NEW
Font size
WorksheetsEvaluasi dongeng CGP
Total questions: 15
Worksheet time: 8mins
Jaman baheula aya carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan, nyaéta tatalépa ti hiji jalma ka jalma séjén, disebut…
Carpon
Dongéng
Novél
Biografi
Fiksimini
Dongéng sasakala gunung Tampomas teu kapaluruh saha nu ngarangna, éta kaasup kana ciri dongéng…
Basa lancaran
Tatalepa
Anonim
Ajén atikan
Sumebar sacara lisan
Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung baé éta keris téh dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun téh ngan bati colohok, da éta keris téh éstu kageugeut pisan Kangjeng Bupati. Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun téh jempé. Lini anu geus lila karasa, harita mah teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagétna, timbul kabungah rahayat téh. Ger baé surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun.
Dina éta sempalan dongéng diluhur, mana anu kagambar unsur pamohalanna…
Rahayat nu colohok nempo keris dialungkeun kana kawah
Keris kageugeut pisan Kangjeng Bupati
Kangjeng Bupati dating ka Gunung Gedé
Bungahna rahayat
Keris dialungkeun ka kawah Gunung Gedé nu keur ngaguruh pikakeueungeun téh jep jempé.
Carita anu katelah “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat urang ogé dipercaya ku masarakat. Éta carita saperti kitu kaasup kana dongéng…
Parabél
Légénda
Sage
Mite
Fabel
Dongéng anu eusina ngeunaan carita manusa biasa nu miboga karakter unik, nya éta ...
Parabél
Légénda
Sage
Mite
Fabel
Dongéng 1 parabel, dongéng 2 fabel
Dongéng 1 fabel, dongéng 2 parabel
Dongéng 1 sasakala, dongéng 2 parabel
Dongéng 1 fabel, dongéng 2 sagé
Dongéng 1 fabel, dongéng 2 mite
Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur intrinsik, nyaéta…
Téma
Palaku
Purwakanti
Galur
Latar
Dina dongéng fabel jeung parabél, hal naon nu ngabédakeun éta dua jenis dongéng téh…
Palaku
Latar
Téma
Galur
Amanat
Caturkeun Jendral Daéndels cunduk ka tempat nu digarawé. Atuh Kangjeng Pangéran gancang ngahormat saperti biasana, manggut bari teras nyaketan. Dasar nu keur ambek, panghormat Kangjeng Pangéran, boro-boro ditarima samestina. Tapi, teu burung ari nyodorkeun leungeun, ngajak sasalaman mah.
Suasana dina éta sempalan dongéng ngagambarkeun latar suasana…
Ngagumbirakeun
kaayaan ketir
Pikabetaheun
Pikaatoheun
Pikamelangeun
Dina salasahiji pancén basa Sunda, hidep dititah pikeun macacarita dongéng anu miboga judul “Si Kabayan Ngala Nangka”. Nalika hidep maca éta dongéng, hidep ngilu asup kana eusi carita anu ngagambarkeun kahirupan padésaan waktu harita. Hawana tingtirim tur tiis. Sasakali, dicaritakeun hieumna leuweung nalika Si Kabayan ngala nangka, anu mantak nyieun hidep muringkak nalika maca. Gambaran anu dipikarasa ku hidep nalika maca éta dongéng dipangaruhan ku salasahiji unsur carita dongéng nyaéta…
Téma
Jejer
Latar tempat
Latar suasana
Latar waktu
Unggal soré Markonah mindeng ngupingkeun dongéng dina radio. Lian ti jadi hiburan, tina dongéng ogé sok meunangkeun hiji pangajaran pikeun Markonah. Unsur pangajaran anu aya dina dongéng disebut…
Téma
Watek
Jejer
Amanat
Palaku
Pék analisis sempalan dongéng ieu di handap! Nyi Roro Kidul. Nepi ka kiwari, upamana aya jalma nu sombong tur adigung adiguna sarta goréng adatna tur kalindih, ceuk sakaol mah Nyi Roro Kidul sok wera, sabab ngarasa kasaing tur kalindih. Cek sakaol ogé, cunah upama pareng rék ngalanto ka Laut Kidul teu menang maké baju rupana héjo, sabab ceunah sok aya ombak anu kacida gedéna. Lian ti éta, nu datang ka Laut Kidul ulah mawa péso nu tungtung gagangna aya tandukan, boh nu leutik boh nu gèdè, sabab ku cara kitu gé, Nyi Putri ngarasa kalindih tur ngarasa aya saingana. Sabab ngarasa dirina nu pangheulana boga éta peso sarta nganggap dirina Ratu Alam Dunya nu pang punjulna sa-jagat raya.
Cik sebutkeun latar tempat dina dongeng “Nyi Roro Kidul”…
Laut Kidul
Garut
Situ
Tasikmalaya
Pangandaran
Sajaba ti ngandung unsur pamohalan, teu tangtu nu ngarangna, ciri séjénna tina dongéng téh diantarana ngandung unsur atikan.
Cik, analisis mana sempalan dongéng di handap anu ngagambarkeun ayana unsur atikan?
Si Oray Kuda anu salawasna jail sarta galak sok ngahakan jelema, sarta matih pisan peurahna, lengas-lengis ka si Aki ménta ditulungan, sieun génghék kaduruk.
Aya aki-aki padamiasih, mikaresep lantaran bageur. Resep nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah, nganteur ka nu sieun jeung keueung, mun teu ku harta banda, ku tanaga atawa ku du’a.
Ceuk Oray Kuda ka aki-aki, “Heug, atuh, urang néangan deui. Tuh Tangkal Kupa urang tanya!”
Aki-aki teu éléh akal, “Tadi Oray ngajak ka Hakim. Ari Hakim mah teu kaci saksina ngan saurang, tapi kudu tilu!”
“His,” ceuk aki-aki, ”Atuda éta mah bagéan manusa ti Pangéran. Sakur nu kumelip di dunya, keur manusa.
Pék analisis unsur intrinsik sempalan dongéng ieu di handap! "Kocap isukna, isuk-isuk tukang suluh geus indit deui ka dayeuh. Kaldena gancang leumpangna, da teu beurateun ku momot. Sapanjang jalan tukang suluh teh teu weleh nanya ka dirina sorangan."
Dumasar kana eta dongeng, dimana latar tempatna...
Dayeuh
Leuweung
Lembur
Wahangan
Imah
Jadi jalma kudu pedit sangkat réa hartana
Ulah nulungan singa bisi dihakan
Urang téh kudu silih tulungan ka sasama mahluk
Kudu mupuas ka jalma anu pikasebeleun
Ulah nulungan batur bisi matak rugi
