NEW
Font size
WorksheetsEVALUASI KELAS 9 BAHASA SUNDA BAB 1 BIANTARA
Total questions: 40
Worksheet time: 2hrs 55mins
Titenan sempalan biatara di handap ieu !
Assalamu’alaikum warohmatullah wabarokatuh
Bapa Wakil Kepala Sakola Bidang Kasiswaan anu simkuring dipikahormat.
Para KM ti tiap kelas di SMP Sunda Jugala
Alhamdulillah rabbil’alamin. puji sareng sukur hayu urang panjatkeun ka Allah. Nu ngawasa ieu alam, salawat sinareng salam mugi dilungsurkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, katut ka para karabatna, sahabatna, sareng urang anu janten umatna.
Sempalan biantara di luhur teh mangrupakeun ………
Eusi Biantara
Bubuka Biantara
Rarangkay Biantara
Panutup Biantara
Assalamu’alaikum warohmatullah wabarokatuh
Bapa Wakil Kepala Sakola Bidang Kasiswaan anu simkuring dipikahormat.
Para KM ti tiap kelas di SMP Sunda Jugala
Alhamdulillah rabbil’alamin. puji sareng sukur hayu urang panjatkeun ka Allah. Nu ngawasa ieu alam, salawat sinareng salam mugi dilungsurkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, katut ka para karabatna, sahabatna, sareng urang anu janten umatna
Perkara anu teu kaasup sempalan biantara di luhur nyaeta ………
Ucapan Salam
Menta pangampura
Solawat ka Rosul
Puji sukur ka Gusti Alloh
Titenan sempalan biantara di handap ieu !
Sakedap deui urang bakal mendakan deui kaping 2 Mei teh nyaeta hari Pendidikan Nasional tea. Sakumaha biasana di sakola urang. SMP Sunda Jugala, tiap taun dina raraga mieling hari Pendidikan Nasional teh sok ngayakeun lomba cerdas cermat. Rupina dina taun ieu oge aya tradisi teh bade dihirupkeun deui.
Kumargi kitu, kalayan widi sareng pangaping ti bapa sareng dukungan para KM, dina dinten ieu urang sasarengan nangtoskeun panitia cerdas cermat taun 2009. Anu kaleresan kapilih janten panitia pamugi kersa nampi amanat ti sadaya warga SMP Sunda Jugala.
Sempalan biantara di luhur teh mangrupakeun …………..
Eusi Biantara
Bubuka Biantara
Rarangkay Biantara
Panutup Biantara
Sakedap deui urang bakal mendakan deui kaping 2 Mei teh nyaeta hari Pendidikan Nasional tea. Sakumaha biasana di sakola urang. SMP Sunda Jugala, tiap taun dina raraga mieling hari Pendidikan Nasional teh sok ngayakeun lomba cerdas cermat. Rupina dina taun ieu oge aya tradisi teh bade dihirupkeun deui.
Kumargi kitu, kalayan widi sareng pangaping ti bapa sareng dukungan para KM, dina dinten ieu urang sasarengan nangtoskeun panitia cerdas cermat taun 2009. Anu kaleresan kapilih janten panitia pamugi kersa nampi amanat ti sadaya warga SMP Sunda Jugala.
Perkara anu teu kaasup eusi sempalan biantara di luhur nyaeta ngeunaan ……
Mieling hari Pendidikan Nasional
Lomba Cerdas Cermat
Panitia Cerdas Cermat
Hadiah pikeun juara Cerdas Cermat
Titenan sempalan di handap ieu !
Tah, rupina sakitu wae bubuka ti simkuring. Kirang langkungna neda dihapunten. Pamugi ieu maksad urang teh sing kenging pituduh ti Allah Subhanahu wata’ala. Amin.
Hatur nuhun. Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarakatuh.
Sempalan biantara diluhur teh mangrupakeun ………
Eusi Biantara
Bubuka Biantara
Rarangkay Biantara
Panutup Biantara
Baca sempalan biantara ieu di handap !
Mangga urang sama-sama muji sukur ka Nu Maha Agung, Allah SWT, Solawat miwah salam mugi langgeng ngocor ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, Nabi tuladan, pamungkas utusan, mugi wae urang ka bagean lelebernana.
Sempalan biantara di luhur teh kaasup kana bagean tina ……
Panutup
Eusi
Inti
Bubuka
Biantara anu ditalar atawa ditambul kucara teu nyieun naskahna heula atawa naskahna mah dijieun heula terus di apalkeun samemehna disebut ……….
Ekstemporan
Impromtu
Biantara Resmi
Biantara Umum
Biantara anu ukur nyiapkeun naskah gurat badagna wungkul, lantaran dadakan dititah biantara disebutna ….
Ekstemporan
Impromtu
Biantara Resmi
Biantara Umum
Biantara anu naskahna dibaca, biasana disebut biantara ………
Ekstemporan
Impromtu
Biantara Resmi
Biantara Umum
Bagean nu dimimitian ku salam bubuka, laju kana nepikeun salam tur muji ka gusti, lamun perlu dibejakeun jejer atawa tema anu rek ditepikeun dina biantara, kaasup kana bagean……
Eusi
Panutup
Bubuka
Pangjejer
Bagean nu eusina ngenaan maksud atawa informasi anu rek ditepikeun nu sipatna mere beja, ngageuing jeung mere pituduh kaasup kana bagean ………….
Eusi
Panutup
Bubuka
Pangjejer
Nu teu kaasup tehnik dina nepikeun biantara, nyaeta …………
Ekstemporan
Impromtu
Biantara Resmi
Biantara Umum
Jalma anu ahli dina nepikeun biantara disebutna …….
Kreator
Deklamator
Orator
Koruptor
Bagean tina biantara anu eusina kacindekan jeung saran-saran disebut ………
Eusi
Panutup
Bubuka
Pangjejer
Kagiatan nyarita di hareupeun balarea dina raraga nepikeun informasi atawa hal-hal anu penting dipikanyaho ku batur teh disebutna ….
Deklamasi
Biantara
Dramatisasi
Wawaran
Biantara disebut oge …………..
Paguneman
Wangkongan
Pidato
Obrolan
Maksudna jelas nepikeun biantara teh nyaeta …………
Sora vocal kudu haharewosan jaba laun
Sora vocal kudu jojorowokan
Sora vocal kudu laun tur ngaharewos
Sora vocal ngoncrang tur bentes
Maksudna biantara nepikeun kudu ngentep seureuh teh nyaeta …………
Eusi biantara kudu mundel. ulah ngayayay panjang teuing
Eusi biantara kudu ngaguluyur bari haharewosan
Eusi biantara kudu ngoncrang sorana sangkan kadenge
Eusi biantara kudu ngayayay tur paranjang
Maksud pasemon atawa mimic kudu luyu jeung eusi biantara nu ditepikeun ………….
Maksudna kudu disesuaikeun jeung kondisi mun biantarana banyol tangtu pasemon kudu nembongkeun heureuy
Maksudna kudu disesuaikeun jeung kahayang urang, lamun urang hayang heureuy kabeh kudu ngadengekeun
Maksudna kudu disesuaikeun jeung pamenta panitia, lamun dibayar mahal kudu lila biantarana
Maksudna kudu disesuaikeun jeung kahayang batur sangkan urang dipuji ku nu ngadengekeun.
Jalma anu ahli biantara dina jaman kamerdekaan nyaeta ………..
Dewi Sartika
Ir. Soekarno
R.A Kartini
Ir. H. Juanda
Biantara dina basa Indonesia sarua hartina jeung....
diskusi
rapat
pidato
upacara
Rupina cekap sakitu cariosan ti simkuring, nyuhunkeun dihapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah. Hatur nuhun. Eta kekecapan teh mangrupa.....tina biantara
bubuka
eusi
kacindekan
panutup
Di handap ieu nyaeta anu kudu dilakukeun dina nepikeun biantara
Tatag dina nyaritana
Loba seuri waktu nyarita
Roman anu baeud
Bubuka mah teu pati perlu
Di handap ieu nyaeta anu lain mangrupa unsur TAMAN dina biantara
Tatag dina nyarita
Aktual temana
Munel eusina
Ngandung kalimah pangajak
Di handap ieu lain mangrupa ciri-ciri anu aya dina biantara resmi
Biantara direspon ku unggeuk
Biantara direspon ku ngajukeun pananya
Biantara direspon ku ngagodeg
Biantara direspon ku keprok
Dina biantara perlu dilarapkan Tatakrama Basa Sunda. Umpama nyarita di hareupeun anu saluhureun saperti dihreupeun Ibu / Bapa Guru perlu ngagunakeun
Ragam Basa Loma
Ragam Basa Hormat / Lemes
Basa anu kasar
Basa anu bebas, boh kasar boh lemes
Nyarita dina biantara di hareupeun jalma anu geus akrab atawa sahandapeun
Bisa ngagunakeun Ragam Basa Loma
Bisa ngomong sangeunahna
Teu perlu ngahargaan ka anu ngaregepkeun
Teu meunang ngagunakeun Ragam Basa Hormat / Lemes
Dihandap ieu anu henteu saluyu jeung naon hartina biantara
Naskah biantara kudu disusun sacara merenah jeung rapih
Biantara nyaeta nyarita dihareupeun saurang jalma
Biantara biasana direspon ku ngan saukur unggeuk, ngagodeg jeung keprok
Dina biantara, utamana biantara resmi, biasana komunikasina ngan saukur saarah atawa monologis
Dihandap ieu anu henteu saluyu jeung anu disebut biantara anu merenah
Eusi biantara kudu dieusi ku eusi jeung kacindekan, sedengkeun bubuka jeung panutup mah teu pati perlu
Eusi biantara kudu dieusi ku topik anu urang apal
Eusi biantara kudu dieusi ku topik anu matak kataji ka anu ngaregepkeun
Eusi biantara kudu dieusi ku topik anu dipikaresep ku urang
Di handap ieu nyaeta hal anu salah anu aya patalina jeung biantara
Dina nepikeun biantara, nyarita kudu tatag
Dina nepikeun biantara, naskahna bisa dibaca atawa bisa oge teu dibaca
Dina biantara teu resmi naskah biantara teu meunang dibaca
Dina biantara teu resmi kadang aya oge komunikasi dua arah, gumantung kana suasanana
Baca sempalan dongéng ieu di handap! Langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng syukur ka Alloh swt. Alhamdulillah dugi ka danget ieu mantenna masih ngalungsurkeun nikmatna ka urang. Malih ku kersa mantenna pisan urang tiasa riung mungpulung paamprok jonghok patepang raray dina raraga paturay tineung.
Paragraf di luhur ka asup kana…..biantara
Panutup
Salam panutup
Eusi
Bubuka
Rupina cekap sakieu waé pisanggem ti sim kuring, mugi-mugi tiasa ngawakilan kereteg haté sadayana. Hapunten anu kasuhun, bilih aya cariosan anu kirang merenah.
Paragraf di luhur ka asup kana…..biantara
Panutup
Salam panutup
Eusi
Bubuka
Dina bagian panutup biantara biasana ngawengku ……
Sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah
Nepikeun salam pamuka atawa salam kawilujengan
Nepikeun panghormat ka hadirin anu anu ngaluuhan acara
Ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus mere kasempetan ka dirina pikeun biantara
Eusi biantara dina acara paturay tineng kelas salapan nyaéta, iwal……
Ménta didu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur
Nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah
Ngahaturnuhunkeun ka para bapak jeung ibu guru
Ménta bekel keur neruskeun sakola kanu lewih luhur
Cara nepikeun biantara tara maké naskah, tapi naon anu rék diomongkeun dirarancang heula kalawan taliti. Biasana sok dijieun catetan-catetan mangrupa gurat badag atawa rangkay omongan anu rék ditepikeun téa, disebut métodeu biantara….
Métodeu impromptu
Métodeu ngapalkeun
Métodeu naskah
Métodeu ékstémporan
Sateuacan simkuring medar ngeunaan hak asasi manusia, sim kuring nyuhunkeun widi pikeun ngahaturkeun
nuhun ka panata calagara nu parantos masihan waktos ka sim kuring…………
Ungkara diluhur mangrupa salah sahiji conto ………
Paguneman
eusi biantara
Bubuka biantara
Biantara
Wangun biantara Improptu nyaeta ……
Galur Carita biantara
Biantara dadakan teu persiapan
Biantara Maca Naskah
Ngapalkeun biantara
Nyiapkeun matéri kalayan taliti, saterusna dijadikeun catetan leutik anu eusina poko matéri anu rék ditepikeun dina biantara, nyaéta mangrupa métode biantara…
imprtomptu
ékstémporan
naskah
ngapalkeun
Eusi biantara dina acara paturay tineng kelas IX nyaéta, iwal……
ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola
ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur
nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah.
ngahaturnuhunkeun ka para bapak jeung ibu guru
Struktur biantara anu bener nyaeta…..
salam pamuka, mukodimah, jeung eusi
bubuka, eusi jeung salam panutup
salam panutup, bubuka jeung eusi
bubuka, eusi jeung panutup
