wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BAHASA SUNDA_XII_SEMESTER 1

Total questions: 50

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Jejer sarua jeung……..

a)

Ngadongeng

b)

Carita

c)

Nyaritakeun

d)

Ngobrol

e)

Synopsis

2.

Intrinsik wayang nyaeta unsur anu aya ……

a)

Di luhur carita

b)

Di handap carita

c)

Di luar carita

d)

Di sisi carita

e)

Di jero carita

3.

Ekstrinsik wayang nyaeta unsur anu aya dina ……

a)

Di luhur carita

b)

Di handap carita

c)

Di luar carita

d)

Di sisi carita

e)

Di jero carita

4.

Dina pagelaran wayang lian ti dalang anu ngawayang, aya tukang nabeuh gamelan anu disebut ....

a)

Sinden

b)

Dalang

c)

Gugunungan

d)

Nayaga

e)

Juru alok

5.

Babon (induk/sumber) carita wayang golek asalna ti India tina carita ....

a)

Rama jeung sinta

b)

Pandawa jeung kurawa

c)

Mahabarat jeung Ramayana

d)

  Rama jeung yana

e)

   Pandwa jeung Ramayana

6.

Cara ngigel jeung merangkeun wayang dina pagelaran wayang disebut....

a)

Kakawen

b)

Garap

c)

Antawacana

d)

Murwa

e)

Nyandra

7.

Carita Mahabarata mangrupakeun carita ti India anu dikarang ku ....

a)

Wiyasa

b)

Mpu walmiki

c)

Rahwana

d)

Wirasa

e)

Mpu tantular

8.

Carita Ramayana mangrupakeun carita ti India anu dikarang ku ....

a)

Wiyasa

b)

Mpu walmiki

c)

Rahwana

d)

Wirasa

e)

Mpu tantular

9.

Dina carita wayang di urang, utamana anu dipagelarkeun dina wayang golék, sok kapanggih tokoh Semar, Cepot, Dawala, jeung Garéng, anu sok disebut ogé tokoh...

a)

Dagelan

b)

Pangiring

c)

Setiakawan

d)

Punakawan

e)

Bodoran

10.

Asupna épik Ramayana jeung mahabrata ka urang téh bareng jeung . . .

a)

Nyebarna agama islam di Nusantara

b)

Nyebarna agama hindu di nusantara

c)

Pagelaran wayang di nusantara

d)

Nyebarn agama budha di nusantara

e)

Para wali nu nyebarkeun di nusantara

11.

Waditra anu henteu kaasup nu dipake pikeun mirig dalang teh nyaeta . . .

a)

Bonang rincik

b)

Kenong

c)

Suling

d)

Goong

e)

Rebab

12.

Dina carita Mahabarata nu nyekel kaadilan jeung nu murka teh nyaeta....

a)

Pandawa jeung rahwana

b)

Pandawa jeung batara wisnu

c)

Rahwana jeung dasamuka

d)

Pandawa jeung kurawa

e)

Batara rama jeung dasamuka

13.

Carita wayang nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pegelaran wayang. Ari wayang téh robahan tina kecap ….

a)

Bayang

b)

Mayang

c)

Langlayangan

d)

Golek

e)

Rahma

14.

Wayang anu lalakonna digambar dina lawon disebut wayang...

a)

Purwa

b)

Lilingong

c)

Beber

d)

Wong

e)

Golek

15.

Dalang teh hartina jalma anu sok nyaritakeun jeung ngigelkeun wayang……..

a)

   Golek

b)

   Purwa

c)

   Kulit

d)

Klitik

e)

A, b, c, ,d bener kabeh

16.

Dina pawayangan aya nu disebut Perlaya. Perlaya artina……….

a)

Maot

b)

Pupus

c)

Paeh

d)

Tilas dunya

e)

A, b, c, d bener kabeh

17.

Alesan ngabahas topik pedaran sok ditulis dina bagian ...

a)

Bubuka

b)

Panutup

c)

Sampiran

d)

Eusi

e)

Manggalasastra

18.

Ieu di handap mangrupa hal anu aya dina bagian eusi pedaran, iwal ti ...

a)

Wujud jeung wangun objek

b)

Wanda atawa tipe objek

c)

Saran-saran

d)

Gunana objek

e)

Cara nyieun objek

19.

wangun pedaran anu eusina ngeunaan sawangan atawa pamadegan ngeunaan hiji hal nyaeta

a)

Argumentasi

b)

Narasi

c)

Eksposisi

d)

Deskripsi

e)

Ilustrasi

20.

tehnik nu dipake dina nulis pedaran ku cara neangan jeung nyieun papasingan eta perkara

a)

Identifikasi

b)

Definisi

c)

Klasifikasi

d)

Ilustrasi

e)

Komposisi

21.

adat atawa tradisi sunda nu aya sawer

a)

Puput

b)

Rebo wekasan

c)

Tahlilan

d)

Kawinan

e)

Lebaran

22.

naon ari karangan pedaran teh?

a)

karangan anu eusina medar hiji objek dumasar kana fakta

b)

karangan anu eusina medar hiji objek tur caritaan

c)

karangan anu eusina medar informasi

d)

karangan anu eusina ngeunaan caritaan hiji objek

e)

karangan anu erusina medar berita

23.

naon ari kecap rajekan teh?

a)

  kecap anu disingget-singget beda jeung kecap asalna

b)

kecap asal pikeun nyambungkeun kecap

c)

kecap panyambung pikeun kecap asal

d)

kecap nu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih tina kecap asalna

e)

kecap panambah

24.

Ngajen atawa meunteun kana hiji karya, saperti buku, film, atawa pintonan drama jeung musik (konser) disebutna ....

a)

apersepsi

b)

resensi

c)

kritik

d)

ekpresi

e)

esey

25.

ieu di handap hal-hal anu teu kaasup kana unsur-unsur resensi, nya eta ....

a)

nuliskeun identitas buku

b)

medar ngeunaan kaunggulan jeung kahengkeran eusi buku

c)

medar ngeunaan mangpaat buku keur bacaan balarea

d)

medar ngeunaan eusi buku

e)

nepikeun kaayaan pribadi nu ngarang buku

26.

resensi karya (buku, film) mibanda tujuan nu tangtu nya eta ....

a)

mikaweruh ngeunaan kaunggulan jeung kahengkeran anu diresensi

b)

bisa nyatetkeun hal-hal anu pikatajieun

c)

hayang ngaganti judul resensi

d)

sangkan hayang maca buku anu best seller jeung pipilueun batur

e)

bisa nyatetkeun hal-hal anu kurang dipikaresep

27.

mikaweruh kasang tukang jeung alesan digelarkeunna hiji karya mangrupa ....

a)

wanda resensi

b)

hal-hal nu kudu dicumponan dina resensi

c)

perluna resensi

d)

tujuan resensi

e)

lengkah rek nyusun resensi

28.

maparin gambaran ka pamaca atawa kanu rek lalajo ngeunaan hiji buku atawa film sacara singget mangrupa ....

a)

lengkah mun rek nyusun resensi

b)

sarat nu ngawengku dina ngaresensi

c)

wanda resensi

d)

perluna resensi

e)

tuuan resensi

29.

resensi anu ngulas wincikan buku kalawan ngagunakeun metodologi elmu kaweruh nu tangtu disebut ....

a)

kritis

b)

deskriptif

c)

ekspresif

d)

informatif

e)

manipulative

30.

resensi anu ditepikeun kalawan umum tur singget tina sagemblengna buku disebut ....

a)

kritis

b)

deskriptif

c)

ekspresif

d)

informatif

e)

manipulative

31.

aya sawatara lengkah mun rek nyusun resensi buku, iwal ti ....

a)

milih buku nu rek di resensi

b)

catet hal-hal pikatajieun jeung kurang pikaresepeun

c)

tulis hal-hal (pasualan) nu sipatna pribadi

d)

maca kalayan daria buku nu rek diresensi, sababaraha balikan

e)

tulis identitas buku nu rek diresensi

32.

bagean tina ulikan sastra anu nyaritakeun kalawan langsung karya sastra saperti nganalisis, napsirkeun, jeung ngajen karya sastra disebut ....

a)

apresiasi sastra

b)

kritik sastra

c)

artikel sastra

d)

  ekspresi sastra

e)

esey sastra

33.

ieu di handap anu teu kaasup kana raraga resensi film nya eta ....

a)

wanda film anu diresensi

b)

medar ngeunaan carita dina film, alur jeung tokohna

c)

mere tinimbang goreng dina eta film

d)

identitas film

e)

medar ngeunaan mangpaat film keur lalajoeun balarea

34.

ayana judul, pangarang, pamedal, taun terbit, kandel buku, warna jilid buku, jeung jenis kertas kaasup kana .....

a)

  raraga buku

b)

identitas buku

c)

alur carita

d)

wanda buku

e)

  eusi buku

35.

"catetkeun naon pandangan hidep, naha eta buku teh payus atawa henteu dibaca"

kecap payus miboga harti ....

 

a)

alus

b)

meujeuh

c)

kudu

d)

pantes

e)

hade

36.

"ngajen atawa mere tinimbangan alus gorengna karya sastra"

kecap ngajen miboga harti ....

a)

ngapresiasi

b)

saran

c)

nganilai

d)

meunteun

e)

napsirkeun

37.

sabada maca ieu novel, urang tangtu bakal "mikawanoh" kahirupan masarakat Sunda.

kecap mikawanoh miboga harti ....

a)

ngahartikeun

b)

nimbulkeun

c)

mikanyaho

d)

pikaresepeun

e)

pikanyaah

38.

ulah bosen ari diajar teh, sok sing leukeun da moal burung bisa. geuning ceuk paribasa ge ....

a)

banda tatalang raga

b)

  balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan

c)

cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok

d)

unggut kalinduan gedag kaanginan

e)

budak leutik bisa ngapung

39.

ide, gagasan, atawa jejer pikiran anu ngajiwaan carita disebut ....

a)

judul

b)

palaku

c)

galur

d)

tema (jejer)

e)

amanat

40.

Sempalan Novel “Baruang ka nu Ngarora”

(D.K. Ardiwinata)

Malem Senén tanggal 14 bulan Hapit 1921 di bumina Tuan Haji Abdul Raup, di Kampung Pasar, haneuteun pisan, teu cara sasari, kawas aya perkara nu anéh. Tingkeban dibuka, lampu kabéh diseungeut, mani caang marakbak; tengah imah dikeput alketip. Di dapur jelema pasuliwer, semu keur urus-urus popolah. Jelema nu ngaliwat loba nu ngarandeg, bari ngomong dina jero atina, “Aya naon di bumina Tuan Haji, bet haneuteun teuing?”

Ari peuting harita teuing ku caang bulan, kawantu tanggal 14, ngebrek caang cara ti beurang waé, langit beresih, bentang baranang, matak bungah ati keur nu birahi. Di jalan balawiri jelema nu pelesiran awéwé-lalaki, jalan-jalan nyukakeun atina. Sawaréh aya nu tumpak bendi atawa dokar dipurutulan. Tingcaleter sora pecut, nongnang sora gentana, tut-tot sora empet-empetan, menta jalan bisi aya nu kadupak atawa paadu jeung baturna dokar deui.

Latar waktu dina sempalan novel di luhur nyaéta...

a)

beurang

b)

pasosore

c)

sareupna

d)

subuh

e)

peuting

41.

puseur sawangan (sudut pandang) dina sempalan novel "baruang kanu ngarora" nya eta ....

a)

caturan jalma kahiji

b)

caturan jalma katilu

c)

caturan jalma kalmia

d)

caturanjalma kadua

e)

caturan jalma kaopat

42.

Pagelaran nyaeta…….

a)

kasenian

b)

saingan

c)

panggung

d)

tarian

e)

mentas

43.

Ieu dihandap hal anu teu kaasup kana cara dina nepikeun kritik nyaeta…….

a)

kaunggulan jeung kahengkeran ditepikeunana kudu saimbang atawa proporsional

b)

kudu sopan dina ngedalkeun kateupanuju atawa ketusugema

c)

tembongken rasa resep atawa teu resep sawajarna

d)

singkahan jejere (pasualan) nu sipatna pribadi atawa ulah ngeritik kana pasualan pribadi

e)

bisa ngan nepikeun kahengkeran atawa kagorengan karya anu di kritik

44.

urang salaku siswa ka guru kudu...

a)

Hormat

b)

Aamukan

c)

Tanggah

d)

Nyarekan

e)

Ngoroyok

45.

Harita mah persib sok bangenan wae

Kecap Bangenan dina eta kalimah ngandung harti …..

a)

Elehan tur epes meer

b)

Sakapeung meunang sakapeung eleh

c)

Pikasieuneun

d)

Pikaresepeun

e)

Meunangan

46.

Kagiatan medar hiji pasualan, dumasar kana fakta fakta nu kapanggih, boh tina panalungtikan atawa tina pangalaman sorangan disebut .....

a)

Pedaran

b)

Wawasan

c)

Ringkasan

d)

Ulasan

e)

Pemahaman

47.

Medar ngeunaan unak anik tradisi di hiji masarakat sunda ( kagiatan adat istiadat, ritual budaya, atikan, pakasaban, tatanen jeung rea rea deui, nyaeta .....

a)

Aturan tradisi sunda

b)

Pedaran tradisi sunda

c)

Wawasan tradisi sunda

d)

Etik atradisi sunda

e)

Tatakrama tradisi sunda

48.

Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat disebutna .....

a)

Folklor

b)

Budaya

c)

Tradisi

d)

Etika

e)

Tatakrama

49.

Bahasan tradisi sunda medarkeun unak-anik tradisi dihiji masyarakat nu biasana kayaning ku kagiatan dihandap ieu, iwal .....

a)

Karusuhan

b)

Kagiatan adat istiadat

c)

Ritual budaya

d)

Pakasaban

e)

Atikan

50.

Katangtuan nyusun tulisan pedaran teh aya sababaraha hiji nyaeta .....

a)

Nangtukeun jejer atawa tema

b)

Ngumpulkeun bahan

c)

Perhatikeun basana

d)

Nyusun rangkay karangan

e)

A, b, c, d bener kabeh