Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

LATIHAN ASAS KLS 8 SMT 1

Total questions: 40

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.
Téma atawa jejer rumpaka kawih “Bandung” téh nyaritakeun ngeunaan ….
a)
sasakala Sangkuriang
b)
kaéndahan kota Bandung
c)
sasakala Parahyangan
d)
kaayaan kota Bandung
2.
Dumasar kawih “Bandung”, Bandung téh nelah ku istilah .…
a)
Kota Kembang
b)
Paris van Java
c)
Kota Bermartabat
d)
Kota Sangkuriang
3.
Naon maksudna “Heurin ku tangtung” dina rumpaka kawih “Bandung”?
a)
Bandung pinuh ku runtah
b)
Bandung pinuh ku gedong-gedong jarangkung
c)
Bandung kacida raména lantaran gegek pendudukna
d)
Bandung loba toko jeung supermarket
4.
Dina karawitan Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibédakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ….
a)
ketukan (témpo)
b)
padalisan
c)
jajaran
d)
konci nada
5.
Kakawihan sok disebut ogé kawih murangkalih atawa kawih barudak lantaran ....
a)
dikawihkeunana ku barudak sakola
b)
eusi rumpaka kawihna ngeunaan barudak
c)
dikawihkeunana dina kaulinan barudak
d)
wajib dihaleuangkeun ku barudak sakola
6.
Ieu di handap anu teu kaasup kana judul-judul kakawihan barudak nu populér dina sastra Sunda, nyaéta ....
a)
Oray-orayan
b)
Pacicipoci
c)
Hompimpah
d)
Talak Tilu
7.
Kawih, kakawihan, jeung tembang téh umumna ditulis dina wangun sastra .…
a)
drama
b)
prosa
c)
prosa liris
d)
puisi
8.
Gagasan poko anu rék ditepikeun ku nu ngarang rumpaka kawih ka nu maca disebut …
a)
purwakanti
b)
suasana
c)
téma
d)
nada
9.
Padeukeutna sora-sora dina unggal padalisan rumpaka kawih disebutna ….
a)
purwakanti
b)
purwadaksi
c)
suasana
d)
nada lagu
10.
Kawih nu judulna “Peuyeum Bandung” téh kaasup kawih nu eusina ngeunaan kadaharan. Peuyeum Bandung dijieunna tina ....
a)
ketan
b)
béas
c)
sampeu
d)
jagong
11.
Rumpaka kawih téh diwangun ku dua unsur, nyaéta rumpaka jeung kawih. Ari kawih raket patalina jeung ....
a)
puisi
b)
karawitan
c)
lagu
d)
prosa
12.
Kawih nu judulna “Colénak” kaasup kawih ngeunaan kadaharan. Ari colénak téh wancahan tina ....
a)
peuyeum dikincaan
b)
peuyeum dicocolkeun
c)
dicocol énak
d)
dicocol kinca
13.
Rumpaka kawih anu ngagambarkeun kaayaan alam priangan anu éndah nyaéta ...
a)
Tanah Sunda
b)
Mojang Priangan
c)
Karatagan Pahlawan
d)
Sorban Palid
14.
Kawih téh mangrupa lalaguan sunda. Jalma nu sok ngawih disebut ....
a)
sindén
b)
juru kawih
c)
juru tembang
d)
penyanyi
15.
1. Titénan judul-judul ieu di handap! 1) És Lilin 2) Tanah Sunda 3) Hanjuang di Kutamay 4) Karatagan Pahlawan Judul di luhur nu kaasup kana judul kawih nyaéta …
a)
1, 2, 3
b)
2, 3, 4
c)
1, 2, 4
d)
1, 3, 4
16.
Iber atawa béja ngeunaan perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan nu diumumkeun dina média massa disebut .…
a)
wawaran
b)
warta
c)
wawartos
d)
wawartaan
17.
Warta mah béja dumasar kanyataan atawa fakta anu dikumpulkeun ngaliwatan tilu cara nyaéta ….
a)
nalungtik, dokuméntasi, jeung wawancara
b)
obsérvasi, wawancara, jeung risét média
c)
risét média, dokuméntasi, jeung pemotrétan
d)
rékaman, pemotrétan, jeung obsérvasi
18.
Struktur warta téh kabagi tilu bagian ….
a)
téma (theme), headline, lead
b)
judul (headline), téma, jeung bubuka
c)
bubuka, eusi, panutup, jeung risét dokuméntasi
d)
judul (headline), lead (bubuka, intro), jeung tubuh warta
19.
Léngkah nu penting upama urang rèk maca warta nyaèta ...
a)
paham kana eusi
b)
milu ngaliput
c)
nyaho kana kajadianna
d)
nulis heula beritanna
20.
Macakeun warta teu sarua jeung maca wacana séjénna. Aya sababaraha hal anu kudu di perhatikeun, nyaéta ...
a)
éksprèsi jeung intonasi
b)
sora jeng èjahan
c)
éjahan jeung waktu
d)
tempat jeung jalmana
21.
Salian ti juru warta, panulis warta disebut ogé ...
a)
Pamaca warta
b)
Jurnalis
c)
Produser
d)
Panulis
22.
Dina warta aya nu disebut headline. Naon harti tina éta istilah téh?
a)
eusi
b)
bubuka
c)
puhu
d)
judul
23.
Warta salawasna kudu dumasar kana ...
a)
data jeung fakta
b)
fakta jeung gosip
c)
gosip jeung data
d)
isu jeung gosip
24.
Kecap sindir ngandung harti ....
a)
omongan anu sacéréwéléna
b)
omongan anu togmol
c)
omongan anu satarabasna
d)
omongan anu dibalibirkeun
25.
Anu teu kaasup sisindiran nyaéta ....
a)
paparikan
b)
rarakitan
c)
pupujian
d)
wawangsalan
26.
1. Perhatikeun informasi ieu di handap! 1) Purwakanti 2) Diwangun ku sindir jeung eusi 3) Jumlah engang dina unggal padalisan sarua réana 4) Jumlah padalisan dina unggal padana Dumasar informasi di luhur, anu kauger dina sisindiran nyaéta ....
a)
1, 2, 3
b)
2, 3, 4
c)
1, 3, 4
d)
1, 2, 4
27.
Karangan anu diwangun ku opat padalisan, sarta cangkang jeung eusi pada papak di puhuna (dibalikan deui) nyaéta ....
a)
sisindiran
b)
paparikan
c)
rarakitan
d)
wawangsalan
28.
Bédana antara rarakitan jeung paparikan nyaéta ....
a)
rarakitan mah sapadana dua padalisan, paparikan mah sapadana opat padalisan
b)
rarakitan mah kecap awal dina cangkang sok diulang deui dina eusi, paparikan mah henteu
c)
rarakitan mah kekecapanana kudu murwakanti, paparikan mah teu perlu murwakanti
d)
rarakitan mah guru lagu unggal padalisanna teu sarua, paparikan mah sarua
29.
Dina sastra Indonesia mah sisindiran téh disebut ....
a)
pantun
b)
puisi
c)
prosa
d)
drama
30.
Perhatikeun ieu sisindiran di handap! Aya manuk dina pager Na sukuna aya bola Lamun urang hayang pinter Kudu getol ka sakola Ditilik tina eusina, sisindiran di luhur kaasup kana ….
a)
sésébréd
b)
silihasih
c)
piwuruk
d)
heureuy
31.
Perhatikeun ieu sisindiran di handap! Ulah ngala cocongoan Bisi ruksak tangkal manggu Ulah waka bobogohan Bisi sakola kaganggu Ditilik tina wangunna, sisindiran di luhur kaasup kana ....
a)
rarakitan
b)
paparikan
c)
wawangsalan
d)
sisindiran
32.
Sisindiran ieu di handap anu eusina nuduhkeun jasa para pahlawan ….
a)
Kaso pondok kaso panjang, Kaso ngaroyom ka jalan, Sono mondok sono nganjang, Sono patepang di jalan
b)
Munara di Cihanjuang, Kaiuhan tatangkalan, Maranéhna nu bajoang, Ngabéla kamerdékaan
c)
Mawa pita dibungkusan, Mawa kai dikunjalan, Hayang pésta agustusan, Dagang cai tengah jalan
d)
Katumbiri di Cigeulis, Ti Citeureup ka Ciamis, Kaciri seuri nu geulis, Mun diteuteup beuki manis
33.
Perhatikeun ieu sisindiran di handap! Katumbiri di Cigeulis Ti Citeureup ka Ciamis Kaciri seuri nu geulis Mun diteuteup beuki manis Ditilik tina wangunna, sisindiran di luhur kaasup kana ....
a)
rarakitan
b)
paparikan
c)
sisindiran
d)
wawangsalan
34.
Baca sisindiran ieu di handap! (1) Tumpak kuda ka Cikarang (2) Jalanna lempeng kacida (3) Pamuda di lembur urang (4) ………. Kalimah anu merenah keur ngalengkepan padalisan (4) sisindiran di luhur ….
a)
Teu kabita ku Narkoba
b)
Mun kabita ku Narkoba
c)
Loba nu bogaeun kuda
d)
Beugeutna siga kuda
35.
Baca ieu sisindiran! Lamun hayang nyieun pager, ………………………………… Lamun hayang jadi pinter, Kudu daék maca buku. Kalimah anu merenah keur ngalengkepan sisindiran di luhur, nyaéta ….
a)
Kudu indit meuli buku.
b)
Kudu indit ka Cipaku.
c)
Kudu daék maké baju.
d)
Kudu daék meuli paku.
36.
Teu beunang di hurang sawah, Teu beunang dipikameumeut. Wangsalna nyaéta ….
a)
hurang
b)
simeut
c)
sawah
d)
beunang
37.
Kembang bodas buah bunder, Ngaheruk nya pipikiran Wangsalna nyaéta ....
a)
jeruk
b)
heruk
c)
buah
d)
kembang
38.
Wangsalna “kapal”. Ari wawangsalanana nyaéta ….
a)
gedong duwur kasalimbung, dicicingan jalma réa.
b)
kendang gedé pakauman, dag-dig-dug rasaning ati.
c)
gedong tengah sagara, ulah kapalang nya béla.
d)
teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang.
39.
Kanikir buah kanikir, cangkudu beunang panimu. Eusi tina éta cangkang sisindiran téh, nyaéta ....
a)
bakal kaduhur di ahir, mun hirup teu boga élmu.
b)
kapikir beuki kapikir, hirup kudu loba élmu.
c)
kapikir beuki kapikir, kudu getol nginum jajamu.
d)
lamun keur diajar, kudu ningkatkeun élmu panemu.
40.
Hapunten abdi hapunten, Bilih aya kalepatan. Cangkang tina eusi sisindiran di luhur, nyaéta ....
a)
Saninten buah saninten, dibantun ka parapatan.
b)
Kawunganten Kawunganten, ayana di Majenang.
c)
Panginten buah ramanten, horéng buah durian.
d)
Meuli ali mata inten, hargana mahal pisan.