wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

latihan soal sunda kelas xi semester 2 (warta, novel bio wwacan)

Total questions: 35

Worksheet time: 35mins

Name
Class
Date
1.

Iber perkara hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan, disebutna…

a)

bewara

b)

iklan

c)

medsos

d)

warta

e)

amanat

2.

Anu mangrupa eusi atawa inti warta, kaasup kana bagian warta …

a)

Judul warta

b)

Bubuka warta

c)

Waruga warta

d)

Pamungkas warta

e)

Nu nulis warta

3.

Anu mangrupa titel, label, mérek, atawa ngaran anu dilarapkeun dina  warta  téh, nya éta…

a)

Bubuka warta

b)

Waruga warta

c)

Judul warta

d)

Pamungkas warta

e)

Nu nulis warta

4.

Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur nu dikandung ajen warta, nya éta…

a)

aneh

b)

konflik

c)

waktu

d)

pawarta

e)

aya patalina dina kahirupan

5.

Pikeun nanyakeun “lumangsungna waktu kajadian” ilaharna ngagunakeun kecap

a)

iraha

b)

saha

c)

kumaha

d)

naon

e)

kunaon

6.

Mana warta anu luyu jeung kondisi kaayaan ayeuna?

a)

Kabéh murid sakola negri keur ngalaksanakeun evaluasi pangajaran

b)

Polisi siap siaga ngajaga kalancaran natalan

c)

Kloter kahiji Jemaah haji geus nepi ka Arab Saudi.

d)

Pamaréntah indonesia nyiapkeun lawungan internasional

e)

Konser Artis Ibukota di lapangan Dadaha, pinuh kunu lalajo.

7.

Ieu di handap anu lain padika atawa tatakrama siaran dina radio, nya éta kudu…

a)

Nataharkeun heula naskah keur siaran, ulah nyigeung SARA

b)

Latihan vocal (sora)

c)

Paham kana eusi naskah

d)

Make basa anu étis (sopan, bener, tur merenah)

e)

Make baju alus anu ngejréng

8.

Berita anu wangunna audio wungkul, bisa kapanggih di…

a)

TVRI

b)

SCTV

c)

TransTV

d)

ANTV

e)

RRI bandung

9.

Karangan rekaan dina  wangun  lancaran  (prosa  fiksi)  anu  panjang  tur  alur  caritana  ngarancabang   (kompleks)  disebut…

a)

carpon

b)

carbung

c)

wawacan

d)

novel

e)

fiksimini

10.

Novel nu munggaran dina sastra Sunda, nya éta…

a)

Gogoda ka Nu Ngarora karya M.A. Salmun

b)

Pangéran Kornél karya R. Méméd Sastrahadiprawira

c)

Baruang ka Nu Ngarora karya D.K Ardiwinata

d)

Pipisahan karya R.A.F

e)

Lain Eta karya Moh. Ambri

11.

Kecap Novél teh asalna tina basa…

a)

indonesia

b)

latin

c)

walanda

d)

inggris

e)

sunda

12.

Ieu di handap anu teu kaasup kana ciri-ciri novel nya éta…

a)

Karangan nonfiksi

b)

Tokoh na loba

c)

Alurna        panjang

d)

Latarna laluasa

e)

Eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe

13.

Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita, disebut

a)

galur

b)

jejer

c)

tema

d)

latar

e)

amanat

14.

Cara atawa sawangan nu dipaké ku pangarang   minangka sarana pikeun midangkeun tokoh, tindakan, latar, jeung peristiwa nu ngawangun carita dina novel.

 

Ungkara di luhur mangrupa harti tina unsur instrinsik novel, anu disebut…

a)

latar

b)

amanat

c)

jejer

d)

puseur sawangan

e)

palaku

15.

Anu jadi ciri hiji karya sastra disebut novel téh nya éta …

a)

pamohalan

b)

teu aya pangarangna

c)

kabeungkeut ku guru lagu

d)

bisa anggeus ku sadiukan

e)

miboga bab carita nu loba

16.

Novel téh asalna tina kecap novus anu artina…

a)

anyar

b)

karangan

c)

tulisan

d)

carita

e)

loba

17.

Tulisan ngeunaan kahirupan hiji jalma disebutna…

a)

biologi

b)

monografi

c)

Géografi

d)

otografi

e)

biografi

18.

Ieu di handap nu henteu kaasup kana wanda jeung sipat riwayat hirup, nya éta…

a)

Otobiografi

b)

Biografi

c)

Authoried Biography

d)

Unauthoried Biography

e)

Eclectic Biography

19.

Ieu di handap hal-hal anu ilaharna teu kaasup kana eusi biografi, nya éta…

a)

Ngaran, tempat, titimangsa lahir, jeung kulawarga

b)

Cita-cita jeung pangalaman atikan

c)

Kakayaan jeung harta banda nu dipiboga

d)

Pangalaman gawé jeung organisasi

e)

Préstasi nu kungsi kacangking

20.

Wawacan nyaéta…

a)

Carita panjang anu make aturan pupuh

b)

Tulisan rekaan

c)

Carita pondok anu kompleks

d)

Carita prosa

e)

Tulisan pupuh

21.

dina wawacan digunakeun rupa-rupa pupuh pikeun ngagambarkeun rupa-rupa...

a)

palaku

b)

amanat

c)

situasi (kaayaan)

d)

gaya basa

e)

puseur sawangan

22.

minangka karangan panjang dina wangun pupuh, wawacan teh sok dihaleuangkeun. ngahaleuangkeun wawacan teh disebutna

a)

mantun

b)

nembang

c)

ngawih

d)

beluk

e)

nadoman

23.

ieu di handap unsur prosa fiksi anu aya dina wawacan anu mangrupa carita, iwal...

a)

tema

b)

palaku

c)

galur

d)

amanat

e)

wirahma

24.

jalma anu pakasabana nyieun warta disebut...

a)

wartawan

b)

reporter

c)

narasumber

d)

wawancara

e)

paguneman

25.

unsur warta anu gunana pikeun ngahudangkeun minat jeung ngirut pamaca, oge aya dina pangluhurna warta nyaeta...

a)

judul

b)

eusi

c)

waruga

d)

panutup

e)

bubuka

26.

runtuyan kajadian nu aya dina carita prosa disebut...

a)

waruga

b)

amanat

c)

plot

d)

palaku

e)

galur

27.

Buku nu eusina nyaritakeun ngeunaan kahirupan saurang tokoh anu gedé jasana pikeun kahirupan bangsa jeung nagara nyaeta buku...

a)

wikipedia

b)

biografi

c)

pangajaran

d)

kahirupan

e)

tokoh

28.

Aturan nyieun puisis heubeul nu aya guru lagu jeung guru wilangan, nyaéta...

a)

guguritan

b)

wawacan

c)

beluk

d)

pupuh

e)

tembang

29.

Stuktur warta kabagi jadi sababaraha bagian. Nu mangrupa alinéa atawa paragrap awal anu aya dina handapeun judul (headline), sok disebut…

a)

bubuka

b)

eusi

c)

prolog

d)

title

e)

pamungkas

30.

Novel mibanda unsur-unsur intrinsik. Bagéan unsur intrinsik novel, anu eusina mangrupa hal-hal anu hayang ditepikeun ku pangarang ngaliwatan eusi carita, oge bisa dijadikeun pngajaran keur nu macana sok disebut…

a)

jejer

b)

carita

c)

galur

d)

amanat

e)

puseur sawangan

31.

Puseur sawangan mangrupa salah sahiji unsur intrinsik novél. Anu dipaké ku pangarang minangka sarana pikeun midangkeun tokoh, tindakan, latar, jeung peristiwa nu ngawangun carita dina novel. Puseur sawanganna maké jalma katilu, dicirian ku kecap…

a)

urang

b)

abdi

c)

maneh

d)

manehna atawa ngaran palaku

e)

sia

32.

biografi anu ditulis ku sorangan disebut

a)

otomotof

b)

otobiografi

c)

autologi

d)

biografi

e)

otografi

33.

anu ngabedakeun wawacan jeung guguritan nyaeta...

a)

guru gatra jeung watek pupuh

b)

panjang karangan jeung wanda pupuh

c)

srtuktur jeung motif

d)

palaku katut watekna

e)

latar jeung situasi karangan

34.

pupuh anu mindeng dipake dina wawacan, kaasup sekar ageung, nyaeta...

a)

kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula

b)

kinanti, mijil, asmarandana, dangdanggula

c)

maskumambang, kinanti, durma, dangdanggula

d)

kinanti, sinom, maskumambang, magatru

e)

dangdanggula, kinanti, balakbak, asmarandana

35.

struktur wawacan nu beda jeung prosa liana nyaeta aya...

a)

manggala sastra

b)

puseur sawangan

c)

palaku

d)

amanat

e)

plot