Dina carpon ulah sagala dicaritakeun, pok-pokna waé, atawa hal-hal anu pentingna wungkul. Ieu dibalukarkeun yén…

a)

Carpon teu kaasup kana karya sastra modern

b)

Carpon kaasup kana wangun karya sastra heubeul

c)

Carpon mangrupa carita anu ngandung unsur pamohalan

d)

Dina carpon kawatesan ku jumlah kecap sarta konflikna nu kudu basajan

e)

Dina carpon diperedih aya galur carita anu panjang

5.

Karya sastra fiksi atawa rékaan dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok

a)

Carpon

b)

Novel

c)

Warta

d)

Wawacan

e)

Dongéng

6.

Di handap ieu nu lain ciri-ciri carpon nyaéta....

a)

sifat caritana naratif jeung fiktif

b)

eusina kaharti ku akal atawa réalistis

c)

biasana nyaritakeun kajadian kompléks

d)

jumlah tokohna kawatesanan

e)

wangun karangan pondok

7.

Nu kaasup unsur intrinsik carpon nyaéta...

a)

domisili pangarang

b)

guru wilangan

c)

guru lagu

d)

wirahma

e)

amanat

8.

buku kumpulan carita pondok anu munggaran ku alpukahna Balé Pustaka, nyaéta....

a)

Dogdog Pangréwong

b)

Awéwé Dulang Tinandé

c)

Nu Harayang Dihargaan

d)

Oleh-oleh Pertempuran

e)

Sanggeus Umur Tunggang Gunung

9.

jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita, nyaéta....

a)

téma

b)

galur

c)

amanat

d)

palaku

e)

puseur sawangan

10.

Léngkah anu teu kudu dina ngarang carpon, nyaéta:

a)

Nangtukeun téma kudu pikaresepeun nu maca, masalah anu sok kapanggih dina kahirupan sapopoé, aktual témana, kacangking ku pangarang

b)

Nangtukeun tujuan, masalah naon nu hayang ditepikeun

c)

Nangtukeun palaku katut karakterna/pasipatanana , nangtukeun latar atawa sétting (di mana jeung iraha)

d)

Nangtukeun galur/plot, nangtukeun puseur implengan/sawangan, jeung gajudulan carpon

e)

nangtukeun wirahma jeung nada

11.

Dina galur hiji carita, aya bagéan carita anu disebut manggalasastra nyaéta….

a)

Bagéan awal atawa mangkat carita


b)

Bagéan tengah carita

c)

Bagéan rengkengna masalah dina carita

d)

Bagéan resolusi dina carita

e)

Bagéan panutup dina carita

12.

Dumasar kana puseur implengan/sawangan, carpon anu maké tokoh kuring, maké….

a)

Gaya jalma kalima

b)

Gaya jalma kaopat

c)

Gaya jalma katilu

d)

Gaya jalma kadua

e)

Gaya jalma kahiji

13.

Nu kudu disinglar dina ngajudulan carpon nyaéta….

a)

ngahudang kapanasaran nu maca

b)

luyu jeung téma

c)

pasalia jeung téma

d)

pikaresepeun

e)

babari dipikawanoh

14.

Nu kudu diperhatkeun saméméh prak ngarang carpon, nyaéta….(Jawaban leuwih ti hiji opsi)

a)

Ditulis maké basa Sunda anu bener tur merenah

b)

Ditulis maké basa anu komunikatif, babari kaharti ku nu maca

c)

Témana kudu aktual, nyaritakeun hal-hal anu keur meujeuhna ramé dicaritakeun

d)

Meunang aya tokoh sato atawa tutuwuhan

e)

Kudu puguh latar kajadian jeung saha tokohna. Sing kaciri watek atawa karakterna deuih.

15.

Karangan wangun prosa nu eusina carita rékaan anu panjangna diwatesanan. Minimal 50 kecap maksimal 150 kecap, disebut….

a)

novel

b)

tadok

c)

dongéng

d)

fiksimini

e)

guguritan

16.

Fikminer sok ngasupkeun simbol jeung siloka dina karyana, dina raraga….

a)

Pikeun nétélakeun yén karyana alus

b)

Pikeun nétélakeun yén manéhna tapis dina ngarang carita

c)

Pikeun ngasongkeun daya tafsir pikeun guareun anu maca

d)

Pikeun nétélakeun ayana jejer, tokoh, alur, latar jeung amanat

e)

Pikeun nétélakeun fikmin mah leuwih pondok ti carpon

17.

Dina tungtung fiksimini biasana téh ngandung rénjagan, hartina….

a)

Sakabéh eusi caritana matak tugenah hate

b)

Mimitina pikaresepeun kadituna pinuh ku hal anu misterius

c)

Carita dipungkas ku hal anu teu disangka-sangka

d)

Aya palaku nu reuwasan

e)

Fikminer ngareureuwas numaca

18.

Ciri ukuran carpon biasana ....

a)

1.000 - 3.000 karakter

b)

3.000 - 5.000 karakter

c)

5.000 - 7.000 karakter

d)

7.000 - 9.000 karakter

19.

Buku nu munggaran dina sastra sunda nyaeta .....

a)

Dogdog Pangrewong

b)

Parahiyangan

c)

Papaes Noroman

d)

Teman Biduk

20.

Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita disebut ....

a)

galur

b)

latar

c)

peuseur sawangan

d)

amanat

21.

hal atanapi gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana disebut ....

a)

amanat

b)

galur

c)

latar

d)

tema

22.

' manehna " nyaeta sawangan anu dipake ku pangarang pikeun midangkeun jalma

a)

kahiji

b)

kadua

c)

katilu

d)

kaopat

23.

Panumbu catur teh sami sareng..

a)

Moderator

b)

MC

c)

Pamilon

24.

Panumbu catur diperlukeun dina kagiatan ...

a)

Nikahan

b)

Pawei

c)

Diskusi

25.

Naon peran panumbu catur teh ?

a)

Ngatur komsumsi

b)

Nyatet intisari tina eusi pedaran diskusi

c)

Ngatur patalimarga/jalana diskusi ngarah teu awut-awutan

26.

Panumbu catur anu parigel mah biasana...

a)

diskusina jadi ngeyeumbeu

b)

Ngahirupkeun diskusi sangkan jadi hegar

c)

Monoton

27.

Panumbu catur ngabogaan pancen pikeun ngawanohkeun jati diri (CV) pangjejer ka..

a)

Pamilon

b)

Pangjejer

c)

Guru

28.

Kagiatan ngebrehkeun pamadegan ngenaan perkara atawa masalah sangkan bisa netepkeun kumaha pialuseunana, teh arti tina

a)

Biantara

b)

Dongeng

c)

Sawala

29.

Wanda / jenis sawala teh loba pisan. Diantarana..

Iwal,

a)

Kagiatan Sarasehan

b)

Kagiatan Seminar

c)

Kagiatan Konferensi

d)

Kagiatan Muharaman

30.

Naon Pancen pangjejer ?

a)

Nyatet intisari tina eusi pedaran diskusi

b)

Pikeun nepikeun jejer pedaran ka pamilon

c)

Ngatur jalana diskusi

31.

Galur kagiatan sawala teh aya 4 bagian, bagean anu ka 3 ngenaan

a)

Kagiatan tanya jawab

b)

Nyusun kacindekan hasil sawala

c)

Pedaran ti pangjejer

32.

Sawatara tatakrama anu kudu di estokeun dina kagiatan sawala diantarana, iwal..

a)

Ulah megat atawa motong omongan batur

b)

Ulah ngomong nyorongot

c)

Kudu sabari popolotot

33.

Lamun rek nanyakeun atawa rek ngajawab pananya, pamilon kudu

a)

Ngacung heula

b)

Cicing wae

c)

Lulumpatan/lumpat ka hareup

34.

Lamun Aya pamilon anu adurenyom paduduaan nepika pasea, naon anu kudu dilakukeun salaku panumbu catur ?

a)

Di antepkeun wae

b)

Kudu bisa nyapih atawa misahkeun pamilon

c)

Sina tuluy pasea

35.

Sawala sami sareng..

a)

Ngadongeng

b)

Biantara

c)

Diskusi

36.

Naon nu dilakukeun ku girang serat dina waktu tanya jawab ?

a)

Ngawanohkeun pangjejer

b)

Nyusun kacindekan sawala

c)

Nyatet saha nu nanya jeung naon pananyana

37.

Kagiatan ngadu pamadegan boh sorangan-sorangan boh ngelompok disebutna

a)

Debat

b)

Sawala

c)

Rempugan