NEW
Font size
WorksheetsPTS Sunda XII
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Ngadéngé manéhna ditampik sapajodogan, si Cépot langsung ceurik kanyenyerian. Malah rék sajung-jungeun balik. Gancang ku Semar diparancahan. Saharita awak jeung rupana robah. Cépot malih warni jadi satria anu kacida kasépna. Ngarana ogé diganti jadi Hyang Sukma Wisésa. Déwi Laélasari ayeuna mah nu kaédanan. Geus kitu mah, tuluy baé dikawinkeun. Sataun ti harita, Déwi Laélasari ngalahirkeun. Anakna lalaki, pohara kasépna. lir beubeulahan térong jeung si Cépot nu asli. Dingaranan Sanghyang Sangga Langit. Bareng jeung gelarna orok ti Laélasari, beungeut katut dedeg pangadeg si Cépot mulih ka jati mulang deui ka asalna jadi Cépot alias Astrajingga. éta nu ngalantarankeun Déwi Laélasari pondok umur. Maot gara-gara reuwas, nempo wujud asli salakina. nepi ka jajantungna murag!
Dumasar kana éta téks, wujud si Cépot malih warni jadi Hyang Wisésa saenggeus ....
ditampik sapajodogan ku Déwi Laélasari
kaédanan ku Déwi Laélasari
rék sajung-jungeun balik
diparancahan ku Semar
ceurik kanyenyerian
Ngadéngé manéhna ditampik sapajodogan, Si Cépot langsung ceurik kanyenyerian. Malah rék sajung-jungeun balik. Gancang ku Semar diparancahan. Saharita awak jeung rupana robah. Cépot malih warni jadi satria nu kacida kasépna. Ngaranna ogé ganti jadi Hyang Sukma Wisésa.
Déwi Laélasari ayeuna mah nu kaédanan. Geus kitu mah, tuluy baé dikawinkeun. Sataun ti harita, Déwi Laélasari ngalahirkeun. Anakna lalaki, pohara kasépna. Lir beubeulahan térong jeung si Cépot nu asli. Dingaranan Sanghyang Sangga Langit.
Bareng jeung gelarna orok ti Laélasari, beunget katut dedeg pangadeg si Cépot mulih ka jati mulang ka asalna jadi Cépot alias Astrajingga. Éta nu ngalantarankeun Déwi Laélasari pondok umur. Maot gara-gara reuwas, nempo wujud asli salakina. Nepi ka jajantungna murag!
Dumasar éta téks, saacana, pancakaki si Cépot jeung Semar téh nyaéta ....
kapilanceuk jeung kapiadi
lanceuk jeung adi
bapa jeung anak
paman jeung alo
ua jeung suan
Ngadéngé manéhna ditampik sapajodogan, Si Cépot langsung ceurik kanyenyerian. Malah rék sajung-jungeun balik. Gancang ku Semar diparancahan. Saharita awak jeung rupana robah. Cépot malih warni jadi satria nu kacida kasépna. Ngaranna ogé ganti jadi Hyang Sukma Wisésa.
Déwi Laélasari ayeuna mah nu kaédanan. Geus kitu mah, tuluy baé dikawinkeun. Sataun ti harita, Déwi Laélasari ngalahirkeun. Anakna lalaki, pohara kasépna. Lir beubeulahan térong jeung si Cépot nu asli. Dingaranan Sanghyang Sangga Langit.
Bareng jeung gelarna orok ti Laélasari, beunget katut dedeg pangadeg si Cépot mulih ka jati mulang ka asalna jadi Cépot alias Astrajingga. Éta nu ngalantarankeun Déwi Laélasari pondok umur. Maot gara-gara reuwas, nempo wujud asli salakina. Nepi ka jajantungna murag!
Dumasar kana éta téks, nu ngalantarankeun Déwi Laélasari pondok umur, nyaéta ....
antara anakna jeung si Cépot lir bebelahan térong
reuwas nempo wujud asli si Cépot nu jadi salakina
gelarna orok nu dikandung ka alam dunya
lahirna anak lalaki anu pohara kasépna
jajantungna murag bakat ku panyakit
Carita rékaan anu ukuranana paranjang, gelar dina basa lisan, sarta ngandung hal-hal anu méré kesan pamohalan, anu ditepikeun ku juru pantun dipirig ku kacapi, disebutna ....
hikayat
dongéng
wawacan
carita pantun
carita wayang
Ieu di handap anu henteu kaasup kana galur carita pantun, nyaeta tokoh ....
miang
mulang
pamunah
meunang ujian
aya nu nulungan
bagean rumpaka anu sok dihaleuangkeun dina carita pantun disebutna ....
rajah
lalakonn
deskripsi
papantunan
rajah pamuna
Dewi Sri teh sok disebut-sebut minangka Dewi Pare, lantaran ....
basa hirupna sok melak pare
tina kuburanana jadi tutuwuhan pare
anu mimiti nyebarkeun pare di Pajajaran
basa hirupna sok ngabagi-bagikeun rupa-rupa pare
anu mimiti ngidangkeun dahareun tina pare
minangka karangan panjang dina wangun pupuh, wawacan teh sok diilo jeung dihaleuangkeun, kagiatan ngilo jeung ngahaleuangkeun wawacan teh disebutna ....
beluk
ngawih
mantun
nadoman
nembang
ieu di handap nu ngabedakeun carita pantun jeung dongeng, nyaeta carita pantun mah ....
ngandung rajah
ngandung unsur pamohalan
mangrupa carita rekaan (fiksi)
teu puguh nu ngarangna (anonim)
sumebar tur tatalepa ku cara lisan
carita pantun teh umumna ngalalakonkeun tokoh ti hiji karajaan. tokoh-tokoh nu dilalakonkeun dina carita pantun, nyaeta ....
satria ti karajaan Galuh jeung Pajajaran
rayat biasa ti tatar Sunda
raja-raja di Indonesia
raja-raja baheula
jalma anu aya patalina jeung tatar Sunda
ieu di handap, nu henteu kaasup kana ciri-ciri carita pantun, nyaeta carita rekaan ....
dina gelar lisan
anu ukuranana panjang
anu dipidangkeun ku dalang
anu ngandung hal-hal pamohalan
nu ditepikeun bari dipirig ku kacapi
Carita pantun biasana sok ditepikeun ku juru pantun (nu mantun). anu henteu kaasup pancen juru pantun, nyaeta ....
ngabedakeun sora budak, kolot, awewe, lalaki, saluyu jeung palaku caritana
ngabedakeun bagean nu dicaritakeun, digunemkeun, jeung dihaleuangkeun
tapis dina ngahaleuangkeun tur diusahakeun luyu jeung wanda laguna
tapis dina nepikeun rajah jeung nembangkeun papantunan
tapis dina ngabagi-bagi waktu pikeun nyaritakeun caritana
carita nu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang disebutna ....
hikayat
dongeng
wawacan
carita pantun
carita wayang
ieu di handap anu henteu kaasup kana warnaning wayang, nyaeta wayang ....
kulit
prabu
purwa
potehi
golek
dina pakeliran atawa pagelaran wayang aya puisi anu sok dikawihkeun ku dalang. lantaran disusun dina basa kawi, eta puisi teh disebutna kakawen. kakawen atawa siloka bubuka pagelaran anu dikawihkeun ku dalang dina wiwitan wayang disebutna ....
murwa
nyandra
pocapan
janturan
antawacana
tokoh Rahwana atawa Dasamuka aya dina carita wayang ....
Ramayana
Dewa Ruci
Mahabarata
Jabang Tutuka
Arjuna Sasrabahu
samemeh dihaleuangkeun, wawacan biasana
nyandra
rajah
diilo
juru pantun
kakawen
salah sahiji judul wawacan nyaeta ....
purnama alam
munding kawati
kakawen
dewi sri
nyandra
caturan wayang dina adegan ....
kakawen
murwa
nyandra
janturan
antawacana
suluk padalangan mangrupa puisi dina basa kawi (jawa kuno) nu dikawihkeun ku dalang, minangka mamanis atawa pamantes dina ngadalang ....
kakawen
murwa
nyandra
antawacana
janturan
bubuka atawa kakawen dina pagelaran wayang anu dikawihkeun ku dalang dina wiwitan (mimiti) carita wayang ....
kakawen
murwa
janturan
pocapan
nyandra
basa lancaran dalang pikeun nyaritakeun jejer atawa adegan hiji nagara, watek wayang dibarengan ku gamelan
kakawen
murwa
janturan
pocapan
antawacana
nyaritakeun kajadian dina adegan anu teu dibarengan ku gamelan
kakawen
murwa
pocapan
janturan
antawacana
saha lanceukna pandawa, tapi misah bapa anak Dewi Kunti ti Batara Surya?
Yudistira
Karna
Destarata
Arjuna
Duryudana
Pandawa Lima anu mangrupa anak PAndu ti Dewi Kuntinalibrata, nyaeta ....
Yudistira, Bima, Nakula
Nakula, Sadewa Yudistira
Bima, Sadewa, Arjuna
Yudistira, Bima, Arjuna
Nakula, Arjuna, Sadewa
