wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UH Sastra Klasik

Total questions: 13

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Sanajan papada carita nu umumna nyebar sacara lisan, aya bébédaan ésénsial antara carita wayang jeung dongéng, di antarana mun dongéng mah caritana geus milik balaréa, ari carita wayang mah ukur bisa dipedar ku…

a)

Dalang

b)

Juru Alok

c)

Sindén

d)

Nayaga

2.

Prahasta, patih Aléngka, saenyana teu panujueun kana tindakan Rahwana merangan Rama, tapi manéhna kapaksa maju ka perang lantaran satia ka Rajana, nya éta Rahwana. Tindakan Prahasta téh nuduhkeun sikep...

a)

integritas

b)

loyalitas

c)

royalitas

d)

prioritas

3.

“Saméméh kajadian Rahwana nyulik Sinta ti alas Dandaka, tali duduluran di antara manéhna, Rahwana jeung Wibisana téh raket cara jaman manéhna keur leutik.”

Anu dimaksud ‘manéhna’ dina sempalan téks di luhur nya éta…

a)

Kumbakarna

b)

Narantaka

c)

Prahasta

d)

Sayungsrana

4.

Wibisana ditunjuk-rorék disebut biluk ka musuh ku Rahwana, disebut jukut riutan, malah diusir dititah indit.

Babasan "jukut riutan "dina sempalan téks di luhur, ngandung harti…

a)

euweuh kawani

b)

babari bendu

c)

gedé ambek

d)

teu boga prinsip

5.

Wibisana nu asalna ti pihak Aléngka milu biluk (ngabalad) ka Rama dina perang Ayodya jeung Aléngka, ku alesan…

a)

ngabéla bebeneran

b)

keuheul ka Rahwana

c)

demi patriotisme

d)

loyal ka Rama

6.

“Kumbakarna lain rék ngabélaan Prabu Rahwana. Pamadeganna tetep, raja Aléngka nu salah, sabab Rama ngan ukur nohonan kawajibanana, nyusul bojona anu diboyong kadieu. Anu maju poé ayeuna lain Arya Kumbakarna ahli waris Prabu Somali. Lain! Tapi Kumbakarna putra Aléngka, Kumbakarna warga Aléngka anu teu ridoeun nagarana diranjah deungeun, kajeun kumaha alesanana” .

Sikep Kumbakarna sakumaha anu kacutat dina sempalan dialog di luhur némbongkeun ajén…

a)

patriotisme

b)

loyalitas

c)

integritas

d)

prioritas

7.

Saha ieu tokoh wayang?

a)

Rahwana

b)

Kumbakarna

c)

Wibisana

d)

Narantaka

8.

Ieu di handap anu teu kaasup kana bébédaan carita wayang anu aslina ti India jeung carita wayang di urang, nya éta…

a)

Ayana tokoh Punakawan

b)

Dorna jadi guru anu leuwih mihak ka Kurawa

c)

Gatotgaca jadi tokoh penting dina carita

d)

Yudistira, Bima, Arjuna budakna Déwi Kunti

9.

"Tah ieu hiji pahlawan. Kumbakarna yakin, Rahwana nincak di salah, tapi dirina ihlas bébéla pikeun kahormatan Aléngka. Dina ieu perang, ukur manéhna anu bener-bener perang. Henteu dibarung ku napsu, henteu dianteur ku kaceuceub. Kumbakarna ukur nyumponan hukum perang kudu maéhan saméméh dipaéhan"

Dina sempalan téks carita wayang Kumbakarna, éta kalimah diucapkeun ku…

a)

Rama

b)

Hanoman

c)

Semar

d)

Laksmana

10.

Carita dina pintonan Wayang Golek umumna nyoko kana babon/sumber tina kitab Arjuna Sasrabahu, Ramayana, jeung Mahabrata nyaeta kitab-kitab nu asalna ti kabudayaan Hindu India. Carita nu pangdipikaresepna ku masarakat Sunda nyaeta konflik antara dua kubu Pandawa Lima jeung Kurawa. Tina lalakon éta konflik medal mangpuluh-puluh carita sempalan anu mangrupa hasil kreativitas dalang.

Naon judul Epik carita wayang lamun ditilik tina lalakon konflik Pandawa Lima jeung Kurawa anu diébréhkeun di luhur?

a)

Mahabarata

b)

Ramayana

c)

Arjuna Sasrabahu

d)

Jabang Tutuka

11.

Ngajentul baris tutunggul, Wibisana nuguran ku ceurik batin, tepung raga dina ati balilihan, "Geus leupas, anjeun geus leupas, geus awor mulang ka asal!"

Sempalan téks di luhur kentel pisan ku…

a)

gaya basa

b)

sisindiran

c)

babasan

d)

paribasa

12.

“Aéh Mama Léngsér, bagéa teuing, iraha dongkap?”

Témbalna Mama Léngsér “Jagong carang, Ratu Emas!”

“Jadi Mama Léngsér téh kakara hol? Atuh sukur, Mama Léngsér boa tos noong heula?”

Sempalan carita pantun di luhur téh kaasup kana salahsahiji bagéan carita pantun, nya éta bagéan…

a)

Rajah

b)

déskripsi

c)

dialog

d)

narasi

13.

Sanggeus kitu, Ciung Wanara mulang ka nagara. Ari panjara, harita kénéh disépak katut eusina, tuluy ragrag di palebah lembur, anu nelah Kandangwesi tug nepi ka kiwari. Dayeuh Galih Pakuan dipindahkeun ka béh kulon, ditelahkeun Pakuan Pajajaran. Ciung Wanara jumeneng raja bari diaping ku ibu, lulus mulus teu aya cela cangcala.

Adegan carita pantun  di luhur téh kaasup kana salahsahiji pola carita pantun, nya éta…

a)

ksatria miang

b)

ksatria meunang ujian

c)

ksatria ngadeg Raja

d)

ksatria unggul perang