NEW
Font size
WorksheetsLATIHAN US BAHASA SUNDA
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Ilo bacaan Ieu dina jero hatē!
Penyu tēh nyaēta kuya laut.Nurutkeun para ilmuwan,penyu tēh geus aya ti ahir jaman jura (145-208 juta taun kaliwat)rēksaumur jeung dinosaurus .Sanajan salilana aya di jero cai,sakali waktu mumbul ngarenghap .Penyu napasna ku paru-paru.penyu ngalalana kacida jauhna tempat nu jauhna 3.000 km bisa disorang salila 58-73 poē.
Penyu jalu salilana hirup di laut.Penyu bikang muru basisir nyelang rēk ngendog .Teu tulus ngendog mun kacaangan atawa kagandēngan.
Di dunya tēh ngan aya tujuh rupa penyu nu masih hirup,nyaēta penyu hējo,penyu sisik,penyu Kemp’sridley,penyu lekang,penyu balingbing.penyu pipih,jeung penyu tempayan.
Penyu balingbing tēh tinulis penyu nu panggedēna.Panjang awakna2,75 m,beuratna 600 -900kg.Penyu lekang mah pangleutikna,beuratna ukur 50 kg.Anu pangmindengna kapanggih mah penyu hējo,kabeukina ukur tutuwuhan jeung sato leutik.
Di basisir Pakidulan Jawa Barat sok masih aya kēnēh nu ngala endog penyu keur jualeun atawa dikonsumsi,keur kagiatan pelestarian hususna penyu hējo sangkan penyu teu tumpur disababaraha tempat geus diadegkeun Kelompok Panangkaran biota laut(KPBL)pikeun nyalametkeun kahirupan penyu.
Saha nu disebut tokoh utama dina bacaan di luhur . . . .
Penyu hējo
Penyu sisik
Penyu lekang
Penyu balingbing
Ilo heula Pupuh Durma di handap ieu!
Durma Bumēla ka Lemah cai
Sarērēa urang tēh kudu sayaga
gajaga lemah cai
Ti nu niat jahat
Nagara jadi teu aman
Rakyatna jadi teu tingtrim
Jiwa ragana
Ulah jadi karisi
Guru lagu dina padalisan ka 5 nyaēta . . . .
7a
7i
8a
8i
Pangaruh Globalisasi dina widang nyaeta lahan pertanian ,pasawahan dirombak jadi tempat wisata anu agrēng. Tempat-tempat wisata dibangun anu tadina,lahan sawah jadi nyaeutikan .Patani jadi teu bisa nyawah Industri diadegkeun loba pabrik nu dibangun ,kitu deui pabrik motor jeung pabrik mobil aya di unggal tempat.Lahan kebon jadi ngurangan.
Pangaruh alus ku ayana Globalisasi dina widang pariwisata nyaēta ….
tempat wisata dibangun dina lahan pertanian
loba pilihan tempat wisata nu alagrēng
patani jadi teu bisa nyawah
lahan kebon jadi ngurangan
Pangaruh Globalisasi dina widang Pariwisata ,lahan pertanian ,pasawahan dirombak jadi tempat wisata anu agrēng
Kecap anu digaris di luhur harti kecapna nyaēta . . .
lega pisan
mēwah pisan
alus pisan
leutik pisan
Jarak imah Rudi ka sakola tēh … matak Rudi mah unggal poē ogē leumpang
Titik-titik di luhur kuduna dieusian ku kecap ….
pangjangkungna
pangbageurna
panggancangna
pangdeukeutna
Dina zaman Globalisasi loba pisan pakakas nu di jieun ku bangsa deungeun,ku kituna urang ulah nepi ka keuna ku Paribasa “Jati kasilih Ku junti “nu maksudna nyaēta…
katempuhan kasusah tina pagawean batur
pribumi kaēlēhkeun ku sēmah
milu kana hiji urusan batur
teu daēk cicing ka ditu ka dieu waē
Laleur ngagarimbung dina runtah.Laleur haliber ka bumi,areunteup dina piring nu eusina tuangeun.Tuangeun nu aya dina piring janten kalotor .Harti kecap nu digaris dina bacaan di luhur nyaēta ….
ngumpul
ngaleut
ngagunuk
ngariung
Di handap ieu anu teu kaasup kana pola biantara/pidato nyaēta …..
salam bubuka
bagian awal
bagian tengah
ngaran nu biantara
Ilo heula Paguneman di handap ieu!
Ani : “Lia, pan aya tugas basa Sunda, kumaha tos didamel teu acan ?”
Lia : “Tugas nu mana, sareng halaman sabaraha nya ?”
Ani : “Halaman 15, kumaha tos didamel tugasna teu acan ?”
Lia : “Aduh!, muhun teu acan nya, kumaha atuh ?, mangkaning enjing aya pangajarannana nya ?”
Ani : “Muhun, jabi deuih abdi teu ngartos, kumaha atuh nya ?”
Lia : “Hmm, kieu wé atuh, engke saatos uih ti sakola, urang midamel eta tugas sasarengan.”
Ani : “Muhun atuh kitu, tapi uih heula nya, gentos acuk heula.”
Iraha Ani sareng Lia midamel tugas basa sunda teh?
uih ti sakola
nuju di sakola
wengi
enjing-enjing
Irma, Rahma, jeung Sinta nuju nyapuan buruan sakola.
Kecap asal tina kecap anu digarisan nyaeta….
nyapu
nyapuan
sapu
sasapu
Tutuwuhan nu diarah hasiatna pikeun ngubaran kasakit kencing manis nyaēta ….
Campuran daun jamblang jeung daun hui
Campuran daun kumis ucing jeung daun hui
Campuran cai kalapa jeung cai tēh pait
Campur daun letah buaya jeung daun jamblang
Ah nembē gē dongkap,tos dipiwarang neda
Kecap antonim tina kecap nu di garis di luhur nyaēta ….
sumping
Indit
datang
angkat
Lembur Kuring
Ngajanteng di mumunggang tanjakan Cibuluh
Aya bagēa sēah angin na daun awi
Sirit uncuing ngelak nyeungceurikan tigerat
Manuk hujan mopoeun nyadaan hujan ngageri
Ngahuleung di tungtung leuweung Cibuluh
Dipapag sawēr kembang mahoni
Deudeuh teuing jati nu ngarangrangan
Jumlah engang dina padalisan ka lima nyaēta ….
8 a
9 u
10 a
11 u
Lembur Kuring
Ngajanteng di mumunggang tanjakan Cibuluh
Aya bagēa sēah angin na daun awi
Sirit uncuing ngelak nyeungceurikan tigerat
Manuk hujan mopoeun nyadaan hujan ngageri
Ngahuleung di tungtung leuweung Cibuluh
Dipapag sawēr kembang mahoni
Deudeuh teuing jati nu ngarangrangan
Kecap dina sajak Lembur Kuring anu ngandung makna konotatif nyaeta ….
ngajanteng di mumunggang
ngahuleng ditungtung leuweung
deudeuh teuing daun jati nu ngarangrangan
sirit uncuing ngelak nyeungceurikan
Ti subuh kénéh ku indungna dihudangkeun angger ngajawab ké sakeudeung deui,(1}
lila-lila indungna keseleun lantaran si Dodo hésé waé hudang (2}
Si dodo sorangan ngeunah saré bari nangkeup guguling (3 )
hudangkeun atuh Man ?, pan poe ayaeuna teh rek ulangan,” ( 4 )
Kalimah di luhur nu ejaan na salah nyaeta kalimah nomer …..
hiji jeung dua
dua jeung tilu
tilu jeung opat
opat jeung hiji
Ĕling-ēling dulur kabēh,
Ibadah ulah campolēh,
beurang peuting ulah welēh
bisina kaburu paēh
Makna nu aya dina Pupujian di luhur nyaeta ….
Ngēlingan urang dina ibadah
Kudu ibadah waē
Beurang peuting tong poho
Bisi kaburu maot
Ĕling-ēling dulur kabēh
Kalimah di luhur mibanda harti ngelingan ka …..
sakabéh umat
sakabéh dulur
urang saréréa
urang hungkul
Ilo dongeng di handap ieu!
Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar handapeun tangkal kai bari gegerungan. Sato-sato nu kungsi menang kanyeri ti manéhna ngarumpul ngariung nu keur gegerungan téa.
Ceuk Munding, “Ah siah maké gegerungan! Rék nyambat ka saha? Moal aya nu nyaaheun ka sia mah! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari ngagadil nu keur gegerungan.
Nempo kalakuan Munding kitu, sakabeh sato nu harita aya di dinya sareuri akey-akeyan. Kabeh sato nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat, kajaba sakadang Kuda. Nempo sato-sato sejen galumbira teh manehna mah ukur gogodeg.
Ceuk Domba, “Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain tejeh tah si Belang teh ku sampean! Lain baheula si Belo ditekuk?” Tembal Kuda, “Kaula mah lain teu ngewa kana kalakuan Maung teh.
Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manehna teh keur sakarat, sakeudeung deui oge paeh. Kuduna mah sato nur keur sakarat teh ulah dihareureuykeun kitu.
Meureun ceuk batur teh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat!” Sanggeus ngadenge omongan Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya jempe sarta patinglaleos ka leuweung deui.
Amanat tina dongeng di luhur nyaeta….
ulah wani kanu keur sakarat
ulah sok nulungan kanu pernah jahat ka urang
urang kudu nulungan ka saha wae anu keur ngabutuhkeun pitulung
tong sok ngahina batur anu keur butuh pitulung urang
Lauk Ngalantarankeun uteuk Ĕncēr
Baheula mah mun budak loba ngadahar lauk tēh sok dicaram majarkeun bisi cacingeun.Padahal mah henteu kitu.Puguh mah lamun kurang ngadahar lauk anu sok katerap panyakit cacingeun mah.loba ngadahar lauk awak jadi sehat aya leuwihna,lauk tēh matak ēncēr kana uteuk sabab ngandung DHA anu bisa ngēncērkeun uteuk urang.
Contona baē urang Jepang tēh kamashur bangsa anu pinterdina sagala widang,ari sababna urang Jepang mah beuki pisan lauk,lain waē deungeun sangu ,malah kueh ogē dicampuran ku tipung lauk komo anu keur kakandungan mah kudu ngalobakeun kana ngadahar lauk tēh.
Kasimpulan paragraf ka hiji dina bacaan nyaēta ….
Baheula dicaram ngadahar lauk lantaran bisi cacingeun
Ngadahar lauk matak jadi boga panyakit cacingeun
Ngadahar lauk awak jadi sēhat,tanaga jadi kuat
Lauk ngēncērkeun uteuk urang.sabab ngandung DHA
1. Assalamualaikum Wr Wb.
Barudak kumaha sarēhat?
Ngahaja Bapa ngumpulkeun murid kelas 4,5 sareng kelas 6 di aula ieu,maksud tēh nyaēta bakal aya nu masihan panerangan perkara kasēhatan ti Patugas Kasēhatan Kacamatan Patugasna parantos sumping ,teras ngadugikeun .Biantara ka barudak masalah ngeunaan miara kasēhatan.
2. Ngajaga Kabersihan Sakola
Assalamualaikum Wr Wb.
Barudak kumaha sarēhat?
Kabērsihan tēh aya hubunganna sareng kasēhatan,lingkungan nu kotor,bisa nimbulkeun ayana panyakit,laleur ngagarimbung dina runtah.Laleur haliber ka bumi,areunteup dina piring nu eusina tuangeun.Tuangeun nu aya dina piring janten kalotor .Kumaha lamun katuang ku urang?
……………………………..
Kasimpulan eusi biantara di luhur nyaēta ….
ngumpulkeun murid sangkan ngarti kana kasēhatan
lingkungan nu kotor bisa nimbulkeun panyakit
patugas kasehatan mērē wejangan
Seueur laleur nu haliber ka bumi
