wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ASSESMEN MADRASAH / BAHASA SUNDA

Total questions: 50

Worksheet time: 2hrs 40mins

Name
Class
Date
1.

Carita Panjang anu didangding tur digelarkeun dina puisi pupuh disebut …

a)

Beluk

b)

wawacan

c)

Guguritan

d)

Carita pantun

e)

Hikayat

2.

Anu ngabedakeun wawacan jeung guritan, nyaéta ….

a)

Guru gatra jeung watek pupuh

b)

Panjang karangan jeung wanda pupuh

c)

Struktur carita jeung motif carita

d)

Latar jeung situasi eusi karangan

e)

Palaku carita katut watekna

3.

Dina wawacan téh digunakeun rupa-rupa pupuh pikeun ngagambarkeun rupa-rupa …

a)

palaku

b)

amanat

c)

situasi (kaayaan)

d)

gaya basa

e)

galur carita

4.

Minangka karangan Panjang dina wangun pupuh, wawacan téh sok dihaleuangkeun. Ngahaleuangkeun wawacan téh disebutna …

a)

mantun

b)

nembang

c)

ngawih

d)

beluk

e)

nadoman

5.

Ieu dihandap anu henteu kaasup kana judul wawacan, nyaéta …

a)

Babad Mekah

b)

Sri Dangdayang Tresna Pohaci

c)

Sajarah Ambiya

d)

Sajarah Sunan Gunung Jati

e)

Mantri jero

6.

Ieu dihandap unsur-unsur prosa fiksi anu aya dina wawacan anu mangrupa carita, iwal …

a)

Téma

b)

Palaku

c)

Galur

d)

Amanat

e)

Wirahma

7.

Ieu dihandap henteu kaasup kecap nu dirarangkeun tengah, nyaéta …

a)

Kumecrot

b)

Tinangtu

c)

Karancang

d)

Balageur

e)

Daratang

8.

Ieu dihandap henteu kaasup kana kecap nu dirarangkenan tengah - al - , nyaéta …

a)

Balantik

b)

Lalucu

c)

Lalogor

d)

Baleunghar

e)

Lalulus

9.

Tarjamahan tina kalimah “Saya merasa bangga menjadi orang SundaI” anu merenah, nyaéta …

a)

Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda

b)

Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda

c)

Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda

d)

Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda

e)

Kuring ngarasa ngeunah jadi urang Sunda

10.

Kecap – kecap basa Sunda anu hese ditarjamahkeun kana basa Indonesia, nyaéta kecap …

a)

Pangantét

b)

Paréntah

c)

Panyambung

d)

Panganteur

e)

Sulur

11.

Paribasa anu mangrupa tarjamahan tina basa Indonesia, nyaéta …

a)

Adam lali tapel

b)

Wong becik ketitik wong ala ketara

c)

Waktu sarua jeung duit

d)

Aya hurang handapeun batu

e)

Gindi pikir belang payah

12.

Paribasa Indonesia “Biar lambat asal selamat” hartina mirip jeung paribasa Sunda ….

a)

Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung    

b)

Kajeun kendor asal ngagembol

c)

Kaduhung tara ti heula

d)

Jauh-jauh Panjang gagang

e)

Ulah gancang pincang

13.

Lamun rék narjamahkeun, urang merlukeun kamus, nyaéta kamus …

a)

Ekabasa

b)

dwibasa

c)

istilah

d)

asing

e)

ensiklopedia

14.

Ieu dihandap tilu kamampuh basa anu kudu kacangking mun urang rék narjamahkeun, iwal …

a)

gramatikal

b)

fonologis

c)

sosiolinguistik

d)

semantik

e)

pragmatik

15.

Anu teu kaasup kecap-kecap basa sunda serepan tina basa Arab, nyaéta …

a)

abdi

b)

iman

c)

ahlak

d)

agama

e)

takwa

16.

Unsur serepan anu acan sagemblengna kaserep kana basa Sunda ditulisna …

a)

Digurathandapan

b)

Dikékénténgan

c)

Dikandeulkeun

d)

Dicondongkeun

e)

Biasa

17.

“sim kuring kalayan asmana panata calagara ngahaturkeun wilujeng sumping ka para bapa, para ibu miwah hadirin sadayana anu parantos kersa nyaosan pangulem panitia” kalimah éta nu diucapkeun ku MC kalayan jang …

a)

ngahaturanan

b)

bubuka

c)

nganuhunkeun

d)

ngayanggakeun

e)

mungkas acara

18.

Dihandap ieu kaasup Teknik nu kudu aya di MC, iwal …

a)

teknik nyarita

b)

gestur

c)

teknik vokal

d)

ngahaleuang

e)

performa

19.

Carita rékaan anu dilalakonkeun sapeuting jeput di pirig ku kacapi atau dihaleungakeun dina pagelaran ruatan, nyaéta …

a)

carita babad

b)

dongeng

c)

carita pantun

d)

wawacan

e)

carita pondok

20.

Caita pantun diwangun kusababaraha hiji bagian, iwal …

a)

rajah

b)

deskripsi

c)

bubuka

d)

dialog jeung monolog

e)

narasi

21.

Karangan faktual ngeunaan hiji masalah sacara lengkep anu panjangna teu tangtu dimuat dimedia masa, disebut …

a)

novel

b)

artikel

c)

babad

d)

carita pondok

e)

majalah

22.

Mana nu kaasup kana kecap rajékan Dwiréka …

a)

kupu-kupu

b)

siku-siku

c)

cukat-cokot

d)

nini-nini

e)

sasakola

23.

“Geus anggeus maculna mah sawah téh, kari tandur”.

Kecap rundayan (dirarangkeun) anu merenah pikeun kalimah diluhur nyaéta …

a)

ditanduran

b)

ditandurkeun

c)

nandurkeun

d)

tandurkeuneun

e)

pananduran

24.

Eukeur mah kakara pisan ka Tasik téh, turug-turug teu aya dulur jeung nu wawuh, atuh nya puguh wé kaditu kadieu gé kawas hayam panyambungan.

Sinonim tina kecap “ hayam panyambungan” nyaeta …

a)

Talamba-tolombo euweuh kanyaho

b)

Teu daék cicing; kaditu kadieu waé

c)

Leumpangna lalaunan

d)

Nyasab ka tempat nu lain tujuan

e)

Baloboran ku getih

25.

Karunya ku tatangga aya nu …. Manéhna kadatangan ku hiji jalma, cenah dititah ku salakina ti kantor nyokot televisi lantaran rék dioméan. Barang datang salakina ti kantor, kacida kagétna ngadéngé éta beja téh.

Larapkeun ku kecap anu merenah pikeun kalimah diluhur …

a)

ngabobodo

b)

bodo

c)

dibodokeun

d)

sabodo-bodona

e)

pangabodo

26.

Keur urang sunda mah moal aya nu … Ka Otto Iskandar Dinata, kapan anjeuna téh salah saurang pahlawan ti tatar sunda.

Kecap nu merenah eusikeuneun kana éta kalimah nyaéta

a)

bireuk

b)

nyaho

c)

wauh

d)

apal

e)

deuheus

27.

Salira urang kumelendang di alam dunya, kudu baé ngarandapan kasusah jeung kabungah.

Sasauraan kecap “Kumelendang” dina kalimah diluhur nyaéta ….

a)

hirup

b)

ulin

c)

kumalayang

d)

rekreasi

e)

kumalangkang

28.

Bakating ku sedih ngan …. Wéh Rina téh ceurik mani ngadingdiut.

Kecap panganteus pagawéan nu merenah pikeun kalimah diluhur nyaéta ….

a)

hing

b)

barakatak

c)

bep

d)

hiung

e)

belenyeh

29.

Kecap-kecap ieu dihandap kaasup kana kecap rajékan semu, iwal …

a)

kukupu

b)

tetenong

c)

tutunjuk

d)

bakakak

e)

pipiti

30.

Urutan undak-usuk basa nu bener (loma, lemes, ka sorangan, lemes ka batur) nyaéta …

a)

dahar, neda, tuang

b)

dahar, emam, tuang

c)

balik, mulih, wangsul

d)

indit, angkat, mios

e)

miang, indit, ngador

31.

“Gan Didi mah keur beunghar téh béréhan deuih!”.

Kecap “Gan” nurutkeun katagori kecapna disebut ….

a)

kaayaan

b)

kecap barang

c)

sandang

d)

kecap pagawean

e)

katerangan

32.

Kecap nyangking nu hartina nyekel; dilarapkeun dina kalimah nu merenah nyaéta …

a)

Bapana nyangking kalungguhan kapala Biru Kepegawaian PEMDA Jawa Barat

b)

Manéhna nyangking buku Basa Sunda dua siki

c)

Ulah sok nyangking leungeun kuring, nyeuri!

d)

Teu nyangking saeutik-eutik acan, sugan téh jelemana bisa dipercaya

e)

Ari nyangking ucing mah lain ditatangkeup kitu atuh

33.

Resep gunta-ganti pagawéan atawa imah, manjing kana paribasa …

a)

hejo tihang

b)

Héjo cokor, badag sambel

c)

Murag bulu bitis

d)

moro julang ngaleupaskeun peusing

e)

cul dogdog tinggal igel

34.

“Wah, najan ditiupan ogé moal teurak! Cik atuh néangan (sugu) geura, ngarah seuneuna téréh hurung!”.

Kecap nu dirarangekan tur merenah pikeun kecap nu dikurungan nyaéta …

a)

panyuguan

b)

susuguan

c)

susugu

d)

disuguan

e)

pangnyuguankeun

35.

Kuring mah moal rék pipilueun kana urusan patelakna antara kang Kartono jeung ceu Kartini, komo … ka salah saurang mah. Kecap anu merenah pikeun ngeusian éta kalimah nyaéta …

a)

biluk

b)

basajan

c)

bencenong

d)

batinna

e)

becre

36.

Unsur serepan anu  acan sagemblengna kaserep kana basa Sunda ditulisna ….

a)

digurat handapan

b)

Dikekentengan

c)

Dikandelkeun

d)

Dicondongkeun

e)

biasa

37.

Carita anu wanguna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna ….

a)

carpon

b)

dongeng

c)

sketsa

d)

biografi

e)

fiksimini

38.

Ngaran-ngaran boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita disebut …

a)

pelaku

b)

jejer

c)

latar

d)

tokoh

e)

amanat

39.

Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng …

a)

parabel

b)

legenda

c)

sage

d)

mite

e)

babad

40.

Ieu di handap anu teu kaasup kana ciri-ciri dongéng, nyaéta ….

a)

Sakabeh eusi caritana bohong

b)

Teu jelas nu ngarangna

c)

Sumebarna tatalépa sacara lisan

d)

ngandung unsur-unsur pamohalan

e)

awalna kagolong kana sastra lisan

41.

Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjéna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaeta …

a)

tema

b)

pelaku

c)

purwakanti

d)

galur

e)

latar

42.

Ieu di handap anu kaasup kana kalimah pangharepan, nyaéta …

a)

Muga-muga waé rencana urang bisa laksana

b)

Hayu urang rencanakeun wé nu leuwih asak

c)

Jung baé ti heula, kuring mah aya perlu heula

d)

Sigana mah ulah indit ayeuna, bisi macét

e)

Tiasa  nyuhunkeun cai

43.

Kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting, disebutna …

a)

ceramah

b)

hutbah

c)

biantara

d)

kampanye

e)

sawala

44.

Aya jalma anu parigel dina biantara nepi ka jadi ahli biantara. Jalma anu ahli dina biantara disebutna …

a)

kurator

b)

moderator

c)

kolektor

d)

koruptor

e)

orator

45.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana gaya biantara, nyaéta lagam ….

a)

religius

b)

agiator

c)

koversasi

d)

akurasi

e)

didaktik

46.

Panata acara sok disebut ogé …

a)

protokol

b)

juru bicara

c)

narasumber

d)

penumbu catur

e)

moderator

47.

Pancén panata acara téh di antarana …

a)

Biantara pangbagéa kana lumangsungna acara

b)

Muka jeung nutup sagemblengna acara

c)

Nangtuken nu ngeusian acara

d)

Ngawakilan panata calagra

e)

Mikawanoh pangisi acara

48.

Anu pangheulana diucapkeun ku panata acara nyaéta …

a)

Panuhun panata calagra

b)

Salam bubuka     

c)

Pangwilujeung kanu haladir

d)

Ngucapkeun salam

e)

Salam panutup

49.

Anu sok ditataan ku panata acara dina bubukana nyaéta …

a)

Kabéh anu ngahadiran kana éta acara

b)

Réngréngan panata calagra

c)

Runtuyan kagiatan panata acara

d)

Runtuyan acara ti mimiti nepika lekasan

e)

Kabéh anu bakal ngisi dina acara

50.

Runtuyan acara téh biasana ditutup ku …

a)

pintonan kesenian

b)

balakecrakan

c)

joke

d)

doa

e)

sasalaman