NEW
Font size
Worksheetscarita Babad
Total questions: 15
Worksheet time: 16mins
Kecap Babad teh asalnya Tina basa ....
Sunda
Jawa
Arab
Kawi
Babad teh boga Harti .....
Muka wewengkon anyar
Nutup wewengkon
Neangan wewengkon anyar
Ningali wewengkon anyar
Anu dimaksud pamohalan nya eta .....
Hal-hal anu teu asup akal
Hal-hal anu bisa kaharti ku akal
Sagala hal anu dipikaharti ku akal
Hal-hal anu euweuh pangjentrena
Carita Babad sok disebut oge Carita sajarah, tapi eusina teu bisa sagemblengna dipercaya, lantaran ....
Aya unsur pamohalan
Aya unsur palakuna
Aya unsur jeung struktur
Asalna tina sumber anu bisa dipercaya
Anu dimaksud titik tilik dina struktur carita babad nya eta ....
Jalma anu ngalalakon Dina carita
lingkungan anu ngadasaran carita
Runtuyan ti awal nepi Ahir carita
Cara nyarita anu dipake midangkeun carita
Anu dimaksud latar nya eta
Lingkungan NU ngadasaran lumanhsungna carita
Tempat lumangsungna carita
Cara nampilkeun tempat Dina carita
Cara nyaritakeun waktu Dina carita
Wangenan Tina Carita Babad nya eta ....
Carita Wanda heubeul anu medar riwayat luluhur Atawa kajadian-kajadian penting jaman baheula
Carita jaman ayeuna anu eusina ngeunaan kajadian-kajadian
Carita ngeunaan kajadian anu kaalaman masyarakat jaman ayeuna
Carita ngeunaan tokoh Jeung kajadian anu Aya di jaman ayeuna
Ciri has dina titik tilik jalma Kahiji diantarana ....
Ngagunakeun kecap gaganti jalma Kahiji "abdi" dina cara nyaritana
cara nyaritana make kecap gaganti jalma Kahiji "manehna
Cara nyaritana make kecap gaganti jalma katilu "manehna"
Cara nyaritana make kecap gaganti jalma Kahiji "anjeun"
Di jaman baheula, kacaturkeun Karajaan Pajajaran, rajana Prabu Siliwangi. Ieu raja téh kongas (terkenal) kagagahanana. Anjeunna boga pangiring nu kacida satiana, katelahna Aki Haruman. Unggal poé, Aki Haruman ku Prabu Siliwangi sok diparéntahkeun pikeun moro (memburu) maké sumpit atawa jamparing (panah).
Hiji poé, Aki Haruman indit ka belah wétan pikeun moro. Tapi nepi ka panon poé manceran téh manéhna tacan beubeunangan baé, sanajan geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem, teu kapanggih sahulu-hulu acan.
Sempalan teks di luhur dicaritakeun make titik tilik ....
jalma kahiji
jalma kadua
jalma katilu
jalma kaopat
ciri has tina titik tilik jalma katilu diantarana nya eta ....
biasana make kecap gaganti jalma katilu "manehna"
biasana make kecap gaganti jalma kahiji "manehna"
biasana make kecap gaganti jalma katilu "kuring"
biasana make kecap gaganti jalma katilu "maneh"
Sanajan dipapaksa ku ramana, carékna embung dikawin téh keukeuh embung. Ari utusan tetep pageuh nyekel timbalan Prabu Siliwangi yén maranéhna kudu hasil ngalamar Nyi Putri. Tungtungna, ku habén dipapaksa, Nyi Putri téh ngaleungit, leungit tanpa karana.
Bur-ber ditétéangan ogé weléh teu kapanggih, ngan seungitna baé nu ka angseu (tercium) ngahiliwir. Tempat Nyi Putri ka angseu seungitna téh katelah “Lembur Buni Wangi”.
Sunan Rumenggong henteu cicing baé, bur-ber néangan putrina anu ngaleungit téa. Ber ka hilir, ber ka girang, ngalér ngidul ngétan ngulon. Lantaran nempo kolotna sakitu susahna, Nyi Putri ahirna némbongan deui di hiji imah anu nyempil.
bagean pamohalan dina carita di luhur nya eta ....
Nyi Putri ngaleungit lantaran dipapaksa tapi ngan aya seungitna wungkul
Nyi Putri dipapaksa ku kolotna
Nyi Putri karunya ka bapana anu tuluy neangan manehna
Utusan Prabu Siliwangi tetep keukeuh kudu bisa ngalamar Nyi Putri
Hiji poé, Aki Haruman indit ka belah wétan pikeun moro. Tapi nepi ka panon poé manceran téh manéhna tacan beubeunangan baé, sanajan geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem, teu kapanggih sahulu-hulu acan.
Jog, Aki Haruman nepi ka puncak hiji gunung. Ti dinya katempo ku manéhna aya cahya nu moncorong ti sisi Walungan Cipancar.
Latar waktu nu dipake dina sempalan carita di luhur nya eta ....
Siang
peuting
pasosore
subuh
Hiji poé, Aki Haruman indit ka belah wétan pikeun moro. Tapi nepi ka panon poé manceran téh manéhna tacan beubeunangan baé, sanajan geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem, teu kapanggih sahulu-hulu acan.
Jog, Aki Haruman nepi ka puncak hiji gunung. Ti dinya katempo ku manéhna aya cahya nu moncorong ti sisi Walungan Cipancar.
gunung
karaton
dayeuh
kampung
Aki Dipa téh jalmana jujur. Tara codéka, jeung salawasna pengkuh kana jangji. Éta pangna ku dununganana dipercaya. Hiji poé, Aki Dipa balik ti kota, tas dititah nagihan duit ku dununganana.
Kaitung jauh inditna téh, jaba kudu leumpang, da jaman harita mah masih kénéh langka kendaraan. Nya ku sabab éta, Aki Dipa kaburitan di jalan. Manéhna ngarasa salempang jeung degdegan, sabab loba mawa duit hasil nagihan.
Komo waktu kudu ngaliwat ka jalan anu suni mah. Mindeng kabéjakeun di dinya téh sok aya bégal. Aki Dipa teu neger-neger dirina sorangan, bari ngadunga ka Gusti Alloh, sangkan salamet. Dasar geus nasibna kudu kitu, bet Aki Dipa teh di pegat ku bégal.
carita di luhur dicaritakeun make titik tilik ...
jalma kahiji
jalma kadua
jalma katilu
jalma kaopat
Komo waktu kudu ngaliwat ka jalan anu suni mah. Mindeng kabéjakeun di dinya téh sok aya bégal. Aki Dipa teu neger-neger dirina sorangan, bari ngadunga ka Gusti Alloh, sangkan salamet. Dasar geus nasibna kudu kitu, bet Aki Dipa teh di pegat ku bégal.
Puguh waé reuwaseun pisan. Sok sieun éta bégal ngarampas duit bari ngarogahala. Najan ukur saurang, tapi éta bégal téh mawa péstol. Enya waé éta bégal téh ngahalangan liliwatan, terus ngacungkeun péstol.
“Eureun! Lamun hayang salamet, peupeujeuh silaing ulah ngalawan, jeung éta babawaan silaing pasrahkeun ka déwék!” ceuk bégal. Aki Dipa kasima. Pamohalan mun ngalawan, sabab Aki Dipa ukur mawa bedog, ari bégal nodongkeun péstol. Moal kaburu lumpat deuih, da tangtuna ogé bakal ditémbak.
latar suasana anu aya dina sempalan carita di luhur nya eta ....
pikasieuneun
pikangewaeun
piakseurieun
pikabungaheun
