NEW
Font size
WorksheetsTES FORMATIF ANALISIS CARPON
Total questions: 15
Worksheet time: 8mins
Singgetan tina naon istilah 'carpon' dina basa Sunda?
Carita panjang
Carita Pondok
Carita Populer
Carita Penting
Carita Bohong
Istilah 'carpon' disebut oge short story nu asalna tina basa?
Inggris
Walanda
Indonesia
Arab
Jawa
Sabaraha lila waktu anu diperlukeun pikeun maca carpon?
Kurang ti 15 menit
Leuwih ti 20 menit
Leuwih ti 30 menit
Leuwih ti 40 menit
Leuwih ti sa-jam
Naon bédana carpon jeung dongeng?
Duanana kaasup carita fiksi
Duanana kaasup caritana nyata
Carpon teu disebutkeun pangarangna sedengkeun dongeng disebutkeun
Palak dina carpon rea sedengkeun dongeng saeutik
Carpon mah siga enya kajadian sedengkeun dongeng mah pamohalam
Kumaha biasana kajadian dina carpon?
Réa kajadian di sababaraha tempat
Biasana tunggal, dina hiji waktu jeung tempat
Teu aya kajadian nu penting
Kajadianana salawasna rumit
Carita kajadianana panjang
Kumaha biasana palaku dina carpon?
Biasana henteu réa palakuna
Rea pisan palakuna
Henteu aya palakuna
Leuwih ti 10 palakuna
Leuwih ti 20 palakuna
Kumaha konflik dina carpon?
Salawasna rumit jeung ngarancabang
Teu aya konflik
Konflikna teu kaharti
Teu katingali konflikna
Basajan
Naon waé unsur-unsur dina carpon?
Nada, rima, jeung irama
Téma, palaku, latar, puseur sawangan, galur, jeung amanat
Dialog jeung monolog
Babak jeung adegan
Palaku jeung galur
Carpon teh mangrupa karya sastra sampeuran, lantaran asalna lain ti Sunda asli. Ti mana pangaruh ayana carpon dina sastra Sunda?
Asia
Afrika
Eropa
Australia
Amerika
Nagara mana nu méré pangaruh kana carpon Sunda?
Indonesia
Jepang
Arab
Inggris
Walanda
Iraha kira-kira munculna carpon dina sastra Sunda?
Abad ka-17
Abad ka-18
Abad ka-19
Abad ka-20
Abad ka-21
Naon judul buku kumpulan carpon munggaran nu medal?
Dod-dog Pangrewong
Papacangan
Carita Biasa
Hujan Munggaran
Gondewa
Palaku nu boga watek teu pikaresepeun, upamana cunihin, galak, deleka, hasud, panjang leungeun, jst. Kaasup palaku naon.....
Protagonis
Pentatonis
Antagonis
Diatonis
Karakter
Jalan carita, kajadian nu dilalakonkeun.....
Galur
Latar suasana
Amanat
Tema
Watek
Urang téh kudu hirup jujur lantaran anu jujur mah pasti pinanggih jeung kabagjaan, sabalikna lamun urang nyieun codéka tangtu pinanggih jeung balai saperti anu dicaritakeun dina carita pondok di luhur.
Sempalan di luhur ilaharna sok aya dina bagean....
Jejer
Tema
Konflik
Amanat
Galur
