wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PSAJ BAHASA SUNDA 2024

Total questions: 50

Worksheet time: 50mins

Name
Class
Date
1.

Obrolan patémpas-témpas antara dua urang atawa leuwih nyaéta.......

a)

Paguneman

b)

Pagungeman

c)

Pagunem

d)

Pagumenan

2.

Paguneman téh dilakukeun ku.......

a)

Nyalira bari sorana bedas

b)

Duaan tapi nu nyariosna nyalira

c)

Duaan atawa leuwih bari silitémpas

d)

Nyalira bari sorana teu kadangu ku batur

3.

Di luhur ieu mangrupa ilustrasi tina dongeng anu judulna..

a)

Sakadang kuya jeung sakadang monyet ngala cau

b)

Sakadang kuya jeung sakadang monyet salatri

c)

Si kabayan ngala cau

d)

Sakadang kuya jeung sakadang monyet ulin ka kebon

4.

Di handap ieu nu kaasup kaulinan tradisional barudak nyaeta...

a)

PS jeung Game HP

b)

PS jeung mengbal

c)

Game HP jeung langlayangan

d)

Egrang jeung ucing-ucingan

5.

(1)Nabi urang sadayana.

(2)Arab Qurés nya bangsana.

(3)Kangjeng Nabi anu mulya.

(4)Muhammad jenenganana.

Runtuyan nu merenah tina pupujian di luhur nyéta…..

a)

(1), (2), (3), (4)

b)

(1), (3), (2), (4)

c)

(1), (4), (3), (2)

d)

(1), (3), (4), (2)

6.

Minangka carita, dongeng teh ngandung unsur...

a)

Palaku, galur carita, gaya basa

b)

Palaku, gaya basa, jeung suasana

c)

Palaku, galur carita, jeung latar

d)

Galur carita jeung suasana

e)

Latar carita jeung gaya basa

7.

]Dongeng Nyi Roro Kidul anu sumebar di masarakat basisir kidul kaasup kana jenis dongeng . . . .

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Sasakala

d)

Sage

e)

Mitos

8.

Iklan layanan masyarakat nyaèta...

a)

Iklan anu miharep kauntungan

b)

Iklan anu teu miharep kauntungan

c)

Iklan ngajual barang

d)

Iklan produk

9.

Rumpaka kawih "Karatagan Pahlawan" teh eusina mangrupa ebrehan rasa sumanget merjuangkeun .....

a)

lemah cai

b)

babaturan

c)

indung bapa

d)

kaendahan alam

10.

Puisi anu sok dilagukeun, boh ditembangkeun tapi dina Kasundaan mah sok dikawihkeun. Èta wangenan tèh di sebutna naon?

a)

Rumpaka Kawih

b)

Rumpaka Puisi

c)

Rumpaka Sisindiran

d)

Rumpaka Sajak

11.

Daséntra Gawé Bareng Pemda Dina Pasanggiri Kawih Murangkalih

Bandung, Sora Jabar (13/12/2020)

Bulan Désémber anu anyar ka liwat, Daséntra gawé bareng jeung pémda Kabupatén Bandung, ngagelar pasanggiri kawih murangkalih anu tempatna di aula pémda Kabupatén Bandung. Ieu pasanggiri dilaksanakeun dina raraga ngareuah-reuah acara milangkala Kabupatén Bandung anu ka- 105.

Lantaran lobana pamilon, ieu pasanggiri dilaksanakeun salila dua poé, ti tanggal 12 nepi ka tanggal 13 Désémber. Pasanggiri dipidangkeun dina wanda rampak sekar atawa sok disebut ogé layeutan swara, anu jumlah anggotana minimal 10 urang.

Acara dibuka langsung ku Bupati Bandung. Dina pamapagna, Bupati Bandung nétélakeun kareueusna ka barudak SMP anu geus mahér ngahaleuangkeun kawih-kawih Sunda. anjeunna ogé nétélakeun kabingahna, lantaran ampir sakabéh SMP anu aya di Kabupatén Bandung ngirimkeun wawakilna. Gedé harepan cenah, mun kagiatan samodél kieu tuluy tumuluy diayakeun, minat barudak kana kasenian Sunda bakal beuki ngaronjat.

Dumasar kana téks di luhur, di handap ieu anu lain pernyataan dina bagian struktur Lead atawa puhu warta téh nya éta …

a)

Daséntra gawé bareng jeung némda Kabupatén ngayakeun pasanggiri kawih murangkalih

b)

Pasanggiri kawih murangkalih diayakeun bulan Désémber

c)

Kabupatén Bandung mangrupa tempat dina acara pasanggiri kawih murangkalih

d)

Milangkala Kabupatén Bandung anu ka-105 diayakeun salila 2 poé

12.

Daséntra Gawé Bareng Pemda Dina Pasanggiri Kawih Murangkalih

Bandung, Sora Jabar (13/12/2020)

Bulan Désémber anu anyar ka liwat, Daséntra gawé bareng jeung pémda Kabupatén Bandung, ngagelar pasanggiri kawih murangkalih anu tempatna di aula pémda Kabupatén Bandung. Ieu pasanggiri dilaksanakeun dina raraga ngareuah-reuah acara milangkala Kabupatén Bandung anu ka- 105.

Lantaran lobana pamilon, ieu pasanggiri dilaksanakeun salila dua poé, ti tanggal 12 nepi ka tanggal 13 Désémber. Pasanggiri dipidangkeun dina wanda rampak sekar atawa sok disebut ogé layeutan swara, anu jumlah anggotana minimal 10 urang.

Acara dibuka langsung ku Bupati Bandung. Dina pamapagna, Bupati Bandung nétélakeun kareueusna ka barudak SMP anu geus mahér ngahaleuangkeun kawih-kawih Sunda. anjeunna ogé nétélakeun kabingahna, lantaran ampir sakabéh SMP anu aya di Kabupatén Bandung ngirimkeun wawakilna. Gedé harepan cenah, mun kagiatan samodél kieu tuluy tumuluy diayakeun, minat barudak kana kasenian Sunda bakal beuki ngaronjat.

Dumasar kana téks di luhur, anu lain pernyataan dina bagian struktur Body, nya éta …

a)

Pasanggiri dipidangkeun dina wanda rampak sekar atawa layeuta swara

b)

Acara pasanggiri kawih loba pisan pamilonna

c)

Pasanggiri kawih murangkalih diayakeun salila 2 poé

d)

Milangkala Kabupatén Bandung anu ka-105 diayakeun salila 2 poé

13.

Dihandap ieu anu lain kaasup wangun sisindiran nyaeta . . .

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Wawangsalan

d)

Pupujian

e)

Sisindiran

14.

Ka Bandung ge meni ulah

Balik-balik rek ka mana

Ka Bandung arek kuliah

Balik-balik jadi Sarjana

Sisindiran di luhur ka asup kana jenis ...

a)

paparikan

b)

rarakitan

c)

sisindiran

d)

wawangsalan

e)

pupujian

15.

Aya Meri Dina rakit

Boboko wadah bakatul

Lain nyeri ku panyakit

Kabogoh direbut Batur

Nilik Kana eusina, sisindiran diluhur teh kagolong Kana.....

a)

Piwuruk

b)

Silih asih

c)

Sesebred

d)

Banyol

e)

Nasehat

16.

Saha anu pancénna purah nyusun runtuyan acara, nangtukeun sarta ngahaturanan saha-sahana anu midang atawa cacarita dina éta acara

a)

Panumbu Catur

b)

Moderator

c)

Panata Acara

d)

Girang Acara

17.

“Salajengna sim kuring ngahaturanan Sadérék Syifa Rahmawati kanggo maoskeun ayat suci Al Qur’an. Sumangga dihaturanan!”

Kalimat diluhur, mangrupikeun kalimat panata acara pikeun ...

a)

Ngahaturanan

b)

Nganuhunkeun

c)

Nepikeun koméntar

d)

Mungkas acara

18.

Mana salian ti sarat-sarat dihandap ieu anu kudu dipiboga ku panata acara ?

a)

Dangdan nu ménor

b)

Nyarita kalawan lancar

c)

Lentong anu merenah

d)

Maké basa anu genah éntép seureuhna

19.

Runtuyan acara, anu badé dipidangkeun dina ieu acara ...

1. Bubuka

2. Ngaoskeun ayat Suci Al Qur’an

3. Laporan Pupuhu Panitia Paturay Tineung

4. Hariring kawih “Sabilulungan”

5. Biantara Pangbagéa ti Pupuhu Komite Sakola

6. Hariring Himneu SMP

7. Biantara Bapa Kapala Sakola

Runtuyan acara diluhur, mangrupikeun acara ...

a)

Lomba maca Al-Qur'an

b)

Biantara

c)

Paturay Tineung

d)

Lomba Hariring

20.
Carita pondok nyaéta……………
a)
karangan pondok dina wangun pupuh
b)
karangan panjang dina wangun pupuh
c)
karangan pondok dina wangun lancaran
d)
karangan panjang dina wangun lancaran
21.
Ciri-ciri carpon di handap ieu, iwal....
a)
eusina panjang jeung lila macana
b)
butuh 10 atawa 30 menit dina macana
c)
kandelna 3 nepika 10 kaca
d)
latarna ngan saliwat-saliwat           
22.

Nyarita hareupeun balarea kalawan aya maksud nu tangtu disebut...

a)

Sajak

b)

Carpon

c)

Panumbu Catur

d)

Biantara

23.

Mangaruhan batur supaya nuturkeun kahayang urang jeung resep rela kaasup kana ....

a)

Wangenan Biantara

b)

Struktur Biantara

c)

Tujuan Biantara

d)

Adegan Biantara

24.

Najelaskeun eusi, maksud, jeung tujuan biantara mangrupakeun struktur biantara bagean ...

a)

Eusi

b)

Bubuka

c)

Panutup

d)

Mukadimah

25.

Susun léngkah-léngkah dina nyusun téks biantara nu merenah ...

1. Gunakeun bahasa nu hadé

2. Jieun rangka karangan

3. Eusi pepel jeun mundel

4. Téma atawa topik

a)

1234

b)

4321

c)

4231

d)

1432

26.

Assalamualaikum

Conto di luhur sok disebut ...

a)

Mukadimah

b)

Salam bubuka

c)

Salam panutup

d)

Sanduk-sanduk menta hampura

27.

Dina biantara aya nu disebut biantara resmi jeung teu resmi , dihandap ieu mana nu kaasup biantara teu resmi?

a)

Biantara ngaresmikeun sakola anyar

b)

Biantara dina rapat DPR

c)

Biantara syukuran boga imah anyar

d)

Biantara kepala sekolah jeung orang tua siswa

e)

Biantara dina upacara

28.

1) sanduk-sanduk

2) ngucapkeun salam bubuka

3) nepikeun kacindekan

4) catur hormat

5) nepikeun jejer

6) salam panutup

Sawatara hal anu sok ditepikeun dina panutup biantara nyaeta ...

a)

1-3-5

b)

3-5-6

c)

1-3-6

d)

3-4-6

e)

3-1-2

29.

dina nyusun teks biantara eusina kudu mundel,naon hartina kecap mundel teh...

a)

loba mangfaat jeung loba pulungeunana

b)

luyu jeung aturan nyieun teks biantara

c)

strukturna kudu bener

d)

merhatikeun kaedah-kaedah biantara

e)

dumasar kana struktur biantara

30.

1) ngadadak (Impromtu)

2) maca naskah ( manuskrip )

3) ngapalkeun teks ( memory teks )

4) nyatet nu penting - pentingna wungkul (extemporan )

nu kaasup kana Teknik biantara, nyaeta…...

a)

1

b)

2

c)

3

d)

kabehanna bener

e)

4

31.

Ilmu bela diri asli ti jawa barat nyaeta ....

a)
b)
c)
d)
32.

Bangunan imah asli sunda nyaeta ....

a)
b)
c)
d)
33.

Kampung anu masih keneh nyekel tur ngalaksanakeun tali paranti karuhunna disebut kampung ....

a)

buhun

b)

adat

c)

babakan

d)

dusun

34.

Kampung Pulo

Kampung Pulo nyaeta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab eta kampung teh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat eta oge aya candi, nyaeta Candi Cangkuang.

Masarakat kampung Pulo teh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaeta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancen ti Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu mulangna deui kalah betah di eta kampung.

Kampung Pulo mimiti aya dina abad ka ….

a)

15

b)

16

c)

17

d)

18

35.

soal!

Kampung Pulo ayana di daerah ….

a)

Bandung

b)

Tasikmalaya

c)

Garut

d)

Subang

36.

Tema, Palaku , Latar , Alur , Amanat kaasup kana . . . .

a)

unsur-unsur carpon

b)

kalimah tanya

c)

sifat carpon

d)

kalimah parentah

37.

Bagian bubuka eusina ngucapkeun ….

a)

inti biantara

b)

pamungkas biantara

c)

salam jeung sanduk-sanduk ka nu hadir

d)

kasimpulan biantara

38.

Carita re’kaan (fiksi) anu me’re’ kesan lir enya-enya kajadian sarta ukuranna paranjang. Mangrupakeun pengertian tina ...

a)

carpon

b)

biantra

c)

novel

d)

drama

39.

Kagiatan nyarita dihareupeun balaréa dina raraga nepikeun informasi atawa hal-hal nu kaitung penting dipikanyaho ku batur disebutna ....

a)

wawaran

b)

dramatisasi

c)

deklamasi

d)

biantara

40.

Lengkepan kalimah ieu di handap ngagunakeun ragam basa lemes (hormat)!

Bapa Camat bade ... ka ieu pertemuan.

a)

dongkap

b)

sumping

c)

linggih

d)

datang

41.

 Nu ngatur lumangsungna kagiatan diskusi atawa rapat disebut ...

a)

Panumbu Catur

b)

Girang Pangajén

c)

Pamilon

d)

Girang Serat

42.

MC mah tugasna mingpin sakabéh runtuyan acara. Ari tugas utama panumbu catur mah ...

a)

Mingpin jalanna acara dina kagiatan ceremonial samisal upacara

b)

Mingpin sakabéh runtuyan acara, minangka panengah atawa wasit dina kagiatan diskusi

c)

Pangatur acara dina nikahan, minangka nu jadi pangdeudeul acara

d)

Mingpin sakabéh lumangsungna acara, dina graduasi atawa acara resmi lianna

43.

Saméméh ngalaksanakeun tugas jadi panumbu catur, aya sawatara hal anu perlu dilakonan, di antarana:

Mikanyaho runtuyan acara. Conto dina mikanyaho runtuyan acara panumbu catur nya éta ...

a)

Hadéna mah urang geus maca heula makalah atawa matéri unggal narasumber.

b)

Moderator kudu bisa ngatur pamilon sangkan sumanget dina miluan kagiatan diskusi.

c)

Sangkan teu salah nyebut ngaran atawa pagawéan narasumber.

d)

Lilana waktu anu disadiakeun pikeun unggal narasumber, tanya-jawab, istirahat, jeung bisa ngatur suasana diskusi.

44.

Sedengkeun anu kudu dilakonan ku panumbu catur dina lumangsungna kagiatan diskusi, diantarana nyindekkeun hasil diskusi. Maksud nyindekkeun hasil diskusi nya éta ....

a)

Sound system (mikrofon), buku catetan, ngatur hadirin sangkan tartib, jeung sajabana.

b)

Sangkan urang leuwih akrab dina lumangsungna diskusi

c)

Nyieun kasimpulan dina lumangsuna diskusi/debat

d)

Jadi panengah upama aya konflik jeung bébédaan pamadegan atawa pamahaman

45.

Dina prak-prakan jadi panumbu catur téh strukturna kabagi jadi sababaraha bagian, nyaéta bubuka, ngawilujengkeun ka pamilon jeung pedaran singget kagiatan diskusi, ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi, méré waktu ka narasumber pikeun medar matérina, méré kasempetan nanya ka

pamilon, jeung panutup. Nu kaasup conto dina bubuka nya éta ....

a)

Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.

b)

Wilujeng sumping ka para pamilon ieu diskusi. Ieu diskusi téh dilaksanakeun lantaran ayana rasa prihatin kana kaayaan lingkungan anu beuki dieu téh beuki ruksak, di antarana dilantarankeun ku miceun runtan di mana waé, nu antukna nimbulkeun caah atawa banjir. Tujuan ieu diskusi téh nyaéta kumaha sangkan urang bisa ngajaga lingkungan sangkan beresih, séhat, jeung henteu nimbulkeun musibah.

c)

Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kaséhatan lingkungan, badé medar matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan Lingkungan’.

d)

Supaya ieu acara lumangsung kalawan kalancaran, sim kuring Asép Soléhudin, badé ngamoderatoran atanapi jadi panumbu catur dugi ka réngséna. Ka Bapa Udin Supidin sumangga dihaturanan kanggo ngabahas matéri salami 10 menit.

46.

Dina prak-prakan jadi panumbu catur téh strukturna kabagi jadi sababaraha bagian, nyaéta bubuka, ngawilujengkeun ka pamilon jeung pedaran singget kagiatan diskusi, ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi, méré waktu ka narasumber pikeun medar matérina, méré kasempetan nanya ka

pamilon, jeung panutup. Nu kaasup conto dina Méré kasempetan nanya ka pamilon nya éta ....

a)

Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. muga-muga mangpaat sareng jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala kalepatan. Mangga nyanggakeun deui ka panata acara. Wassalamualaikum wr.wb.

b)

Tah, mangga ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa panasaran kumaha ngajaga kaberesihan lingkungaan, dipasihan waktu kanggo ngadugikeun pertanyaan ka narasumber. Tong hilap sebutkeun nami sareng ti mana asal.

c)

Supaya ieu acara lumangsung kalawan kalancaran, sim kuring Asép Soléhudin, badé ngamoderatoran atanapi jadi panumbu catur dugi ka réngséna. Ka Bapa Udin Supidin sumangga dihaturanan kanggo ngabahas matéri salami 10 menit.

d)

Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kaséhatan lingkungan, badé medar matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan Lingkungan’.

47.

Dina prak-prakan jadi panumbu catur téh strukturna kabagi jadi sababaraha bagian, nyaéta bubuka, ngawilujengkeun ka pamilon jeung pedaran singget kagiatan diskusi, ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi, méré waktu ka narasumber pikeun medar matérina, méré kasempetan nanya ka

pamilon, jeung panutup. Nu kaasup conto dina panutup nya éta ....

a)

Supaya ieu acara lumangsung kalawan kalancaran, sim kuring Asép Soléhudin, badé ngamoderatoran atanapi jadi panumbu catur dugi ka réngséna. Ka Bapa Udin Supidin sumangga dihaturanan kanggo ngabahas matéri salami 10 menit.

b)

Wilujeng sumping ka para pamilon ieu diskusi. Ieu diskusi téh dilaksanakeun lantaran ayana rasa prihatin kana kaayaan lingkungan anu beuki dieu téh beuki ruksak, di antarana dilantarankeun ku miceun runtan di mana waé, nu antukna nimbulkeun caah atawa banjir. Tujuan ieu diskusi téh nyaéta kumaha sangkan urang bisa ngajaga lingkungan sangkan beresih, séhat, jeung henteu nimbulkeun musibah.

c)

Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. muga-muga mangpaat sareng jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala kalepatan. Mangga nyanggakeun deui ka panata acara. Wassalamualaikum wr.wb.

d)

Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.

48.

Dina prak-prakan jadi panumbu catur  nu merenah nya éta ...

a)

méré waktu ka narasumber pikeun medar matérina, bubuka,9 méré kasempetan nanya ka

pamilon, jeung panutup

b)

Bubuka, eusi, mukadimah , jeung panutup

c)

Panutup, ngawilujengkeun ka pamilon jeung pedaran singget kagiatan diskusi, bubuka, ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi, méré waktu ka narasumber pikeun medar matérina, jeung méré kasempetan nanya ka

pamilon,.

d)

Bubuka, ngawilujengkeun ka pamilon jeung pedaran singget kagiatan diskusi, ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi, méré waktu ka narasumber pikeun medar matérina, méré kasempetan nanya ka

pamilon, jeung panutup

49.

Panumbu catur katelah ogé ku istilah...

a)

Moderator

b)

MC

c)

Protokol

d)

Pembawa acara

50.

Dina prak-prakan jadi panumbu catur téh strukturna kabagi jadi sababaraha bagian, nyaéta bubuka, ngawilujengkeun ka pamilon jeung pedaran singget kagiatan diskusi, ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi, méré waktu ka narasumber pikeun medar matérina, méré kasempetan nanya ka

pamilon, jeung panutup. Nu kaasup conto dina méré waktu ka narasumber pikeun medar matéri nya éta ....