WorksheetsSAS Basa Sunda Kelas 9 Sem. Ganjil
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
1) ngucapkeun salam bubuka
2) nepikeun jejer
3) nepikeun kacindekan
4) sanduk-sanduk
5) catur hormat
6) salam panutup
Sawatara hal anu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta ...
1,2 jeung 5
2,3 jeung 5
4, 5, jeung 6
Sadayana jawaban salah
1) sanduk-sanduk
2) ngucapkeun salam bubuka
3) nepikeun kacindekan
4) catur hormat
5) nepikeun jejer
6) salam panutup
Sawatara hal anu sok ditepikeun dina panutup biantara nyaeta ...
1, 3, jeung 6
2, 4, jeung 5
1, 2 jeung 5
Jawaban salah sadayana
1) nangtukeun tujuan
2) nyieun rangkay karangan
3) latihan
4) nepikeun jejer
5) sayaga mental
Leuwih hade tatahar biantara teh sistematis saperti ...
5-1-2-4-3
5-2-1-4-3
5-1-4-2-3
5-4-1-2-3
Anu katelah salaku orator ulung nyaeta ...
Hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nepikeun informasi atawa perkara hiji hal disebut …..
Biantara
Sajak
Pupuh
Koplo
Biantara sarua jeung...
dialog
monolog
pidato
puisi
...
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….
Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto ....
bubuka biantara
panutup biantara
eusi bianta
mamanis biantara
……...
Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun….
ungkaran kalimah di luhur nya eta mangrupa conto….
bubuka biantara
panutup biantara
eusi biantara
mamanis biantara
Sampurasun teh asalna tina kecap...
sampurna ning diri
sampun anu kasuhun
sampurna ning ingsun
sampurna nu kasuhun
Rupina sakitu wae anu tiasa kapihatur dina ieu biantara. Hapunten upami aya basa anu kirang merenah, anu kirang raos kakupingna ku sadayana. Bobo sapanon, carang sapakan. Hatur nuhun, Gusti Yesus ngaberkahan.
Sampurasun !
Teks di luhur kaasup biantara bagian...
Kacindekan
Bubuka
Eusi
Panutup
Dinten ieu urang sadaya mieling dinten kamerdekaan bangsa Indonesia, ku kituna sim kuring dina denget ayeuna hoyong ngemutkeun urang sadaya kanggo ngeusi ieu kamerdekaan ku hal-hal anu positif. Urang kedah ngajenan pangurbanan para pahlawan anu tos gugur. Aranjeuna bajoang ngamerdekakeun bangsa urang teh tug dugi ka maotna.
Urang salaku generasi penerus ngagaduhan tanggung jawab kanggo neraskeun tur ngajaga kamerdekaan ieu kalayan pinuh sumanget. Hayu urang tingkatkeun sumanget urang, prestasi urang, oge gotong royong urang supados bangsa urang tambah maju.
Mana informasi anu bener tina teks biantara di luhur?
urang kudu ngantepkeun kamerdekaan
urang gaduh tanggung jawab kanggo neraskeun kamerdekaan
gotong royong teh lain kawajiban urang
biantara di luhur ngeunaan poe Kebangkitan Nasional
Karya sastra caritaan nu caritana leuwih kompleks, palakuna ogé rada loba, jeung wangunna prosa nyaéta ...
Guguritan
Novel
pupuh
Biantara
Jalma anu ngalalakon dina carita, sok disebut....
Jejer
Palaku
Tema
Latar
Prasasti nu Ngancik dina Ati
(Popon Saadah)
Basa kuring keur ngaderes "Burni jeung Manusa" di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.
"Éta téh buku énggal?" Tanya manéhna.
"Yup!”
"Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!"
"Pamasihan."
"Pamasihan saha?"
Teu dijawab.
"Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?"
Manéhna ku kuring ukur dirérét.
"Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!"
Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun.
"Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun." Manéhna mencrong kénéh.
"Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug masihan," kapaksa kuring némbalan. Gandéng ku tetelepékna.
Dina sempalan tek di luhur palakuna saha wae...
Prasasti
Kuring
Prasasti, Kuring
Kuring (Rin), Fauzan
unsur - unsur intrinsik novel nyaeta dihandap ieu,iwal....
Tema
Galur
Nada
Palaku
Ana kitu mah teu adil atuh dunya téh! Ari bangsat tobat bisa ditarima ku masarakat! Tukang tipu, copét ditampa ku masarakat. Na ari ungkluk geus tobat bet pada mikaceuceub baé? Pada mikaijid? Padahal sarua! Pagawéan hina, maling, nipu, jeung ngungkluk téh! Sarua hinana! (dicutat tina Novel kembang-kembang petingan karangan Holisoh ME).
Téma anu merenah pikeun sempalan novel di luhur téh nya éta…
Sosial
Politik
agama
Pandidikan
Barang jrut turun tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harérang patingjalugrug. Geus puguh motor mah patingjalajar teu kaitung réana. Panon eunteup deui na wangunan sakola tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak pantar kuring bangun anu palinter.
Latar tempat dina éta sempalan carpon nyaéta...
Sakola
Lapang
Kebon
Kantin
”Leumpangna rumanggieung, sirahna lilinieun, pipina kemong, panonna bolotot nolol, kulitna paréot.”
Kalimah di luhur téh ngagambarkeun hiji jalma nyaéta ....
Budak leutik
Aki-aki
Budak sakola
Jajaka
de carita nu aya dina hiji karangan, disebut ...
Tema
Galur
Palaku
amanat
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina eta carita, disebut ....
Palaku
Latar
Amanat
Tema
