WorksheetsCARPON & NOVEL SUNDA
Total questions: 51
Worksheet time: 34mins
Carita pondok atawa carpon ngabogaan harti, ...
karangan sastra wangun ugeran
karya sastra wangun pamohalan
karangan dina basa lancaran
karya sastra sunda wangun kalimah
Naon sasaruana antara Carpon jeung Novel?
nyaritakeun kajadian sapopoe
palaku na aya loba
ngandung unsur pamohalan
jalan caritana pungkal pengkol
kajadian anu dicaritakeun dina carpon nyaeta ..
nyaritakeun unsur pamohalan
carita anu loba masalahna
nyaritakeun kabiasaan sapopoe
carita warisan rakyat baheula
inti pikiran atawa puseur implengan pangarang anu kagambar dina karyana, disebut oge ...
palaku
panokohan
alur
jejer
runtuyan kajadian atawa nu jadi panghubung carita kajadian nu hiji jeung nu sejenna, nyaeta ...
Latar
tokoh
amanat
Alur
palaku anu ngabogaan watek hade sok biasa disebut oge...
antagonis
protagonis
tirtagonis
sadayana leres
tokoh anu jadi puseur perhatian dina carita nyeta ...
palaku utama
palaku panghibur
palaku tirtagonis
palaku tambahan
Upama ditilik tina wangunna mah carpon sarua jeung dongeng, lantaran wangunna sarua pada-pada carita teu nyata. Anu ngabedakeunna nyaeta..
carpon mah sok aya sato anu bisa nyarita
dongeng mah lir ibarat kajadian sapopoe
dongeng mah loba unsur pamohalan
teuaya bedana
pesen pangarang anu hayang ditepikeun ka nu maca, nyaeta ...
tema
alur
jejer
amanat
di handap ieu anu teu kaasup kana ciri-ciri carpon, nyaeta ...
caritana pondok
nyaritakeun kahirupan sapopoe
non fiksi
kaharti ku akal
unsur intrinsik carpon, nyeta ..
jejer, tema, alur, padalisan, amanat
tema, alur, palaku, pesen, murwakanti
alur, latar, palaku, jejer, judul, naskah
alur, tema, palaku, amanat, latar
di handap ieu anu nuduhkeun kana unsur latar waktu, nyaeta ...
Haris merengut. Tadina mah rek terus ceurik, ngan ngarasa era.
Akhirna kalaksana oge kahayang Haris boga Hape teh.
Ti harita mimiti asup ka SMP, Haris ku bibina dibere hadiah Hape.
Lain sakali dua kali Haris menta hayang pangmeulikeun Hape teh.
Ti poe senen keneh indit ka sakola teh asa teu purun. Lain teu purun diajar, ngan asa ku era. Lantaran sapatu anu ngan sarampasan teh geus ruksak. Di sakola sok pada maroyokan. Ari kuring mah tara rea ngomong.
Gambaran suasana carpon nyaeta ...
sedih
bungah
bagja
cilaka
anu nuduhkeun kana unsur latar tempat dina potongan kalimah carpon di handap nyaeta ...
ngerjakeun nomer hiji mah teu pati hese. Sakeudeung oge geus anggeus.
kuring malik, maksud teh rek balik, diuk deui kana korsi.
peutingna basa kuring keur ngapalkeun kadenge Bapa nyalukan patengahan
isukna ka sakola teh make sapatu anyar anu meunang dibeulikeun ku Bibi.
Karangan rékaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur alur caritana ngarancabang (kompléks) disebut ...
dongéng
carpon
hikayat
novél
"Ma Acah katarajang kasakit panas" kaasup kana wanda kalimah...
Kalimah aktif
kalimah pasif
kalimah langsung
kalimah teu langsung
Bédana dongéng jeung carpon, nyaéta dina dongéng mah aya...
tokoh
amanat
galur
unsur pamohalan
Tapi Apa kalah nyeusulan. Saurna, Apa mah kuat kénéh. Barina ogé budak anu mana anu henteu apal pisan kana urusan tanaman hias. Sabada kuring, Téh Sri, sareng Kang Jaka, ngobrol ka psikolog, ngarti ogé kana kahayang Apa. "malah saéna kitu. upami lirén kana kagiatanna, karunya teuing, tiasa ngalaman kabingungan oriéntasi," saur Bu Rani, psikolog sobatna Téh Sri. Dumasar sempalan teks di luhur, anu lain palaku dina éta carita, nyaéta...
Apa
Kuring
Kang Jaka
Manéhna
Carpon atawa carita pondok, istilah lainna nyaéta...
long story
short story
story
fairy story
"Tuh, ku déwék geus dipangnyieunkeun lelempangan téh, tilu. Ruyungna ogé mani geus hérang. pék geura ajaran ku ilaing!" bari nuduhkeun lelempangan anu disarandékeun dina séség dapur. budak téh katénjo bari jigrah, hég dialak-ilik. dumasar téks di luhur, Si Demung ku bapa kukutna dipangnyieunkeun...
Langlayangan
Lelempangan
Panggal
Sumpit
Singgetan tina naon istilah 'carpon' dina basa Sunda?
Carita panjang
Carita Pondok
Carita Populer
Carita Penting
Carita Bohong
Istilah 'carpon' disebut oge short story nu asalna tina basa?
Inggris
Walanda
Indonesia
Arab
Jawa
Disebut carita pondok lantaran kawatesanan dina jumlah kekecapanana, biasana diwangun?
100-300 kecap
300-400 kecap
500-1000 kecap
5000-10000 Kecap
Leuwih ti 10000 kecap
Naon bédana carpon jeung dongeng?
Duanana kaasup carita fiksi
Duanana kaasup caritana nyata
Carpon teu disebutkeun pangarangna sedengkeun dongeng disebutkeun
Palak dina carpon rea sedengkeun dongeng saeutik
Carpon mah siga enya kajadian sedengkeun dongeng mah pamohalam
Kumaha biasana kajadian dina carpon?
Réa kajadian di sababaraha tempat
Biasana tunggal, dina hiji waktu jeung tempat
Teu aya kajadian nu penting
Kajadianana salawasna rumit
Carita kajadianana panjang
Kumaha biasana palaku dina carpon?
Biasana henteu réa palakuna
Rea pisan palakuna
Henteu aya palakuna
Leuwih ti 10 palakuna
Leuwih ti 20 palakuna
Kumaha konflik dina carpon?
Salawasna rumit jeung ngarancabang
Teu aya konflik
Konflikna teu kaharti
Teu katingali konflikna
Basajan
Carpon kaasup kana wangun sastra naon?
Puisi
Drama
Kawih
Prosa
Dongeng
Naon waé unsur-unsur dina carpon?
Nada, rima, jeung irama
Téma, palaku, latar, puseur sawangan, galur, jeung amanat
Dialog jeung monolog
Babak jeung adegan
Palaku jeung galur
Nagara mana nu méré pangaruh kana carpon Sunda?
Indonesia
Jepang
Arab
Inggris
Walanda
Karya sastra caritaan nu caritana leuwih kompleks, palakuna ogé rada loba, jeung wangunna buku nya éta ...
Cerpen
Guguritan
Dongéng
Novel
Novel mangrupa bagéan tina jinis karya sastra ...
Prosa
Puisi
Drama
Anyar
Judul novel Sunda nu mimiti nya éta ...
Baruang ka nu Ngarora
Nyi Halimah
Patepung di Bandung
Paturay Tineung
Nu lain ciri tina novel nya éta
caritana panjang
palaku rada loba
teu aya pangarangna
luyu jeung kahirupan sapopoé
Nu kaasup novel barudak nya éta
Baruang Ka Nu Ngarora diterbitkeun taun ...
1914
1924
1945
1918
Jalma anu ngalalakon dina carita, sok disebut....
Jejer
Tema
Palaku
Latar
Galur
Galur teh runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepi ka ahir. Galur aya tilu nya eta merele, mundur jeung bobok tengah. Galur bobok tengah sarua hartinna jeung....
Campuran
Maju
Mundur
Flashback
Merele
Prasasti nu Ngancik dina Ati
(Popon Saadah)
Basa kuring keur ngaderes "Burni jeung Manusa" di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.
"Éta téh buku énggal?" Tanya manéhna.
"Yup!”
"Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!"
"Pamasihan."
"Parnasihan saha?"
Teu dijawab.
"Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?"
Manéhna ku kuring ukur dirérét.
"Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!"
Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun.
"Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun." Manéhna mencrong kénéh.
"Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug rnasihan," kapaksa kuring némbalan. Gandéng ku tetelepékna.
Dina sempalan tek di luhur palakuna saha wae...
Prasasti
Kuring
Prasasti, Kuring
Prasasti, Kuring (Rin), Fauzan
Prasasti, Fauzan, Rinega, Margareta
Muga baé tiwas-sucina Prabu Linggabuana heunteu jadi mamala. Kecap Mamala ngandung harti…
ruksak
bahaya
prihatin
apes
sial
unsur - unsur intrinsik novel nyaeta dihandap ieu,iwal....
tema
palaku
galur
amanat
nada
novel "Baruang ka nu ngarora" karangan...
moh.Amri
Aam amelia
D.K. Adiwinata
Dadan Sutisna
Tatang sumarsono
novel "Baruang ka nu ngarora" karangan...
moh.Amri
Aam amelia
D.K. Adiwinata
Dadan Sutisna
Tatang sumarsono
Novel teh mangrupa carita ...
nyata
rekaan
hayalan
mitos
Nu lain ciri tina novel nya éta
caritana panjang
palaku rada loba
teu aya pangarangna
luyu jeung kahirupan sapopoé
Nu kaasup unsur-unsur intrinsik novel nya eta..
Tema, nada, rasa, amanat
Tema, dialog, prolog, latar
Tema, latar, tokoh, galur, sudut pandang
Tema, latar, sudut pandang, pangarang
Galur dibagi jadi 3, iwal....
Maju
Mundur
Campuran
Mandeg
Nu teu kaasup kana unsur latar nyaeta....
Sipat
Suasana
Tempat
Waktu
Biasana jejer/tema dina novel Sunda dicokot tina....
Kahirupan di alam aherat
Kahirupan sapopoe
Kahirupan sasatoan
Kahirupan samemeh aya di alam dunya
Novel Indonesia karek medal 6 taun sanggeus novel Sunda medal. Novel Indonesia nu mimiti medal judulna....
Azab dalam kubur
Azab dan Sengsara
Sengsara membawa maut
Azab membawa penyesalan
Nu teu kaasup papasingan (jenis) novel nyaeta....
Novel barudak
Novel dewasa
Novel rumaja
Novel sesepuh
