NEW
Font size
WorksheetsPENILAIAN HARIAN 1
Total questions: 35
Worksheet time: 1hrs 10mins
“wayang” asal kecapna tina bayang nu artina ?
Pahlawan
Kalangkang
Carita rekaan
Pertunjukan
Dalang
Sumber utama carita wayang asalna tina…
Naskah Sunda Kuno
Cerita rakyat Nusantara
Ramayana jeung Mahabarata
Pagelaran seni tradisional
Tokoh Punakawan
Nu lain kaasup tokoh pewayangan "punakawan" dina carita wayang Sunda nyaeta…
Semar
Cepot
Unyil
Dewala
Gareng
Dorna dina versi carita wayang Sunda digambarkeun minangka…
Tokoh wijaksana jeung dipikahormat
Guru nu adil jeung jujur
Tokoh nu jahat jeung sok ngadudomba
Panglima perang nu gagah berani
Raja Amarta nu bijaksana
Srikandi dina carita wayang Sunda teh…
Lanceukna Drupadi jeung pamajikan Yudistira
Tokoh lalaki nu jadi pahlawan
Adina Drupadi jeung pamajikan Arjuna
Tokoh nu teu penting dina Mahabarata
Guru Pandawa jeung Kurawa
Carita wayang nu nyaritakeun lalampahan Rama disebut…
Mahabarata
Sanghyang Bayu
Ramayana
Jayasena
Sedamana
Wanda carita wayang nu nyokot tina carita aslina disebut…
Carangan
Galur
Sempalan
Sisindiran
Wawacan
Naskah Sunda Kuno nu nyatet bukti sumebarna carita wayang nyaeta…
Sanghyang Siksa Kandang Karesian
Ramayana
Mahabarata
Wawacan Sunda
Carita Punakawan
Gatotkaca dina versi Sunda dianggap minangka…
Tokoh nu teu penting
Panglima Kurawa
Pahlawan Amarta nu penting
Guru Pandawa
Tokoh Punakawan
Unsur carita wayang nu ngagambarkeun tempat jeung waktu disebut…
Jejer
Amanat
Latar
Palaku
Titik tilik
Jejer utama dina carita Mahabarata nyaeta…
Perang antara Rama jeung Rahwana
Perjalanan Sinta ka hutan
Perang antara Pandawa jeung Kurawa
Kahirupan Punakawan
Kisah cinta Arjuna jeung Srikandi Penjelasan: Mahabarata nyaritakeun perang Baratayuda antara Pandawa jeung Kurawa.
Naon fungsi dalang dina pagelaran wayang?
Ngiringan gamelan
Ngatur lampu jeung panggung
Ngawasa carita jeung ngagerakkeun wayang
Ngabantu sinden nyanyi
Ngatur konsumsi
Saha tokoh utama dina carita Ramayana?
Arjuna
Yudistira
Rama
Gatotkaca
Semar
Naon tujuan utama carita wayang dina budaya Sunda?
Ngajarkeun basa asing
Ngabuktikeun kapahlawanan bangsa asing
Ngabagea tamu asing
Ngabina moral jeung budaya lokal
Ngajarkeun seni lukis
Naon hartina kecap “wawacan”?
Carita pondok nu ditulis dina prosa
Karya sastra nu ditulis dina bentuk drama
Naon-naon anu dibaca
Carita nu ditulis ku aksara Latin
Puisi nu ditulis ku dalang
Wawacan ditulis dina wangun…
Prosa
Pupuh
Sisindiran
Carita pondok
Pantun
Tradisi nulis wawacan di kalangan urang Sunda dimimitian dina abad ka…
15
16
17
18
19
Aksara nu dipake pikeun nulis wawacan di lingkungan pasantren nyaeta…
Latin
Cacarakan
Pegon
Pallawa
Kawi
Struktur wawacan di antarana…
Jejer, galur, amanat
Manggalasastra, eusi, panutup
Palaku, latar, konflik
Pupuh, sisindiran, wawacan
Kolofon, titik tilik, galur
Galur wawacan dimimitian ku bagian…
Klimaks
Antiklimaks
Tungtung carita
Munculna masalah
Wiwitan carita
Seni beluk teh mangrupakeun…
Seni lukis
Seni tari
Seni nembangkeun wawacan
Seni ngadongeng
Seni ngagambarkeun tokoh
Seni jemblungan dipirig ku waditra tina…
Gitar
Awi
Rebab
Angklung
Kendang
Seni gaok ditandaan ku…
Nembang bari ngagorowok
Nembang bari ngagambarkeun tokoh
Nembang bari ngadongeng
Nembang bari ngagambarkeun latar
Nembang bari ngagambarkeun pupuh
Kecap panganteb gunana pikeun…
Ngagambarkeun tempat
Ngaronjatkeun konflik
Nandaskeun bagian penting dina kalimah
Ngagambarkeun tokoh
Ngabantu ngawangun pupuh
Nu kaasup kana kecap panganteb nyaeta…
Am, blug, gek
Mah, bae, wae
Jeung, jeung, sarta
Teu, moal, ulah
Nu, anu, saha
Kecap panganteur gunana pikeun…
Ngaronjatkeun konflik
Ngabantu ngawangun pupuh
Nganteurkeun kecap/frasa pagawean
Ngagambarkeun tokoh
Ngaronjatkeun amanat
Wawacan nu nyebar di kalangan menak ditulis make aksara…
Latin
Pegon
Cacarakan
Kawi
Sunda Modern
Carita rekaan anu ukurana paranjang, gelarna dina lisan, ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan, anu ditepikeun ku juru pantun, dipirig ku kacapi, disebutna....
Hikayat
carita pantun
Wawacan
Carita wayang
Dongeng
Tokoh-tokoh anu dilalakonkeun dina carita pantun teh umumna, nyaeta....
Satria atawa putri ti Karajaan Galuh jeung Pajajaran
Raja-raja ti Tatar Sunda
Raja-raja ti luar Tatar Sunda
Rakyat biasa ti Tatar Sunda
Sing saha wae anu aya hubunganana jeung Tatar Sunda
Bagean rumpaka (lirik) anu kudu dihaleuangkeun dina carita pantun, nyaeta....
lalakon
Rajah
Papantunan
Deskripsi
Rajah pamunah
Kumaha urutan/ struktur carita pantun nu bener téh?
Monolog – Rajah – Dialog – Deskripsi – Narasi – Rajah Panutup
Rajah – Monolog – Dialog – Deskripsi – Narasi – Rajah Panutup
Narasi – Rajah – Monolog – Dialog – Deskripsi – Rajah Panutup
Rajah – Narasi – Deskripsi – Dialog – Monolog – Rajah Panutup
Dialog - Rajah - Monolog - Narasi- Deskripsi - Rajah panutup
“ Aéh, Mama Léngsér, bagéa teuing, iraha dongkap?”
Tembalna Mama Léngsér “ Jagong carang, Ratu Emas!”
“ Jadi Mama Léngsér téh kakara hol? Atuh sukur, Mama Léngsér boa tos noong heula?”
“ Aduh Ratu Emas, ulah tadah-tuduh kanu puguh, ulah ngangaranan ka nu enya, palias teuing lamun teu tas noong”
Sempalan diluhur kaasup kana bagéan naon dina carita pantun?
Rajah
Deskripsi
Monolog
Dialog
Narasi
Sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina ménta idin, ménta pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet. Ménta kasalamétan téh lain keur nu dipangmantunkeun baé tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo éta pantun. Eta bagean teh disebut...
Rajah
Dialog
Narasi
Monolog
deskripsi
Bagean carita anu ditepikeun ku juru pantun keur ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian dina carita nyaeta ....
Rajah
Dialog
Narasi
Monolog
deskripsi
Sabaraha lila pagelaran carita pantun?
Sapoe sapeuting
7 poe 7 peuting
Sapeuting jeput
Sapoean
satengah poe
