WorksheetsPENILAIAN SUMATIF AKHIR SEMESTER GANJIL
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Bedana Carpon jeung dongeng nyaeta . . . .
Carpon mah caritana leuwih panjang ti dongeng
Carpon mah eusina henteu ngandung unsur pamohalan kawas dongeng
carpon mah caritana leuwih pondok ti dongeng
Carpon mah nyaritakeun manusa, dongeng mah nyaritakeun sasatoan
Karya sastra anu direka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok disebut . . . .
carpon
sajak
novel
wawaran
Tokoh anu ngalakonan dina carpon disebutna . . . .
latar
palaku
lalakon
galur
salahsahiji maksud jeung tujuan tina biantara, nyaeta . . . .
nepikeun gagasan atawa eusi pikiran
jadi tongtonan tapi teu kudu jadi tungtunan
ngabingungkeun nu ngabandungan
bisa ngagunakeun kalimah epektif
Anu disebut latar dina carpon teh . . . .
gagasan nu ditepikeun ku pangarang
waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
jalan carita atawa runtuyan kajadian dina carita
perkara nu bisa dipahami eusi caritana
Babagian biantara anu eusina kacindekan jeung ngajak ka balarea ngalaksanakeun nu ditepikeun dina biantara nyaeta . . .
bubuka biantara
salam bubuka biantara
panutup biantara
salam panutup biantara
Nampung unggal saran, mere kasempetan pikeun nepikeun gagasan ka peserta diskusi, nyatetkeun pananya dina diskusi, kaasup sababaraha hal anu jadi tugas panumbu catur utamana dina bagean . . .
mungkas diskusi
nutup diskusi
nyindekkeun diskusi
ngatur jalanna diskusi
Nu kaasup kana pancen panumbu catur dina diskusi diantarana nyaeta . . . .
nepikeun nu jejer diskusi
nengahan nu padungdeng
nampung unggal saran
ngahaturkeun nuhun ka nu hadir
. . . . Pamungkas, mugia diskusi ieu janten salah sahiji jalan supados pikiran urang langkung jembar. Neda dihapunten bilih aya basa anu kirang merenah kana manah ,. . .
Ungkara di luhut kaasup kana critaan panumbu catur dina begean . . . .
bubuka
eusi
sanduk-sanduk
panutup
Di handap ieu kaasu kana redaksi nalika panumbu catur ngatur jalanna diskusi, nyaeta . . .
sakitu anu kapihatur, mugia urang sadaya janten siswa-siswi anu cageur, bageur, pinter, bener, singer, tur parigel
Wassalamu'alaikum warahmatullahi Wabarakatuh
Haturan ka pangjejer kahiji, Bapa Ridwan Kamil kanggo ngadugikeun pedaranana
Sampurasun . . . . Hatur nuwun mas saderek panata acara nu parantos masihan waktosana
Titenan teks di handap !
(1) Artikulasi kudu jelas
(2) Sora kudu bentes
(3) Raray kudu ekspresif
(4) Teu Kudu aya pangregep
(5) Teu kudu jelas eusina
Nu kudu aya dina biantara sangkan jadi biantara anu hade nyaeta . . . .
1, 2, 3
3, 4 ,5
5, 4 , 1
2, 4, 1
Ku sabab kitu, basa nu dipake ku urang dina biantara teh alusna mah reumbeuy ku mamanis basa. Upamana diselapan ku babasan jeung paribasa atawa bisa oge ku sisindiran. Malah mun bisa mah diselapan oge ku kalimah-kalimah pinilih ( Kata-kata mutiara atawa kuotasi) nu kungsi ditepikeun ku hiji tokoh.
Numutkeun hidep eta hal bisa kaasup kana salahsahiji hal anu diperhatikeun dina biantara nyaeta. . . .
ngandung wirahma
tatag nyaritana
aktual temana
alus basana
Biantara teh omongan urang kudu diatur gancang-kendorna, tarik halonna, atawa luhur-handapna. Tegesna, dina nepikeun biantara teh kudu make lentong ( lagu kalimah) anu hade.
Numutkeun hidep eta hal bisa kaasup kana salahsahiji hal anu diperhatikeun dina biantara nyaeta . . .
aktual temana
alus basana
tatag nyaritana
ngandung wirahma
Pikeun ngatur hiji acara upamana dina diskusi sangkan lumangsung kalawan lungsur-langsar perlu ayana panumbu catur, istilah sejen tina panumbu catur teh nyaeta . . . .
panata acara
master of ceremony
narasumber
sekretaris
Tugas utama panata acara teh kawilang reana salahsahiji tugas utamana aya di handap ieu . . .
Tugas utama panata acara dina diskusi teh mingka . . .
panglengkep
panengah
pamilon
pananya
Dina unggal acara tangtuna kudu aya jalma nu ngatur acara sangkan kagiatanna lancar. Dina kagiatan naon panata acara ngalaksanakeun tugasna ?
ulang taun
kasenian
diskusi
pemilu
Di handap ieu tugas-tugas utama panata acara, salahsahiji tugas panata acara samemeh lumangsungna diskusi nyaeta . . .
ngawasa masalah anu luyu jeung tema diskusi
teu kudu ngawasa masalah anu luyu jeung tema diskusi
henteu jadi panengah lamun aya konflik
teu mere kasempetan ka pamilon pikeun nanya
Pananya acara teh kudu nyaho kana waktu nu disadiakeun pikeun diskusi, sangkan . . . .
diskusi lila waktuna
diskusi rea konflikna
diskusi rea nu nanya
diskusi beres dina waktuna
Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi teh tos rengse.
muga-muga mangpaat sareng jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala kalepatan. Wassalamualaikum wr.wb.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian . . . .
ngawanohkeun narasumber
mere kasempetan nanya
pedaran singget diskusi
panutup
Tugas panata acara mah beda jeung panumbu catur, sabab panata acara mah . . . .
mingpin sakabeh runtuyan acara
ngatur lumangsungna diskusi
jadi panengah dina diskusi
mere kasempetan nanya ka pamilon
Assalamu'alaikum wr.wb. sampurasun ! Ti payun urang sanggakeun puji sareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kasehatan ka urang sadayana.
Hatur nuhun ka saderek panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian . . . .
bubuka
ngawanohkeun narasumber
mere kasempetan nanya
pedaran singget diskusi
Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kasehatan lingkungan, bade ngabahas materi ngeunaan ' Ngajaga Kaberesihan jeung Kasehatan Lingkungan'.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian . . . .
bubuka
ngawanohkeun narasumber
mere kasempetan nanya
pedaran singget diskusi
Tah, ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa panasaran kumaha ngajaga kaberesihan lingkungan, mangga dipasihan waktu kanggo ngadugikeun pertanyaan ka narasumber.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian . . . .
bubuka
ngawanohkeun narasumber
mere kasempetan nanya
pedaran singget diskusi
Di handap ieu tugas -tugas utama panata acara, salahsahiji tugas panata acara samemeh lumangsungna diskusi nyaeta . . . .
ngawasa masalah anu luyu jeung tema diskusi
teu kudu ngawas masalah anu luyu jeung tema diskusi
henteu jadi panengah lamun aya konflik
teu mere kasempetan ka pamilon pikeun nanya
Nu kaasup kana pancen panumbu catur dina diskusi diantarana nyaeta . . . .
nepikeun nu jejer diskusi
nengahan nu padungdeng
nampung unggal saran
ngahaturkeun nuhun ka nu hadir
