NEW
Font size
WorksheetsPAS Bahasa Sunda kls X
Total questions: 30
Worksheet time: 15mins
Salah sahiji karya sastra ieu di handap anu kaasup kana wanda puisi, nyaeta...
carpon
novel
esey
sajak
Naon anu dimaksud sajak teh...
carita rekaan anu ngandung hal-hal pamohalan
karangan dina wangun basa ugeran (puisi)
dongeng jaman buhun
carita anu kaalaman ku sorangan
di handap ieu mangrupakeun unsur-unsur pangwangun sajak, kecuali...
jejer/tema
nada
rasa
tokoh
biasana sajak teh ditulis dina wangun ungkara atau wangun basa nu boga harti...
denotatif
konotatif
aktif
pasif
harti konotatif nyaeta...
harti anu teu langsung nuduhkeun hal nu dimaksud (kiasan)
harti anu langsung nuduhkeun hal nu dimaksud
harti sabenerna
harti nu teu nyambung
Sajak mah ditulisnya....
Pondok
Papanjangan
Mangrupa narasi
Aya gambarna
Rasa nyaeta....
Gagasan pokok sajak
Sikep panyajak
Hal-hal anu ngajiwaan eusi sajak
Pesen panyajak
Kecap anu ngandung henteu langsung disebut ....
Denotatif
Sebenerna
Saujratna
Konotatif
Isuk-isuk abah masih harudum ku sarung.
Kalimah di luhur ngandung harti....
Konotatif
Ijeuman
Kiasan
Denotatif
Kecap anu ngandung harti sebenerna disebut....
Konotatif
Denotatif
Kiasan
Injeuman
Komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan anu geus ditangtukeun samemehna disebut ....
paguneman
wawancara
warta
sawala
biantara
Tengetan bagian-bagian tina kagiatan wawancara ieu di handap!
(1)Ngawanohkeun
identitas diri ka narasumber.
(2)Amitan
ka narasumber ku cara sasadu jeung nganuhunkeun.
(3)Neangan
jejer anu rek diwawancarakeun.
(4)Nepikeun
pananya anu patali jeung jejer wawancara.
(5)Nepikeun
tujuan wawancara.
Kagiatan anu ilaharna ditepikeun dina bagian bubuka wawancara dituduhkeun ku nomer....
1 jeung 3
1 jeung 5
2 jeung 4
2 jeung 5
3 jeung 4
Kagiatan nyieun kacindekan dina wawancara ilaharna aya dina bagian....
bubuka
eusi
panutup
manggalasastra
prolog
Jalma anu dipercaya pikeun mere jawaban nu mangrupa informasi atawa data anu diperlukeun ku nu ngawawancara disebut....
narator
notulen
narasumber
wartawan
moderator
Baca téks wawancara ieu di handap!
Murid: “Bapa kumaha damang?”
Pa Guru: Alhamdulillah, sae. Kumaha sawangsulna?”
Murid: “Alhamdulillah. Pangesto. Pa hatur nuhun tos nyayogikeun waktos kanggo ieu wawancara.”
Pa Guru: “Muhun sami-sami.”
Téks wawancara di luhur kaasup kana bagian....
bubuka
eusi
panutup
manggalasastra
prolog
Baca téks wawancara di handap!
A: Minangka pamaén senior, akang tangtos wanoh jeung bobotoh. Kumaha numutkeun Akang kontribusi Viking kanggo pamaén Pérsib?
B: Kontribusi bobotoh, pangpangna Viking, saé pisan. Karaos pisan ku pamaén mah. Viking teu weléh satia masihan sumanget, upamina mun nuju tanding. Boh upami maén di Bandung boh nuju maén tandang. Mun nuju maén tandang, Viking sok ngabring ngadukung Persib, sanaos sakedik tapi éta téh kacida ageung pangaruhna kanggo pamaén mah.
Téks wawancara di luhur nyaritakeun ngeunaan ....
pamaén senior
bobotoh jeung pamaén senior
kontribusi bobotoh nalika pamaén keur tanding
Viking sok ngabring ngadukung Persib
pamaén senior nu wawuh ka bobotoh
Naon nu dimaksud wawancara teh?
kagiatan jeung babaturan
kagiatan paguneman tanya jawab
kagiatan di sakola
kagiatan pateuteup raray
Ngumpulkeun informasi mangrupakeun ... wawancara.
tujuan
jawaban
arti
rupa
Anuu kedah disiapkeun sateuacan wawancara, iwal ...
nangtukeun saha nu rek diwawancara
nyusun daptar pananya
muguhkeun informasi naon nu rek diteangan
neangan tempat
kecap pananya "kumaha" digunakeun pikeun nanyakeun ...
ngaran jalma
kaayaan
kalakuan
jumlah
Wanda carita fiksi anu ngandung ajen sajarah atawa patali jeung sajarah disebut carita...
Pabel
Parable
Babad
Legenda
Mitos
Bagian babad anu eusina nyaritakeun lalakon ti mimiti kajadian, lalampahan tokoh, jeung konflik disebut …. carita babad.
kolopon
alopon
manggalasastra
eusi
panutup
Ieu di handap mangrupa alesan babad teu bisa dijadikeun sumber sajarah nu utama, iwal ti …
babad teh sabangsa sajarah anu henteu teges hostorina.
henteu beunang dicekel deleg dokumentasina
palaku jeung tempat kajadian aya dina sajarah
sakapeung carita babad ngandung hal-hal anu teu asup akal
eusina sok dibauran ku legenda, mitos, atawa fabel
Dina struktur carita atawa unsur dina carita babad aya nu disebut jejer. Jejer nya eta …
Tokoh carita nya eta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita
Pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang
Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita
Nyoko kana cara pangarang nyaritakeun palaku dina carita, ngajelaskeun jalma kahiji jeung katilu
Puseur implengan pangarang ngeunaan eusi carita
Ieu di handap mangrupa runtuyan carita babad dina wangun wawacan anu paling bener nyaéta....
manggalasastra-alofon-kolopon
alopon-eusi-kolopon
alopon-manggalasastra-kolopon
kolopon-alopon-manggalasastra
kolopon-eusi-alopon
Baca sempalan babad ieu di handap!
(1) Selang sababaraha waktu, Karajaan Cirebon ngajorag deui Karajaan Sumedang Larang, sanggeus leuwih ti heula ngirimkeun sababaraha urang mata-mata. (2) Der baé harita mah perang campuh naker. (3) Itu ieu pada-pada kuat. (4) Korban ting jarungkel, nu tatu parna tingjaroplak, kuda tinggalabrét kalabur, trang-tréng-trong sora pakarang anu patingaradu, anu rubuh pating garerung. (5) Kulantaran duanana pada-pada kuat, ahirna perang dieureunkeun, dua karajaan leuwih milih daméy kucara musawarah.
Kalimah anu ngagambarkeun suasana perang nyaéta aya dina kalimah....
(1)
(2)
(3)
(4)
(5)
Baca sempalan carita babad ieu di handap!
Kacaritakeun jaman baheula di tanah Sunda ngadeg karajaan Pajajaran. Nu ngaprabon di éta karajaan téh jujulukna Prabu Siliwangi. Kagungan putra pameget, satria pinilih tanding ngaranna Prabu Kian Santang. Prabu Kian Santang dijenengkeun wakil ku ramana di éta karajaan, jujulukna Gagak Lumayung.
Dumasar kana sempalan carita babad di luhur, Anu ngaprabon Karajaan Pajajaran téh nya éta ....
Prabu Siliwangi
Prabu Kian Santang
Gagak Lumayung
Bagus Daka
Garantang Sétra
Baca sempalan babad ieu di handap!
Prabu Hayam Wuruk kacida bungahna. Cita-cita palay migarwa Déwi Citraresmi, sakedap deui bakal kalaksanakeun. Harita kénéh buru-buru maréntahkeun Patih Gajahmada, supaya siap-siap pikeun mapag calon pangantén istri. Ngan naha atuh dasar Gajahmada, sohor sombong, paréntah rajana langsung ditolak. Alesanana, dibandingkeun jeung Majapait, nagara Galuh Pakuan ukur nagara leutik.“Leuwih hadé Sri Baduga Maharaja langsung masrahkeun anakna,” Cenah. “Anggap waé Déwi Citraresmi téh upeti, sakalian némbongkeun yén Karajaan Galuh Pakuan taluk ka Majapait, saperti nagara-nagara séjénna.” Bisa jadi lantaran kapangaruhan, Prabu Hayam Wuruk satuju kana pamadegan Patih Gajahmada. Ti dinya gancang ngirimkeun utusan, eusina persis sakumaha omongan Patih Gajahmada.
Watek Prabu Hayam Wuruk anu kagambar dina carita di luhur nyaéta....
teu boga pamadegan
gedé hulu
daréhdéh
handap asor
wijaksana
Dihandap anu teu kaasup kana conto carita babad nyaeta ....
Babad Cirebon
Babad Pajajaran
Babad Siliwangi
Babad Cianjur
nu teu termasuk sifat carita babad nyaeta ....
Religio – Magis (Ngandung unsur kepercayaan)
Lokal (Kadaerahan)
Raja – Kultus (Ngagungkeun luluhur)
jalan caritana teu jelas
