wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

EVALUASI BAB BASA SUNDA SEMESTER GENAP

Total questions: 20

Worksheet time: 1hrs 26mins

Name
Class
Date
1.

Iber hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan dumasar kana kanyataan, disebut…

a)

Béwara

b)

Iklan

c)

Médsos

d)

Warta

e)

Amanat

2.

Gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipaké ngajawab pananya…

a)

Naon, ku naon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha

b)

Saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha

c)

Iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana

d)

Naon, ku naon, saha, ku saha, mana, di mana

e)

Mana, nu mana, di mana, ti mana, ka mana, belah mana

3.

Ieu di handap mangrupa cara maluruh data pikeun nyieun hiji warta, iwal ti…

a)

Wawancara

b)

Observasi

c)

Niron-niron

d)

Risét Média

e)

Dokuméntasi

4.

Jalma anu  sok nyieun atawa nulis warta, disebut…

a)

Pewarta/pewara

b)

Wartawan/jurnalis

c)

Pérs

d)

Kaméramén

e)

Réporter

5.

Jalma anu sok macakeun warta dina tv, disebut…

a)

Wartawan

b)

Rédaktur

c)

Réporter

d)

Pawarta/pewara

e)

Présénter

6.

Naskah siaran teu meunang ngahina sual SARA. Ieu hal di handap anu lain panjangna tina SARA, nyaéta…

a)

Suku

b)

Agama

c)

Ras

d)

Rasa

e)

Antargolongan

7.

  Anu disebut lead dina warta téh, nyaéta…

a)

Judul warta

b)

Bubuka warta

c)

Waruga warta

d)

Pamungkas warta

e)

Nu nulis warta

8.

Struktur warta anu gunana pikeun ngahudang kapanasaran kanu maca, ogé sangkan batur langsung kairut pikeun maca warta anu ditulis ku urang, disebut struktur bagian…

a)

Bubuka

b)

Waruga warta

c)

Judul

d)

Pamungkas warta

e)

Salam warta

9.

Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur nu dikandung ajén warta, nyaéta…

a)

Waktu

b)

Aya patalina jeung kahirupan balaréa

c)

Anéh

d)

Konflik

e)

Pawarta

10.

Waktu mangrupa ajén warta anu kawilang penting, patali jeung warta anu karék atawa keur lumangsung ogé tuluy tumuluy. Ieu hal salsahiji ajén warta dina…

a)

Signification

b)

The Unusual

c)

Timeliness

d)

Conflict

e)

Human interest

11.

     Hal-hal anu henteu kaasup kana padika maca naskah warta, nyaéta kudu…

a)

Bisa maca naskah warta

b)

Alus peta jeung dangdanan (mun dina tv)

c)

Marahmay (mun dina radio)

d)

Alus artikulasi, lentong, jeda, jeung ngoncrang sora

e)

Keuna dina cara diuk jeung make mik

12.

Ieu di handap anu lain padika atawa tatakrama siaran dina radio, nyaéta kudu…

a)

Nataharkeun heula naskah keur siaran, ulah nyigeung SARA.

b)

Paham kana eusi naskah.

c)

Latihan vocal (sora)

d)

Make basa anu étis (sopan, bener, tur merenah)

e)

Make baju anu alus tur serasi.

13.

Pikeun nanyakeun ‘kaayaan’ ilaharna digunakeun kecap pananya…

a)

Naon

b)

Mana

c)

Kumaha

d)

Naha

e)

Naon sabab

14.

“Dina orasina, anu  arunjuk rasa ngadongsok sangkan Polda bisa sagancangna ngaréngsékeun kasus korupsi bantuan sosial atawa BANSOS Kabupatén Bandung”. Sempalan téks warta di luhur, saupama dipatalikeun jeung 5W + 1H, patali jeung kecap pananya…

a)

Saha

b)

Naha

c)

Naon

d)

Iraha

e)

Di mana

15.

Ieu di handap mangrupa conto warta anu nimbulkeun ajén warta human interest atawa rasa simpati, nyaéta…

a)

Bencana alam

b)

Kasus korupsi

c)

Konflik artis

d)

Milangkala Persib

e)

Ngamumulé Budaya

16.

Jalam anu miboga pancén pikeun ngontrol warta nu rék dipidangkeun ka pamaca, disebut…

a)

Éditor

b)

Rédaktur

c)

Présénter

d)

Réporter

e)

Wartawan

17.

Mariksa, ngoréksi, méreskeun jeung ngarapihkeun basa atawa tulisan sangkan eusina bener tur rapih saméméh dicetak, disebut…

a)

MCing

b)

Presenting

c)

Editing

d)

Writing

e)

Jurnalis

18.

Di handap ieu mangrupa hal-hal anu kudu diperhatikeun nalika nulis warta, iwal ti…

a)

Dina nyieun lead, gunakaeun basa anu matak ngirut pamaca.

b)

Nulis headline tong panjang teuing.

c)

Gunakeun basa anu basajan atawa gampang dipikaharti

 

d)

Kalimahna kudu parondok, ogé alinéana tong panjang teuing

e)

Headline bisa diwangun ku 30 kecap atawa leuwih

19.

Dina maca warta, ayah al-hal anu kudu diperhatikeun, salasahijina dina téhnik vocal anu ngawengku…

a)

Marahmay jeung lentong

b)

Lentong jeung pasemon

c)

Artikulasi jeung intonasi

d)

Intonasi jeung pasemon

e)

Artikulasi jeung pepeta

20.

Média anu dipaké ku pawarta pikeun maca téks warta disebut…

a)

Scrapbook

b)

Telepromther

c)

White Board

d)

Audio

e)

Audio-visual