wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT Bahasa Sunda Kls 7

Total questions: 45

Worksheet time: 2hrs 35mins

Name
Class
Date
1.

Dongéng nyaéta …

a)

carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok

b)

carita nyata anu dicokot tina kahirupan sapopoé

c)

carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana panjang

d)

riwayat hirup hiji jalma

2.
Dongéng téh sumebarna ti hiji jalma ka jalma liana, sarta mimiti gelarna dina wangun…
a)
tulisan
b)
lisan          
c)
naskah
d)
prasasti
3.
Nu teu kaasup ciri-ciri dongéng nyaéta …
a)
wangunna parondok
b)
eusina ngandung atikan moral
c)
nyaritakeun proses nyieun barang
d)
sumebarna sacara lisan
4.

Dongéng téh karya balaréa, hartina tara kanyahoan saha nu ngarangna sok disebut ogé…

a)

antonim     

b)

. akronim

c)

anonim

d)

pantomim

5.
Dumasar kana eusina dongéng dibagi jadi …
a)
sapuluh
b)
salapan
c)
dalapan
d)
tujuh
6.
Dongéng nu nyaritakeun paripolah sasatoan disebut ogé….
a)
label          
b)
fabel 
c)
mebel
d)
kabel
7.
Nu teu kaasup dongéng sasatoan nyaéta…
a)
Sasakala Situ Bagendit
b)
Sakadang Kuya jeung Peucang
c)
Bango jeung Keuyeup        
d)
Sakadang Monyét Maok Cau
8.
Dongéng Sasakala nyaéta dongéng…
a)
nu nyaritakeun paripolah sasatoan
b)
nu nyaritakeun kajadian nu ngandung sajarah
c)
nu nyaritakeun paripolah jalma biasa
d)
nu nyaritakeun asal-muasal hiji tempat
9.
Dongéng Prabu Siliwangi kaasup dongéng…
a)
fabel          
b)
sage           
c)
parabel
d)
mite
10.
Dongéng nu eusina mangrupa tuladan pikeun manusa disebut...
a)
piuntungeun           
b)
pieunteungeun
c)
pibuntungeun         
d)
pibeuteungeun
11.
Dongéng diwangun ku unsur intrinsik jeung ekstrinsik, nu kaasup unsur intrinsik nyaéta..
a)
sikep          
b)
asal-usul pangarang
c)
kaayaan
d)
palaku
12.
Runtuyan kajadian anu miboga hubungan sabab akibat dina unsur intrinsik dongeng disebut…
a)
tema          
b)
palaku        
c)
galur          
d)
amanat
13.
Ajaran moral atawa pesen anu ditepikeun pangarang dina hiji carita disebut ogé..
a)
tema          
b)
palaku
c)
galur          
d)
amanat
14.

Unsur nu aya di saluareun carita nu mangaruhan eusi karangan disebut ogé...

a)

unsur intrinsik

b)

unsur ekstrinsik

c)

internal

d)

informal

15.
Sajak atawa puisi kaasup karya sastra dina wangun...
a)
bébas         
b)
Ugeran (kaatur)
c)
pupuh
d)
dongéng
16.
Dina ngarang sajak loba kecap-kecap pilihan, sok disebut ogé...
a)
diksi          
b)
diskusi
c)
didik          
d)
kondusif
17.
Maca sajak dilisankeun (ditalar) dihareupeun umum, dipasieup ku peta/gerak anggota badan disebut...
a)
déklamasi
b)
demonstrasi
c)
dedikasi
d)
dehidrasi
18.
Gaya basa Ngupamakeun atawa ngabandingkeun hiji barang anu sipatna nembrak, contona...
a)
Sora jangkrik ngabangingik tengah peuting
b)
Bulan nyumput tukangeun mega
c)
Ombak tingsuruwuk silih udag di basisir
d)
Manehna jeung adina sok paséa waé kawas ucing jeung anjing
19.
Asa ditonjok congcot, hartina...
a)
meunang kasedih
b)
meunang kabungah
c)
meunang kakesel
d)
meunang kasieun
20.
Gaya basa nu nuduhkeun kaayaan jempling nyaéta…
a)
kawas bueuk meunang mabuk         
b)
kawas gaang katincak          
c)
lir dipupul bayu
d)
kawas ucing jeung anjing
21.
Daun kalapa ngagupayan ka nu rek mulang. Gaya basa ieu kaasup gaya basa…..
a)
ngupamakeun         
b)
ngaiibaratkeun        
c)
ngabandingkeun
d)
mijalma
22.

Kuring mios ka sakola. Ustadz Heri gé …. ka sakola. Kecap nu bener dilarapkeun nyaéta…

a)

indit           

b)

berangkat

c)

angkat

d)

pergi

23.

Pun bapa teu damang tos tilu dinten, abdi gé geus tilu poé ...

a)

udur           

b)

gering

c)

muriang

d)

ngaringkuk

24.

Ustadz nyerat dina papan tulis, kuring gé … dina buku

a)

dahar         

b)

mandi

c)

diuk           

d)

nulis

25.

Zaid isuk kénéh datang ka sakola, Ustadz Ook gé … énjing kénéh ka sakola.

a)

datang

b)

jol 

c)

dongkap     

d)

sumping

26.

Pun bapa … sareng lauk pais, kuring gé dahar pais lauk.

Kecap nu merenah nyaéta…

a)

emam        

b)

tuang         

c)

sasarap

d)

nyatu

27.

Alika keur nulis dina buku, di payun ustadzah nuju ... dina papan tulis.

a)

nyarios

b)

tatih           

c)

nyerat

d)

calik

28.
Mun tilawah di mushola kudu tartib jeung …. Kecap nu merenah pikeun kalimah ieu…
a)
khusyu
b)
ribut           
c)
jempling
d)
cicing
29.
Sirah lemesna……
a)
mastaka
b)
damis         
c)
lambey     
d)
angkeut
30.
Lemesna biwir nyaéta…….
a)
mastaka     
b)
damis         
c)
lambey   
d)
angkeut
31.

Punday teh lemesna tina…

a)

cangkeng   

b)

beuteung    

c)

leungeun

d)

taktak

32.

Patuangan teh lemesna tina…

a)

beuteung

b)

cangkeng   

c)

leungeun    

d)

taktak

33.

Bitis lemesna…

a)

wentis

b)

paha          

c)

sampean

d)

tuur

34.

Imah kuring mah di Perum Purnawira, ... Ustadzah mah di Baros. Kecap nu merenah pikeun ngeusiannana  nyaéta …

a)

bumi          

b)

saung

c)

kandang

d)

gedong

35.

Urang mah éra mun meunang peunteun leutik téh. Lemesna éra nyaéta…

a)

sieun          

b)

saé

c)

kirang

d)

isin

36.
Alus nya, mun urang make basa Sunda nu sopan jeung babaturan. Lemesna alus nyaéta…
a)
sieun          
b)
saé
c)
kirang
d)
isin
37.

Nu lain tatakrama ka nu leuwih kolot nyaéta…

a)

kudu hormat ka saluhureun

b)

mantuan sanajan teu dipenta

c)

nitah pangnyokotkeun barang

d)

nyebut teteh atawa akang

38.

Poé basa indung sadunya nyaéta poé miéling dipakéna basa asli hiji wewengkon, waktuna nyaeta ...

a)

21 Februari

b)

14 Februari

c)

22 Februari

d)

22 Februari

39.

Gawéan dua peuting téh gening jadina anggeus ogé sok sanajan loba nyita waktu. Alhamdulillah.

Gambaran kalimah di luhur bisa kakeunaan ku paribasa...

a)

aya jurig tumpak kuda

b)

asa gaang katincak

c)

asa bucat bisul

d)

asa kagunturan madu kaurugan menyan

40.

Sadérék rieut mastaka? Landongan ku Panadol, pasti damang! Wacana di luhur disebut…

a)

Wawaran

b)

Warta

c)

Béja

d)

Iklan

41.

Tataan deui naon waé papasingan dongéng téh!

4 lines
42.

Jieun 3 kalimah anu ngandung kecap anteuran!

4 lines
43.

Tulis ungkara ieu di handap ngagunakeun aksara sunda!

“Mipit kudu amit ngala kudu menta”

4 lines
44.

Lengkepan pupujian ieu!

Ari bilangan taunna Lima ratus cariosna

……………………

……………………

Siti Aminah misaur Waktos babarna kacatur

………………………

………………………

4 lines
45.

Naon bédana istilah puisi jeung sajak?

4 lines