WorksheetsSoal STS Bahasa Sunda Kelas X 2025
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Carita atawa dongéng anu ngandung unsur sajarah lokal disebutna....
Mitos
Legenda
Babad
Sage
Parabel
Naon sababna babad bisa kaasup kana dongeng...
Eusi caritana logis
Eusi caritana teu logis oge aya sifat pamohalanna
Eusi caritana ngandung kaulinan
Eusi caritana rame
Eusi caritana teu nyambung
Ungkara "Sumur Bandung rahayuning Dayeuh Bandung" ngandung harti....
Sumur Bandung teh jadi tanda ngadegna Kota Bandung
Kota Bandung jadi puseur dayeuh Jawa Barat
Sumur bandung teh mere karahayuan keur dayeuh katut rayat Bandung
Sumur Bandung teh mere karaharjaan keur rayat Jawa Barat
Cai di sumur Bandung teh loba
Tokoh siliwangi dina sajarah Sunda kaasup tokoh anu ngadegkeun....
Karajaan Sunda
Karajaan Galuh
Karajaan Pajajaran
E. Karajaan Kawali
E. Karajaan Salakanagara
Adina indung disebutna....
Bibi
Buyut
Bao
Udeg-udeg
Nini
Carita babad biasana ditulis dina wangun....
Manuskrip jeung wawacan
Dongeng jeung guguritan
Wawacan jeung guguritan
Dongeng jeung carita wayang
Guguritan jeung dongeng
Ieu di handap anu henteu kaasup dongeng babad, nyaeta....
Babad Limbangan
Babad sumedang
Babad padajajaran
Babad galuh
Babad cijulang
Runtuyan kajadian anu lumangsung ti awal nepi ka ahir carita, disebut…
Puseur sawangan
Galur
Amanat
Latar
Jejer
Minangka wangun carita, dina babad téh bakal kapanggih ayana galur carita. Ieu di handap anu kaasup kana wanda galur carita, nyaeta....
Galur merele, galur bobok tengah, galur mundur
Galur hirup, galur ngacak, galur pandeuri
Galur ngacak, galur merele, galur mundur
Galur maju, galur pandeuri, galur tengah
Galur maju, galur ngacak, galur pandeuri
Kolotna nini atawa aki disebutna.....
Bao
Buyut
Jangawareng
Udeg-udeg
Incu
Carita babad teh carita wanda heubeul anu dijerona ngandung unsur-unsur....
Psikologi
Mistis
Sajarah
Carpon
Lancaran
Cara nyawang anu dipaké ku pangarang dina midangkeun palaku, latar, jeung kajadian carita, disebut…
Puseur sawangan
Galur
Amanat
Latar
Jejer
Karya sastra wangun lancaran anu caritana teu asup akal atawa miboga unsur pamohalan jeung biasana sok nyaritakeun kajadian - kajadian jaman baheula, nya eta....
Carpon
Puisi
Guguritan
Novel
Dongeng
Dongeng nu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna. Upamana dongeng si Kabayan, tukang tani, tukang dagang, jeung sajabana disebut dongeng....
fabel
Sasakala
Mite
Parabel
Sage
Dongeng anu eusina patali jeung kapercayaan masarakat. Dongeng nu kieu disebutna....
fabel
Sasakala
Mite
Parabel
Sage
Gagasan pokok anu jadi dadasar pikeun pangarang dina nyusun carita dongeng disebut...
Tema
Latar
Penokohan
Alur
Amanat
Jaman baheula aya hiji raja nu kacida beungharna, tapi hanjakal ajeunna teu gaduh putra. Raja geus kaditu-kadieu tatamba sangkan prameswari tiasa ngagaduhan putra. Dikersakeun ku anu kawasa nya prameswari teh ngandung. Kanjeng raja kacida bingahna ningal prameswari ngandung teh. Nya dina waktosna lahir hiji putri nu kacida geulisna. Ku nyaah-nyaahna sagala pamenta putri teh taya nu dipungpang. Estu dihayukeun pisan. Ngan hanjakal pisan saparantos rumaja putri adat tabeatna awon pisan kanu janten sepuhna the ngalawan, sakitu sagala kahoyongna tara aya nu dipungpang teh.
Dina hiji dinten putri aya pamundut , tapi ku raja teu ditedunan. Atuh gantawang wae nyeuseulan seseepan. Inten berlian pamasihan ramana diawur-awur payuneun ramana, sirikna henteu kana pameunteu raja sareng prameswari ngawurnana teh. Ku kersana nu maha kawasa atuh burial teh cai tina taneuh, beuki lila beuki ngagedean nu ahirna karaton kakeueum. Leungit karaton timbul talaga. Nu kawenehan dina talaga teh sok katingal sarupaning warna warni matak endah katinggalna. Cenah eta teh inten permata nu diawurkeun ku putri tea.
Ditilik tina caritana dongeng di luhur kalebet kana dongeng....
fabel
Sasakala
Mite
Parabel
Babad
Cara pangarang dina ngagambarkeun jeung ngembangkeun watek tokoh - tokoh dina carita disebut....
Tema
Latar
Penokohan
Alur
Judul
Dongeng anu eusina nyaritakeun kahirupan jalma biasa. Dongeng nu kitu disebut dongeng....
fabel
Legenda
Mite
Parabel
Sage
Ciri anu mandiri tina carita dongeng teh caritana anu pamohalan, contona….
Jalma bisa gelut jeung sato
Monyet ngadahar cau
Sato bisa hirup dilembur
Si Kabayan boga mitoha
Sasatoan bisa nyarita
Anu dimaksud "carita pamohalan" teh nyaeta….
Carita anu taya tamatna
Carita anu babari kaharti
Carita anu rame
Carita teu kaharti ku akal/logika
Carita panjang jeung ngarancabang
Aya salah sahiji sipat dongeng dipikaresep ku masarakat, lian ti ngandung nasehat anu hadé ogé jadi sarana…..
Pangajaran
Hiburan
Silaturahmi
Komunikasi
Pergaulan
Kaayeunakeun loba jalma anu ngadokumentasikeun dongeng jadi buku atawa tulisan, padahal saméméhna mah dongéng téh nyebar sacara….
Lisan jeung tulisan
Tulisan dina babatuan
Tulisan dina kulit sasatoan
Tulisan
Lisan
Salahsahiji ciri dongéng téh anonim, maksudna nyaéta…..
Kanyahoan anu ngarangna
Sumebarna sacara lisan
Sumebarna sacara tinulis
Teu kanyahoan saha nu ngarangna
Ngabogaan amanat
Dumasar eusina, "Nyi Roro Kidul" kaasup kana wanda dongeng….
Sage
Legenda
Mite
Farabel
Fabel
