wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

STS GANJIL BAHASA SUNDA KELAS XI 2025/2026

Total questions: 25

Worksheet time: 45mins

Name
Class
Date
1.

Nu dimaksud ku carpon téh nyaéta …..

a)

Carita anu panjangna kawas novel.

b)

Carita pondok anu eusina nyaritakeun hiji kajadian.

c)

Carita buhun anu eusina ngeunaan kahirupan karajaan.

d)

Carita anu dieunteungkeun tina sajarah.

e)

Carita anu ditulis dina wangun puisi

2.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri carpon, nyaéta .....

a)

Wangun karanganana pondok.

b)

Sifat caritana naratif jeung fiktif.

c)

Palaku caritana kaitung réa.

d)

Eusina kaharti ku akal jeung réalistis.

e)

Biasana nyaritakeun hiji kajadian.

3.

Anu henteu kaasup kana unsur-unsur carita dina carpon, nyaéta.....

a)

Téma

b)

Rasa

c)

Palaku

d)

Latar

e)

Galur

4.

Maca kutipan carpon di handap ieu!

"Isuk kénéh Asep geus indit ka sawah. Anjeunna kudu ngabantosan kolotna ngagarap taneuh pikeun melak béas. Sanajan awakna karasaeun cape, tapi Asep tetep sumanget. Anjeunna yakin, hasil tina gawé teuas moal nganyenyeri, malah bakal ngajadikeun kulawargana leuwih bagja."


Galur dina cuplikan carpon di luhur ngawengku bagian …..

a)

Bubuka anu mintonkeun suasana jeung palaku utama.

b)

Puncak konflik anu matak tegang.

c)

Ahir carita anu masihan amanat.

d)

Balukar tina hiji kajadian.

e)

Rarangkén anu henteu penting

5.

Inti pikiran atawa puseur implengan pangarang anu aya dina carita, disebut .....

a)

Amanat

b)

Galur

c)

Jejer

d)

Latar

e)

Tokoh

6.

Maca kutipan carpon di handap ieu!

"Dina peuting anu tiis, Nani diajar di handapeun lampu caang ti bohlam anu digantung di dapur. Sanajan fasilitasna kawates, manéhna tetep semangat pikeun ngudag cita-citana."


Téma anu kasurat dina cuplikan di luhur nyaéta…..

a)

Kaéndahan alam peuting.

b)

Kahirupan di dapur kulawarga.

c)

Semangat diajar sanajan kaayaan basajan.

d)

Kaayaan listrik di lembur.

e)

Pangalaman budak sakola di kota.

7.

Carpon jeung Dongéng Kaasup kana jenis karya carita. Atanapi, carpon jeung Dongéng mibanda béda. Bédana carpon jeung dongéng nyaéta .....

a)

Carpon kaharti ku akal jeung realistis, Dongéng teu kaharti ku akal.

b)

Dongéng biasana pondok, sedengkeun carpon biasana panjang.

c)

Carpon loba unsur pamohalan, Dongéng teu aya unsur pamohalan.

d)

Carpon sipatna fiksi, Dongéng sipatna nonfiksi.

e)

Dongéng nyaritakeun hiji kajadian, carpon loba nyaritakeun kajadian.

8.

Maca ku hidep kutipan carpon di handap ieu!

"Wawan ngarasa kuciwa sabab balna direbut ku sobatna. Tapi anjeunna henteu ngabales, ngan ukur ngajak ngobrol alus jeung ngingetkeun supaya babaturan teu ngulang deui."


Sipat anu katembong tina tokoh Wawan nyaéta .....

a)

Teu sabaran jeung ngamuk.

b)

Sombong jeung teu hayang éléh.

c)

Bijaksana jeung sabar.

d)

Malas jeung teu daék maén deui.

e)

Teu mikacinta sobatna

9.

Maca kutipan carpon di handap ieu!

"Di kota Bandung, sora mobil jeung motor teu eureun-eureun. Siti ngarasa kagok sabab biasana anjeunna cicing di désa anu sepi jeung loba sawah."


Latar waktu jeung tempat dina cuplikan di luhur nyaéta …

a)

Beurang di pasar désa

b)

Isuk-isuk di sakola

c)

Peuting di sawah

d)

Beurang di kota Bandung

e)

Beurang di basisir

10.

"Ujang ngahaja ngabejaan kolotna yén anjeunna meunang juara kahiji maca sajak. Kolotna reueus tur ngadoakeun sangkan Ujang terus jadi budak anu manfaat."


Amanat anu bisa dicokot tina cuplikan éta nyaéta .....

a)

Ulah méré béja ka kolot lamun meunang pangajén

b)

Unggal pangajén kudu dibales ku duit

c)

Prestasi téh hasil tina gawé bareng jeung doa kolot

d)

Juara téh teu penting pikeun kulawarga

e)

Budak anu pinter maca sajak pasti sugih

11.

"Di jalan, Iwan manggihan dompét pinuh ku artos. Anjeunna bingung, tapi tungtungna mutuskeun pikeun mulangkeun ka anu boga."


Upama carpon ieu diteruskeun, naon kajadian anu paling merenah pikeun neruskeun alurna?

a)

Iwan ngagunakeun artos éta pikeun jajan di pasar

b)

Iwan ngajual dompétna ka tatanggana

c)

Nu boga dompét ngarasa reueus jeung ngahaturkeun nuhun ka Iwan

d)

Dompétna dibuang sabab beurat dibawa

e)

Iwan nyumputkeun dompétna di kebon

12.

Upama anjeun jadi pangarang carpon, kumaha cara anu paling éféktif pikeun némbongkeun sipat palaku utama sangkan nu maca bisa ngarasa katarik?

a)

Ngagambarkeun sipatna ngan ukur ngaliwatan narasi panjang.

b)

Nuliskeun sipatna dina judul carpon.

c)

Nyebutkeun sipatna dina ahir carita.

d)

Ngahaja henteu nembongkeun sipat palaku.

e)

Nembongkeun sipatna ngaliwatan kalakuan jeung dialog.

13.

"Sanggeus kakara meunang béwara yén bapana gering parna, Siti nangis bari leungeunna ngageter. Imah anu biasana rame, ayeuna karasaeun sepi jeung tegang."


Suasana anu karasa dina carita nyaéta …..

a)

Bungah

b)

Sedih jeung tegang

c)

Bagja jeung tenang

d)

Hirup jeung rame

e)

Haneut tur akrab

14.

Unsur anu méré gambaran ngeunaan “naon” anu dicaritakeun dina hiji carpon nyaéta ….

a)

Latar

b)

Tema

c)

Galur

d)

Amanat

e)

Palaku

15.

"Dina waktos lomba maca carpon, Rani mimiti ragu. Tapi nalika inget kana pitutur indungna supaya yakin kana diri sorangan, anjeunna tungtungna bisa nyanghareupan panggung kalayan gagah."


Amanat anu bisa dicokot tina carpon di luhur nyaéta …..

a)

Ulah loba lomba sabab matak sieun

b)

Hiji-hijina cara meunang nyaéta curang

c)

Ulah percaya ka diri sorangan

d)

Yakin kana diri sorangan penting pikeun ngahontal hasil anu hadé

e)

Tong nyaritakeun pitutur kolot ka batur

16.

Galur nyaeta runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita dina galur aya nu ngarana klimaks. Anu dimaksud klimaks nyaeta…..

a)

Bubuka carita

b)

Ngarengsekeun masalah

c)

Pungkasan carita

d)

Masalah muncer

e)

Muncul masalah

17.

"Di hiji kampung, aya hiji kolot nu sok mere dongéng ka barudak unggal peuting. Dongéngna sok pinuh ku pitutur, ngajarkeun silih hormat jeung silih asah. Barudak ngarasa bagja tur akrab. Lila-lila, tradisi éta jadi cara pikeun ngajaga budaya lokal."


Unsur anu dominan dina cuplikan éta nyaéta …..

a)

Latar tempat (sakola)

b)

Tokoh jeung panokohan

c)

Galur campuran

d)

Amanat jeung nilai budaya

e)

Puseur sawangan jalma kahiji

18.

Dina hiji carpon, bagian anu eusina runtuyan kajadian nu silih sambung tur ngabalukarkeun konflik di sebut …..

a)

Résolusi

b)

Amanat

c)

Oriéntasi

d)

Evaluasi

e)

Komplikasi

19.

Upama hiji carpon ngan ukur ngandung bubuka jeung konflik tapi henteu boga résolusi, naon akibatna pikeun nu maca….

a)

Nu maca bakal ngarasa wareg sabab konflikna écés

b)

Nu maca ngarasa bingung jeung carita teu jéntré

c)

Nu maca bisa langsung nyimpulkeun amanatna tanpa résolusi

d)

Carita jadi leuwih puitis tur gampang diapalkeun

e)

Carita bisa dianggap novel pondok

20.

"Di hiji désa leutik nu jauh ti kota, hirup saurang budak ngarana Jajang. Anjeunna cicing jeung nini aki, sabab kolotna damel di kota. Unggal poe Jajang sok nulungan aki ngarit jukut pikeun munding, sarta sok ngarasakeun kabagjaan basajan di sisi sawah jeung walungan."


Bagian carpon di luhur kaasup kana struktur ……

a)

Komplikasi

b)

Résolusi

c)

Orientasi

d)

Evaluasi

e)

Koda

21.

"Waktu Dewi manggihan dompét di jalan, dina haténa aya rasa hayang miboga duit éta. Tapi anjeunna émut kana pitutur kolot: 'Kajujuran leuwih mahal tibatan emas.' Tungtungna Dewi mulangkeun dompét ka nu boga bari henteu ngarepkeun balasan."


Nilai anu dominan nyaéta …

a)

Nilai moral

b)

Nilai sosial

c)

Nilai budaya

d)

Nilai agama

e)

Nilai Pendidikan

22.

"Sanggeus sababaraha waktos, aya dulur-dulur désa nu ngaliwat jeung ngadéngé sora Jajang. Maranéhna babarengan nulungan nepi ka tungtungna munding kapanggih deui di sisi walungan. Sanajan awakna lecet, tapi munding éta masih kénéh bisa disalametkeun."

Bagian carpon éta kaasup …..

a)

Orientasi

b)

Komplikasi

c)

Evaluasi

d)

Résolusi

e)

Koda

23.

"Sanggeus imah Pak Ujang kabakar, warga désa babarengan mantuan: aya nu ngabebereskeun reruntuhan, aya nu masakkeun sangu, aya nu nyumbang bahan bangunan. Dina sababaraha poe, imah Pak Ujang bisa diadegkeun deui ku gotong royong warga."


Nilai anu dominan dina cuplikan éta nyaéta …..

a)

Nilai agama

b)

Nilai budaya

c)

Nilai sosial

d)

Nilai pendidikan

e)

Nilai moral

24.

"Nalika panonpoé mimiti tilelep, Ani jeung indungna mulang ti pasar bari mawa sayuran. Langit konéng semu beureum, sora adzan magrib mimiti ngagema ti masjid désa."


Latar waktu tina cuplikan éta nyaéta …..

a)

Enjing

b)

Beurang

c)

Sore

d)

Peuting

e)

Tengah peuting

25.

"Unggal sonten, sanajan capé sanggeus digawé di sawah, Ema Rukayah sok ngajak anak-anakna solat berjamaah di mushola. Anjeunna ngajarkeun yén rejeki henteu saukur tina tanaga, tapi tina berkah jeung ibadah ka Gusti Allah."


Nilai anu katingali tina carita di luhur nyaéta …..

a)

Nilai budaya

b)

Nilai agama

c)

Nilai sosial

d)

Nilai moral

e)

Nilai pendidikan