wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BIOGRAFI BAHASA SUNDA KELAS 11

Total questions: 15

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Biografi nyaeta ....

a)

carita fiksi

b)

otobiografi

c)

riwayat hirup hiji jalma

d)

laporan kagiatan

2.

Biografi nu di tulis ku sorangan disebut ....

a)

otobiografi

b)

fiksi

c)

legenda

d)

biografi

3.

Bagian awal biografi anu eusina ngawanohkeun hiji tokoh disebut ....

a)

eusi

b)

panutup

c)

bubuka

d)

kacindekan

4.

Salah sahiji tujuan nulis biografi nyaeta ....

a)

ngahibur wungkul

b)

nepikeun fakta jeung inspirasi ti tokoh

c)

nyarita bohong

d)

ngajarkeun basa sunda

5.

Kutipan biografi:

R.A. Kartini téh lain ngan saukur awewe anu nulis surat, tapi anjeunna geus ngagerakkeun kasadaran bangsa pikeun mikir kritis jeung ngudag kamerdikaan pikiran. Anjeunna percaya yén pendidikan téh konci kamajuan.

Patarosan:
Naon anu tiasa disimpulkeun tina kutipan éta ngeunaan pandangan hirup R.A. Kartini?

a)

anjeunna hayang jadi guru anu kasohor

b)

anjeunna yakin yen kamerdekaan bakal datang sorangan

c)

anjeunna ngahargaan pendidikan minangka jalan kamajuan

d)

anjeunna teu sapuk jeung pendidikan pikeun awewe

6.

Dina biografi Moh. Hatta, dicaritakeun yén anjeunna henteu kantos nyalahgunakeun kalungguhanana pikeun kapentingan pribadi.
Patarosan:
Nilai karakter naon anu paling kaciri tina carita ngeunaan Moh. Hatta éta?

a)

kaikhlasn jeung percaya diri

b)

kaadilan jeung tanggung jawab

c)

rasa hormat ka kolot

d)

kapercayaan kana takdir

7.

Sanggeus maca biografi B.J. Habibie, siswa diajar yén kapinteran jeung katekunan penting pikeun ngahontal cita-cita. Lamun anjeun hoyong nyieun biografi ngeunaan tokoh lokal di daérah anjeun, naon hal anu kudu anjeun laksanakeun heula?

a)

Ngadamel simpulan tina sababaraha tokoh.

b)

Ngalakukeun wawancara jeung ngumpulkeun data ngeunaan tokoh éta.

c)

Nulis langsung dumasar kana pangalaman sorangan.

d)

Ngadamel gambar tokoh tanpa katerangan.

8.

Kutipan biografi:

Ki Hadjar Dewantara lahir di Yogyakarta taun 1889. Anjeunna kawentar minangka pangadeg Taman Siswa anu nyebarkeun pamanggih yén sakumna jalma boga hak pikeun diajar, henteu gumantung kana darajat atawa kalungguhan.

Patarosan:
Naon amanat anu bisa dicindekkeun tina kutipan biografi di luhur?

a)

Pendidikan ngan pikeun jalma anu beunghar.

b)

Sakumna jalma kudu meunang kasempetan diajar.

c)

Jalma miskin henteu perlu sakola.

d)

Pendidikan teu penting pikeun kahirupan.

9.

Dina biografi Ir. Soekarno dicaritakeun yén anjeunna henteu gampang nyerah sanajan sababaraha kali dipenjara.
Patarosan:
Nilai karakter naon anu bisa dicontoh tina kapribadian Ir. Soekarno éta?

a)

Kasatiaan jeung kaadilan

b)

Kaikhlasan jeung rasa hormat

c)

Daya juang jeung katekunan

d)

Kasabaran jeung kasopanan

10.

Lamun anjeun rék nyieun biografi ngeunaan tokoh inspiratif di lingkungan sakola, naon anu kudu anjeun lakukeun heula?

a)

Nulis carita dumasar kana imajinasi.

b)

Milih tokoh, ngumpulkeun data, sarta ngalakukeun wawancara.

c)

Ngadamel biografi tina conto dina internét.

d)

Nyieun biografi tokoh fiktif.

11.

Sanggeus maca biografi ngeunaan R.A. Kartini, naon amanat anu bisa dipetik tina perjuanganana pikeun pendidikan awewe di jaman baheula?

💡 Petunjuk: Jelaskeun hubungan antara perjuangan Kartini jeung kaayaan pendidikan ayeuna.

4 lines
12.

Tokoh Moh. Hatta kawentar minangka jalma anu jujur jeung hirup basajan sanajan geus jadi wakil présidén.

Naon nilai karakter anu bisa diteladanan ku rumaja ayeuna tina kahirupan Moh. Hatta, sarta kumaha cara ngalarapkeunana dina kahirupan sapopoe?

4 lines
13.

Tulis sapotong paragraf pondok (3–5 kalimat) anu nyaritakeun tokoh inspiratif di lingkungan sakola anjeun kalayan gaya basa biografi.

💡 Petunjuk: Sebutkeun saha tokohna, naon jasana, jeung naha anjeunna pantes dijadikeun inspirasi.

4 lines
14.

Tangtukeun pernyataan di handap ieu ka kolom bener atawa salah

Categorize the following

Biografi nyaeta carita kahirupan hiji jalma anu ditulis ku jalma sejen

Nilai moral jeung karakter tokoh bisa di cokot minangka piwuruk pikeun nu maca

Sumber biografi anu bisa dipercaya biasana asalna tina wawancara biasana asalna tina wawancara.

Biografi ngan ukur eusina ngeunaan kajadian waktu tokoh lahir jeung maot

Pamanggih penulis ngeunaan tokoh disebut bagian bubuka

Bener
Salah
15.

Unggal tokoh inspiratif biasana ngalaman pasualan dina kahirupanana. Analisis kumaha tokoh éta bisa nungkulan kasusahna nepi ka ngahontal kasuksésan, sarta naon pelajaran anu bisa dicontoh ku urang?

4 lines