wayground logo

Lembar Kerja Gratis yang Dapat Dicetak

BARU

Ukuran huruf

S
M
L
XL
Lembar kerja

PAS BAHASA SUNDA KELAS IX

Total soal: 40

Worksheet time: 1hrs 20mins

Nama
Kelas
Tanggal
1.

Sikep anu nulis rumpaka kawih nu karasa ku nu ngaregepkeun atawa nu maca, upama sedih, nalangsa, bungah kaasup kana …

a)

Tema

b)

Nada

c)

Rasa

d)

Amanat

2.

Dongéng anu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung dina sajarahna disebut …

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Sasakala

d)

Sagé

3.

Gaya basa nu ngagunakeun omongan sakabéh pikeun sabagian disebut …

a)

Raguman

b)

Hurunan

c)

Tunggalan

d)

Rarahulan

4.

Ciri-ciri dongéng téh ieu di handap iwal …

a)

Kaasup karya sastra heubeul

b)

Nyebar tatalépa sacara lisan

c)

Caritana panjang

d)

Galur caritana basajan

5.

Naon anu disebut biantara téh?

a)

nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji hal dina hiji acara

b)

nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun ajaran agama

c)

nyarita di hareupeun balaréa salaku bagian tina acara

d)

nyarita di hareupeun balaréa dina hajatan

6.

Siswa anu di tes maca gancang aya tilu puluh tilu urang. Kalimah di luhur kaasup kana kalimah ...

a)

Sifat

b)

Bilangan

c)

Bilangan tahapan

d)

Kaayaan

7.

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan. Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto .....

a)

bubuka biantara

b)

eusi bianta

c)

panutup biantara

d)

mamanis biantara

8.

Ungkara wangun kalimah atawa klausa anu susunanana geus matok sarta ngandung harti babandingan disebut …

a)

Babasan

b)

Gaya basa

c)

Paribasa

d)

Basa-basi

9.

Hayam leuweung mah hese rek ….

a)

Lindeukna

b)

Amis budi

c)

Berehan

d)

Kedul

10.

Paribasa pacikrak ngalawan merak ngandung harti ...

a)

Hiji hal anu teu saimbang

b)

Hal anu bakal kahontal

c)

Hal anu mungkin

d)

Hiji hal nu teu pamohalan

11.

Naon ari nu dimaksud rumpaka teh?

a)

Lirik

b)

Nada

c)

Sajak

d)

Tulisan

12.

Lalakon anu aya dina hiji carita disebut …

a)

Palaku/Tokoh

b)

Galur

c)

Latar

d)

Tema

13.

Siswa kelas 6 pada someah lamun papanggih jeung guru. Kalimah di luhur kaasup kana kalimah ...

a)

Sifat

b)

Bilangan

c)

Bilangan tahapan

d)

Kaayaan

14.

Dongéng anu nyaritakeun asal usul kajadian hiji tempat, barang, sasatoan jeung tutuwuhan disebut…

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Sasakala

d)

Mite

15.

Kecap nu maké awalan per- nyaéta….

a)

Perwira

b)

Percis

c)

Perbawa

d)

Perlu

16.

Dongéng anu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung dina sajarahna disebut …

a)

FABEL

b)

PARABEL

c)

SASAKALA

d)

SAGE

17.

Ceu Sopi ngagaduhan sifat Amis Budi. Amis Budi hartina ...

a)

Hade akhlakna

b)

Hade rarayna

c)

Hade awakna

d)

Hade turunanana

18.

Palaku anu mibanda watek alus disebut palaku ...

a)

Antagonis

b)

Protagonis

c)

Simbiosis

d)

Religius

19.

Baca ieu sempalan biantara!

Dina ieu waktos, sim kuring kedah sasanggem minangka wawakil ti sakumna murid kelas IX anu badé ngantunkeun SMP Santo Yusup.

Saleresna mah rada rumegog waktos dipasihan ieu pancén téh, bilih anu baris dipisanggem kirang merenah sareng teu ngawakilan gerentes haté sadaya réréncangan.

Namung ku margi ieu pancén dipasrahkeun ka sim kuring, kitu deui lbu sareng Bapa Guru ogé milih sim kuring, nya atuh teu tiasa nolak.

Jalaran kitu, sateu acan ngadugikeun ieu biantara, sim kuring badé nyuhunkeun heula dihapunten, utamina pisan ka sadaya murid kelas IX, bilih baé pisanggem sim kuring téh kirang saluyu sareng harepan sadayana.

Tina naskah biantara anu dibaca ku hidep, nerangkeun ngeunaan naon eusina téh?

a)

paturay tineung

b)

tujuh belasan

c)

hajat kawinan

d)

karang taruna

20.

Tema biantara nu luyu pikeun ditepikeun dina acara paturay tineung nya eta ...

a)

miara kabersihan lingkungan

b)

ngalaksanakeun bakti sosial

c)

milih pergaulan nu sehat

d)

papisah lain hartina megatkeun silaturahmi

21.

"Persib Maung Bandung kamari jadi juara dina piala presiden." Eta kalimah téh ngandung gaya basa ...

a)

Mijalma

b)

Euphimismeu

c)

Litotés

d)

Metafora

22.

"Mani asa mobok manggih gorowong, keur mah hayang milu ari pék aya nu ngajak". Paribasa mobok manggih gorowong dina kalimah di luhur ngandung harti ...

a)

Boga kahayang tapi kahontal

b)

Boga maksud tapi teu panggih pijalaneunana

c)

Jalma nu teu boga kahayang

d)

Boga maksud terus panggih pijalaneunana

23.

Paribasa nu eusina ngébréhkeun pangalaman nu geus kapilampah nyaéta …

a)

Pangjurung laku hadé

b)

Panyaram lampah salah

c)

Wawaran luang

d)

Panyaram luang

24.

Carita pondok téh mangrupa karya sastra wangun ...

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Pantun

d)

Novel

25.

Pa Guru nuju ... Sangkuriang

a)

Dongeng

b)

Dongengan

c)

Ngadongeng

d)

Dongengna

26.

Paripolah hartina ...

a)

Hewan

b)

Pohon

c)

Tingkah Laku

d)

Jalma

27.

Téhnik biantara anu nyatetkeun heula gurat badag atawa hal-hal penting omongan anu rék ditepikeun disebut tehnik ...

a)

improtu

b)

téhnik nalar

c)

ékstémporan

d)

téhnik maca

28.

Kacapi, biola, sareng gitar ...

a)

Sebutkeun waditra seni nu dijieunna tina perunggu atawa beusi

b)

Sebutkeun alat musik nu dijieunna tina awi

c)

Sebutkeun waditra seni nu ditabeuhna ku cara ditakol

d)

Sebutkeun waditra s

29.

Basa Jam Wéker Disada ... Manéhna Hudang Bari Rucam-Riceum. Geus Kitu, ...

Nangtung Bari Ngusap Beungeut.

Kecap Anteuran Keur Ngalengkepan Kalimah Di Luhur

a)

Cong; Am

b)

Berebet; Derekdek

c)

Gurinjal; Jurungkunung

d)

Nérékél; Jurungkunung

30.

Teteh ... duit, abi ... buku

a)

Ngitung, miceun

b)

Miceun, ngaduruk

c)

Ngaduruk, ngaduruk

d)

Ngitung, maca

31.

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan.

Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto

a)

Bubuka biantara

b)

Eusi bianta

c)

Panutup biantara

d)

Mamanis biantara

32.

Kecap sugih hartina

a)

Beunghar

b)

Malarat

c)

Usum hujan

d)

Usum halodo

33.

Upama hidep dibéré pancén ku guru pikeun nulis naskah biantara, tuluy kudu diapalkeun kecap demi kecap sarta dibiantarakeun di hareupeun kelas kalayan teu maké téks.

Téhnik biantara naon nu ku hidep dipaké?

a)

téhnik nalar

b)

téhnik maca

c)

improtu

d)

ékstemporan

34.

Pupuh téh kaasup wangun karya sastra

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Pantun

d)

Prosa lirik

35.

Biantara anu ngagunakeun téks sarta dibaca sakur nu aya dina éta téks, disebut

a)

téhnik ngadadak

b)

téhnik nalar

c)

téhnik maca

d)

téhnik nyatetkeun inti

36.

Ungkara wangun kantétan atawa frasa anu susunanana geus matok tur ngandung harti injeuman disebut

a)

Babasan

b)

Gaya basa

c)

Paribasa

d)

Basa-basi

37.

Conto kalimah teu sampurna nyaéta

a)

Ucingna bulu tilu

b)

Mobil éta cét beureum

c)

Imahna sisi jalan

d)

Ka kulonkeun

38.

Ieu di handap aya conto kalimah anu ngandung gaya basa mijalma, nyaétta

a)

Gunung diharudung halimun isuk

b)

Ah, abdi mah ukur gaduh kebon satalapok jéngkol

c)

Pun Aki téh parantos kirang dangu

d)

Persib, maung Bandung kamari jadi juara dina piala presiden

39.

Runtuyan Kajadian Dina Carita Anu Ngawangun Hiji Lalakon Nepi Ka Ngaleunjeur Disebut Unsur

a)

Jejer

b)

Latar

c)

Palaku

d)

Galur

40.

Bagian-bagian dina biantara aya tilu, nya eta saperti ieu di handap, iwal

a)

eusi

b)

panutup

c)

bubuka

d)

salam panutup