WorksheetsPAS B.Sunda Kls 7 SMT 1
Total questions: 40
Worksheet time: 2hrs 0mins
Paguneman teh asalna tina kecap gunem. Gunem hartina nya eta ... .
silihrangkul
siihtempas
silihtajong
silihcatur
Paguneman hartina wangkongan atawa ... .
obrolan
tulisan
lisan
gambaran
Salman: ”Asalamualaikum.”
Aang : Waalaikumsalam, euh ja Salman, aya naon man?”
Salman : Puguh kami ngahaja ka Aang endeuk
ngajak ka museum.”
Aang :“Museum? Museum naon man.”
Salman :“Ka Museum Multatuli di Rangkasbitung.Siswa SMP sejen mah mani loba nu geus kaditu teh.”
Aang : Aya naon wae cenah di museum teh?”
Salman : “Loba jasa. Aya para bupati Lebak,aya peta jaman VOC,miniatur parahu Pinisi,jeung buku-buku heubeul.” Saha palaku obrolan di luhur teh….
Budak SMP
Bupati Lebak
Aang jeung Salman
Aang jeung museum
Obrolan antara Aang jeung Salman teh nyaritakeun naon……
Kaayaan budak sakola
Kaayaan Museum Multatuli
Jaman Kolonial
Kota Rangkasbitung
Baca sing regep paguneman di handap ieu!
Wandi : "Nepangkeun, abdi Wandi.
Kuring : "Oh, sami atuh, nepangkeun abdi Risyad, nu ieu Yusup, itu Cintya, itu Jatmika,"
Jatmika : "Nepangkeun abdi Jatmika."
Cintya : "Nepangkeun abdi Cintya."
Ragam basa nu dipake dina paguneman di luhur teh, nyaeta ...
basa sedeng atawa wajar
basa hormat
basa kasar
basa loma
Baca sing regep paguneman di handap ieu!
Wandi : "Nepangkeun, abdi Wandi.
Kuring : "Oh, sami atuh, nepangkeun abdi Risyad, nu ieu Yusup, itu Cintya, itu Jatmika,"
Jatmika : "Nepangkeun abdi Jatmika."
Cintya : "Nepangkeun abdi Cintya."
Sikap Wandi dina ungkara paguneman di luhur, asup kana ...
sabar
heuras genggeurong
gede ambek
teu kaopan
Baca sing regep paguneman di handap ieu!
Wandi : "Nepangkeun, abdi Wandi.
Kuring : "Oh, sami atuh, nepangkeun abdi Risyad, nu ieu Yusup, itu Cintya, itu Jatmika,"
Jatmika : "Nepangkeun abdi Jatmika."
Cintya : "Nepangkeun abdi Cintya."
Sanajan bener Wandi kasebut jelema cukup, manehna ...
gede hulu
adigung
teu sombong
hejo cokor
Baca sing regep kalimah di handap ieu!
Kabatur teh ulah sok resep ...
moyok
dipoyokan
dipoyok
popoyok
Baca sing taliti kalimah di handap ieu!
Gobag sodor mah ... kaulinan anu asalna ti wewengkon Jawa Barat.
Kalimah di luhur bisa dilengkepan make kecap ...
sarupa
mangrupa
mirupa
dirupakeun
Baca sing taliti kalimah di handap ieu!
Kaulinan gobag sodor sarua jeung galah sodor atawa sok aya deui anu ... galah sumber.
Kalimah di luhur bisa dilengkepan make kecap ...
nyebutkeun
sebut
disebutkeun
nyebut
Baca sing taliti kalimah di handap ieu!
Dina kaulinan "ambil-ambilan mah" , barudak teh sok pantay-antay bari ... taktak.
Kalimah di luhur bisa dilengkepan make kecap ...
nyekelan
dicekel
dicekelan
silihcekel
Baca sing taliti kalimah di handap ieu!
Hayam samantu teh sarua jeung hayam ...
Kalimah di luhur bisa dilengkepan make kecap ...
linghas
jago
bikang
leuweung
Kecap pahatu teh hartina budak anu geus teu boga ...
dulur
bapa
indung
indung jeung bapa
Baca sing taliti kalimah di handap ieu!
Eta budak teh cenah rek diambil, purah ngejo.
Kecap ngejo teh hartina ...
ngagoreng dengeuna
ngasakan sayur-sayuran
ngasakan sangu jeung dengeuna
ngasakan sangu
Kalimah nu eusina mere nyaho kanu sejen, disebutna ...
kalimah pananya
kalimah panyeluk
kalimah panitah
kalimah wawaran
Harti ungkara "marebutkeun paisan kosong", nyaeta ...
mertahankeun hal-hal nu tayaa hartina
marebutkeun hal-hal nu teu aya juntrunganana
mertahankeun bebeneran
marebutkeun bebeneran nu geus pasti
Kaulinan congkak jumlah pamaena aya ... urang
dua
opat
dalapan
lobaan
Peso nu gunana pikeun ngarautan awi atawa barang sejena disebut ...
peso tikel
peso raut
peso dapur
peso balati
Pupujian sok disebut ogé ....
Sajak
Nadom
Puisi
Dongéng
Geuning maot ngadodoho,
boro sok dipoho-poho,
Padalisan ka dua diwangun ku .... engang
7
8
9
10
Pupujian téh pangaruh tina sastra ....
Sunda
Indonesia
Arab
Inggris
Éling-éling dulur kabéh,
ibadah ulah campoléh,
beurang peuting ulah weléh,
bisina kaburu paéh.
Disawang tina eusina, pupujian di luhur ka asup ....
Muji ka Gusti Allah
Ajaran agama
Do'a jeung Tobat ka Pangéran
Pépéling
Pupujian biasa dihaleuangkeun bari ngadagoan ....
Solat mayit
Solat berjamaah
Solat gerhana
Solat Ied
Di handap ieu ngaran-ngaran panyajak Sunda, iwal ....
Godi Suwarna
Juniarso Ridwan
Ridwan Kamil
Ajip Rosidi
Kuring meunang élmu ti sireum
rampak babarengan ngagotong layon baturna
Silih tanya sasalaman lamun patepung
(sempalan sajak 'Guguru ka Sasatoan' karya Rina Héryani)
Maksud élmu ti sireum nu bisa diconto ku manusa nya éta ....
Kudu sasalaman unggal panggih jeung saha waé
Kudu ilih tulungan dina hal nu bener jeung hal nu salah
Kudu kompak, akur jeung sasama, silih tulungan dina hal nu bener
Kudu kompak néangan kadaharan babarengan
"Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét" ka asup kana dongéng ....
Sasatoan
Sasakala
Sajarah
Jalma biasa
Dongéng "Sasakala Gunung Geulis" nyaritakeun ngeunaan asal-usul ....
Hiji barang
Sasatoan
Tempat
Pacaduan
Dongéng téh ka asup karya balaréa, lantaran ....
Anu ngarangna lobaan
Ngarangna babarengan
Kanyahoan anu ngarangna
Teu kanyahoan anu ngarangna
Di handap ieu hal-hal anu kudu diperhatikeun dina prakna ngadongéng, iwal ....
Ngagunakeun sora anu laun
Wirahma luyu jeug ungkara anu dikedalkeun
Ngedalkeun kekecapan béntés
Sikep sawajarna, henteu kaleuleuwihi
2. nurutkeun susunan basana, dongeng kaasup kana wangun
kantun
prosa
puisi
sajak
Kalimah nu nuduhkeun kalimah aktif, nyaéta ....
Congklak tina kai dijieun ku bapa.
Surat ijin keur diserat ku Sinta.
Kembang ros keur dipélak ku Ani.
Ani keur meuli sayur di pasar.
Kalimah nu nuduhkeun kalimah pasif, nyaéta ....
Ucing keur ngudag beurit.
Bal disépak ku Yana.
Sari nyetrika baju seragam.
Bapa keur ngetik laporan dina léptop.
Kecap nyieun mangrupakeun kecap aktif, diubah kecap pasif jadi ....
nyieunan
dijieun
jieunan
ngajieun
Dihandap ieu kaasup conto kecap sangaran/sinonim nyaéta ....
Gedé x Leutik
Benghar x sangsara
Wawuh x wawoh
Salam x Koneng
Dihandap ieu kaasup conto antonim nyaéta .....
Gedé x Leutik
Wawuh x wawoh
Salam
Benghar
“Punten Wan, pangyandakkeun buku basa Sunda dina kantong!”
Nilik kana gunana éta kalimah téh kaasup kana kalimah
Paménta
Panitah
Panyarék
Pangjurung
Ieu di handap omongan anu henteu kaasup kana kalimah paréntah nyaéta
Sampurasun!
Mangga ka lebet!
Teu kénging calik di dinya!
Antosan sakedap nya!
Arya : "Assalamualaikum!"
Pa Ali : "Waalaikumsalam Warohmatullohi Wabarokatuh. Éh, Arya. Aya naon, Ya?"
Arya : “Punten Pa, dinten énjing abdi moal tiasa …. ka sakola."
Pa Ali : "Naha? Gering Arya téh?"
Arya : "Henteu, mung aya kaperyogian."
Kecap anu pangmerenahna pikeun ngalengkepan bagian kalimah anu dikosongkeun nya éta ….
Indit
Angkat
Miang
Mios
jelema anu babari ceurik sok disebut
ipis biwir
panjang lengen
hujan cipanon
lesang kuras
Lingkung lembur téh istilah pikeun sora.... hayam jago anu hadé.
a. Kongkorongok
b. Sesegrok
c. Babaung
d. Ngagaur
