Worksheetspost test carpon
Total questions: 10
Worksheet time: 12mins
Mangsa manéhna tilar dunya, sakampung, sadésa, sakacamatan, sakota, nginghak balilihan. Ngaleut ngabandaleut nu nyolatkeun jeung milu ngurebkeunana. Ti malam kahiji nepi ka natusna. Rabeng doa dina tahlilalana.
Amanat dina sempalan carpon di luhur nyaéta ….
Lantaran Sang Merebot anu miboga watek wijaksana loba nu mikanyaah jeung loba nu ngadu’akeun
Sang Merebot nu teu weléh ngadulag nepika subuh
Kudu jadi jalma nu bageur tur loba méré mangpaat ka balaréa
Kudu jadi jiga Sang Merebot anu sok ngahudangkeun sakampung ku cara ngadulag satarik-tarikna
Sang Merebot anu teu weléh ngajarkeun ngadulag ka manéhna
Di Swiss, kulit dulag nu soék ku kuring diganti ku kulit sapi. Diganti deui ku kulit kuda sébra basa di Sudan. Diganti deui ku kulit macan Amazon, diganti deui ku kulit domba basa nganjang ka Australia. Diganti deui ku kulit munding basa jalan-jalan di Vietnam.
Sempalan carpon di luhur, ngagambarkeun unsur intrinsik ….
tema
galur
latar waktu
latar tempat
amanat
Ceuk indung, mun kuring ceurik tuluy ngadéngé sora dulag, sok eureun ceurikna. Basa keur bilatung dulang, kuring resep ningali merebot nakol dulag. Mangsa balég tampélé balik liliwetan jeung ki sobat, kuring sok saré di masjid. Nyegrék pisan kahudangkeun téh ku sora dulag tarik naker anu ditakol ku Sang Merebot, kulantaran kuring sok aya dina jero dulagna.
Sempalan carpon di luhur, ngagambarkeun unsur intrinsik …
Tema
galur
watek palaku
amanat
latar
Unggal inget ka manéhna, komo mun malem lilikuran nepi ka malem lebaran, kuring sabatur-batur sok piligenti ngadulag, minangka pangéling-éling kana jasa-jasana. Nginget-nginget cara nitirna. Cara nakolna. Kitu deui haleuang adanna. Kuring ngadulag lain hayang dikeprokan. Lain hayang dipuja-puji. Kuring ngadulag minangka pangéling-éling keur Sang Merebot. Itung-itung du’a. itung-itung ngondang sawarga jeung manéhna.
Watek palaku utama dina carpon diluhur nyaéta ….
Borangan
wanteran
baragajul
calakan
calutak
Titénan kalimah di handap ieu! Mana nu kaasup kana kalimah langsung ….
Si Narsim nu masih murid SMP nu umurna can sawawa, manéhna geus disanghareupkeun kana kahirupan nu motah lir galura laut kidul
Saur Bapa, dinten ieu aya hajatan di imah si Udin
“Bapa manéh teu ninggalan nanaon ka urang, wayahna manéh kudu daék usaha”, ceuk indung bari ngaput baju nu geus saroék
Layung nu geus mimiti surup. Si Galuh masih kénéh di jalan ngacung-ngacungkeun koran
Aki Merebot nu geus kasohor ka mana-mana kamari tilar dunya
c.
jang Amin sok loba ulin ka luar. manehna teu betah cicing di imah. babasan nu luyu jeung kalimah di luhur nyaeta ....
murag bulu bitis
hejo tihang
beurat birit
hampang birit
hampang leungeun
lamun jadi jelema ulah sok pipilueun batur. lataran batur mah sok hayang urang cilaka. tungtungna indung bapa nu kababawa.
kalimah diluhur luyu kana paribasa?
ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salebak
mihape hayam ka heulang
kaciwit kulit kabawa daging
cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
hampang leungeun
adian mah budak bageur. mun di kelas teh daekan pisan. kalimah diluhur luyu kana babasan
hampang birit
hampang leungeun
beurat birit
miyuni kembang
hejo tihang
di handap ieu mana nu ka asup kana unsur ekstrinstik
tema
amanat
kasang tukang penulis atawa latar belakang penulis
galur
palaku
harti tina babasan hade gogog hade tagog nyaeta....
hade paripolah, hade tingkah lakuna
pipilueun batur
tukang pundah-pindah
sombong
calakan
