WorksheetsLATIHAN ASAS KELAS 7
Total questions: 40
Worksheet time: 40mins
Name
Class
Date
1.
Paguneman téh asalna tina kecap gunem, nu hartina nyarita ...
a)
sorangan
b)
kasar
c)
silih témpas
d)
lemes
2.
Ahmad : “Wan, urang lalajo Persib di imah urang, yu...!
Irwan : “Hayu, ajak atuh nu séjén”
Ahmad : “Kumaha mun ngajak Si Engkus jeung Si Nanang?”
Irwan : “Enya atuh, di-sms wé.”
Ragam basa naon nu dipaké dina paguneman di luhur téh ...
a)
lemes
b)
hormat
c)
kasar
d)
loma
3.
Ieu di handap nu teu kaasup kana tatakrama nélépon nyaéta ....
a)
cekel tuluy angkat telepon lalaunan
b)
mencét nomer tujuan, usahakeun ulah salah pencet
c)
kedalkeun kecap “Halo!”, salam, atawa ucapan pangwilujeng
d)
usahakeun sing loba ngarénghap
4.
“Mah, abdi badé angkat heula ka sakola.” ceuk Lutfi
“Mangga, kadé di jalanna.” ceuk indungna
“Muhun mah!”
Kecap anu merenah pikeun ngaganti kecap angkat dina paguneman di luhur nyaéta ...
a)
indit
b)
berangkat
c)
angkat
d)
mios
5.
“Asép Setiawan!” ceuk guru nu keur ngabsén
“Sumping bu!” témbal Asép
Kecap sumping dina paguneman di luhur mangrupa kecap anu salah, kecap anu luyu pikeun ngaropéa paguneman di luhur nyaéta ...
a)
dongkap
b)
datang
c)
mulih
d)
mios
6.
Titénan ieu sempalan paguneman!
Élis : “Bud, punten dupi tiasa pangjajapkeun pun adi ka stasion?”
Budi: “Mangga waé, tabuh sabaraha angkatna?”
Élis : “Engké waé ku abdi diwartosan deui, sigana engké angkatna pas sareupna.”
Budi: “Oh muhun mangga.”
Ditilik tina paguneman di luhur, aya sabaraha urang anu nyarita?
a)
tilu
b)
dua
c)
opat
d)
lima
7.
Titénan ieu sempalan paguneman!
Élis : “Bud, punten dupi tiasa pangjajapkeun pun adi ka stasion?”
Budi: “Mangga waé, tabuh sabaraha angkatna?”
Élis : “Engké waé ku abdi diwartosan deui, sigana engké angkatna pas sareupna.”
Budi: “Oh muhun mangga.”
Dina paguneman di luhur aya kekecapan pun adi, kecap pun di dinya kalungguhanana nyaéta ....
a)
kecap gaganti barang
b)
kecap gaganti kuring
c)
kecap gaganti anjeun
d)
kecap gaganti ngaran
8.
Titénan ieu sempalan paguneman!
Élis : “Bud, punten dupi tiasa pangjajapkeun pun adi ka stasion?”
Budi: “Mangga waé, tabuh sabaraha angkatna?”
Élis : “Engké waé ku abdi diwartosan deui, sigana engké angkatna pas sareupna.”
Budi: “Oh muhun mangga.”
Kecap naon anu nuduhkeun wanci dina paguneman di luhur?
a)
jam dua
b)
janari
c)
sareupna
d)
carancang tihang
9.
Titénan sempalan paguneman ieu di handap!
Abizar: “Badé ka mana atuh Hid? Meni asa rurusuhan kitu!”
Wahid: “Ieu kuring téh badé ka tonggoh heula, aya nu kakantun di rorompok!”
Abizar: “Kédah dianteur teu Hid? Kakantun naon kitu?”
Wahid: “Ieu dompét kakantun. Hayu atuh ari kersa nganteur mah.”
Kecap rorompok biasana dipaké pikeun?
a)
lobaan
b)
sorangan
c)
batur
d)
duaan
10.
Titénan sempalan paguneman ieu di handap!
Abizar: “Badé ka mana atuh Hid? Meni asa rurusuhan kitu!”
Wahid: “Ieu kuring téh badé ka tonggoh heula, aya nu kakantun di rorompok!”
Abizar: “Kédah dianteur teu Hid? Kakantun naon kitu?”
Wahid: “Ieu dompét kakantun. Hayu atuh ari kersa nganteur mah.”
Dina paguneman nu di luhur barang naon anu tinggaleun tur dimana tinggaleunana?
a)
dompét tinggaleun di imahna
b)
dompét tinggaleun di imah babaturanana
c)
dompét tinggaleun di warung
d)
dompét tinggaleun di pasar
11.
Titénan ieu sempalan paguneman!
Abizar: “Badé ka mana atuh Hid? Meni asa rurusuhan kitu!”
Wahid: “Ieu kuring téh badé ka tonggoh heula, aya nu kakantun di rorompok!”
Abizar: “Kédah dianteur teu Hid? Kakantun naon kitu?”
Wahid: “Ieu dompét kakantun. Hayu atuh ari kersa nganteur mah.”
Dina paguneman nu di luhur, aya kecap tonggoh, hartina téh nyaéta ...
a)
kecap pikeun nuduhkeun tempat nu di hareup
b)
kecap pikeun nuduhkeun tempat nu di handap
c)
kecap pikeun nuduhkeun tempat nu di luhur
d)
kecap pikeun nuduhkeun tempat nu di gigir
12.
Titénan ieu sempalan paguneman!
“Nepangkeun abdi Ilham.” Ceuk Ilham bari ngasongkeun leungeunna.
“Abdi Nugi, sareng ieu nepangkeun réréncangan abdi, ieu Ahmad, nu ieu Rizal.” Ceuk Nugi bari ngawanohkeun babaturanana.
“Nepangkeun abdi Ahmad.” Ceuk Ahmad bari sasalaman.
“Nepangkeun wasta Rizal.” Ceuk Rizal
Dumasar paguneman di luhur, aya sabaraha palaku?
a)
dua
b)
opat
c)
tilu
d)
lima
e)
13.
Titénan ieu sempalan paguneman!
“Nepangkeun abdi Ilham.” Ceuk Ilham bari ngasongkeun leungeunna.
“Abdi Nugi, sareng ieu nepangkeun réréncangan abdi, ieu Ahmad, nu ieu Rizal.” Ceuk Nugi bari ngawanohkeun babaturanana.
“Nepangkeun abdi Ahmad.” Ceuk Ahmad bari sasalaman.
“Nepangkeun wasta Rizal.” Ceuk Rizal
Ragam basa anu dipaké dina paguneman di luhur nyaéta....
a)
hormat (lemes)
b)
wewengkon
c)
kasar
d)
loma
14.
Titénan ieu sempalan paguneman!
“Assalamu’alaikum…”
“Wa’alaikumsalam…” waler Pa Joni sabari muka panto
“Nepangkeun pa, abdi Sandi, réréncanganana Ihsan, dupi Ihsan na aya pa?” ceuk Sandi bari seuri
“Oh nuju kaluar, nembé pisan dipiwarang ka warung, tapi moal lami da, sakedap deui gé mulih.” Témbal Pa Joni
“oh muhun, wios abdi ngantosan di dieu pa?” tanya Sandi
“Wios atuh, mangga waé…”
Teu lila ti éta Ihsan balik. Galecok weh ngobrol.
Sandi téh geus lila pisan teu nganjang ka imahna Ihsan, lantaran migawé pancén ti sakolana. Teu karasa waktu geus soré, Sandi amitan ka Pa Joni
“Pa, permios abdi badé wangsul heula ka rorompok, hapunten pisan tos ngawagel waktosna.” Ceuk Sandi bari ngasongkeun leingeun.
“Kadé di jalanna jang, tos sonten!”
Dumasar paguneman di luhur, kalimah mana anu nuduhkeun ménta ijin?
a)
“Pa, permios abdi badé ngiring ka warung”
b)
“Abdi Sandi, réréncanganana Ihsan, dupi Ihsan na aya pa?”
c)
“Oh muhun, wios abdi ngantosan di dieu pa?”
d)
“Wios atuh, mangga waé…”
15.
Titénan ieu sempalan paguneman!
“Assalamu’alaikum…”
“Wa’alaikumsalam…” waler Pa Joni sabari muka panto
“Nepangkeun pa, abdi Sandi, réréncanganana Ihsan, dupi Ihsan na aya pa?” ceuk Sandi bari seuri
“Oh nuju kaluar, nembé pisan dipiwarang ka warung, tapi moal lami da, sakedap deui gé mulih.” Témbal Pa Joni
“oh muhun, wios abdi ngantosan di dieu pa?” tanya Sandi
“Wios atuh, mangga waé…”
Teu lila ti éta Ihsan balik. Galecok weh ngobrol.
Sandi téh geus lila pisan teu nganjang ka imahna Ihsan, lantaran migawé pancén ti sakolana. Teu karasa waktu geus soré, Sandi amitan ka Pa Joni
“Pa, permios abdi badé wangsul heula ka rorompok, hapunten pisan tos ngawagel waktosna.” Ceuk Sandi bari ngasongkeun leingeun.
“Kadé di jalanna jang, tos sonten!”
Dumasar paguneman di luhur, kalimah anu nuduhkeun ménta hampura nyaéta ...
a)
“Kadé di jalanna jang, tos sonten!”
b)
“Pa, permios abdi badé wangsul heula ka rorompok, hapunten pisan tos ngawagel waktosna.”
c)
“Upami sakedap deui mah wios abdi ngantosan di dieu pa?”
d)
“Wios atuh, mangga waé…”
16.
Titénan ieu sempalan paguneman!
Malik: “Abdi kamari ningali Munif matana meni ngembang cabé nalika ngambek ka si Ijal.”
Zaid: ”Wah piraku? Kunaon maké ngambek sagala?”
Malik: “Si Munif hayangeun dianteur ka lebak, tapi si Ijal na embungeun!”
Naon harti ngembang cabé dina paguneman di luhur?
a)
peureum
b)
beureum
c)
bolotot
d)
sipit
17.
Titénan ieu sempalan paguneman!
Malik: “Abdi kamari ningali Munif matana meni ngembang cabé nalika ngambek ka si Ijal.”
Zaid: ”Wah piraku? Kunaon maké ngambek sagala?”
Malik: “Si Munif hayangeun dianteur ka lebak, tapi si Ijal na embungeun!”
Naon harti kecap lebak dina paguneman di luhur?
a)
kecap pikeun nuduhkeun tempat nu aya di handap
b)
kecap pikeun nuduhkeun tempat nu aya di gigir
c)
kecap pikeun nuduhkeun tempat nu aya luhur
d)
kecap pikeun nuduhkeun tempat nu aya di hareup
18.
“Kunaon mang meni siga nu laleuleus kitu?”
“Aduh ieu dagangan téh ngembang awi!”
Ditilik tina paguneman di luhur, naon harti ngembang awi?
a)
daganganana payu
b)
daganganana loba nu nawar
c)
daganganana teu payu
d)
daganganana leugit
19.
Dina basa Indonesia mah paguneman téh sarua jeung ...
a)
pantun
b)
deklamasi
c)
percakapan
d)
pidato
20.
Anu kaasup conto paguneman nyaéta ...
a)
dongéng
b)
adegan
c)
babak
d)
dialog
21.
Carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan téh disebutna …
a)
Carpon
b)
Novél
c)
Sajak
d)
Dongéng
22.
Salasahiji ciri tina karangan dongéng téh nyaéta …
a)
Sumebarna sacara lisan
b)
Palakuna jin jeung siluman
c)
Témana ngeunaan kahirupan raja
d)
Lobana ditulis dina buku jeung majalah
23.
Ieu di handap nu kaasup kana judul dongéng, nyaéta ....
a)
(1), (2), (3)
b)
(3), (4), (5)
c)
(1), (2), (4)
d)
(2), (3), (4)
24.
Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa disebut ...
a)
Sagé
b)
Fabél
c)
Parabél
d)
Legénda
25.
Dumasar papasinganana, anu disebut dongéng legénda téh nyaéta ...
a)
Dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepanen
b)
Dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib
c)
Dongéng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah
d)
Dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan
26.
Dumasar eusina, “Nyi Roro Kidul” kaasupna kana wanda dongéng ...
a)
Sagé
b)
Parabél
c)
Legénda
d)
Mite
27.
Anu kaasup dongéng sasatoan nyaéta ….
a)
Sasakala Maung Panjalu
b)
Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét
c)
Si Kabayan Ngala Nangka
d)
Sasakala Gagak Buluna Hideung
28.
Ieu di handap nu kaasup kana unsur dongéng, nyaéta ,,,
a)
(1), (2), (3)
b)
(3), (4), (5)
c)
(2), (4), (5)
d)
(1), (2), (4)
29.
Dongéng anu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarahna disebut ….
a)
Mite
b)
Fabél
c)
Sagé
d)
Parabél
30.
Anu kaasup kana dongéng jalma biasa nyaéta …
a)
Sasakala Gunung Padang
b)
Si Kabayan
c)
Sasakala Tangkuban Parahu
d)
Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét
31.
Tina sempalan dongéng di handap, dimana Sang Jonggrang Kalapitung nguseup téh?
a)
Walungan Citarum
b)
Walungan Cisarua
c)
Walungan Cimeta
d)
Walungan Cimanuk
32.
Tina sempalan dongéng di handap, kapanggih yén Jonggrang Kalapitung téh ...
a)
Raja di kebon kalapa
b)
Ngaran sato
c)
Tangkal kalapa nu bisa ngomong
d)
Lelembut titisan siluman sagéde buta
33.
Tina sempalan dongéng di handap, katangen aya unsur pamohalanana, nyaéta ...
a)
Sangkuriang ngalalana mangpuluh-puluh taun
b)
Dayang Sumbi jiga saumuran jeung Sangkuriang
c)
Dayang Sumbi awéwé anu kacida geulisna
d)
Sangkuriang jeung Dayang Sumbi tepung di Gunung
34.
Tina panutup dongéng di handap, kapaluruh yen ieu dongéng kaasup kana dongéng...
a)
Sasakala
b)
Fabél
c)
Sagé
d)
Parabél
35.
Dongéng Sasakala Lembur Panyalahan téh asalna ti wewengkon ...
a)
Garut
b)
Cianjur
c)
Majalengka
d)
Tasikmalaya
36.
ina sempalan dongéng di handap, amanat anu bisa dicangking, nyaéta ...
a)
Ulah maéhan sato kadeudeuh
b)
Ulah nyimpen orok dina ayunan bisi aya oray
c)
Ulah goréng sangka, sagala rupa gé kudu dipaluruh heula bebeneranna
d)
Ulah ngingu maung, bisi maéhan orok
37.
Tina sempalan dongéng di luhur, aya kecap si Utun. Si Utun téh nyaéta sesebutan pikeun ...
a)
Anak patani
b)
Orok
c)
Anak buta
d)
Anak maung
38.
Runtuyan kajadian dina carita dongéng disebut …
a)
Latar
b)
Galur
c)
Puseur sawangan
d)
Jejer
39.
Dina dongeng Sangkuriang jeung Dayang Sumbi, kacaritakeun Sangkuriang najong parahu nepi ka nangkub. Kiwari, éta parahu katélah Gunung …
a)
Ciremai
b)
Manglayang
c)
Tangkuban Parahu
d)
Guntur
40.
Dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap karamat ku masarakat tur raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana alam gaib disebut …
a)
Sasakala
b)
Parabél
c)
Babad
d)
Mite
100 %
