WorksheetsUH 2
Total questions: 20
Worksheet time: 59mins
Carita babad nyaéta dongéng nu ngandung unsur sajarah. Nilik kana eusina, nu teu kaasup kana carita babad nyaéta ……
Syéh Kuro muji sukur ka Allah nu Maha Agung lantaran Sang Prabu Siliwangi geus dipaparin hidayah tepi ka ngagem agama Islam.
Orok dicandak ku Ki Géndéng Kemuning sarta ti harita lembur tempat Ki Géndéng Kemuning téh disebut Kuningan.
Bakat ku hanaang, Si Aki antukna ngali taneuh, nyieun sumur. Can gé jero ngalina, ana burial téh kaluar cai. Nya tiis nya hérang canembrang.
Sanggeus urang Pajajaran anut Islam, Kéan Santang terus ngaislamkeun jelema-jelema di pagunungan, nepi ka basisir kidul.
Harita téh Sumedang rék dirurug ku wadyabala Cirebon. Ari sababna, Pangéran Geusan Ulun ngiwat Ratu Harisbaya, istri Pangéran Girilaya. Méméh ngarurug nempuh Sumedang, wadyabala Cirebon téh reureuh heula, ngarumpul di tempat anu suni.
(1) Cunduk kana waktosna Putri Cina ngalahirkeun. (2) Brol ngalahirkeun. (3) Putri Cina téh ngalahirkeun bokor kuningan. (4) Sunan Jati pok sasauran, “Henteu umum aya jelema ngalahirkeun bokor, lamun hiji jalma tangtuna ogé nu kaluarna téh orok”. (5) Réngsé Sunan Jati sasauran, bokor kuningan leungit sapada harita, janggélék jadi orok kasép.
Kajadian nu pamohalan aya dina kalimah nomor ……
(1) jeung (2)
(2) jeung (3)
(3) jeung (4)
(3) jeung (5)
(4) jeung (5)
Cunduk kana waktosna Putri Cina ngalahirkeun. Brol ngalahirkeun. Pada kagét sadayana, Putri Cina téh ngalahirkeun bokor kuningan. Sunan Jati pok sasauran, “Henteu umum aya jelema ngalahirkeun bokor, lamun hiji jalma tangtuna ogé nu kaluarna téh orok”. Réngsé Sunan Jati sasauran, bokor kuningan leungit sapada harita, janggélék jadi orok kasép.
Kaayaan (latar suasana) dina carita téh ngagambarkeun kaayaan nu ……
Pikabungaheun
Pikasediheun
Pikareuwaseun
Pikaséwoteun
Pikarunyaeun
“Aya nu hayang ditepikeun ka Paman téh. Ceuk selenting béja, di Karawang aya hiji guru anu ngadegkeun pasantrén sarta nyebarkeun agama anyar. Éta guru téh ngaranna cenah Syéh Kuro, asalna ti Nagri Campa. Naha Paman geus apal?”
Ngadéngé Sang Prabu nanya kitu, Patih Tambirasa pohara reuwasna. Kakara harita manéhna ngadéngé éta béja téh. Nu matak Ki Patih ngeluk baé, ngarasa éra pédah asa kacolongan, kapiheulaan terang ku Sang Prabu ngeunaan kaayaan di nagri Pajajaran.
Patih Tambirasa ngarasa reuwas sabab ……
Sabab ditanyaan ku Prabu Siliwangi.
Sabab aya hiji guru anu ngadegkeun pasantrén sarta nyebarkeun agama anyar.
Sabab ngadéngé ngaran Syéh Kuro nu asalna ti Nagri Campa.
Sabab kakara harita manéhna ngadéngé éta béja téh.
Sabab asa kacolongan, kapiheulaan terang ku Sang Prabu ngeunaan kaayaan di nagri Pajajaran.

Patih Tambirasa ngarasa éra sabab ……
Sabab ditanyaan ku Prabu Siliwangi.
Sabab aya hiji guru anu ngadegkeun pasantrén sarta nyebarkeun agama anyar.
Sabab ngadéngé ngaran Syéh Kuro nu asalna ti Nagri Campa.
Sabab kakara harita manéhna ngadéngé éta béja téh.
Sabab asa kacolongan, kapiheulaan terang ku Sang Prabu ngeunaan kaayaan di nagri Pajajaran.
Prabu Maharaja téh Raja Sunda nu palastra di Bubat. Nalika Prabu Maharaja pupus, putrana nu sakuduna ngaganti ramana nyaéta Niskala Wastu Kancana nembé 9 taun. Ku kituna, dina ngalaksanakeun pamaréntahanana diwalian ku pamanna, Hiyang Bunisora nu nyangking kalungguhan mangkubumi tur gelarna Mangkubumi Suradipati. Diwalianna téh ti taun 1357-1371. Ti taun 1371 mah Prabu Nisakala Wastu Kancana ngalaksanakeun pamaréntahan ku anjeunna, sabab pamanna tilar dunya.
Sabaraha taun Hiyang Bunisora atawa Mangkubumi Suradipati ngawalian Prabu Niskala Wastu Kancana?
10 taun
11 taun
12 taun
13 taun
14 taun
“Wah moal kaduga yeuh mawana,” pikirna. Tuluy waé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan sina balik tiheula sorangan.
Dumasar kana caritana, éta dongéng téh mangrupa jenis dongéng ......
Sasatoan
Sasakala
Jalma biasa
Sajarah
Mitos
Dongéng téh karya balaréa, lantaran teu kanyahoan saha nu ngarangna, atawa dina istilahna sok disebut ……
Anonim
Sinonim
Antonim
Homonim
Akronim
Upama nilik kana eusina, nu kaasup kana dongéng manusa biasa (parabel) téh nyaéta ……
Hiji waktu Walangsungsang nepangan guruna di Gunung Jati, nyaéta Syéh Nurrul Jati. Ku anu janten guru, Walangsungsang dipiwarang énggal-énggal munggah haji ka Tanah Suci.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan léb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh nu araya di dinya kacida ributna. Jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé.
Caritana éta dua sobat téh geus marelak cau. Sakadang Kuya mah melak cau téh anakna, ari Sakadang Monyét mah melak jantungna.
Ti harita Si Kabayan téh kapokeun tara daékeun deui hitut di mana waé. Komo di areupeun urang Walanda mah. Mun sakalieun hayang hitut, sok ditahan sataker tanaga.
Hiji mangsa ibuna angkat ka kuburan Nyi Putri, nu ayana handapeun tangkal jambé gedé. Basa keur menekung, ngadadak upih jambé sinagar téh nyorolok ragrag ninggang kana tonggongna, nepi ka gorowong, les kapaéhan. Ari inget, geus jadi kuntianak.
Sanaos kitu anjeunna tetep panasaran, palay tepang sareng satria nu dijangjikeun téa. Cai laut teras diubek, niat milarian satria. Éta sababna pangna laut kidul kasohor gedé ombakna. Lantaran hayoh waé diubek ubek ku Nyi Roro kidul.
Dumasar caritana, éta dongéng téh kaasup kana dongéng ……
Sasatoan (fabel)
Legénda (sasakala)
Sajarah (sagé)
Manusa biasa (parabel)
Mitos (mite)
Dongéng “Sasakala Hayam Kongkorongok Subuh” nyaritakeun ngeunaan asal-usul ……
Sasatoan
Tempat
Barang
Sajarah
Tutuwuhan
Conto dongéng sasatoan (fabel) nyaéta ……
Maung kajajadén
Kuda hadé budi
Si Kabayan ngala lauk
Sasakala gunung tangkuban parahu
Sasakala gagak buluna hideung
Hiji poé aya aki-aki jeung nini-nini nyampeurkeun ka Dalem Boncél. Teu sangka-sangka, aki-aki jeung nini-nini ngaku indung bapana Dalem Boncél. Harita kénéh éta nini-nini jeung aki-aki diusir ku Dalem Boncél.
Genep sasih ti harita, Dalem Boncél katarajang ku panyakit arateul. Sadaya ubar nu aya teu bisa nyageurkeun panyawatna. Dina manahna anjeuna ngangken yén pangna ngadak-ngadak teu damang téh karena doraka ka kolotna.
Amanat tina dongéng Dalem Boncél nyaéta ……
Ulah éra ngangken (ngaku) ka kolot najan sakumaha baé kaayaanana, bisi doraka.
Ulah ngaganggu anak nu keur sibuk, komo éta saurang Dalem (Bupati)
Ulah ngaku-ngaku ka jalma teu kenal, bisi diusir
Ulah nyebarkeun panyakit
Ulah ngusir jalma
Hiji poé aya aki-aki jeung nini-nini nyampeurkeun ka Dalem Boncél. Teu sangka-sangka, aki-aki jeung nini-nini ngaku indung bapana Dalem Boncél. Harita kénéh éta nini-nini jeung aki-aki diusir ku Dalem Boncél.
Genep sasih ti harita, Dalem Boncél katarajang ku panyakit arateul. Sadaya ubar nu aya teu bisa nyageurkeun panyawatna. Dina manahna anjeuna ngangken yén pangna ngadak-ngadak teu damang téh karena doraka ka kolotna.
Dalem Boncél téh miboga watek nu ……
Sombong
Sabar
Wantéran (wanian)
Wijaksana
Jujur
Hiji poé aya aki-aki jeung nini-nini nyampeurkeun ka Dalem Boncél. Teu sangka-sangka, aki-aki jeung nini-nini ngaku indung bapana Dalem Boncél. Harita kénéh éta nini-nini jeung aki-aki diusir ku Dalem Boncél.
Genep sasih ti harita, Dalem Boncél katarajang ku panyakit arateul. Sadaya ubar nu aya teu bisa nyageurkeun panyawatna. Dina manahna anjeuna ngangken yén pangna ngadak-ngadak teu damang téh karena doraka ka kolotna.
Dongéng Dalem Boncél méh (hampir) sarua caritana saperti dongéng ……
Sasakala gunung tangkuban parahu
Sasakala situ bagendit
Si Kabayan
Lutung kasarung
Malin Kundang
Manéhna dahar heula ............ indit ka sakola téh.
Kecap panyambung nu merenah pikeun ngalengkepan éta kalimah nyaéta .......
jeung
atawa
saméméh
sabab
sangkan
Tanggal 5 Oktober téh rék aya 2 acara di sakola, nyaéta acara ulang taun sakola ......... miéling maulid nabi Muhammad SAW.
Kecap panyambung nu merenah pikeun ngalengkepan éta klimah nyaéta .......
jeung
atawa
tapi
sabab
sangkan
Ari hidep resep maké sendal capit ......... selop?
Kecap panyambung nu merenah pikeun ngalengkepan éta kalimah nyaéta ........
jeung
tapi
sarta
atawa
lamun
Dina jaman Pajajaran dirajaan ku Prabu Siliwangi, sakuliah Pulo Jawa ngagem kénéh agama Hindu, ............ di sawatara tempat di basisir mah geus mimiti aya nu nganut agama Islam.
Kecap panyambung nu merenah pikeun ngalengkepan éta kalimah nyaéta .........
jeung
lamun
tapi
atawa
sabab
Bédana babad jeung dongéng nyaéta ......
Babad nyaritakeun tokoh nu ngandung unsur sajarah, sedengkeun dongéng nyaritakeun tokoh rékaan jijieunan pangarang.
Babad nyaritakeun sajarah baheula nu ngandung unsur-unsur fakta, sedengkeun dongéng ngandug unsur pamohalan.
Babad nyaritakeun tokoh-tokoh nu sakti, sedengkeun dongéng nyaritakeun jalma biasa.
Babad nyaritakeun tokoh jijieunan pangarang, sedengkeun dongéng nyaritakeun tokoh nu ngandung unsur sajarah.
Babad nyaritakeun sajarah nu ngandung unsur pamohalan, sedengkeun dogéng nyaritakeun fakta.