Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

7 BAHASA SUNDA

Total questions: 50

Worksheet time: 2hrs 40mins

Name
Class
Date
1.
Saha nu ngarorok Dayang Sumbi teh ...
a)
Jin
b)
Siluman
c)
Wayungyang
d)
Si Tumang
2.
Naon anu di pake nakol sirah Sangkuriang ku Dayang Sumbi teh ?
a)
Paneungeul
b)
Halu
c)
Sinduk
d)
Leungeun
3.
Saha jajaka gagah anu katarik ati kageulisan Dayang Sumbi teh ?
a)
Wayungyang
b)
Sangkuriang
c)
Siluman
d)
Raja Priangan
4.
Naon sarat nu diajukeun ku Dayang Sumbi waktu diajak kawin Sangkuriang ...
a)
Dipangnyieunkeun parahu jeung keur lalayaran dina waktu sapeuting
b)
Dipangbendungkeun Ciliwung, Citarum, jeung Cikapundung dina waktu sapeuting
c)
Dipangbendungkeun sanghyang Tikoro jeung dipangyieunkeun parahu dina waktu sapeuting
d)
Dipangbendungkeun Cikapundung jeung Citarum katut dipangyieunkeun imah dina waktu sapeuting
5.
Jadi naon parahu anu di tajong ku Sangkuriang nepika nangkub teh ? ...
a)
Gunung Tangkuban Parahu
b)
Gunung Bukit Tunggul
c)
Gunung Burangrang
d)
Gunung Galunggung
6.
Carita rekaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebar secara lisan teh disebut...
a)
Carpon
b)
Novel
c)
Sajak
d)
Dongeng
7.
Salah sahiji ciri tina karangan dongeng teh nyaeta ...
a)
Sumebar secara lisan
b)
Palakuna jin jeung siluman
c)
Temana ngeunaan kahirupan jalma biasa
d)
Loba ditulis dina buku jeung majalah
8.
Dongeng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolah saperti manusa disebut...
a)
Sage
b)
Fabel
c)
Parabel
d)
Legenda
9.
Dumasar papasinganana, anu disebut dongeng legenda teh nyaeta....
a)
Dongeng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepanen.
b)
Dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.
c)
Dongeng anu raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkara perkara anu goib.
d)
Dongeng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah.
10.
Dumasar eusina, “Nyi Roro Kidul” kaasup kana wanda dongeng....
a)
Sage
b)
Parabel
c)
Legenda
d)
Mite
11.
Pangna dongeng kaasup karya anu anonim teh sabab ....
a)
Kapanggih pangarangna
b)
Teu kapanggih pangarangna
c)
Loba pangarangna
d)
Loba palakuna
12.
Nu ngabedakeun antara dongeng jeung carita pondok teh nyaeta dongeng mah ....
a)
Eusina loba pamohalanna
b)
Kapanggih pangarangna
c)
Palakuna saeutik
d)
Eusina kahirupan sapopoe
13.
Dongeng anu eusina nyaritakeun asal-muasalna hiji tempat, barang, atawa hal sejenna disebut ....
a)
Dongeng fabel
b)
Dongeng sasakala
c)
Dongeng sajarah
d)
Dongeng jalma biasa
14.
Hal anu jadi jejer carita atawa topik utama dina dongeng disebut ....
a)
Amanat
b)
Latar
c)
Temana ngeunaan kahirupan jalma biasa
d)
Palaku
15.
Amanat teh nyaeta hal anu hayang ditepikeun ku ... dina jero karyana.
a)
Nu maca
b)
Pangarang
c)
Nu ngadengekeun
d)
Penerbit
16.
Nu netelakeun kasang tukang tempat jeung waktu lumangsungna carita dina dongeng disebut ....
a)
Tema
b)
Palakuna
c)
Amanat
d)
Latar
17.
Palaku nu mibanda sifat hade disebut...
a)
Antagonis
b)
Protagonis
c)
Utama
d)
Seuri wae
18.
Runtutan kajadian-kajadian nu ngaruntuy ngawangun hiji carita dongeng disebut ....
a)
Alur
b)
Amanat
c)
Tema
d)
Latar
19.
Anu kaasup kana dongeng sasatoan nyaeta ...
a)
Sasakala Maung Panjalu
b)
Si Kabayan Ngadeupaan Lincar
c)
Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet
d)
Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun Jadi Legok
20.
Tokoh dongeng anu disebut-sebut asli Sunda nyaeta ....
a)
Si Lamsijan
b)
Si Kabayan
c)
Si Salhiam
d)
Si Bosetek
21.
Palaku antagonis teh nyaeta palaku ....
a)
Anu hade
b)
Anu goreng
c)
Utama
d)
Imut
22.
Salah sahiji dungsi wawaran teh pikeun ...
a)
Nepikeun niat hade kalayan sopan
b)
Mangaruhan babaturan deukeut
c)
Nepikeun informasi ka balarea
d)
Nepikeun kahayang batur
23.
Naek turunna lagu atawa wirahma nyarita waktu nepikeun wawaran disebut...
a)
Lafal
b)
Lentong
c)
Volumeu
d)
Rengkak
24.
Diantara media elektronik anu bisa dipake pikeun nepikeun wawaran nyaeta....
a)
Koran
b)
Buletin
c)
Majalah
d)
Internet
25.
Diantara tataktrama nepikeun wawaran secara lisan teh ....
a)
Sikep awak kudu sangeunahna
b)
Sora kudu ngoncrang tur eces
c)
Make baju weuteuh tur mahal
d)
Kudu bari diuk dina korsi
26.
Ngalarapkeun kecap anteuran anu merenah aya dina kalimah ...
a)
Berebet diuk dina korsi
b)
Jung dahar cacamuilan
c)
Cong solat lohor di masjid
d)
Gek nginum mani ngalekik
27.
Basa jam weker disada, ____ manehna hudang bari rucam riceum. Geus kitu, ____ nangtung bari ngusap beungeut. Kecap anteuran keur ngalengkepan kalimah di luhur...
a)
Cong, am
b)
Berebet, derekdek
c)
Kuniang, jung
d)
Nerekel, jurungkunung
28.
Sadérék rieut mastaka? Landongan ku Panadol, pasti damang! Wacana di luhur disebut...
a)
Wawaran
b)
Warta
c)
Beja
d)
Iklan
29.
Mana kalimah wawaran di handap ieu?
a)
Néng Marni parantos lulus janten sarjana.
b)
Manéh téh lain sarjana?
c)
Sarjana lulusan mana éta budak téh?
d)
Ah piraku teu bisa nu kitu-kitu acan!
30.
Titenan istilah ieu dihandap : a. Wangun sajak b. Imajinasi c. Amanat d. Gaya bahasa e. Wanda sajak f. Jejer Anu ka asup kana adegan lahir nyaeta ...
a)
B, C, F, G
b)
A, C, F, E
c)
A, B, D, E
d)
B, C, D, G
31.
Sasaruana sora dina hiji sajak disebut ...
a)
Guru lagu
b)
Guru wilangan
c)
Engang
d)
Purwakanti
32.
Maksud “nada jeung suasana” dina unsur sajak nyaeta ....
a)
Gagasan pokok anu rek ditepikeun ku panyajak ka nu maca
b)
Sikep panyajak ka nu maca
c)
Hal-hal anu ngajiwaan eusi sajak
d)
Pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak
33.
Salah sahiji teknik maca sajak nyaeta...
a)
Artikulasi kudu bener
b)
Teu kudu ngagunakeun intonasi
c)
Macana tarik
d)
Meureumkeun soca
34.
Unsur pangwangun sajak anu mibanda harti pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak di sebut...
a)
Rasa
b)
Suasana
c)
Jejer
d)
Amanat
35.
Wangun karya sastra puisi anu teu kauger ku katangtuan lobana pada padalisan, guru wilangan jeung guru lagu disebut...
a)
Paguneman
b)
Drama
c)
Sajak
d)
Prosa
36.
Ari dina jenisna mah sajak sarua jeung ....
a)
Pupuh, mantra
b)
Pupuh, pupujian, mantra
c)
Pupujian, dongeng, mantra
d)
Pupuh, pupujian, dongeng
37.
Rasa jeung wirahma dina sajak kaasup kana....
a)
Unsur intrinsik
b)
Adegan Lahir
c)
Ciri sajak
d)
Adegan Batin
38.
Salah sahiji unsur sajak nyaeta ...
a)
Jejer
b)
Latar
c)
Plot
d)
Palaku
39.
Pangarang sunda anu munggaran gelarna sajak dina taun 1946-an nyaeta ....
a)
Godi suwarna
b)
Kis W S
c)
Wahyu Wibisana
d)
Ajib Rosidi
40.
Sajak kagolong kana karya sastra wangun...
a)
Sastra Buhun
b)
Sampakan
c)
Ugeran
d)
Lancaran
41.
Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara atawa basa....
a)
Donotatif
b)
Transif
c)
Intansitif
d)
Konotatif
42.
“Pasemon anu saluyu jeung eusi sajak”. Pasemon hartina....
a)
Ekspresi wajah
b)
Artikulasi
c)
Rendegan
d)
Intonasi
43.
Aksara sunda asalna tina aksara...
a)
Arab
b)
Tionghoa
c)
Laten
d)
Brahmi
44.
Aksara teh jadi ..... pparadaban antara mangsa prasajarah jeung mangsa sajarah.
a)
Ciri
b)
Fungsi
c)
Wates
d)
Pangbeda
45.
"Buku anu beureum èta sarua siga anu abdi" Dina kalimah diluhur anu kaasup kecap pangantet kecap...
a)
Buku
b)
Sarua
c)
Siga
d)
Anu
46.
Kaulinan budak awéwé nyaéta....
a)
Simar, congklak, sondah jeung ngadu kaléci
b)
Simar, congklak, sondah jeung békles
c)
Békles, congklak, sondah jeung sorodot gaplok
d)
Papanggalan, congklak, sondah jeung sorodot gaplok
47.
(teks pupujian) Anak Adam anjeun di dunya ngumbara Umur anjeun di dunya teh moal lila Eusi pupujian di luhur nyaeta…
a)
Ngingetkeun pikeun maot
b)
Ngingetkeun solawat ka kanjeng nabi saw
c)
Ngingetkeun ibadah
d)
Ngingetkeun tentang zakat
48.
“Kuring mah moal milu piknik da teu boga duit”, ceuk Imas ka Somad. Kalimah di luhur lamun dirobah jadi kalimah teu langsung unina….
a)
Imas nyarita ka Somad yén manéhna moal milu piknik sabab teu boga duit.
b)
Somad, kuring mah mola milu pinik da teu boga duit
c)
Ceuk Imas ka Somad, kuring mah moal milu piknik sabab teu boga duit.
d)
Kuring mah moal milu piknik da teu boga duit ceuk Imas
49.
Inget harita téh poé Ahad. Kira wanci haneut moyan, kuring jeung babaturan geus ngariung. Maksudna rék ngaliwet di sisi walungan Cikembang Wanci haneut moyan nuduhkeun waktu kira-kira jam…
a)
5-6 isuk-isuk
b)
8-9 isuk-isuk
c)
8-9 peuting
d)
10-11 peuting
50.
Ana . . . téh nyarékan, sorana mani handaruan, atuh sakur nu aya di dinya taya nu ngomong sakemék.
a)
Gantawang
b)
Cacakak
c)
Belengeh
d)
Prut