Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

9 ASAS/PAS Bahasa Sunda 2024

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.
Assalamu’alaikum Wr. Wb Ungkara diluhur dina biantara mangrupa …
a)
salam pamuka
b)
bubuka biantara
c)
eusi biantara
d)
panutup biantara
2.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb Ungkara diluhur dina biantara mangrupa …
a)
salam pamuka
b)
eusi biantara
c)
panutup biantara
d)
salam panutup
3.
Bapa Pupuhu SMP Kancana anu mulya, Ibu miwah Bapak Guru anu ku sim kuring dipihormat. Parasiswa rerencangan sim kuring katut adi-adi sadayana anu sami-sami hadir dina ieu acara. Sateuacana, mangga urang munajat ka Gusti Nu Mahasuci. Ku hidayah-Na, urang sadaya tiasa tepang wajah, patepung lawung. Dina waktos ayena, sim kuring bade ngadugikeun biantara nu jejerna “Ngabageakeun Murid Anyar” Paragraf diluhur dina biantara mangrupa …
a)
salam pamuka
b)
bubuka biantara
c)
eusi biantara
d)
panutup biantara
4.
“Bapa Pupuhu SMP Kancana anu mulya …” Pupuhu dina kalimah diluhur hartina …
a)
ketua
b)
wakil ketua
c)
sekretaris
d)
pengurus
5.
Hadirin anu dimulyakeun ku sim kuring, mangga atuh ayeuna urang sami-sami …. biantara ti Bapa Pupuhu SMP Kancana.
a)
dangu
b)
ngadangu
c)
ngadangukeun
d)
ka danguna
6.
Kapan upama di antara urang atos silikawanoh mah, pendak dijalan pasampangan teh moal sapertos ka jalmi salangkung. Tangtos urang bakal silitaros, tetebiheun atuh kana silianjangan mah. Atuh adi-adi oge ku lancek-lancek di dieu barisdibimbing tur diaping. Diwanoh-wanohkeun kana sagala kagiatan di ieu sakola. Adi-adi, lebet k adieu teh panginten ari tos wanoh jeung lanceuk-lanceuk mah, moal talamba-tolombo teuing, siga hayam panyambungan. Paragraf diluhur dina biantara mangrupa …
a)
salam pamuka
b)
bubuka biantara
c)
eusi biantara
d)
panutup biantara
7.
“ ….pendak di jalan pasampangan téh moal sapertos ka jalmi salangkung. “ Jalmi salangkung hartina ….
a)
dulur
b)
tatangga urang
c)
kolot urang
d)
jalma nu teu dipikawanoh
8.
“Diwanoh-wanohkeun kana sagala kagiatan di ieu sakola.” Kecap asal tina diwanoh-wanohkeun nyaéta ….
a)
wawanohan
b)
diwanohkeun
c)
wanoh
d)
ngawanohkeun
9.
“….. moal talamba-tolombo teuing, siga hayam panyambungan.” Hayam panyambungan kaasup kana wangun …
a)
sindir
b)
paribasa
c)
cacandran
d)
babasan
10.
Upama hidep hayang aktif dina kagiatan kaorganisasian di ieu sakola, tangtu ku Tétéh moal ….
a)
dihalang-halang
b)
dimomorékeun
c)
dianaktérékeun
d)
diantepkeun
11.
Atuh Bapa Pupuhu ieu sakola ge tangtos pisan bakal …kana sagala kagiatan hidep nu sipatna positif.
a)
rojong
b)
dirojong
c)
dirojongan
d)
ngarojong
12.
Sakitu anu kapihatir, tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun. Sanaos mung alakadarna, mugia aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Paragraf di luhur dina biantara mangrupa …
a)
salam pamuka
b)
bubuka biantara
c)
panutup biantara
d)
salam panutup
13.
Kuring mah resep … sareng Sumarni téh.
a)
Diwanohkeun
b)
diwanoh-wanohkeun
c)
wawanohan
d)
wanoh
14.
…… biantara ti Téh Sumarni mah mani gantung déngéeun.
a)
bandungan
b)
dibandungan
c)
kabandungan
d)
ngabandungan
15.
“… biantara ti Téh Sumarni mah mani gantung déngéeun.” Gantung déngéeun mah kaasup kana ungkara …
a)
babasan
b)
paribasa
c)
cacandran
d)
sindir
16.
“Naha nya mani gandéng kieu, saperti jogjog mondok baé di jero kelas téh.” Jogjog mondok téh ngagambarkeun hiji kaayaan anu …
a)
sepi
b)
tiiseun
c)
récét
d)
jempling
17.
Hayu atuh bareng dahar ayeuna, bener kuring mah lain …
a)
atah warah
b)
atah anjang
c)
getas harupateun
d)
ajak jawa
18.
“Ceu Onah jalma haseum budi.” Haseum budi hartina …
a)
tara daek nanya
b)
kuuleun
c)
gampang ngambek
d)
ngulit bawang
19.
Ujang, hirup mah kudu boga tangtungan atuh, ulah …. teu boga pamadeegan pisan.
a)
ngembang awi
b)
pucuk awian
c)
akar awian
d)
daun awian
20.
Bapak Kapala Sakola sareng réngréngan guru anu ku sim kuring dipihormat. Bapa sinareng Ibu Déwan Sakola nu dipihormat. Ketua OSIS sareng réngrénganana, ogé réréncangan sadayana anu sami-sami lenggah … Wacana di luhur téh mangrupa …
a)
salam pamuka
b)
bubuka biantara
c)
panutup biantara
d)
salam panutup
21.
Nu ngalantarankeun ka Ambu Warji nepi ka panonna molotot teu puguh nu di pencrong jeung celina kawas nu torek teh …
a)
pedah dibere beas ku Tua Kampung ti juragan Lurah
b)
sabab ingeten kasalakina nu ges taya dikieuna
c)
ingetkeun ka jaman baheula, waktu manehna keur senang
d)
melang ka Si Warji nu nepi ka burit can keneh balik
22.
Tua kampung teh dipiwarang ku Juragan Lurah ka Ambu Warji mikeun ….
a)
gembolan jimpo
b)
munding sarakit
c)
buku keur Si Warji
d)
beas jeung ubar batuk
23.
Anu tadina Ambu Warji keur prihatin teh ngadak-ngadak hatena lejat tur ngarasa bungah taya papadana alatan …
a)
Si Warji dipuji budak bager jeung pikaresepeun
b)
aya kiriman ti Juragan Lurah keur dirina
c)
aya Tua Kampung nganjang ka imahna
d)
Si Warji jadi babaturan Asep Onon
24.
Si Warji the disaur ku Juragan Lurah ka bale desa rek dititah …
a)
ngabaturan Asep Onon ulin
b)
di ajar maca jeung nulis di bale desa
c)
ngangon munding ngaganti Si Adun
d)
mawa dahareun keur indungna
25.
Nu jadi alesan Si Warji daek jadi pangangon Juragan Lurah teh …
a)
bisa jadi babaturan ulin anakna Juragan Lurah
b)
bakal bisa numpak munding unggal poe
c)
kahayang manehna ti leuleutik jadi pangangon
d)
bakal diburuhan beas sarta diajar maca jeung nulis
26.
Si Warji teh geus aya disawah bari ngiringkeun munding dua rakit wanci
a)
haneut moyan
b)
lingsir ngulon
c)
meletekna sarangenge
d)
manceran
27.
Munding teh dikencarkeun ku Si Warji sina nyaratuan di ….
a)
tegalan nu kandel jukutna tur ngemploh
b)
kotakan nu kandel jukutna tur ngemploh
c)
galengan nu jukutna ngemploh hejo
d)
leweng nu jauh ti palemburan
28.
Nu dijeun ku Si Warji tina taneuh liket waktu ngangon munding teh …
a)
kendi
b)
cengcelengan
c)
patung jalma
d)
patung munding
29.
Nu najarkeun maca jeung nulis ka Si Warji di bale desa teh ….
a)
Juragan Lurah
b)
Mas Apung
c)
Ambu Warji
d)
Asep Onon
30.
Samemeh diajar maca jeung nulis, Asep Onon teh menta ka Si Warji kudu mayar heula ku pagawean ….
a)
mencetan Asep Onon upama geus capeeun ngajar
b)
ngabaturan ulin di bale desa nepi ka peuting
c)
nyeukeutankeun patlot jeung ngumbah sabak
d)
beas jeung duit nu lobana geus ditangtukeun
31.
Novel nu pangheulana aya dina sastra Sunda, nyaéta …
a)
Béntang Lapang
b)
Baruang ka nu Ngarora
c)
Sikabayan Jadi Dukun
d)
Maju Jurang Mundur Jungkrang
32.
Karya sastra anu winangun prosa rékaan (fiksi) dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompék), biasana tokohna loba, alurna panjang, lantaran laluasa, tur eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé, disebut …
a)
carpon
b)
dongéng
c)
pantun
d)
Novel
33.
Unsur pangwangun novel anu eusina nyaritakeun waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita, disebut
a)
latar
b)
jejer
c)
galur
d)
amanat
34.
Bu Guru ayeuna keur …. ngenaan novel Lain éta karangan Moh. Ambri
a)
carita
b)
nyarita
c)
nyaritakeun
d)
kacaritakeun
35.
Novel Mayit dina Dahan jéngkol dikarang ku …
a)
Ki Umat
b)
Ki Umbara
c)
Ahmad Bakri
d)
M. Ambri
36.
Novel diéktif contona …
a)
Sikabayan Jadi Dukun
b)
Maju Jurang Mundur Jungkrang
c)
Pahlawan-pahlawan ti Pasantrén
d)
Laleur Bodas
37.
Novel Kalajengking dikarang ku …
a)
Moh. Ambri
b)
Yus Rusyana
c)
Ana Mustikaati
d)
R.A.F
38.
Novel Maju Jurang Mundur Jungkrang dikarang ku …
a)
Ki Umat
b)
Ki Umbara
c)
Ahmad Bakri
d)
M. Ambri
39.
“Novel Budak Teuneung téh dikarang ku samsoedi” Teuneung dina éta kalimah hartina …
a)
taya kaludeung
b)
bodas ceuli
c)
wanian
d)
dusun meledug
40.
Nu teu kaasupkana unsur intrinsikcarita dina novel, nyaeta
a)
Téma
b)
basa
c)
pangarang
d)
sétingan/latar