NEW
Font size
WorksheetsLatihan Soal US XII
Total questions: 40
Worksheet time: 20mins
Tarjamahan tina kalimah “Neng Susi sedang berdiri menunggu pacarnya di pinggir jalan”, anu merenah, nyaéta ….
Néng Susi keur nangtung ngantosan kakasihna di sisi jalan
Néng Susi keur ngadeg nungguan kabogohna di pipir jalan
Néng Susi nuju ngajajanteng ngantosan kabogohna di sisi jalan
Néng Susi keur ngajajanteng nungguan kabogohna di sisi jalan
Néng Susi nuju tatih nungguan kakasihna di pipir jalan
Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katembong tututna loba, lantaran caina herang. Jadi katembong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan, katembong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona.
Sempalan carita di luhur kaasup kana jenis dongéng ….
Fabel
Parabel
Mite
Sage
Legenda
Ieu di handap anu kaasup eusi laporan kagiatan, nyaéta ….
Waktu jeung tempat kagiatan
Pamilon jeung calagara
Kacindeka
Wengkuan kagiata
Saran
Badé diislamkeun anjeunna alim
Diudag putrana Prabu Kéan Santang
Hilang di leuweung éta
Tilem di leuweung éta
Sancang nu canéom geueuman
Geueuman, geueuman
Rumpaka kawih di luhur kaasup kana ….
Kawih murangkalih
Kakawihan
Kawih moderen
Tembang
Papatet
Anu henteu kaasup kana tujuan wawancara, nyaéta ….
Nyangking pamadegan resmi ti narasumber
Ngaguar pamanggih ahli
Konfirmasi keur babandingan data
Mastikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebut oge aktualitas fakta
Muguhkeun informasi naon anu rék dikumpulkeun
Kacaturkeun Karajaan Sumedang téh dirurug ku pasukan Karajaan Cirebon. Ari sababna, Pangeran Geusan Ulun (Raja Sumedang), ngiwat Ratu Harisbaya, istri Pangeran Girilaya (Raja Cirebon). Méméh ngarurug Sumedang, pasukan ti Cirebon téh ngaraso heula, ngarumpul heula di hiji tempat anu tiiseun. Maksudna mah bari ngatur siasat.
Nurutkeun carita di luhur, alasan pasukan Karajaan Cirebon ngarurug Karajaan Sumedang, nyaéta ….
Pangeran Geusan Ulun ngiwat Ratu Harisbaya, istri Pangeran Girilaya
Pangeran Girilaya ngiwat Ratu Harisbaya
Pangeran Geusan Ulun rék ngatur siasat
Karajaan Sumedang dirurug ku pasukan Karajaan Cirebon
Pasukan ti Cirebon ngaraso heula, ngumpul di hiji tempat
harti tulisan dina gambar nyaeta ....
padesaan
lingkungan sabudeureun
pasar
kota bandung
daerah wisata
Agustusan
Karya Kis W.S
Merah putih nu kiwari mumbul
Dirangkul ku langit paul
Baheula kungsi ngélébét
Dina tungtung bayonet
Katut peujit murilit
Harita
sagala-gala walatra
walatra pait-peuheurna
walatra renghap-ranjugna
walatra pati-huripna
taya nu medengkreng nulak cangkeng
taya nu paseukeut-seukeut sihung
taya nu kadedemes mangpang-mengpeng
poé ieu paragpag gapura
bangun nu paheula-heula nanya
ayeuna andika rék kamarana?
Ciamis, 17-08-76
(Dicutat tina buku kumpulan Sajak Sunda Indonesia Emas kaca 17)
Tema anu kacangking dina sajak di luhur, nyaéta ….
Perjuangan
kaagaman
Cinta ka lemah cai
kamanusaan
Kaadilan
Sim kuring miharep, ku dilaksanakeunna kongrés ieu bakal numuwuhkeun rasa cinta kana kabudayaan Sunda anu salajengna bakal maparin pangaruh kanggo magéhan kabudayaan nasional. Hal ieu tumali sareng tema kongrés ayeuna nyaéta “Ngamumulé Basa Magéhan Jati Diri Bangsa”. Dina ngalaksanakeun pangwangunan diperyogikeun upaya silih rojong ti sadaya pihak, hal ieu mangrupa kawajiban urang saréréa, lain ngan ukur kawajiban pihak pamaréntah.
Sempalan biantara di luhur kaasup kana struktur ….
Bubuka
Runtuyan eusi
Panutup
Salam panutup
Kacindekan
Ka Cikarang meuli uyah
Meuli suling dirékaan
Hayu urang suka bungah
Miéling kamérdekaan
Rarakitan
Wawangsalan
Paparikan
Cacandraan
Tatarucingan
1) Bubuka ti panumbu catur
2) Pedaran ti pangjejer
3) Kagiatan tanya jawab
4) Nyusun kacindekan hasil sawala
Runtuyan kagiatan sawala anu bener, nyaéta ….
2-3-4-1
3-2-4-1
4-3-2-1
1-2-3-4
2-1-3-4
Buku fisika anu Siti dipangmawakeun ku Ahmad.
Kalimah di luhur kaasup kana kalimah ….
Paréntah
Pananya
Langsung
Teu langsung
Aktif
Pamiarsa/Tangara Pasundan dinten ieu/urang cekapkeun dugi ka dieu//aya saur ti sepuh urang//”Dinu kiwari ngancik nu Bihari//seja ayeuna sampeureun jaga”//mugia janten lenyepaneun kanggo urang sadaya//ngawakilan nu ngokolakeun Tangara Pasundan/sim kuring pun Dena Mustika Gumilang/seja amit mungkur amit mundur//
Maksud ungkara “Dinu kiwari ngancik nu Bihari//seja ayeuna sampeureun jaga” dina bagéan pamungkas warta di luhur, nyaéta ….
Naon nu ku urang beunang ayeuna mangrupa hasil usaha di mangsa baheula
Naon nu ku urang beunang ayeuna mangrupa hasil gawé sorangan
Naon nu ku urang dipigawé bakal jadi hasilna
Usaha moal ngahianatan hasil
Lamun digawé kudu junun nanjung linuhung
Judul: Demung Janggala
Pangarang: Tatang Sumarsono
Pamedal: Penerbit CV Geger Sunten
Taun Medal: 1993 (citakan ka-1)
Kandel: 184 kaca
Pangajén: dileler hadiah sastra rancagé taun 1994
Sempalan eusi novel di luhur kaasup kana ….
Ringkesan novel Demung Janggala
Jejer carita novel Demung Janggala
Unsur novel Demung Janggala
Identitas novel Demung Janggala
Eusi novel Demung Janggala
Radén Déwi Sartika. Nelahna ibu Déwi. Gedé pisan enggoning ngaronjatkeun darajat kaum wanoja, pangpangna wanoja Sunda. Tarékahna ngadegkeun sakola istri, jadi pamiangan pikeun ngawangun wanoja nu wedel tur pinter.
Sempalan di luhur kaasup kana struktur biografi ….
Bagean novel
Bagean panutup
Bagean bubuka
Kacindekan
Saran
Ieu di handap anu henteu kaasup kecap dirarangkén tengah, nyaéta ….
Kumecrot
Tinangtu
Karancang
Balageur
Daratang
Anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel, nyaéta ….
Tokohna loba
Alurna panjang
Latarna laluasa
Caritana ngaracabang
Wangunna kauger
Sangu liwet dina boboko
Dibawa ka parapatan
……
Jasana para pahlawan
Ungkara anu merenah keur ngeusian jajaran katiga nyaéta ….
Dipasihan gigintiran
Abdi badé sisindiran
Masing inget ulah poho
Ulah bodo katotoloyo
Kuring rék ka cikawao
Anu henteu kaasup kana ciri-ciri carita pondok nyaéta ….
Galurna mung sajalur
Tokohna saeutik
Settingna digambarkeun saeutik
Caritana panjang
Jumlah kecapna ukur 5000-7000 karakter
Headline mangrupa title, label, merk, atawa ngaran anu dilarapkeun kana warta gunana pikeun ngahudang kapanasaran nu maca kana pasualan anu ditepikeun dina warta.
Sempalan di luhur kaasup kana struktur warta ….
Judul
Bubuka
Waruga warta
Pamungkas
Waktu
Dina sataun sakali, sabada panén atawa sateuacanna mitembeyan, warga Kampung Kuta sok ngayakeun upacara ruwat bumi, éta hajat lembur mangrupa sukuran ka Gusti Nu Murbéng Alam, nu geus méré kanikmatan ku mangrupa hasil tatanén nu mucekil. Sateuacanna prung hajat, kuncén lembur jarah heula ka leuweung tutupan, sarta ngiriman ka karuhun, sangkan ditarima iman islamna.
Nurutkeun sempalan di luhur, tujuan diayakeunna ngaruwat bumi téh pikeun ….
Ngurebkeun mayit di lembur
Sukuran ka Gusti Nu Murbéng Alam
Kanikmatan hasil tatanén
Ngawangun imah
Ulah ka leuweung larangan
Anu henteu kaasup kana sasaruaan carita wayang jeung dongéng, nyaéta ….
Pangarangna anonim
Kaasup kana karya sastra heubeul
Ngandung unsur pamohalan
Sumebar tatalépa ngaliwatan lisan
Miboga unsur-unsur nu tangtu
Buku nu di loncing Sabtu (12/5/07) di Gedong Alumni Unpad téh dibagi 9 bab. Bab kahijina “Pesona Maung Bandung”, ditema ku “Sejarah Maung Bandung”, ditambah ku sawatara bab lianna, dipungkas ku bab “Parade Foto”.
Persib geus jadi ikon Jawa Barat, kitu diantarana nu kaunggel dina bab “Pesona Maung Bandung” téh. Iklim méngbal na alus. Maénna hadé. Kitu deui fanatisme bobotohna nu luar biasa.
Sempalan di luhur kaasup kana jenis resensi ….
Informatif
Kritis
Deskriptif
Argumentasi
Persuasi
Secara lahiriah dina wujud karangan drama aya hal-hal anu geus maranti salah sahijina nyaéta candraan, nu hartina ….
Manggalasastra, dieusi ku pamanggih pangarang
Kalimah langsung para palaku anu silih tempas
Ngabéréndélkeun ngaran jeung katerangan ngeunaan palaku
Nerangkeun kaayaan latar, suasana, palaku, kajadian, jrrd
Ngabagi-bagi karangan drama
Numutkeun Carita Parahyangan, Sang Ratu Jayadéwata atawa Sri Baduga Maharaja téh nyangking kalungguhan salami 39 taun (1482-1521). Anjeunna dikurebkeun di Rancamaya, di sisi wétan-kiduleun kota Bogor ayeuna. Hanjakal, ayeuna mah Rancamaya téh geus jadi komplék gedong sigrong tepi ka geus taya tapakanana acan jaman Pajajaran téh.
Sempalan di luhur kaasup kana struktur ….
Alinea bubuka
Alinea panandes
Judul
Waruga eusi
Alinea pamungkas
1. Gelarna sacara lisan
2. Alurna saeutik
3. Dipagelarkeun salila sapeuting jeput
4. Ditepikeunana ku sindén
5. Lolobana nyaritakeun lalampahan para sinatria
Anu kaasup kana ciri-ciri carita pantun nyaéta …
1,3,5
2,4,5
1,2,3
3,4,5
1,4,5
Nurutkeun pamadegan Sutisna (2010:2), kagiatan diajar téh aya patalina jeung 3 komponén penting: siswa, guru, jeung buku. Aya siswa, tapi euweuh guruna kagiatan diajar moal bisa lumangsung. Kitu deui aya guru, ari siswana euweuh sarua moal bisa lumangsung. Kumaha mun guru jeung siswa geus aya, naha bisa lumangsung tanpa buku? Tangtu wé bisa, ngan moal maksimal.
Alinéa di luhur kaasup kana jenis alinéa ….
Campuran
Argumentasi
Eksposisi
Narasi
Deskripsi
Itu teuneung ieu ludeng,
Wani sarua daekna,
Hayam téh prak baé abar,
Silih pacok ku pamatuk,
Silih gitik ku jangjangna,
Silih peupeuh ku sukuna,
Hayam sarua bedasna.
Sempalan di luhur kaasup kana unsur carita pantun ….
Rajah
Prolog
Dialog
Narasi
Monolog
1. wujud jeung wangunna objek
2. cara-cara nyieunna objek
3. wanda atawa tipena objek
4. alesan milih jejer pedaran
5. tujuan jung gunana pedaran
6. watesan jejer pedaran
Hal umum anu biasa dipidangkeun dina bagian bubuka kerangka bahasan nyaéta ….
1,4,5
1,2,6
4,5,6
1,2,3
3,4,5
Anu henteu kaasup kana ciri-ciri carita wayang, nyaéta ….
Ukur didongéngkeun atawa digalantangkeun caritana
Wangun caritana panjang
Kaasup kana karya sastra heubeul
Ngandung unsur pamohalan
Sumebar tatalépa ngaliwatan lisan
Anu henteu kaasup kana kalimah langsung nyaéta ….
Bu Guru sasauran, “Baca ku hidep naskah drama téh!”
“Iraha aya pagelaran drama Sunda téh?” Dadan nanya
Ceuk Wendi, “Kumaha jadi Latihan drama téh?”
Dedi ngajak Tuti rék ulin ka Cianjur.
“Iraha rék milu ulin ka Cianjur téh?” ceuk Dédi ka Tuti
Anu henteu kaasup raraga nyusun resensi, nyaéta ….
Wanda pilem anu di resénsi
Ngajudulan resénsi
Medar ngeunaan mangpaat pilem keur lalajoaneun balaréa
Nuliskeun idéntitas pilem
Nyaho kana karya-karya séjén
1. Mikaweruh pandangan nu maca
2. Ngasongkeun saran ka nu nulis buku atawa sutradara pilem
3. Nganalisis hal-hal anu pikatajieun
4. Nguji kualitas hiji buku atawa pilem
5. Mikaweruh ngeunaan kaunggulan jeung kahéngkéran buku/pilem
Anu kaasup kana tujuan ngaresénsi karya nyaéta ….
3,4,5
2,4,5
1,2,3
1,2,4
1,3,5
Saleresna Rama kacida abotna, nohonan kapalay istrina. Tapi, dina sorot socana gampil kajudi, Déwi Sinta kacida mikapalay. Bisa jadi manah istrina kagugah, émut ka jaman calik di karaton. Wareg ameng tipatamanan, ocon sareng sato ingon-ingon karajaan. Kaémut deui ku Sri Rama, matak naon sakali-kalieun, ngabubungah pamajikan. Entong hayang baé diajak babalangsakan. Muga-muga deui, henteu kaasup ngalanggar jangji, lantaran ukur moro jang cooeun.
Nurutkeun carita di luhur, Sri Rama miboga watek ...
Loba kahayang
Kuméok méméh dipacok
Goreng haté
Hayang ngabubungah pamajikan
Nurut ka nu jadi pamajikan
Jenis drama anu pagunemanana dihaleuangkeun disebut ….
Gending Karesmen
Banjet
Longser
Sandiwara
Teater Rakyat
Anu henteu kaasup ciri-ciri umum téks artikel nyaeta ….
Orisinil/asli
Singget tur tutas
Ditulis kalayan asmana
Kudu dimuat dina koran
Ngandung gagasan aktual
Cara saurang pamingpin pikeun néngtrémkeun haté jalma anu dipingpin supaya digawéna téh ihlas tur ngagedur sumangetna salah sahijina kudu mukpruk, anu hartina ….
Bisa narik simpati bawahan
Bisa niiskeun pikir nu diparéntahna
Kudu bisa ngalelemu
Paréntah kudu ditepikeun kalawan wajar
Ngasongkeun komentar ku cara nu surti
Ieu di handap kalimah anu teu ngandung kecap di rarangkenan hareup N- nyaéta ….
Manéhna keur ngawayang di Gedong Kasenian
Buku keur dibaca ku adina Mang Ujang
Siti keur nyebor kekembangan di buruan imahna
Manéhna keur dititah ngumbah ku Indungna
Néng Yati keur nulis surat cinta
Ieu di handap kalimah-kalimah nu teu ngandung gaya basa ngupamakeun nyaéta ….
Budak kembar téh siga beubeulahan terong
Jeung dulur téh ulah paraséa waé kawas ucing jeung anjing
Cai walungan caah umpal-umpalan tos hujan badag
Ngalawan aparat mah moal kuat siga bonteng ngalawan kadu
Papatah téh kudu nerap ulah kawas cai dina daun taleus
Jenis artikel anu eusi pedaranana ngajéntrékeun atawa ngécéskeun kana hiji perkara ka pamaca dumasar pamadegan pangarangna disebut ….
Prediktif
Eksploratif
Deskriptif
Eksplanatif
Argumentatif
