wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

7.5 Dongeng

Total questions: 53

Worksheet time: 47mins

Name
Class
Date
1.

… nyaéta carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan, nyaéta tatalépa ti hiji jalma ka jalma séjénna. Eusina ngandung unsur pamohalan, jeung teu kapaluruh saha nu ngarangna.

a)

Dongéng

b)

Biantara

c)

Monolog

d)

Novél

2.

Dongéng caritaanna teu ngarancabang, ngan pokeus kana tokoh utama jeung masalahna. Ilaharna diwangun ku 5000-12000 kecap atawa lamun dituliskeun, keuna kana 2-4 kaca.. Dongéng miboga ciri nyaéta …

a)

Sumebarna sacara lisan

b)

Teu kapaluruh saha nu ngarangna (anonim)

c)

ilaharna pondok

d)

Ngagunakeun basa salancaran

3.

Budaya dongéng sumebar ku cara caritaan ti saurang jelema ka jelema/masarakat séjén. Dongéng tara ditulis tapi cukup ku tatalépa ngaliwatan lisan (sastra lisan). Dongéng miboga ciri nyaéta …

a)

Sumebarna sacara lisan

b)

Teu kapaluruh saha nu ngarangna (anonim)

c)

Ngagunakeun basa salancaran

d)

Eusi caritana mangrupa rékaan (fiksi)

4.

Dongéng kaasup kana khasanah sastra koléktif milik masarakat sabab ti mimiti aya dongéng, teu apal saha nu mimiti ngarangna. Ku kituna, Dongéng miboga ciri nyaéta …

a)

Ngagunakeun basa salancaran

b)

Teu kapaluruh saha nu ngarangna (anonim)

c)

Eusi caritana mangrupa rékaan (fiksi)

d)

Eusi caritana aya unsur pamohalan

5.

Basa panganteur dina dongéng nyaéta basa nu dipaké sapopoé teu diréka ku ugeran. Dongéng miboga ciri nyaéta …

a)

Eusi caritana mangrupa rékaan (fiksi)

b)

Eusi caritana aya unsur pamohalan

c)

ilaharna pondok

d)

Ngagunakeun basa salancaran

6.

Carita dongéng lain fakta, hartina teu nyaan pernah kajadian. Ngan saukur karangan nu dijieun tina imajinasi pangarangna. Dongéng miboga ciri nyaéta …

a)

Eusi caritana mangrupa rékaan (fiksi)

b)

Eusi caritana aya unsur pamohalan

c)

ilaharna pondok

d)

Sumebarna sacara lisan

7.

Eusi dongéng sok aya kajadian anu rahul mawihal, dileuwih-leuwih, teu kaharti ku akal. Dongéng miboga ciri nyaéta …

a)

Eusi caritana aya unsur pamohalan

b)

Teu kapaluruh saha nu ngarangna (anonim)

c)

ilaharna pondok

d)

Sumebarna sacara lisan

8.

Wanda dongéng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, disebut …

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Sasakala

d)

Mité

9.

Wanda dongéng anu eusina nyaritakeun kahirupan jalma biasa, anu sakapeung sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepaneun, disebut …

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Sasakala

d)

Mité

10.

Wanda dongéng anu eusina nyaritakeun asal-muasal hiji perkara, boh tempat, barang, sasatoan, tutuwuhan, jsb. (Legenda), disebut …

a)

Parabel

b)

Sasakala

c)

Mité

d)

Sagé

11.

Wanda dongéng kapercayaan anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara nu goib, disebut …

a)

Fabel

b)

Sasakala

c)

Mité

d)

Sagé

12.

Wanda dongéng anu pakuat-kait jeung sajarah. (Babad), disebut …

a)

Parabel

b)

Sasakala

c)

Mité

d)

Sagé

13.

Fabel nyaéta wanda dongéng anu nyaritakeun …

a)

palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema

b)

kahirupan jalma biasa, anu sakapeung sok mahiwal, pikaseurieun, tapi leunyepaneun

c)

asal-muasal hiji perkara, boh tempat, barang, sasatoan, tutuwuhan, jsb. (Légénda)

d)

raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara nu goib

14.

Parabel nyaéta wanda dongéng anu nyaritakeun …

a)

palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema

b)

kahirupan jalma biasa, anu sakapeung sok mahiwal, pikaseurieun, tapi leunyeupaneun

c)

asal-muasal hiji perkara, boh tempat, barang, sasatoan, tutuwuhan, jsb. (Légénda)

d)

nyaéta dongéng anu pakuat-kait jeung sajarah. (Babad)

15.

Sasakala nyaéta wanda dongéng anu nyaritakeun …

a)

palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema

b)

asal-muasal hiji perkara, boh tempat, barang, sasatoan, tutuwuhan, jsb. (Légénda)

c)

raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara nu goib

d)

nyaéta dongéng anu pakuat-kait jeung sajarah. (Babad)

16.

Mité nyaéta wanda dongéng anu nyaritakeun …

a)

kahirupan jalma biasa, anu sakapeung sok mahiwal, pikaseurieun, tapi leunyeypaneun

b)

asal-muasal hiji perkara, boh tempat, barang, sasatoan, tutuwuhan, jsb. (Légénda)

c)

raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara nu goib

d)

nyaéta dongéng anu pakuat-kait jeung sajarah. (Babad)

17.

Sagé nyaéta wanda dongéng anu nyaritakeun …

a)

palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema

b)

kahirupan jalma biasa, anu sakapeung sok mahiwal, pikaseurieun, tapi leunyeupaneun

c)

raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara nu goib

d)

nyaéta dongéng anu pakuat-kait jeung sajarah. (Babad)

18.

unsur dongéng ngeunaan ide gagasan poko carita, nyaéta …

a)

Téma

b)

Tokoh

c)

Puser Sawangan

d)

Amanat

19.

unsur dongéng ngeunaan naon-naon anu ngalalakon jeung nu ngalakonan dina carita, nyaéta …

a)

Tokoh

b)

Watek

c)

Puser Sawangan

d)

Amanat

20.

unsur dongéng ngeunaan pasipatan atawa kaayaan tokoh nu aya dina carita, nyaéta …

a)

Téma

b)

Tokoh

c)

Watek

d)

Amanat

21.

unsur dongéng ngeunaan wangun diménsi lumangsungna carita, nyaéta …

a)

Latar

b)

Galur

c)

Puser Sawangan

d)

Pamohalan

22.

unsur dongéng ngeunaan runtuyan kajadian dina carita, nyaéta …

a)

Téma

b)

Tokoh

c)

Latar

d)

Galur

23.

unsur dongéng ngeunaan ajegna kamandang nu nyaritakeun dongéng, nyaéta …

a)

Téma

b)

Tokoh

c)

Puser Sawangan

d)

Amanat

24.

unsur dongéng ngeunaan talatah nu ditepikeun ka nu ngaregepkeun/maca, nyaéta …

a)

Téma

b)

Watek

c)

Amanat

d)

Pamohalan

25.

unsur dongéng ngeunaan eusi caritana aya nu teu kaharti ku akal, nyaéta …

a)

Téma

b)

Latar

c)

Puser Sawangan

d)

Pamohalan

26.

Téma mangrupakeun salahsahiji unsur dina dongéng, Téma nyaéta …

a)

talatah nu ditepikeun ka nu ngaregepkeun/maca

b)

ajegna kamandang nu nyaritakeun dongéng

c)

runtuyan kajadian dina carita

d)

ide gagasan poko carita

27.

Tokoh mangrupakeun salahsahiji unsur dina dongéng, Tokoh nyaéta …

a)

talatah nu ditepikeun ka nu ngaregepkeun/maca

b)

runtuyan kajadian dina carita

c)

pasipatan atawa kaayaan tokoh nu aya dina carita

d)

naon-naon anu ngalalakon jeung nu ngalakonan dina carita

28.

Watek mangrupakeun salahsahiji unsur dina dongéng, Watek nyaéta …

a)

talatah nu ditepikeun ka nu ngaregepkeun/maca

b)

pasipatan atawa kaayaan tokoh nu aya dina carita

c)

naon-naon anu ngalalakon jeung nu ngalakonan dina carita

d)

ide gagasan poko carita

29.

Latar mangrupakeun salahsahiji unsur dina dongéng, Latar nyaéta …

a)

ajegna kamandang nu nyaritakeun dongéng

b)

runtuyan kajadian dina carita

c)

wangun diménsi lumangsungna carita

d)

ide gagasan poko carita

30.

Galur mangrupakeun salahsahiji unsur dina dongéng, Galur nyaéta …

a)

ajegna kamandang nu nyaritakeun dongéng

b)

runtuyan kajadian dina carita

c)

wangun diménsi lumangsungna carita

d)

naon-naon anu ngalalakon jeung nu ngalakonan dina carita

31.

Puser Sawangan mangrupakeun salahsahiji unsur dina dongéng, Puser Sawangan nyaéta …

a)

talatah nu ditepikeun ka nu ngaregepkeun/maca

b)

ajegna kamandang nu nyaritakeun dongéng

c)

wangun diménsi lumangsungna carita

d)

ide gagasan poko carita

32.

Amanat mangrupakeun salahsahiji unsur dina dongéng, Amanat nyaéta …

a)

eusi caritana aya nu teu kaharti ku akal

b)

pasipatan atawa kaayaan tokoh nu aya dina carita

c)

talatah nu ditepikeun ka nu ngaregepkeun/maca

d)

ide gagasan poko carita

33.

Pamohalan mangrupakeun salahsahiji unsur dina dongéng, Pamohalan nyaéta …

a)

eusi caritana aya nu teu kaharti ku akal

b)

runtuyan kajadian dina carita

c)

wangun diménsi lumangsungna carita

d)

naon-naon anu ngalalakon jeung nu ngalakonan dina carita

34.

Dina padika ngadongéng, nu ngadongéng kudu parigel nyangkem eusi, hartina …

a)

volumeu jeung artikulasi sora kudu tarik ulah haréwos laun

b)

paroman raray dina ngarojong suasana bungah, susah, sedih, ambek, jsb

c)

gerakna awak pikeun nétélakeun polah dina dongéng

d)

apal jeung paham di luar uteuk ti mimitina carita nepi ahirna

35.

Dina padika ngadongéng, nu ngadongéng kudu parigel ngatur bedas sora, hartina …

a)

kaatur gancang-launna témpo nyaritana

b)

merenahna nada nyarita

c)

volumeu jeung artikulasi sora kudu tarik ulah haréwos laun

d)

apal jeung paham di luar uteuk ti mimitina carita nepi ahirna

36.

Dina padika ngadongéng, nu ngadongéng kudu parigel ngalentong, hartina …

a)

kaatur gancang-launna témpo nyaritana

b)

merenahna nada nyarita

c)

volumeu jeung artikulasi sora kudu tarik ulah haréwos laun

d)

gerakna awak pikeun nétélakeun polah dina dongéng

37.

Dina padika ngadongéng, nu ngadongéng kudu parigel ngawirahma, hartina …

a)

kaatur gancang-launna témpo nyaritana

b)

merenahna nada nyarita

c)

volumeu jeung artikulasi sora kudu tarik ulah haréwos laun

d)

paroman raray dina ngarojong suasana bungah, susah, sedih, ambek, jsb

38.

Dina padika ngadongéng, nu ngadongéng kudu parigel ngolah pasemon, hartina …

a)

kaatur gancang-launna témpo nyaritana

b)

paroman raray dina ngarojong suasana bungah, susah, sedih, ambek, jsb

c)

gerakna awak pikeun nétélakeun polah dina dongéng

d)

apal jeung paham di luar uteuk ti mimitina carita nepi ahirna

39.

Dina padika ngadongéng, nu ngadongéng kudu parigel miraga pasangpeta, hartina …

a)

merenahna nada nyarita

b)

paroman raray dina ngarojong suasana bungah, susah, sedih, ambek, jsb

c)

gerakna awak pikeun nétélakeun polah dina dongéng

d)

apal jeung paham di luar uteuk ti mimitina carita nepi ahirna

40.

Apal jeung paham di luar uteuk ti mimitina carita nepi ahirna, nyaéta padika dina palebah …

a)

Nyangkeum eusi

b)

Bedas sora

c)

Lentong

d)

Pasangpeta

41.

Volumeu jeung artikulasi sora kudu tarik ulah haréwos laun, nyaéta padika dina palebah …

a)

Bedas sora

b)

Lentong

c)

Wirahma

d)

Pasangpeta

42.

Merenahna nada nyarita, nyaéta padika dina palebah …

a)

Nyangkeum eusi

b)

Bedas sora

c)

Lentong

d)

Wirahma

43.

Kaatur gancang-launna témpo nyaritana, nyaéta padika dina palebah …

a)

Nyangkeum eusi

b)

Lentong

c)

Wirahma

d)

Pasemon

44.

Paroman raray dina ngarojong suasana bungah, susah, sedih, ambek, jsb, nyaéta padika dina palebah …

a)

Lentong

b)

Wirahma

c)

Pasemon

d)

Pasangpeta

45.

Gerakna awak pikeun nétélakeun polah dina dongéng, nyaéta padika dina palebah …

a)

Bedas sora

b)

Lentong

c)

Pasemon

d)

Pasangpeta

46.

Jelaskeun naon nu disebut dongéng?!

4 lines
47.

Sebutkeun 2 conto dongéng fabel!

4 lines
48.

Sebutkeun 2 conto dongéng parabel!

4 lines
49.

Sebutkeun 2 conto dongéng sasakala!

4 lines
50.

Sebutkeun conto dongéng mité!

4 lines
51.

Sebutkeun conto dongéng sagé!

4 lines
52.

Sebutkeun 8 unsur dongéng kalayan malepah gedang!

4 lines
53.

Jelaskeun padika dongéng ieu di handap!

a. nyangkem eusi

b. bedas sora

c. lentong

d. wirahma

e. pasemon

f. pasangpeta

4 lines