WorksheetsTP 1 Carpon
Total questions: 20
Worksheet time: 21mins
Anu teu kaasup kana unsur-unsur intrinsik carpon atawa struktur prosa fiksi nyaéta…
Tema
Rasa
Galur
Palaku
Latar
Ciri ukuran carpon biasana ....
1.000 - 3.000 karakter
3.000 - 5.000 karakter
5.000 - 7.000 karakter
7.000 - 9.000 karakter
Karya sastra anu direka dina basa lancaran prosa anu kalawan ukuranna pondok disebut ...
novel
biantara
carpon
panumbu catur
waktu jeung tempat lumangsungna kajadian carita disebutna ....
tema
jejer
latar
galur
anu nuduhkeun iraha kajadian dina hiji carita disebut ?
latar waktu
latar suasana
latar tempat
latar kaayaan
Carpon nyaéta...
Karya sastra rékaan anu diwangun ku sababaraha pada
Karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranna pondok
Karya sastra prosa rékaan (fiksi) dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompléks)
Karya sastra prosa anu pamohalan tur ukuranana pondok
Téma nyaéta...
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang
Tokoh anu dilalakonkeun dina carita
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita
Galur atawa plot nyaéta...
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang
Tokoh anu dilalakonkeun dina carita
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita
Anu ngabédakeun carpon jeung dongéng nyaéta...
Carpon eusina mangrupa carita, dongéng mah lalakon
Carpon mah eusina loba pamohalan, dongéng mah kaharti ku akal
Carpon eusina panjang, dongéng eusina pondok
Carpon eusina kaharti ku akal, dongéng mah loba pamohalan
Carita pondok biasana museurkeun kajadian dina...kajadian
Hiji
Dua
Tilu
Opat
Titénan ciri-ciri ieu di handap!
1) Caritana rélatif pondok
2) Kajadianna tunggal
3) Caritana kompléks jeung tokohna loba
4) Napak kana kanyataan (réalitas) sapopoé
5) Aya unsur-unsur pamohalan (teu asup akal)
Anu mangrupa ciri-ciri carita pondok dituduhkeun ku nomer…
1,2,3
2,3,4
1,2,4
3,4,5
Barang jrut turun tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harérang patingjalugrug. Geus puguh motor mah patingjalajar teu kaitung réana. Panon eunteup deui na wangunan sakola tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak pantar kuring bangun anu palinter.
Latar tempat dina éta sempalan carpon nyaéta...
Lapang
Gudang
Sakola
Alun-alun
Di handap ieu nu lain ciri-ciri carpon nyaéta....
sifat caritana naratif jeung fiktif
eusina kaharti ku akal atawa réalistis
biasana nyaritakeun kajadian kompléks
jumlah tokohna kawatesanan
wangun karangan pondok
7. Pék baca sempalan carpon di handap !
Harita kuring miboga cita-cita jadi Guru, tapi kaayaan nasib kulawarga anu hanteu walakaya megatkeun kasumangetan. Anu akhirna kuring lulus sakola ngan saukur tingkatan Sakola Dasar. Haté ceurik nempo babaturan saangkatan neruskeun sakola, merjuangkeun nasib ku sumanget diri jeung kaayaan. Palebah nalipak na diri kuring nu ayeuna ngan saukur jadi tukang koran anu gawéna udar-ider kapanasan, kahujanan, bieung laku, bieung henteu laku ieu koran. Ngagerentes dina haté kuring kudu usaha sangkan bisa sakola, hayang ningkatkeun harkat martabat kulawarga.
Téma naon anu cocog pikeun carpon di luhur....
a. Nalangsa diri
b. Putus Harapan
c. Sumanget kana pendidikan
d. Nurut ka kolot
1) Tema/jejer
2) Palaku
3) Galur
4) Bubuka
5) Amanat
Anu kaasup kana unsur intrinsik carpon nyaéta . . .
1, 2, 3, jeung 4
1, 2, 3, jeung 5
2, 3, 4, jeung 5
1, 2, 4, jeung 5
Buku kumpulan carpon dina sastra sunda leuwih ti heula batan buku kumpulan carpon dina sastra Indonesia. Buku kumpulan carpon nu munggaran dina sastra sunda, nyaeta ….
Papacangan karya Rusman Sutiasumarga
Ceurik santri karya Usep Romlin HM.
Hujan munggaran karya Ayatrohaedi
Dogdog Pangrewong karya G.S
Carita biasa karya R.A.F
Galur téh dibagi jadi tilu, nyaéta…
Galur maju, mundur jeung flashback
Galur campuran, flashback jeung bobok tengah
Galur mérélé, mundur jeung bobok tengah
Galur mérélé, mundur jeung falashback
Galur maju, mérélé, jeung bobok tengah
Gunung Nu Endah
...
Dialog Singget poe kamari di sakola, nagamalir deui dina ingetan. Dipikir-pikir bet asa pangbagjana, boga kabogoh kawas Andi. Cenah mah bentang sakola Andi teh. Sok disebut Si Cover Boy ku babaturan ge. Meni sok beukah irungna ari dipoyokan siga Galih jeung Ratna teh .
Lain ku kasepna bae ketang bogoh ka Andi teh. Eta we dumeh Andi mah pan sakitu dewasana. Bisa nuyun kuring ku sikepna nu rada ngolot. Teu urakan, sabar, jeung ah, pokona mah teu kawas lalaki sejen umumna .
...
Latar anu nyampak dina sempalan carpon di luhur nya eta ...
Gunung
Imah
Sakola
Warung
Kamar
Gunung Nu Endah
...
Dialog Singget poe kamari di sakola, nagamalir deui dina ingetan. Dipikir-pikir bet asa pangbagjana, boga kabogoh kawas Andi. Cenah mah bentang sakola Andi teh. Sok disebut Si Cover Boy ku babaturan ge. Meni sok beukah irungna ari dipoyokan siga Galih jeung Ratna teh .
Lain ku kasepna bae ketang bogoh ka Andi teh. Eta we dumeh Andi mah pan sakitu dewasana. Bisa nuyun kuring ku sikepna nu rada ngolot. Teu urakan, sabar, jeung ah, pokona mah teu kawas lalaki sejen umumna .
...
Kumaha karakter tokoh Andi dina sempalan carpon di luhur...
Bageur
Hebat
Pinter
Unik
Sabar
Gunung Nu Endah
...
Dialog Singget poe kamari di sakola, nagamalir deui dina ingetan. Dipikir-pikir bet asa pangbagjana, boga kabogoh kawas Andi. Cenah mah bentang sakola Andi teh. Sok disebut Si Cover Boy ku babaturan ge. Meni sok beukah irungna ari dipoyokan siga Galih jeung Ratna teh .
Lain ku kasepna bae ketang bogoh ka Andi teh. Eta we dumeh Andi mah pan sakitu dewasana. Bisa nuyun kuring ku sikepna nu rada ngolot. Teu urakan, sabar, jeung ah, pokona mah teu kawas lalaki sejen umumna .
...
1. Naon jejer tina sempalan carpon di luhur...
Politik
Agama
Pendidikan
Cinta
Moral
