wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

STS 1 BAHASA SUNDA GRADE 8 2024

Total questions: 40

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

Dina kawih aya istilah rumpaka, anu hartina..

a)

Kecap-kecap pinilih anu dipaké dina tembang atawa kawih

b)

Nyusun rumpaka maké patokan pupuh

c)

Nyanyi lagu-lagu kawih ku saurang

d)

Nyanyi lagu-lagu kawih ku cara babarengan

2.

Umat imut lucu

Sura seuri nyari

Larak-lirik keupat

Rumpaka diluhur dicutat tina judul kawih…

a)

Es lilin

b)

Mojang priangan

c)

Tanah sunda

d)

Karatangan pahlawan

3.

Rumapaka kawih kagolong kana wangun..

a)

Lancaran

b)

Ugeran

c)

Lalaguan

d)

Sajak

4.

"bubuy bulan, bubuy bulan sangray béntang."

Ungkara di luhur miboga harti…

a)

Sabenerna

b)

Sajalantrahna

c)

Dénotatif

d)

konotatif

5.

Dina kawih bubuy bulan, Lamun kuring ningali Situ Ciburuy, sok nyérédét haté, sabab…

a)

éndah kaayaanana

b)

ngénclong caina

c)

lega situna

d)

loba parahu

6.

Dina kawih bubuy bulan, kunaon kuring lamun ningali jalma nu biasa ngalangkung, sok nyérédét haté? Ku sabab ningali…

a)

Pameunteuna kasép

b)

Budi basana nu hadé tur sopan

c)

Jalmana nu pikaresepeun

d)

Sorot socana ti éta jalma

7.

Kawih anu eusina nyaritakeun hiji budak anu teu apal kaayaan indung bapa. Aya dina judul kawih…

a)

Budak jalanan

b)

Budak saha

c)

Jang

d)

Tanah sunda

8.

Dina karawitan sunda, antara kawih jeung tembang teh dibedakeun. Dina kawih mah aya birahma (wiletan) jeung….

a)

Ketukan (tempo)

b)

Konci nada

c)

Padalisan

d)

Jajaran

9.

Anu nyiptakeun kawih "Jang" nyaeta…

a)

Darso

b)

Kustian

c)

Oon B

d)

Mang koko

10.

Lagu "mojang priangan" teh ngagambarkeun mojang anu…

a)

Daekan

b)

Someah

c)

Judes

d)

Centil

11.

Kecap "kawih" dicandak tina kecap…….nu hartina sastra/nyastra

a)

Kai

b)

Kawi

c)

Awi

d)

Kawin

12.

Pikiran poko/eusi awata tema nu aya dina kawih, kalebet kana unsur…

a)

Jejer (sense)

b)

Rasa (feeling)

c)

Wirahma (tone)

d)

Amanat (intention)

13.

Tengetan pamadegan dihandap!

1)  Tanah Sunda

2)  Mojang Priangan

3)  Basisir Pangandaran

4)  Bubuy bulan

5)  Asmarandana

Nu mangrupa judul kawih nyaeta…

a)

1,2,3

b)

3,4,5

c)

2,3,4

d)

1,2,4

14.

Nu dimaksud padalisan nyaeta…

a)

Baris

b)

Dua baris

c)

Sabait

d)

Dua bait

15.

Naon nu disebut warta teh…

a)

Iklan

b)

berita

c)

wawancara

d)

carita

16.

Nu kaasup kana struktur warta nyaeta…

a)

Observasi, wawancara, riset media

b)

Media cetak jeung media elektronik

c)

Headline, intro, tubuh warta

d)

Sumber warta, jurnalis, narasumber

17.

"wilujeng enjing kanggo pamirsa sadayana, simkuring dina waktos ieu bade ngadugikeun warta…."

Kalimah diluhur asup kana…

a)

Pembuka warta

b)

Isi warta

c)

Teras warta

d)

Panutup warta

18.

Nu teu kaasup tehnik ngumpulkeun fakta dina warta nyaeta…

a)

Paninten/observasi

b)

Wawancara

c)

Riset media/ dokumentasi

d)

Studi literatur

19.

Jalma nu sok neangan warta disebutna….

a)

Redaktur

b)

Kolektor

c)

Jurnalis

d)

Pamilon

20.

Naon nu disebut headline dina warta teh…

a)

Judul

b)

Eusi warta

c)

Bubuka

d)

Panutup warta

21.

Nu disebut paninten/observasi pikeun neangan warta dumasar kanyataan jeung fakta teh nyaeta…

a)

Ngumpulkeun informasi ku cara macaan sumber nu geus aya

b)

Nitenan hiji kajadian atawa kaayaan, naon nu ditempo, karasa, kadangu, atawa kaalaman dina hiji kajadian atawa kaayaan nu dianggap luar biasa.

c)

Jalma nu diwawancara ku urang keur kapentingan warta

d)

Ngawawancara hiji jalma, boh ahli boh jalma biasa nu dianggep apal kana perkara anu rek diwartakeun

22.

Cara nepikeun laporan kajadian atawa kagiatan bisa ngaliwatan…

a)

Obrolan jalma

b)

Radio, TV, internet

c)

Media sosial

d)

Kabeh jawaban bener

23.

Basa dina nepikeun laporan kajadian kudu…

a)

Lemes

b)

Kasar+hormat

c)

Lemes + teu hormat

d)

Kasar

24.

Laporan kajadian aya rumusan…

a)

3W+2H

b)

3W+1H

c)

5W+1H

d)

5H+1H

25.

Sesebutan liana tina bubuka warta nyaeta….

a)

Intro

b)

Lead

c)

Headline

d)

Closing

26.

Warta teh nyaeta berita anu ditulis dumasar kana…

a)

Opini

b)

Rekaan

c)

Fakta

d)

Paguneman

27.

Ringkesan ngenaan hiji kegiatan, kaayaan, atawa hal naon wae anu geus kaalaman atawa kalaksanakeun disebut…

a)

Informasi

b)

Laporan

c)

Warta

d)

Fakta

28.

Pikeun nayakeun kaayaan ilaharna digunakeun kecap pananya…

a)

Naon

b)

Mana

c)

Kumaha

d)

Iraha

29.

Kode etik jurnalis teh nyaeta padika anu ngadadasaran moral jeung etika para insan pers. Ari kode etik pers teh ditetepkeuna ku PWI. Kecap PWI kapanjangan tina…

a)

Persatuan Warga Indonesia

b)

Persatuan Wartawan Indonesia

c)

Pekerjaan Wartawan Indonesia

d)

Perkumpulan Wartawan Indonesia

30.

"Dina dinten kamis kaping 19 September 2024…"

Kalimah diluhur asup kana unsur wangun…

a)

Naon (why)

b)

Mana (where)

c)

Kumaha (How)

d)

Iraha (When)

31.

Kajadian anu bisa dijadikeun warta nyaeta kajadian….

a)

Anu dianggap penting pikeun balarea

b)

Anu dianggap penting pikeun urang

c)

Anu dianggap penting pikeun kaluarga urang

d)

Anu dianggap penting pikeun pamingpin

32.

Mobil pikeun anu ditumpakan ku karyawan pabrik aci tabrakan jeung beus hebring di sadang, kamari sore (12/2). Akibatna lima karyawan pabrik aci tatu parna serta kudu dibawa ka rumah Sakit Bayu Asih Purwakarta. Unsur 5W + 1H anu teu aya dina teks warta diluhur nyaeta…

a)

Who (saha)

b)

What (naon)

c)

Why (kunaon)

d)

When (iraha)

33.

Barudak Sunda kiwari leuwih wanoh kana kasenian deungeun tibatan kana kasenian tradisional Sunda. Kitu hasil panalungtikan (penelitian) Lembaga Kebudayaan Sunda Sawawa (Leksus), sakumaha anu ditetelakeun ku pupuhu Leksus, Yayan Sopyan, di Lembang senen (3/3).

Saha anu ngalaksanekun panalungtikan(penelitian) dina warta diluhur.

a)

Barudak sunda kiwari

b)

Yayan Sopyan

c)

Lembaga Kebudayaan Sunda Sawawa

d)

Pupuhu Leksus

34.

Barudak Sunda kiwari leuwih wanoh kana kasenian deungeun tibatan kana kasenian tradisional Sunda. Kitu hasil panalungtikan (penelitian) Lembaga Kebudayaan Sunda Sawawa (Leksus), sakumaha anu ditetelakeun ku pupuhu Leksus, Yayan Sopyan, di Lembang senen (3/3).

Nurutkeun Yayan,eta panalungtikan teh dilaksanakeun di wewengkon kabupaten Bandung Barat salila bulan januari,ari sampelna mah 400 siswa SMP ani dianggap bisa ngawakilan siswa SMP di Kabupaten Bandung Barat.

Judul anu meremah pikeun warta di luhur nyaeta....

a)

Panalungtika Leksus

b)

Yayan Sopyan ketua pupuhu Leksus, ngayakeun panalungtikan

c)

Barudak sunda kiwari leuwing wanoh kana kasenian deungeun

d)

Barudak SMP jadi sampel panalungtikan

35.

Jalma anu tugasna macakeun warta disebut…

a)

Reporter

b)

Wartawan

c)

Supporter

d)

Editor

36.

Jentrekeun naon wae nu kaasup unsur-unsur dina kawih!

4 lines
37.

Naon bedana kawih, kakawihan jeung tembang?

4 lines
38.

Jieun conto dua kalimat denotatif jeung dua kalimah konotatif!

4 lines
39.

Jentrekeun naon wae struktur dina teks warta!

4 lines
40.

Jentrekeun tilu cara pikeun ngumpulkeun fakta dina warta!

4 lines