NEW
Font size
WorksheetsCarpon Kelas XI
Total questions: 20
Worksheet time: 15mins
Idé atawa gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana disebut . . . .
Judul
Téma
Latar
Palaku
Amanat
"Bapa manéh teu ninggalan nanaon ka urang. Wayahna manéh kudu daék kentél peujit," ceuk indungna bari ngaput baju saragam sakola nu Si Narsim, nu geus saroéh.
Dumasar kana sempalan carpon di luhur, nuduhkeun puseur sawangan . . . .
Jalma kahiji
Puseur sawangan Si Narsim
Manéhna salaku pangarang
Jalma katilu sarwa nyaho
Jalma kahiji sarwa nyaho
Saupama urang paham kana latar atawa setting waktu, sabada maca carpon urang bakal babari dina nangtukeun . . . .
Judul
Galur
Tema
Puseur sawangan
Latar
Judul carpon kudu masing alus tur hadé. Éta hal miboga tujuan sangkan…
Ngahudangkeun kapanasaran batur pikeun maca karangan urang
Ngagampangkeun pamaca pikeun nyieun ringkesan carita
Ngahudangkeun sumanget penulis
Bisa mikanyaho kasang tukang penulis
Bisa mikawanoh wangun karya sastra heubeul
Carpon jeung dongéng téh pada-pada prosa anu pondok, tapi aya ciri utama anu ngabédakeun carpon jeung dongéng, nyaéta carpon mah réalis sedengkeun carita dongéng mah umumna...
Nyaritakeun sasatoan
Pamohalan
Wangunna tulisan
Komunikatif
Éksprésif
Karya sastra anu direka dina basa lancaran prosa anu kalawan ukuranna pondok disebut ...
novel
biantara
carpon
panumbu catur
kawih
Buku kumpulan carpon anu munggaran dina sastra sunda nyaeta .....
Dogdog Pangrewong
Parahiyangan
Papaes Noroman
Teman Biduk
Si Ochank
' manehna " nyaeta sawangan anu dipake ku pangarang pikeun midangkeun jalma
kahiji
kadua
katilu
kaopat
Kalima
Rangkaian kajadian nu susunanna teu sesuai jeung urutan waktu kejadian atawa carita nu gerakna mundur (flashback), disebut . . .
Galur Maju
Galur Mundur
Galur Campuran
Tema
Latar
Anu henteu kaasup kana unsur-unsur carita dina carpon, nyaeta ….
Rasa
Latar
Tema
Galur
Palaku
Tengetan carpon ieu di handap!
Kajurung ku tos tilu dinten teu kararaban sangu, Aki Uki ngulampreng ka bumi Dén Haji Darmawan, teu tebih ti bumina. Pribumi kasampak nuju aya di tengah bumi, ngabaheuhay mayunan méja alit.
Sempalan carpon di luhur ngagambarkeun tokoh Aki Uki anu….
Sangsara
sagala loba
beunghar
daérah
tara akur jeung batur
Galur téh dibagi jadi tilu, nyaéta…
Galur maju, mundur jeung flashback
Galur campuran, flashback jeung bobok tengah
Galur mérélé, mundur jeung bobok tengah
Galur mérélé, mundur jeung falashback
Galur maju, mérélé, jeung bobok tengah
Carpon dina satra sunda sumebar ku cara ….
Langsung
Tinulis
Lisan
Tatalepa
Anonim
Caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé, tokohna teu réa, galurna teu ngarancabang. Ieu kaasup kana….
Harti carpon
Sajarah carpon
Kamekaran carpon
Ciri-ciri carpon
Ukuran carpon
Carpon nya éta karangan fiksi (rékaan) anu wangunna lancaran (prosa) jeung kaasup karya sampeuran. Nu dimaksud sampeuran téh nya éta…
Asli ti Sunda
Pangaruh Basa Kosta
Anu teu kapangaruhan tina sastra deungeun
Anu kapangaruhan tina sastra deungeun
Asli ti sastra deungeun
Titenan sempalan carita pondok "Putri Jin" ieu di handap!
"Putra Aria Wangsagoparana teteg manahna. Anjeuna geus aya deui dina pangcalikanana anu biasa, batu demprak di gunung cadas. Jung ngadeg, nyawang kasakuriling bungking. Lapat-lapat kasawang alam paramean anu kedah di sorang ku anjeuna. Aing lain ngan ukur incuna Sunan Ciburang, lain ukur anakna Wangsagoparana, aing teh Wiratananudatar. Hate aing geus teteg, suku aing geus panceg, ngadeg dina tangtungan sorangan. aing geus sanggup manggul kawajiban, sabab lemahna ayeuna mah geus sadia, nya eta martabat aing sorangan.(CPPJ:47)"
Dumasar kana sempalan teks carpon di luhur, latar kaayaan anu kapanggih dina eta carita nya eta,,,
Bagja
Panceg kayakinan
Hemeng
Baluweung pikir
Ketir pikir
“Jam sabaraha maen bal téh?” Tedi naros ka babaturanana.
Kalimah teu langsung tinu kalimah di luhur nyaeta ....
"Jam sabaraha maen bola teh Ted?"
Tedi naros ka babaturana jam sabaraha maen bal.
Tedi naros, "Jam sabaraha maen bal teh?"
Jam sabaraha maen bal teh ceuk Tedi
Tedi : iraha maen bal teh?
(1) "Rek kamana maneh, Ilham?" Apip nanya bari kerung.
(2) "Rek milu ulin ka Pangandaran, Dun?" ceuk Dodi nanya ka Kardun.
Kalimah diluhur kaasup kana kalimah...
Langsung
Teu langsung
Induktif
Deduktif
Panyaram
Contoh kalimah langsung anu sok dipake dina naskah drama atawa teks paguneman nyaeta...
"Rek kamana maneh, Rudi?" Apip nanya bari kerung.
Ahmad : "Sep, maneh rek kamana mani rurusuhan?"
"Rek milu ka leuweung ngala suluh, Mad?" ceuk Dodi nanya ka Ahmad.
"Urang mah dititah ku indung ka warung, Mad" ceuk Dodi bari ngaleos.
Asep ngomong ka apip yen leumpang teh ulah rurusuhan
Si Rudi nyarita yen manehna isukan moal asup sakola.
Kalimah diluhur kaasup kana kalimah...
Langsung
Teu langsung
Panitah
Induktif
Deduktif
