wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sisindiran Bahasa Sunda

Total questions: 40

Worksheet time: 21mins

Name
Class
Date
1.

Sisindiran di wangun ku.......padalisan

a)

hiji

b)

dua

c)

tilu

d)

opat

2.

Sisindiran dibagi jadi tilu, nya eta.....

a)

paparikan, rarakitan, pupujian

b)

rarakitan, paparikan, wawangsalan

c)

rarakitan, wawangsalan, pupujian

d)

paparikan, wawangsalan pupujian

3.

Sisindiran anu padeukeut sora tungtungna disebut....

a)

wawangsalan

b)

pupujian

c)

rarakitan

d)

paparikan

4.

Sisindiran anu dibalikan deui kecap mimitina dina padalisan eusi disebut...

a)

wawangsalan

b)

pupujian

c)

rarakitan

d)

paparikan

5.

Belut sisit saba darat,

kapiraray siang wengi...

wangsalna........

a)

belut

b)

hileud

c)

oray

d)

simeut

6.

Baju bodas ngurus pasen. Aya hp nu ngageter,

wangsalna

a)

GURU

b)

SUSTER

c)

DOKTER

d)

ARSITEK

7.

DUMASAR KANA EUSINA KAASUP KANA . . . .

a)

SILIH ASIH

b)

PIWURUK

c)

SESEBRED

d)

TEKA - TEKI

8.

Anu kaasup kana jenis sisindiran rarakitan nyaeta . . . .

a)
b)
c)
d)
9.

MAUNG TUTUL SABA KASUR

DIRI TEU NGEUNAH CICING


wangsalna . . . .

a)
b)
c)
d)
10.

AYA MANUK DINA PAGER

NA SUKUNA AYA BOLA

LAMUN URANG HAYANG PINTER

KUDU GETOL KA SAKOLA


Dumasar eusina kaasup kana. . . .

a)

SISLIH ASIH

b)

PIWURUH

c)

SESEBRED

d)

TEKA - TEKI

11.

Kamana jalan ka asia

tuh kaditu ka palih wetan

kamana jalan ka ...

tuh kaditu ka pangaosan

a)

surga

b)

jakarta

c)

bapa

d)

sakola

12.

Ka pasar meser ragaji

Ragajina tinggal dua

Boga budak pinter...

Nu reueus pasti kolotna

a)

ngabati

b)

ngaji

c)

nyanyi

d)

ngagali

13.

Angeun hurang sapariuk

bawangna ngan dua sihung

ulah mungpang ka ...

bisi akhirna kaduhung

a)

diduruk

b)

ngacapruk

c)

dariuk

d)

piwuruk

14.

Salila milu ka dinya

teangan roda padati

salila hirup di ....

teangan elmu pangarti

a)

ema

b)

dunya

c)

mitoha

d)

sakola

15.

Pamungkus dadampar suku.

Carita budak pahatu.


wangsalna...

a)

Kameja

b)

Parahu

c)

Sendal

d)

Sapatu

16.

Nu ngabédakeun antara Paparikan jeung Rarakitan nya éta..

a)

Aya hurup nu diulang dina puhu kalimah

b)

Aya hurup nu diulang dina tungtung kalimah

c)

Aya kecap nu diulang dina tungtung kalimah

d)

Aya kecap nu diulang dina puhu kalimah

17.

1. Lamun hayang hirup senang

2. ulah make kaos kutang

3. ulah daék loba hutang

4. Lamun hayang ulin beurang


Susunan sisindiran ieu sangkan jadi sisindiran nu bener nya éta

a)

4, 2, 1, 3

b)

3, 1, 2, 4

c)

2, 1, 4, 3

d)

1, 4, 2, 3

18.

Lengkepan ieu sisindiran!


Pamungkus dadampal suku

........


wangsalna: Sapatu

a)

Carita budak pahatu

b)

Eusi haté bet teu kedal

c)

Urang Sunda sok silih sapa

d)

Duh karunya budak pahatu

19.

Wawangsalan nu cocog keur gambar di luhur nya éta...

a)

Wanoja bolong tonggongna,

Wiwirang di kolong cantang.

b)

Mojang jangkung cikikikan,

matak bungah ieu ati.

c)

Wanoja geulis kacida,

bungah temen ieu haté.

d)

Euweuh nu cocog!

20.

Daging beuleum ditiiran,

matak seseblakan haté.


wangsalna:....

a)
b)
c)
d)
21.

Ramo deukeut indung leungeun

sing tumut kana piwuruk

a)

Cinggir

b)

Curuk

c)

Jempol

d)

Jajangkung

22.

Paranti nulis dina bor

lapur kaburu ku batur

a)

Spidol

b)

Kapur

c)

Pulpen

d)

Batu

23.

Mihapé sisir jeung minyak

kadé kaancloman leungeun

Mihapé pikir jeung niat

kadé kaangsonan deungeun


Sisindiran di luhur kaasup kana jenis?

a)

Wawangsalan

b)

Paparikan

c)

Piwuruk

d)

Rarakitan

24.

Meri bodas panjang beuheung

Kasorang kalakon biheung

a)

Bebek

b)

Soang

c)

Heulang

d)

Kaso

25.

Miara marmot di tepas

Diparaban daun sampeu

Ngajajap kelas dualas

Anu lulus taun ieu


Sisindiran di luhur asup kana jenis sisindiran?

a)

Piwuruk

b)

Paparikan

c)

Wawangsalan

d)

Rarakitan

26.

Daék sotéh ka Cinangka

ka Cisitu mah teu purun

Daék sotéh ka manéhna

ka nu itu mah teu purun


Sisindiran di luhur eusina ngeunaan?

a)

Silih Asih

b)

Sésébréd

c)

Piwuruk

d)

Moyok

27.

Mana anu teu asup kana ciri sisindiran...

a)

Sapadana diwangun ku opat jajar

b)

Jajaran kahiji jeung kadua disebutna cangkang

c)

Sora vokal dina tungtung cangkang, murwakanti jeung vokal dina tungtung eusi

d)

Kecap awalna sarua

28.

Buah manggu dina nyiru

Mulung kupa dirigénan

Guru digugu ditiru

Indung bapa diajénan


Eusi sisindiran di luhur ngeunaan?

a)

Silih asih

b)

Cinta

c)

Piwuruk

d)

Sésébréd

29.

Poé saptu metik entéh

bubukna arék dibeuleum

Deuleu itu aki manéh

buukna dipulas beureum


Sisindiran di luhur eusina ngeunaan?

a)

Piwuruk

b)

Silih asih

c)

Cinta

d)

Sésébréd

30.

Sisindiran dina basa Indonesia mah sok disebut...

a)

berita

b)

cerpen

c)

pantun

d)

dongeng

31.

Paparikan, rarakitan, jeung wawangsalan kaasup kana ... sisindiran

a)

watek

b)

harti

c)

bagian

d)

bentuk

32.

Wawangsalan hartina ...

a)

Karangan anu diwangun ku cangkang jeung eusi dina dua padalisan

b)

Karangan anu diwangun ku cangkang jeung eusi dina tilu padalisan

c)

Karangan anu diwangun ku cangkang jeung eusi dina opat padalisan

d)

Jawaban b jeung c bener

33.

Padalisan ka hiji jeung ka dua dina sisindiran sok disebut...

a)

cangkang

b)

eusi

c)

pada

d)

engang

34.

wawangsalan diwangun ku sabaraha engang ...

a)

9

b)

10

c)

7

d)

8

35.

Salasahiji watek sisindiran teh, iwal ...

a)

Silih asih

b)

Piwuruk

c)

Sesebred

d)

Ngagoda

36.

CAKCAK GEDE DINA BILIK

DUIT KURING KEUR BOKE


WANGSALNA . . . .

a)
b)
c)
d)
37.

GEDONG GEDE DI SAGARA

KAPALANG GEUS BELA PATI


wangsalna . . . .

a)
b)
c)
d)
38.

Sato badag tulaléan,

Nu dijajah mah sangsasara.


Wangsalna:...

a)
b)
c)
d)
39.

Panyelang Méi jeung Juli

lalaki tong leumpeuh yuni

a)

Juli

b)

Agustus

c)

Kiwari

d)

Juni

40.

Sing getol nginum jajamu

Nu guna nguatkeun urat

Sing getol néangan élmu

Nu guna dunya ahérat


Eusi sisindiran di luhur eusina ngeunaan . . . .

a)

Kudu gétol maca buku

b)

Kudu getol digawé

c)

Kudu gétol sakola

d)

Kudu getol néngan élmu