NEW
Font size
WorksheetsXII M 11 - PH - Carita Buhun
Total questions: 40
Worksheet time: 2hrs 0mins
Pagelaran wawacan dina kagiatan adat biasana dilaksanakeun pikeun nguatkeun hubungan sosial. Upamana upacara salametan, naon fungsi séjénna anu bisa ditempo tina sudut pandang pendidikan budaya?
Hiburan wungkul
Nunjukkeun kabiasaan kolot baheula
Ngawanohkeun ajén budaya ka generasi anyar
Nambahan kapercayaan ka hal gaib
Ngalakukeun tradisi tanpa ngarti maksudna
Wawacan kaasup karangan panjang anu ngagunakeun pupuh. Naon alesan utama aturan pupuh tetep dipaké pikeun nulis carita panjang?
Supaya gampang dibaca
Supaya nembongkeun kreativitas pangarang dina ngolah basa
Supaya caritana pondok
Supaya nyonto kana budaya asing
Supaya jadi bahan hiburan barudak
Dina struktur wawacan aya manggalasastra, eusi, jeung kolofon. Lamun hiji naskah wawacan teu boga kolofon, naon anu bisa karasaeun ku nu maca?
Caritana pondok
Nu maca teu apal saha pangarangna
Pupuhna teu lengkep
Suasana jadi teu asik
Carita jadi kawas komik
Wawacan diwujudkeun dina pupuh. Naon kaunggulan pupuh lamun dibandingkeun jeung wangun carpon?
Leuwih pondok tur gampang
Aya aturan guru lagu jeung guru wilangan
Leuwih modern tur digital
Cocog keur barudak
Henteu kudu dipidangkeun
Dina wawacan, aturan pupuh ngawengku guru lagu jeung guru wilangan. Lamun aya pupuh nu teu nuturkeun aturan éta, naon dampakna?
Carita leuwih gampang diapalkeun
Runtuyan pupuhna jadi teu éndah
Carita leuwih pondok
Judul jadi leuwih panjang
Nu maca jadi leuwih resep
Imut bari larak-lirik
Purbararang ngadeg centang
Sang indrajaya nu kasep
Jung ngadeg Sang indrajaya
Cutat carita kuna
Korsina milu kajungjung
Da kacepet ku imbitna
Dumasar rumpaka wawacan di luhur, Pupuh dina carita Lutung Kasarung kaasup pupuh Asmarandana. Naha pupuh ieu dipilih dina bagian nu nyaritakeun Purbararang jeung Indrajaya?
Supaya lucu
Supaya nembongkeun rasa pikanyaah
Supaya carita pondok
Supaya aya kolofon
Supaya carita jadi horor
Watek pupuh Asmarandana nyaeta pikanyaah. Lamun pupuh ieu dipaké pikeun nyaritakeun peperangan, naon nu kajadian?
Cocog pisan
Teu cocog sabab suasanana béda
Cocog lamun aya musik
Cocog lamun dicaritakeun ku dalang
Moal aya pangaruhna
Pupuh dina wawacan digunakeun pikeun ngagambarkeun suasana carita. Upamana pupuhna teu luyu jeung suasana, naon pangaruhna ka pamaca?
Nu maca tetep mikaresep
Nu maca jadi bingung kana suasana carita
Carita leuwih pondok
Carita jadi lucu
Teu aya pangaruhna
Dina penggalan pupuh: Sawewengi Purbasari / Teu tiasa kulem tibra, hasil analisis guru wilangan jeung guru lagu nyaéta 8-i, 8-a. Naon anu nunjukkeun yén ieu bener?
Jumlah engang unggal padalisan jeung sora tungtungna saluyu
Jumlah pupuhna leuwih ti sapuluh
Kolofonna teu kabaca
Aya kecap karamat
Jumlah kecap sarua jeung
Lutung Kasarung nyaritakeun kajadian di karajaan, leuweung, jeung talaga. Lamun latarna diganti ka kota modern, naon dampakna ka ajén budaya carita?
Teu robah pisan
Ajén tradisionalna ngurangan
Carita jadi leuwih pondok
Pupuhna teu kabaca
Carita jadi leuwih lucu
Wayang mimiti asup ka Indonésia kira-kira abad ka-9. Naon sabab anu ngajadikeun wayang bisa aya nepi ka kiwari?
Kusabab ukur hiburan masarakat
Kusabab aya pangaruh agama jeung budaya
Kusabab jadi bagian tina kagiatan sakola
Kusabab gampang dipidangkeun
Kusabab teu aya seni séjénna
Pangaruh Hindu-Budha jadi panto pangembangan dongéng jeung carita wayang. Naon buktina anu katingali dina lakon-lakon wayang?
Aya carita ngeunaan wali
Aya carita ngeunaan Mahabarata jeung Ramayana
Aya carita rakyat Nusantara
Aya carita komedi
Aya carita ngeunaan nagara modéren
Dalang mangrupakeun pamaén utama dina pagelaran wayang. Salian ti ngagerakkeun wayang, naon fungsi séjén dalang?
Ngalawak pikeun hiburan
Ngadamel carita anyar unggal kali
Ngatur alur, sora, jeung musik iringan
Jadi juru kawih dina pagelaran
Ngabagi tugas ka pamaén lianna
Fungsi utama wayang nyaéta pikeun kaagamaan, hiburan, jeung atikan/pendidikan. Dina kontéks pendidikan, naon nilai anu bisa dicokot ku murid?
Sakedik pangaweruh ngeunaan sajarah
Pangajaran ngeunaan kasatiaan, bebeneran, jeung kahadéan
Carita anu gampang dihapal
Hiburan anu leuwih pikaresepeun tibatan pilem
Tata cara karajaan jaman baheula
Sunan Kalijaga ngagunakeun seni wayang pikeun nyebarkeun agama Islam. Naha strategi ieu épéktif?
Épéktif, sabab wayang geus jadi tradisi anu deukeut jeung masarakat
Teu épéktif, sabab wayang ngan hiburan
Henteu aya pangaruhna kana panyebaran agama
Épéktif, sabab ngajadikeun masarakat gampang percaya
Henteu cocog, sabab Islam teu peryogi seni
Dina carita wayang, bagian komplikasi biasana jadi sumber konflik. Naon bédana komplikasi jeung resolusi dina struktur carita?
Komplikasi ngenalkeun tokoh, sedengkeun resolusi ngenalkeun tempat
Komplikasi mangrupa puncak carita, sedengkeun resolusi mangrupa awal carita
Komplikasi nyiptakeun masalah, sedengkeun resolusi nyadiakeun jalan kaluar
Komplikasi jeung resolusi sami, duanana nyaritakeun konflik
Komplikasi ngan ukur aya dina carita rakyat, lain dina wayang
Dina carita wayang, bagian orientasi dipaké minangka pambuka. Lamun orientasi teu aya, naon akibatna?
Carita tetep jelas
Pamaén leuwih bébas
Nu nonton bingung kana latar jeung palaku carita
Nu nonton leuwih mikaresep bagian tengah
Carita jadi leuwih pondok
Suasana dina Mahabarata biasana dramatis, romantis, jeung tegang. Lamun dibandingkeun jeung carita rakyat Nusantara, naon bédana?
Carita rakyat leuwih pondok
Carita rakyat teu make pupuh
Mahabarata leuwih nyorotkeun konflik kulawarga jeung politik
Carita rakyat leuwih gampang dihapal
Carita rakyat henteu dipintonkeun dina wayang
Perang Bharatayudha asalna tina dendam duduluran. Naon pelajaran anu bisa dicokot pikeun kahirupan ayeuna?
Dendam bisa nyiptakeun kabagjaan
Duduluran kudu silih hormat sanajan béda kapentingan
Perang téh jalan pangalusna pikeun ngalereskeun masalah
Duduluran teu penting lamun geus boga tahta
Dendam bisa ngajaga kasatiaan
Palaku utama Mahabarata nyaéta Pandawa lima: Nakula, Sadewa, Arjuna, Yudistira, jeung Bima. Naon nilai leadership/kapamingpinan anu bisa dicontoh tina Pandawa?
Ngalakukeun naon waé pikeun meunang
Ngandelkeun kakuatan fisik
Ngajaga kaadilan, kasatiaan, jeung kabersamaan
Ngagunakeun tipu daya pikeun meunang
Ngalawan tanpa alesan
Dua putra Satya Wati nyaéta Citraganda jeung Wicitrawirya nu jadi raja. Naon resiko lamun kakawasaan ngan diwariskeun tanpa mikir kamampuh?
Nagara leuwih maju
Nagara bisa lemah tur gampang konflik
Nagara tetep aman
Nagara leuwih loba musuhna
Nagara jadi hiburan
Bisma tungtungna gugur ku panah Arjuna. Naon makna moral tina kajadian ieu?
Kakuatan pasti meunang
Jalma sakti pasti langgeng
Sanajan sakti, manusa tetep boga wates
Perang sok mawa kabagjaan
Anu satia pasti éléh
Dewi Amba nyaah ka Bisma. Tapi Bisma nolak, kumaha akibatna kana jalan carita?
Nyiptakeun dendam anu jadi sabab peperangan
Nyieun carita leuwih romantis
Ngahudangkeun rasa satia ka nagara
Nambahkeun palaku anyar
Ngahudangkeun kasatiaan Dewi Amba
Aranjeunna nikah sareng ngagaduhan sababaraha murangkalih, tapi unggal murangkalih lahir, pamajikan dikumbah di Walungan Gangga. Sabada rék miceun anak kadalapan, Bisma Syantanu, ahirna dicaram, tapi tétéla pamajikanana boga alesan naha anak-anakna digebruskeun ka walungan.
Syantanu : Cukup, Déwi Gangga, ieu téh di luar kamanusaan
Dewi Gangga : Naha anjeun ngalarang kuring? Naha anjeun henteu janji moal ngalarang naon waé anu kuring lakukeun?
Syantanu : Tapi ieu teuing! Naha anjeun buang anjeunna?
Déwi Gangga : Sabab... kabéh orok kuring geus dilaknat ku Pangéran Brahma.
Malah anak anjeun disimpen ieu dilaknat. Sanajan kitu, Syantanu teu malire kutukan sarta tetep orok kadalapan sarta dibikeun ka Raja Kail, sabab Bisma teu diwenangkeun cicing jeung bapana, Syantanu. Déwi Gangga mulih ka kahyangan.
Adegan 2 némbongkeun yén Syantanu tungtungna ngahalangan pamajikanana pikeun miceun anak kadalapan.
Naon hartina dina hubungan antara janji jeung rasa kamanusaan?
Janji leuwih penting tibatan kamanusaan
Janji jeung kamanusaan kudu silih imbangan
Kamanusaan sok kudu ditunda demi kapatuhan
Janji henteu miboga harti lamun aya kutukan
Kamanusaan henteu aya patalina jeung janji
Amanat utama dina Mahabarata nyaéta ngajarkeun nanjung bebeneran jeung ngadalikeun hawa nafsu. Kumaha aplikasi amanat ieu dina kahirupan ayeuna?
Henteu gampang kalibet konflik jeung silih hormat sanajan béda
Ngalawan batur anu béda pamadegan
Ngarasa paling bener jeung maksa batur nurut
Ngagunakeun dendam pikeun ngajaga harga diri
Ngajauhan sakabeh kagiatan sosial
Parobahan Lutung Kasarung jadi raja deui dina tungtung carita bisa dimaknai minangka lambang yén …
Kakawasaan leuwih penting tibatan kahadéan
Kabeneran jeung kasatiaan ahirna bakal katingali
Kakasaktian sok ngéléhkeun kajahatan
Jalma anu boga kakawasaan kudu nyamur
Kageulisan raga leuwih utama tibatan kageulisan batin
Dina carita, rajah sering dikaitkeun jeung unsur...
Téknologi
Modérnisasi
Alam jeung kakuatan gaib
Ékonomi
Kasenian hiburan
Di Nagara Pasir Batang, Prabu Ageung Tapa rék nyerah tahta ka putri bungsu, Purbasari, lain ka nu cikal Purbararang. Purbararang ambek, ngadéngki, tuluy ngabobodo Purbasari ku kélér nahun nepi awakna ruksak. Anjeunna terus diusir ka Gunung Cupu.
Ti Kahiyangan, Guru Minda meunang titah turun ka Buana Pancatengah maké baju lutung, jadi Lutung Kasarung. Anjeunna ngadeukeutan Purbasari anu keur prihatin, sarta ngabantu kalayan kakuatan gaib. Saung butut robah jadi istana, awak Purbasari cageur deui, jadi éndah tur mulya.
Purbararang terus ngadamel rupa-rupa saembara pikeun ngéléhkeun adina, tapi salawasna éléh lantaran Lutung Kasarung nulungan. Dina saembara panutup milih pameget pangkasép, Purbasari ampir éléh. Tapi Lutung Kasarung ngajanggélék jadi satria tampan, tuluy ngaku kabogohna. Purbasari unggul sarta jadi ratu anyar di Pasir Batang.
Purbararang ampir dihukum, tapi dipaparin hampura ku Purbasari. Nagara Pasir Batang mulya deui lantaran dipingpin ku ratu nu bijaksana jeung welas asih.
Dumasar ringkesan Carita Lutung Kasarung di luhur, ngandung piwuruk pikeun kahirupan urang sapopoe. Naon amanat anu paling kaciri tina ieu carita?
Ulah gampang percaya ka batur
Ulah ngandelkeun dulur sorangan
Ulah dengki, kudu ikhlas jeung welas asih
Ulah ngalawan ka ratu
Ulah percaya kana hal-hal mistis
Naon judul téks carita pantun dina teks di luhur ?
Pantun Sunda
Carita Pantun Lutung Kasarung
Wayang Ramayana
Pantun Sangkuriang
Carita Ciung Wanara
Ajén moral anu bisa dipetik tina ringkesan carita Lutung Kasarung nyaéta...
Sombong mawa kahadéan
Kahadéan bakal mawa kabagjaan
Nu jahat bakal salawasna meunang
Kaéndahan fisik leuwih penting batan kahadéan
Jalma miskin moal bisa meunangkeun kabagjaan
Pintonan puisi Lutung Kasarung mangrupa wangun sastra daérah anu dipidangkeun sacara...
Ditulis
Lisan
Visual
Éléktronik
Digital interaktif
Saha ngaran lanceuk Purbasari téh?
Purbararang
Sangkuriang
Dayang Sumbi
Sahroni
Ambalika
Naon anu dimaksud ku Carita Pantun?
Carita pondok anu ditulis maké basa Sunda
Carita buhun anu ditepikeun ngaliwatan tembang jeung syair
Carita rakyat anu ngan ukur dicaritakeun ku wayang
Carita lisan anu ngan aya di Jawa
Carita babad ngeunaan raja-raja
Salah sahiji fungsi utama Carita Pantun téh nyaéta…
Hiburan jeung pewarisan nilai budaya
Ngan saukur pikeun ngadengekeun musik
Nyieun pamiarsa kagét jeung sieun
Ngaramekeun pasanggiri tari
Ngahibur bari ngaluarkeun kritik politik
Carita Pantun biasana dipirig ku alat musik…
Angklung
Calung
Siter atawa kacapi
Kendang
Bonang
Nu ngabedakeun Carita Pantun jeung karya sastra lianna nyaéta…
Aya rajah saméméh carita dimimitian
Sok aya tokoh pahlawan
Biasana ringkes jeung pondok
Salawasna caritana ngeunaan kahirupan sapopoe
Nyaéta hasil tarjamahan tina basa Jawa
Struktur Carita Pantun di antarana nyaéta…
Bubuka, eusi, panutup
Rajah, narasi, dialog, monolog, rajah panutup
Pupuh, wawacan, carpon
Tembang, sisindiran, wawacan
Bubuka, konflik, resolusi
Rajah dina Carita Pantun miboga fungsi pikeun…
Nyieun pamiarsa seuri
Nyuhunkeun idin jeung kasalametan
Ngalancarkeun jalan carita
Ngabedakeun palaku utama jeung tambahan
Ngaramekeun suasana carita
Eusina carita pantun biasana nyaritakeun ngeunaan…
Drama komedi Sunda
Pangumbaraan, kapahlawanan, mitos, jeung legenda
Carita roman percintaan modérn
Kasang tukang politik
Carita rakyat ngeunaan kahirupan sapopoé
Dina struktur carita pantun, bagian anu biasana ditembangkeun pikeun sanduk-sanduk ka karuhun nyaeta…
Monolog
Narasi
Rajah
Dialog
Pupuh bubuka
