wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sisindiran

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Sisindiran asal kecap tina....

a)

sundar-sindir

b)

sisindir

c)

sindir

d)

sindiran

2.

Paparikan asal kecap tina 'parik' nu ngandung harti...

a)

deukeut

b)

padempet

c)

jauh

d)

ngahiji

3.

Rarakitan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nyaéta kecap mimiti dina jajaran…

a)

Ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang sarua

b)

Ka-2 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

c)

Ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-4 eusi

d)

Ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

4.

sawah ngemplang ditanduran

ka huma ngala jarami

ulah renggang duduluran

dasarna silaturahmi


Sisindiran di luhur kaasup wangun...

a)

paparikan

b)

wawangsalan

c)

rarakitan

d)

papantunan

5.

Paparikan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nyaéta padeukeutna sora dina jajaran…

a)

Ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang

b)

Ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi

c)

Ka-1 jeung ka-3, ka-2 jeung ka-4

d)

Ka-2 jeung jajaran ka-3

6.

Dumasar kana sipatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta....

a)

Paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

Piwuruk, sésébréd, silihasih

c)

Cangkang, eusi, wangsal

d)

Wawangsalan, tatarucingan, paparikan

7.

Tangkal tanjung sisi gunung

tangkal laja jeung kalapa

nya munjung kudu ka indung

nya muja kudu ka bapa


Watek paparikan di luhur nyaeta...

a)

piwuruk

b)

silih asih

c)

sesebred

d)

asmara

8.

Sing getol nginum jajamu

nu guna nguatkeun awak

sing getol neangan elmu

nu guna dunya aherat


Sisindiran di luhur kaasup wangun ....

a)

Rarakitan

b)

Wawangsalan

c)

Paparikan

d)

Papantunan

9.

Bibika tipung tarigu,

Ku engkang henteu kaharti.


Wangsalna, nyaéta…

a)

Kungkang

b)

Bibika

c)

Tipung

d)

Roti

10.

Mana nu kaasup wawangsalan di handap ieu nu wangsalna cepot...

a)

Panakawan anak semar

nineung ku kempot pipina

b)

Awi lantas pisulingeun

rek miang beurat ngalengkah

c)

Bulan cikal awal taun

tara-tara tisasari

d)

Manila ibukotana

katampina matak isin