wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT Bhs Sunda 7

Total questions: 40

Worksheet time: 1hrs 20mins

Name
Class
Date
1.

"Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét" ka asup kana dongéng ....

a)

Sasatoan

b)

Sasakala

c)

Sajarah

d)

Jalma biasa

2.

Dongéng "Sasakala Gunung Geulis" nyaritakeun ngeunaan asal-usul ....

a)

Hiji barang

b)

Sasatoan

c)

Tempat

d)

Pacaduan

3.

Dongéng sasakala nya éta dongéng anu ....

a)

Aya patalina jeung tokoh-tokoh sajarah atawa panempatan nu ngandung sajarah

b)

Aya patalina jeung asal muasalna hiji tempat, barang, atawa hal séjénna

c)

Aya patalina jeung lalampahan hiji jalma anu ku masarakat dianggap karamat

d)

Aya patalina jeung kahirupan jalma biasa nu ngandung ajaran agama, moral, atawa kabeneran

4.

Dongéng téh ka asup karya balaréa, lantaran ....

a)

Anu ngarangna lobaan

b)

Ngarangna babarengan

c)

Kanyahoan anu ngarangna

d)

Teu kanyahoan anu ngarangna

5.

Di handap ieu hal-hal anu kudu diperhatikeun dina prakna ngadongéng, iwal ....

a)

Ngagunakeun sora anu laun

b)

Wirahma luyu jeug ungkara anu dikedalkeun

c)

Ngedalkeun kekecapan béntés

d)

Sikep sawajarna, henteu kaleuleuwihi

6.

Pupujian sok disebut ogé ....

a)

Sajak

b)

Nadom

c)

Puisi

d)

Dongéng

7.

Geuning maot ngadodoho,

boro sok dipoho-poho,


Padalisan ka dua diwangun ku .... engang

a)

7

b)

8

c)

9

d)

10

8.

Pupujian téh pangaruh tina sastra ....

a)

Sunda

b)

Indonesia

c)

Arab

d)

Inggris

9.

Éling-éling dulur kabéh,

ibadah ulah campoléh,

beurang peuting ulah weléh,

bisina kaburu paéh.


Disawang tina eusina, pupujian di luhur ka asup ....

a)

Muji ka Gusti Allah

b)

Ajaran agama

c)

Do'a jeung Tobat ka Pangéran

d)

Pépéling

10.

Pupujian biasa dihaleuangkeun bari ngadagoan ....

a)

Solat mayit

b)

Solat berjamaah

c)

Solat gerhana

d)

Solat Ied

11.

Asupna wangun sajak kana sastra Sunda téh kira-kira taun ....

a)

1930-an

b)

1940-an

c)

1950-an

d)

1960-an

12.

Di handap ieu ngaran-ngaran panyajak Sunda, iwal ....

a)

Godi Suwarna

b)

Juniarso Ridwan

c)

Ridwan Kamil

d)

Ajip Rosidi

13.

Maca sajak téh kudu dibarung ku paroman (mimik) anu luyu jeung bagian sajak anu ditepikeun. Upama macakeun bagian sajak anu pikabungaheun, paromanna berarti ....

a)

Marahmay

b)

Reuwas

c)

Ambek

d)

Sedih

14.

Kuring meunang élmu ti sireum

rampak babarengan ngagotong layon baturna

Silih tanya sasalaman lamun patepung

(sempalan sajak 'Guguru ka Sasatoan' karya Rina Héryani)


Maksud élmu ti sireum nu bisa diconto ku manusa nya éta ....

a)

Kudu sasalaman unggal panggih jeung saha waé

b)

Kudu ilih tulungan dina hal nu bener jeung hal nu salah

c)

Kudu kompak, akur jeung sasama, silih tulungan dina hal nu bener

d)

Kudu kompak néangan kadaharan babarengan

15.

Nyieun sajak téh témana bisa ngeunaan ....

a)

Alam

b)

Pahlawan

c)

Naon baé

d)

Cinta

16.

Prasasti aksara Sunda anu mimiti kapanggih nya éta ....

a)

Prasasti Kawali

b)

Prasasti Kabantenan

c)

Prasasti Tugu

d)

Prasasti Sanghyang Tapak

17.

Rarangkén panyuku gunana pikeun ....

a)

Ngarobah vokal /a/ jadi /u/

b)

Ngarobah vokal /a/ jadi /i/

c)

Ngarobah vokal /a/ jadi /e/

d)

Ngarobah vokal /a/ jadi /o/

18.

Rarangkén ( ᮪ ) disebut ....

a)

Pamepet

b)

Pamaéh

c)

Panghulu

d)

Panglayar

19.

Kecap 'bobotoh' dina aksara Sunda nya éta ....

a)

ᮘᮦᮘᮦᮒᮦᮠ᮪

b)

ᮘᮦᮘᮦᮒᮦᮂ

c)

ᮘᮧᮘᮧᮒᮧᮠ᮪

d)

ᮘᮧᮘᮧᮒᮧᮂ

20.

ᮌᮩᮛ ᮞᮛᮦ ᮌᮩᮞ᮪ ᮕᮩᮒᮤᮀ

Ungkara di luhur dibaca ....

a)

Geura sare geus peuting

b)

Gera saré ges peting

c)

Geura saré geus peuting

d)

Gera sare geus peuting

21.

Carita rekaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan teh disebutna...

a)

Dongeng

b)

Sajak

c)

Novel

d)

Carpon

22.

1. Salah sahiji ciri tina karangan dongeng teh nyaeta....

a)

Palakuna Jin jeung siluman

b)

Sumebarna sacara lisan

c)

. Loba dtulis dina buku jeung majalah

d)

Loba dtulis dina buku jeung majalah

23.

1. Dongeng nu eusina nyaritakeun sasatoan ( hewan ) kalawan paripolahna saperti manusa disebut...

a)

Sage

b)

Parabel

c)

Fabel

d)

Legenda

24.

1. Dumasar eusina, “Nyi Roro Kidul “ kaasupna kana wanda dongeng....

a)

Sage

b)

Legenda

c)

Parabel

d)

Mite

25.

1. Nu disebut dongeng legenda nyaeta...

a)

Dongeng nu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa asal muasal hiji tempat, hal, barang sasatoan jeung tutuwuhan

b)

Dongeng nu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa nu sikapna mahiwal ( beda dari yang lain)

c)

Dongeng nu erat patalina jeung kapercayaan masarakat

d)

Dongeng nu eusina nyaritakeun hiji kajadian , jalma nu aya patalina jeung sajarah

26.

Dina dongeng Sangkuriang jadi naon parahu nu ditajong ( ditendang ) ku Sangkuriang nepi ka nangkub teh?

a)

Gunung Tangkuban Parahu

b)

Gunung Bukit Tunggul

c)

Gunung Galunggung

d)

Gunung burangrang

27.

Wacana anu eusina mangaruhan ( mempengaruhi ) jalma lian sangkan milampah naon-naon nu diiklankeun, disebut...

a)

Iklan

b)

Wawaran

c)

Biantara

d)

Sajak

28.

Iklan leutik( kecil ) nu singget ( singkat ) nu diwangun ku sababaraha jajar ( baris ) disebut....

a)

Iklan baris

b)

Iklan sandi

c)

Iklan kulawarga

d)

Iklan dagang

29.

Iklan nu dibarengan ku tanda husus ( sandi ) anu kudu dicutat ku nu macana sangkan sumber pananya atawa jawabana babari kanyahoan ( gampang ketauan ) disebut...

a)

Iklan sosial

b)

Iklan dagang

c)

Iklan Sandi

d)

Iklan mini

30.

Wawaran teh sok disebut oge ....

a)

Iklan

b)

Pengumuman

c)

Biantara

d)

Buletin

31.

Salah sahiji fungsi wawaran teh pikeun ( untuk )....

a)

Nepikeun niat hade( baik) kalayan sopan

b)

Mangaruhan ( mempengaruhi )babaturan

c)

Mangaruhan ( mempengaruhi )babaturan

d)

Nepikeun kahayang ka batur

32.

Mana nu kaasup kalimah wawaran dihandap ieu?

a)

Maneh teh lain sarjana?

b)

Sarjana lulusan mana eta budak teh?

c)

Neng Marni parantos lulus janteun sarjana

d)

piraku teu bisa jadi sarjana

33.

Saderek rieut mastaka ? ( anda sakit kepala ) Landongan ku Panadol. Pasti damang ( pasti sembuh)!

Wacana diluhur disebut...

a)

Warta

b)

Wawaran

c)

Iklan dagang

d)

Iklan layanan

34.

Salahsahiji karya sastra ieu dihandap anu kaasup kana wanda pusi, nyaeta....

a)

Carpon

b)

Novel

c)

Essey

d)

Sajak

35.

Nu kaasup kana unsur sajak nyaeta...

a)

Jejer, nada jeung suasana, rasa , amanat

b)

Jejer, palaku, rasa, amanat

c)

Jejer, palaku, latar, alur, amanat

d)

Jejer, palaku, alur, latar, rasa

36.

Pangarang Sunda anu naratas gelarna sajak dina taun 1946-an teh nyaeta...

a)

Kis W.S

b)

Ajip Rosidi

c)

Godi Suwarna

d)

Wahyu Wibisana

37.

Nu kaasup puisi anyar ( baru ) nyaeta...

a)

Pupujian

b)

sajak

c)

Sawer

d)

Sisindiran

38.

Aksara Sunda kuno kapanggih dina medium ieu dihandap, iwal ( kecuali )...

a)

Prasasti

b)

Naskah

c)

Piagem

d)

Sajarah

39.

Aksara nu diwangun ku konsonan jeung sora /a/ disebut aksara...

a)

Ngalagena

b)

Rarangken

c)

Swara

d)

Angka

40.

Rarangken ( pananda sora ) anu aya dina luhureun ( diatas ) aksara ngalagena, iwal ( kecuali )...

a)

Paneuleung

b)

Panghulu

c)

Pangwisad

d)

Pamepet