wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kuis Rumpaka Kawih

Total questions: 45

Worksheet time: 35mins

Name
Class
Date
1.

Rumpaka kawih "Tanah Sunda" teh eusina mangrupa ebrehan rasa cinta ka .....

a)

Indung bapa

b)

Lemah cai

c)

Kabogoh

d)

Kaendahan alam

2.

Puisi anu sok dilagukeun, boh ditembangkeun tapi dina Kasundaanmah sok di kawihkeun. Èta wangenan tèh di sebutna naon?

a)

Rumpaka Sajak

b)

Rumpaka Sisindiran

c)

Rumpaka Puisi

d)

Rumpaka Kawih

3.

Rumpaka Kawih tèh di wangun ku dua unsur, aya rumpaka jeung kawih.Ari Rumpaka raket patalina jeung naon?

a)

Seni Musik

b)

Rarakitan

c)

Puisi

d)

Sisindiran

4.

Rumpaka lagu sunda tèh di wangun ku dua unsur, aya rumpaka lagu sunda buhun (heubeul) jeung kiwari (kaayeunakeun). Dina wangun naon umumna rumpaka kawih Sunda buhun tèh?

a)

Seni Musik

b)

Paparikan

c)

Puisi

d)

Sisindiran (diwangun ku cangkang jeung eusi)

5.

Kumpulan sajak-sajak anu dijadikeun rumpaka lagu teh disebutna naon?

a)

Musikalisasi Puisi

b)

Musikalisask Drama

c)

Puisi

d)

Drama

6.

Kieu rasana kaduhung Rumasa salah di diri Ayeuna kari erana Indung bapa milu sedih Batur mah ukur ngalimba Tanggung jawab mah pribadi Guru wilangan jeung guru lagu dina padalisan (kalimah) ka lima nyaeta ...

a)

7-a

b)

12-u

c)

8-i

d)

8-a

7.

Karangan anu ditulis dina wangun pupuh disebut...

a)

Biantara

b)

Sajak

c)

Guguritan

d)

Pupujian

8.

Upama nilik kana wangunna, guguritan teh kaasup kana...

a)

Prosa

b)

Drama

c)

Esey

d)

Puisi

9.

Jumlah pupuh sadayana aya...

a)

16

b)

17

c)

15

d)

18

10.

Aturan dina pupuh aya dua, nyaeta...

a)

Guru vokal jeung suku kecap

b)

Guru lagu jeung Guru wilangan

c)

Guru bilangan jeung Guru lagu

d)

Guru kagu jeung Guru wilangan

11.

Anu dimaksud dongeng teh nyaeta...

a)

Carita rekaan nu teu ngandung unsur pamohalan

b)

Carita sajarah anu aya di dunia

c)

Carita rekaan nu ngandung unsur pamohalan

d)

Carita keur barudak

12.

Dongeng teh disebut oge carita anu fiksi, fiksi miboga harti...

a)

Carita nu bener aya

b)

Carita teu nyata

c)

Carita nyata

d)

Carita nu diaya-ayakeun

13.

Dongeng teh carita nu ngandung unsur pamohalan, anu dimaksud pamohalan teh nyaeta...

a)

Hal-hal anu asup akal

b)

Hal-hal anu dicaritakeun sacara lisan

c)

Hal-hal anu dijieun ku masarakat

d)

Hal-hal anu teu asup akal

14.

Anu kaasup dongeng fabel nyaeta...

a)

Sakadang kuya jeung sakadang monyet ngala cabe

b)

Karajaan sunda

c)

Sasakala gunung guntur

d)

Tangkuban parahu

15.

Dongeng "Sasakala tangkuban parahu" nyaritakeun...

a)

Asal-usul kaayaan

b)

Asal-usul hiji barang

c)

Asal-usul tempat

d)

Asal-usul sasatoan

16.

Es lilin mah didorong-dorong Dibantun mah dibantun ka Sukajadi Abdi isin dunungan samar kaduga Sok inggis mah aduh henteu ngajadi Rumpaka Kawih Es lilin ngagunakeun Wangun...

a)

Pupuh

b)

Sisindiran

c)

Sajak

d)

Wawangsalan

17.

Rumpaka kawih Es lilin diwangun ku .... padalisan

a)

4

b)

10

c)

6

d)

8

18.

Nu kaasup conto kawih modern nyaeta

a)

Karatagan Pahlawan

b)

Budak jalanan

c)

Tanah Sunda

d)

Peuyeum bandung

19.

Situ Ciburuy laukna hese dipancing Nyeredet hateNingali ngeplak caina Naon judul tina sempalan rumpaka kawih di luhur?

a)

Es Lilin

b)

Peuyeum Bandung

c)

Situ Ciburuy

d)

Bubuy Bulan

20.

Tanah Sunda

Sanggian : Koko Koswara

Tanah sunda (wibawa)

gemah ripah (tur éndah)

Nu ngumbara suka betah

Urang sunda (sawawa)

sing toweksa (percéka)

Nyangga darma nu nyata

Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran

Sing tulatén jeung rumaksa

Miara pakaya mémang sawajibna

Getén titén rumawat tanah Pusaka

Rumpaka kawih "Tanah Sunda" téh eusina mangrupa ébréhan cinta ka ....

a)

Indung bapa

b)

Kabogoh

c)

Lemah cai

d)

Kaéndahan alam

21.

Kadaharan sunda anu asalna ti Bandung nyaeta...

a)

Kembang goyang

b)

Borondong

c)

Dodol

d)

Kupat tahu

22.

Comro, misro, katimus, gegetuk jeung colénak nyaeta kadaharan anu dijieun tina...

a)

Aci

b)

Ketan

c)

Hui

d)

Sampeu

23.

Anu kaasup kana pupuh sekar ageung nyaeta

a)

Kinanti, Asmarandan, Sinom, Dangdanggula

b)

Kinanti, Gambuh, Gurisa, Lambang

c)

Kinanti, Balakbak, Durma, Mijil

d)

Kinanti, Magatru, Mijil, Pucung

24.

Pupuh durma miboga watek ...

a)

Gumbira

b)

Prihatin

c)

Sedih

d)

Panceg

25.

Jumlah pupuh sekar alit aya ...

a)

13

b)

12

c)

14

d)

15

26.

Gunung tangkuban parahu kaasup kana dongeng...

a)

Dongeng sasakala

b)

Dongeng fabel

c)

Dongeng sage

d)

Dongeng sasatoan

27.

Anu kaasup dongeng sasatoan nyaeta...

a)

Sakadang kuya jeung sakadang monyet

b)

Sasakala maung panjalu

c)

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok

d)

Si kabayan ngadeupaan lincar

28.

Bédana kawih jeung tembang nyaéta ….

a)

Kawih teu kaiket ku wirahma, tembang kaiket ku wirahma

b)

Kawih kaiket ku wirahma, tembang teu kaiket ku wirahma

c)

Kawih kauger aturan, tembang teu kauger ku aturan

d)

Kawih teu kauger aturan, tembang kaiket ku wirahma

29.

Ide poko pikiran nu aya dina rumpaka kawih disebut...

a)

Amanat

b)

Rasa

c)

Wirahma

d)

Jejer

30.

Manuk dadali, manuk pangagahna

... sakti Indonesia jaya

Manuk dadali pangkakoncarana

Resep ngahiji rukun sakabehna.

Kecap anu merenah pikeun nyampurnakeun kawih manuk Dadali di luhur nya eta ... .

a)

Pertanda

b)

Perlambang

c)

Perwatek

d)

Pertelon

31.

Baca rumpaka ieu kawih!

Es lilin mah, aduh kalapa muda

Dibantun ma, geuning ka Sukajadi

Abdi isin, geuning, samar kaduga

Sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi

Purwakanti dina rumpaka kawih di luhur, nyaéta…

a)

a-i-a-i

b)

e-d-a-s

c)

da-di-ga-di

d)

muda-Sukajadi-kaduga-ngajadi

32.

Sapopoé kadé lali

Sasauran basa Sunda

Ka indung jeung ka bapa

Ka lanceuk jeung ka adi

Sing tarapti bari hadé budi

Dina kalimah "Sapopoé kadé lali", kecap lali téh hartina ….

a)

Poho

b)

Sieun

c)

Bisa

d)

Daek

33.

Sora vokal tungtung engang nu sarua disebut...

a)

Wirahma

b)

Nada

c)

Purwakanti

d)

Ras

34.

Kawih asalna tina kecap?

a)

Kapy

b)

Kavy

c)

Kawy

d)

Kavi

35.

Nu dimaksud padalisan nya éta ...

a)

dua baris

b)

duabait

c)

baris

d)

sabait

36.

Patokan guru wilangan 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i disebat pupuh ?

a)

Kinanti

b)

Balakbak

c)

Sinom

d)

Durma

37.

Patokan guru wilangan guru lagu 10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u nyaeta pupuh ?

a)

Sinom

b)

Mijil

c)

Asmarandana

d)

Pangkur

38.

Jumlah engang dina unggal padalisan disebut...

a)

guru wilangan

b)

guru lagu

c)

guru bilangan

d)

guru sora

39.

Pupuh Durma dina sapadana diwangun ku...

a)

7 padalisan

b)

5 padalisan

c)

8 padalisan

d)

6 padalisan

40.

Guru wilangan jeung guru lagu dina pupuh durma nyaeta...

a)

12-a, 7-a, 6-a, 8-i, 5-a, 7-a

b)

12-a, 7-i, 6-u, 7-i, 8-i, 5-a, 7-a

c)

12-i, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-a

d)

12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-a

41.

Jelaskeun naon anu dimaksud Rumpaka Kawih?

4 lines
42.

Sebutkeun naon bedana Kawih jeung Tembang!

4 lines
43.

Sebutkeun jenis-jenis dongeng!

4 lines
44.

Sebutkeun 2 judul dongeng sasakala!

4 lines
45.

Tulis 1 kawih sunda nu hideup apal!

4 lines