WorksheetsBAHASA SUNDA KELAS XII BAHASA
Total questions: 30
Worksheet time: 15mins
Ari biantara teh naon?
Nepikeun omongan anu alus euntep seureuhna diharepeun balarea
Cara manusa ngayakeun komunikasi jeung nu lian
Carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian- kajadian jaman baheula
Nepikeun omongan anu teu alus euntep seureuhna diharepeun balarea
Nepikeun omongan anu alus euntep seureuhna diharepeun kelas
“ cara manusa ngayakeun komunikasi jeung nu lian” mangrupakeun harti tina?
Narjamahkeun
Biantara
Teteleponan
Ngadongeng
Paguneman
Naon anu dimaksud dongeng teh?
Carita anu teu asup ku akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman kiwari
Carita anu teu asup ku akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula
Carita anu asup ku akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian- kajadian jaman ayeuna
Carita anu asup ku akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian- kajadian jaman baheula
Carita anu teu asup ku akal jeung kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian- kajadian jaman baheula
Cara biantara ku nyiapkeun pokok-pokok materi anu bade didugikeun
Teknik impromtu
Teknik naskah
Teknik ekstemporan
Teknik ngapalkeun
teknik jitu
Dongeng anu nyaritakeun makhluk ciptaan (khayalan) bangsaning jurig jeung siluman. Disebut?
Dongeng mite/mitos
Dongeng fabel
Dongeng sasakala atawa legenda
Dongeng parabel
Dongeng pamuk (kagagahan/kasaktian)
Undak-usuk basa sunda nyaeta ...
aturan atawa tatakrama nyarita basa indonesia supaya merenah jeung ngeunah kanu ngadéngé
aturan atawa tatakrama nyarita basa Sunda supaya merenah jeung teu ngeunah kanu ngadéngé
aturan atawa tatakrama nyarita basa Sunda supaya merenah jeung ngeunah kanu ngadéngé
aturan atawa tatakrama nyarita basa Sunda supaya teu merenah jeung ngeunah kanu ngadéngé
aturan atawa tatakrama nyarita basa barat supaya merenah jeung ngeunah kanu ngadéngé
Naon ari bahasa lemesna “makan” kange nyalira?
dahar
lolodok
babahak
neda
tuang
anu dimaksud kasenian nyaeta ...
hal anu dilakukeun tanpa sadar kuhiji jalma nalika aya inspirasi
hal nu endah
ungkapan rasa
ekspresi jiwa
bagean tina budaya jeung mangrupakeun sarana nu digunakeun pikeun ngaekspresikeun rasa kaendahan tina jiwa manusia
Kasenian anu pakakasna make halu jeung lisung nyaeta ...
Gondang buhun
Angklung sered
Pencat silat
Wayang golek
Degung
... ... ... disebut ogé Idiom, asalna tina bahasa Yunani Idios, anu ngandung harti “ khas, mandiri, khusus, pribadi”.
cacandran
Pakeman Basa
Kila-kila
Paribasa
Babasan
hiji omongan anu eusina mangrupa ramalan yén dina hiji waktu bakal aya kajadian boh nu pikagumbiraeun boh nu pikasusaheun. Disebut?
Cacandran
Kila-kila
Paribasa
Babasan
Uga
Lalaguan sunda bebas, anu henteu kauger atawa kaiket ku ugeran nyaeta?
tembang
sisindiran
kawih
kakawihan
pupuh
Gaya basa nyaeta ?
Rakitan basa (kalimah) anu dipake kujalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang sejenna.
Rakitan basa (kalimah) anu dipake sangkan bisa nimbukeun pangaruh (efek) anu leleb karasana kanu maca atawa anu ngadengekeun,
Rakitan basa (kalimah) anu teu dipake sangkan bisa nimbukeun pangaruh (efek) anu leleb karasana kanu maca atawa anu ngadengekeun, kujalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang sejenna.
Rakitan basa (kalimah) anu dipake sangkan bisa nimbukeun pangaruh (efek) anu leleb karasana kanu maca atawa anu ngadengekeun, kujalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang sejenna.
Rakitan basa (kalimah) anu leleb karasana kanu maca atawa anu ngadengekeun,
Kalimah “dibumi abi mah teu gaduh uyah uyah acan”. Mangrupakeun contoh gaya basa naon?
Gaya basa peupeuh lemes (ironi/nyindiran)
Gaya basa ngasor (litotes)
Gaya basa ngumpakeun (simile)
Gaya basa babandingan (metafora)
Gaya basa mijalma (personifikasi)
Rumpaka kakawihan biasana sok dipake dina?
kariaan
tatarucingan
upacara
kaulinan
gelaran
Wawacan mangrupakeun hasil karya nu asalna ti....
sunda
cirebon
jawa
bali
banten
Karya sastra wangun wawacan umumna ngabogaan unsur struktur maneuh. Nya eta...
Manggalasastra (alofon), jeung eusi
Manggalasastra (alofon), eusi, jeung panutup (kolofon)
Unsur struktur jeung unsur instrinsik
eusi, jeung panutup (kolofon)
unsur-unsur anu maneuh
Kasmaran kaula muji, Ka gusti ajawajala, Nu murah ka mahluk kabeh, Jeung muji utusannana, Kanjeng nabi muhammad. Conto kalimah diluhur mangrupakeun bagaian tina wawacan nu disebut...
Manggalasastra (alofon)
Eusi
Panutup (kolofon)
Titimangsa
Pupujian
Mekarna wawacan di urang teh ngaliwatan sababaraha tahap, tahap ka 4 nyaeta?
Tembong usaha narjamahkeun (nyalin) kana basa sunda
Lalakon-lalakon wawacan tina sastra jawa teh disalin, henteu disundakeun, mangrupa naskah
Lain narjamahkeun, tapi nyipta carita – carita nu geus nyampak ti baheula dina wangun wawacan, saperti tina dongeng, hikayat, jeung babad.
Lain nembangken, tapi nyipta carita – carita nu geus nyampak ti baheula dina wangun wawacan, saperti tina dongeng, hikayat, jeung babad.
Sabada aya teknologi citak, wawacan anu tadina mangrupa naskah teh rea anu diterbitkeun mangrupa buku, dibarengan ku ciptaan-ciptaan anyar, sarta wandana oge anyar
Carita rekaan nu ukurannana paranjang, gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal nu mere kesan pamohalan, anu ditepikeun ku juru pantun, dipirig ku kecapi disebut...
wawacan
biantara
carita pondok
carita pantun
carita bersambung
Paguneman antara parapalakuna pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan. Disebut?
Bagian rajah
Bagian narasi
Bagian deskripsi
Bagian dialog
Bagian Monolog
Nyarita sorangan atwa nyarita dina jero hate disebut?
Bagian rajah
Bagian narasi
Bagian deskripsi
Bagian dialog
Bagian Monolog
Pun sapun ka sang rumuhun ka guru putra hyang bayu ka handap ka sang batara kabatara ngaraja wacana diluhur mangrupakeun contoh tina ...
Bagian rajah
Bagian narasi
Bagian deskripsi
Bagian dialog
Bagian Monolog
Upamana nilik kana eusina, carita pantun teh umumna ngabogaan pola anu sarua nyaeta...
Ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria teureuh prabu siliwangi, raja pajajaran, anu keur ngumbara.
Ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria teureuh prabu siliwangi, raja pajajaran, anu keur neangan pipamajikaneun
Ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria teureuh prabu siliwangi, raja pajajaran, anu keur ngalegaan nagara anyar, atawa neangan pipamajiakaneun
Ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria teureuh prabu siliwangi, raja pajajaran anu keur ngalegaan nagara anyar
Anu teu Ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria teureuh prabu siliwangi, raja pajajaran anu keur ngalegaan nagara anyar
Dina tahun sabaraha carita pantun kungsi ngalaman jaya?
50-an
60-an
45-an
40-an
30-an
Sakumna kagiatan umumna lumangsung kalawan lungsur-langsar luyu jeung rarancang anu geus dijieun saméméhna. Panitia ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak anu geus ngarojong kana ieu kagiatan. Ungkara di luhur biasana bakal kapanggih dina salah sahiji struktur laporan kagiatan anu mangrupa .....
Pamungkas
eusi
panutup
kacindekan
bubuka
Wangun atawa bentuk tulisan bahasan / pedaran dina wacana bahasan nyaeta, iwal...
Argumentasi
Deskripsi
Narasi
Eksposisi
Persuasi
Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat disebutna...
folklor
budaya
tradisi
etika
tatakrama
Kagiatan medar hiji pasualan, dumasar kana fakta fakta nu kapanggih, boh tina panalungtikan atawa tina pangalaman sorangan disebut...
pedaran
wawasan
ringkasan
ulasan
pemahaman
Bahasan tradisi sunda medarkeun unak-anik tradisi dihiji masyarakat nu biasana kayaning ku kagiatan dihandap ieu, iwal...
Karusuhan
Kagiatan adat istiadat
Ritual budaya
Pakasaban
Atikan
