wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ASAS B. Sunda Kelas 9

Total questions: 40

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Pilih salah sahiji jawaban nu dianggap pang benerna!

Nalika nepiakeun biantara téh kudu ngagunakeun....

a)

Kakawihan

b)

Sisindiran

c)

Wirahma

d)

Guguritan

2.

Biantara téh kudu ngéntép seureuh eusina, hartina kudu bener sistimatikana. Tengetan wincikan ieu di handap!

1)    Nganuhunkeun kana kasempetan nyarita

2)    Salam pangbagéa/pangbagéa randegan

3)    Solawat ka Kangjeng Nabi

4)    Puji ka Gusti Alloh

5) Salam bubuka

Runtuyan anu merenah diucapkeun dina bubuka biantara nyaéta......

a)

a. 1-2-3-4-5

b)

b. 2-3-4-5-1

c)

c. 4-5-3-2-1

d)

d. 5-4-3-2-1

3.

Hiji biantara sok dieusian ku hal-hal di handap ieu, iwal ……

a)

Salam

b)

Bubuka

c)

Panutup

d)

Doa

4.

Pilih salah sahiji jawaban nu dianggap pang benerna! 4. Biantara dina ngaresmikeun hiji tempat atawa lokasi kaasup kana ……

a)

Paresmian

b)

Sambutan

c)

Pambukaan

d)

Laporan

5.

Di handap ieu mangrupa téhnik dina nepiakeun biantara, iwal ti …….

a)

Ngalukis

b)

Maca téks

c)

Nalar

d)

Nyatet inti

6.

Baca ungkara bagian tina biantara ieu di handap!

Langkung ti payun sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka panata calagara anu parantos maparin waktos kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun upami dina ieu biantara pamapag téh aya pisanggem eunu anu kirang merenah, boh basana boh tata krama.

Ungkara di luhur téh mangrupa bagian ….. tina biantara.

a)

Bubuka

b)

Panutup

c)

Eusi

d)

Kacindekan

7.

Harti babasan “Adigung Adiguna” téh nyaéta …

a)

Hayang nu lain

b)

Sombong

c)

Jauh teuing

d)

Jarang namu

8.

Dina ieu waktos, urang sadaya ngempel téh taya lian badé miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika. Nembé ogé ku Sadérék Pupuhu Panata calagara parantos didadarkeun, naon margina di sakola urang diayakeun ieu acara.

Hadirin hormateun sim kuring,

            Diayakeunana ieu acara téh minangka tawis panghormat sareng pangajén ka Ibu Déwi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina mah dina widang atikan. Jalaran kitu, sim kuring umajak ka sadayana, sumangga ieu kagiatan téh urang mangpaatkeun kanggo ngarojong cita-cita urang sadaya. Ka sakumna patandang dina acara pasanggiri, sim kuring ngadugikeun wilujeng tandang makalangan. Hanas éta aya anu hasil janten juara sareng aya anu teu acan hasil, teu kedah dipasualkeun, anggap baé éta téh hiji prosés latihan. Sanaos kitu, ari daria mah tangtos baé tos sakedahna. Kitu deui ku diayakeunana paméran, rupina ku urang tiasa dijantenkeun bahan évaluasi, anu tiasa dijantenkeun dadasar kanggo ngaronjatkeun préstasi ka payunna.

Ungkara di luhur mangrupa bagian ... tina biantara

a)

Kacindekan

b)

Panutup

c)

Eusi

d)

Bubuka

9.

Harti babasan “Amis Budi” téh nyaéta …

a)

Bakat ku éra

b)

Ramah

c)

Hésé dititah

d)

Tenang

10.

Kumaha kuduna dina nangtukeun topik biantara téh …

a)

Aktual

b)

Topikna basi

c)

Biasa waé

d)

Heubeul

11.

Biantara pasemian téh eusina ngeunaan …

a)

Ngabuka hiji acara

b)

Ngaresmikeun hiji hal

c)

Laporan

d)

Tanggungjawab

12.

Téhnîk biantara téh rupa-rupa. Biantara anu ngagunakeun téks sarta dibaca sakur nu aya dina éta téks, disebut ….

a)

Téhnîk Impromtu

b)

Téhnîk ngalpalkeun

c)

Téhnîk éktemporan

d)

Téhnîk naskah

13.

Harti babasan “Ayem Tengtrem” nyaéta …

a)

Hésé dititah

b)

Ramah

c)

Bakat ku éra

d)

Tenang

14.

Kampung adat anu lokasina di Kabupaten Bandung nyaéta kampung adat …

a)

Naga

b)

Cikondang

c)

Pulo

d)

Ciptagerlar

15.

Wangunan di gigir mangrupa suhunana…

a)

Tagog anjing

b)

Badak heuay

c)

Parahu kumureb

d)

Jolopong

16.

Kampung adat téh biasana mah sok dijadikeun …

a)

Tempat lalajo

b)

Tempat wisata

c)

Tempat dahar

d)

Tempat saré

17.

Kampung Naga mangrupa salasahiji kampung adat di Tatar Sunda. Perenahna di Désa Néglasari, Kacamatan Salawu, Kabupaten Tasikmalaya. Disebut kampung adat lantaran kabiasaan pendudukna anu masih kénéh nyekel adat kabiasaan karuhunna. Wangun imah di Kampung Naga kudu imah panggung, anu dijieunna tina kai jeung awi. Hateupna wangun julang ngapak kudu tina injuk, eurih, atawa kiray. Teu meunang aya nu maké kenténg. Teu meunang ditémbok deuih, sanajan mampuh ogé nyieun imah témbok atawa gedong. Sakabéh imah kudu nyanghareup ka kidul atawa kalér. Teu meunang dicét, iwal dikapur atawa diméni. Panto imahna teu meunang aya panto anu pahareup-pahareup dina saimah. Anu matak panto tepas jeung panto dapur téh, sajajar aya di hareup. Lantaran nurutkeun kapercayaan sangkan rejeki anu asup ka imah téh henteu bangblas kaluar deui ngalawatan panto dapur.

Kampung Naga disebut kampung adat lantaran ……

a)

Mindeng ngalaksakeun upacara adat

b)

Jadi salasahiji obyék wisata

c)

Wargana masih nyekel adat istiadat

d)

Imahna mangrupa imah panggung

18.

Kampung Naga mangrupa salasahiji kampung adat di Tatar Sunda. Perenahna di Désa Néglasari, Kacamatan Salawu, Kabupaten Tasikmalaya. Disebut kampung adat lantaran kabiasaan pendudukna anu masih kénéh nyekel adat kabiasaan karuhunna. Wangun imah di Kampung Naga kudu imah panggung, anu dijieunna tina kai jeung awi. Hateupna wangun julang ngapak kudu tina injuk, eurih, atawa kiray. Teu meunang aya nu maké kenténg. Teu meunang ditémbok deuih, sanajan mampuh ogé nyieun imah témbok atawa gedong. Sakabéh imah kudu nyanghareup ka kidul atawa kalér. Teu meunang dicét, iwal dikapur atawa diméni. Panto imahna teu meunang aya panto anu pahareup-pahareup dina saimah. Anu matak panto tepas jeung panto dapur téh, sajajar aya di hareup. Lantaran nurutkeun kapercayaan sangkan rejeki anu asup ka imah téh henteu bangblas kaluar deui ngalawatan panto dapur.

Suhunan imah di kampung Naga, maké suhunan “Julang Ngapak” nu miboga harti ….

a)

Bentukna jiga parahu nangkub

b)

Bentukna siga anjing keur nagog

c)

Bentukna siga jangjang manuk

d)

Bentukna siga badak keur heuay

19.

Kampung Naga mangrupa salasahiji kampung adat di Tatar Sunda. Perenahna di Désa Néglasari, Kacamatan Salawu, Kabupaten Tasikmalaya. Disebut kampung adat lantaran kabiasaan pendudukna anu masih kénéh nyekel adat kabiasaan karuhunna. Wangun imah di Kampung Naga kudu imah panggung, anu dijieunna tina kai jeung awi. Hateupna wangun julang ngapak kudu tina injuk, eurih, atawa kiray. Teu meunang aya nu maké kenténg. Teu meunang ditémbok deuih, sanajan mampuh ogé nyieun imah témbok atawa gedong. Sakabéh imah kudu nyanghareup ka kidul atawa kalér. Teu meunang dicét, iwal dikapur atawa diméni. Panto imahna teu meunang aya panto anu pahareup-pahareup dina saimah. Anu matak panto tepas jeung panto dapur téh, sajajar aya di hareup. Lantaran nurutkeun kapercayaan sangkan rejeki anu asup ka imah téh henteu bangblas kaluar deui ngalawatan panto dapur.

Nurutkeun kapercayaan masyarakat Kampung Naga, panto hareup anu pahareup-hareup jeung panto dapur ngalantarankeun …

a)

Rejeki anu asup ka imah teu kaluar deui

b)

Semah nu asup ka imah babari kaluar

c)

Rejeki nu asup ka imah bisa kaluar

d)

Rejeki anu kaluar ti imah teu bisa asup deui

20.

Kampung Pulo

Kampung Pulo nyaéta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab éta kampung téh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat éta ogé aya candi anu disebutna Candi Cangkuang. Baheula, masarakat di Kampung Pulo ngagem agama Hindu, tapi nalika Embah Dalem Arif Muhammad datang masarakat kampung Pulo téh ngagem agama Islam. Tokoh anu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaéta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancén ti Sultan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ka-17. Di kampung Pulo téh ngawangkeun genep imah jeung hiji musola, genep imah pikeun barudak awéwéna, sarta hiji musola pikeun budak lalaki hiji-hijina.

Masarakat kampung Pulo ayeuna nganggem agama …

a)

Budha

b)

Hindu

c)

Wiwitan

d)

Islam

21.

Kampung Pulo Kampung Pulo nyaéta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab éta kampung téh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat éta ogé aya candi anu disebutna Candi Cangkuang. Baheula, masarakat di Kampung Pulo ngagem agama Hindu, tapi nalika Embah Dalem Arif Muhammad datang masarakat kampung Pulo téh ngagem agama Islam. Tokoh anu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaéta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancén ti Sultan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ka-17. Di kampung Pulo téh ngawangkeun genep imah jeung hiji musola, genep imah pikeun barudak awéwéna, sarta hiji musola pikeun budak lalaki hiji-hijina. Dingaranan kampung Pulo lantaran…

a)

Deukeut jeung candi

b)

Deukeut jeung imah Ma Ulo

c)

Deukeut jeung situ

d)

Deukeut jeung muara

22.

Kampung Pulo

Kampung Pulo nyaéta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab éta kampung téh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat éta ogé aya candi anu disebutna Candi Cangkuang. Baheula, masarakat di Kampung Pulo nganggem agama Hindu, tapi nalika Embah Dalem Arif Muhammad datang masarakat kampung Pulo téh ngagem agama Islam. Tokoh anu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaéta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancén ti Sultan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ka-17. Di kampung Pulo téh ngawengku genep imah jeung hiji musola, genep imah pikeun barudak awéwéna, sarta hiji musola pikeun budak lalaki hiji-hijina

Masarakat kampung Pulo mimiti ngagem agama Islam, saprak aya…

a)

Embah Dalem Arif Muhammad

b)

Sultan Ageung

c)

Sunan Gunung Jati

d)

VOC

23.

Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar

Kampung Ciptagelar nyaéta kampung adat nu aya di wilayah Kampung Sukamulya Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok, Kabupatén Sukabumi. Ciptagelar miboga harti kabuka atawa pasrah. Ciri khasna aya dina lokasi sarta wangunan imah nu masih kénéh nyekel kana tradisi. Masarakat nu nempatan Kampung Ciptagelar disebutna kasepuhan. Kampung adat Ciptagelar diadegkeun ku pasukan Karajaan Sunda nu tuhu ka Prabu Siliwangi jeung maranéhna dibébaskeun lantaran Prabu Siliwangi rék moksa. Prajurit tuluy misahkeun diri jadi tilu kelompok nu ngadegkeun kampung-kampung anyar nu silih pakait. Warga kasepuhan Ciptagelar mangrupa komunitas adat nu masih kenéh ngajalankeun tatali paranti karuhun sacara turun temurun nu geus jadi cecekelan kahirupan pikeun kasalametan hirup. Umumna pakasaban di Ciptagelar nyaéta patani. Masarakatna ngajungjung luhur budaya lokal sarta lingkungannana nu loba kapangaruhan ku adat istiadat. Salasahiji wangunan anu jadi puseur di kampung Ciptagelar disebutna imah gedé.

Di Ciptagelar biasana ngayakeun upacara adat taunan saperti Ngaseuk, Mipit, Nganyaran, Ponggokan, jeung Seren taun. Ku sabab, masarakat kampung adat Ciptagelar percaya yén paré mangrupa sumber kahirupan. Ti mimiti melak paré disebutna ngaseuk, tuluy tatanén dicokot disebutna mipit. Sedengkeun upacara adat Nganyaran mangrupa prosési pikeun ngasaan hasil tatanén. Anu satuluyna aya upacara Ponggokan nu mangrupa sensus data ti jumlah lalaki jeung awéwé, jumlah leuit, jumlah imah, jumlah kandaraan, sarta jumlah hasil iuran warga pikeun pésta panén Seren taun. Puncakna aya di upacara adat Seren taun atawa disebutna pésta panén.

Kampung Ciptagelar diadegkeun ku pasukan Karajaan Sunda nu tuhu ka …

a)

Pendopo

b)

Imah gede

c)

Leuit

d)

Bale

24.

Dumasar kana téks di luhur, masarakat nu nempatan kampung Ciptagaelar disebutna …

a)

Kasepuhan

b)

Kanékés

c)

Warga

d)

Embah

25.

Dumasar kana téks di luhur, naon hartina Ciptagelar téh …

a)

Kabuka

b)

Nutup

c)

Ka luhur

d)

Ka handap

26.

Dumasar kana téks di luhur, dimana perenahna Kampung Kasepuhan Ciptagaelar…

a)

Désa Sirnaresmi, Kecamatan Cisolok, Kabupaten Cianjur

Désa Sirnaresmi, Kecamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis

d)

Désa Sirnaresmi, Kecamatan Cisolok, Kabupaten Sukabumi

27.

Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar

Kampung Ciptagelar nyaéta kampung adat nu aya di wilayah Kampung Sukamulya Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok, Kabupatén Sukabumi. Ciptagelar miboga harti kabuka atawa pasrah. Ciri khasna aya dina lokasi sarta wangunan imah nu masih kénéh nyekel kana tradisi. Masarakat nu nempatan Kampung Ciptagelar disebutna kasepuhan. Kampung adat Ciptagelar diadegkeun ku pasukan Karajaan Sunda nu tuhu ka Prabu Siliwangi jeung maranéhna dibébaskeun lantaran Prabu Siliwangi rék moksa. Prajurit tuluy misahkeun diri jadi tilu kelompok nu ngadegkeun kampung-kampung anyar nu silih pakait. Warga kasepuhan Ciptagelar mangrupa komunitas adat nu masih kenéh ngajalankeun tatali paranti karuhun sacara turun temurun nu geus jadi cecekelan kahirupan pikeun kasalametan hirup. Umumna pakasaban di Ciptagelar nyaéta patani. Masarakatna ngajungjung luhur budaya lokal sarta lingkungannana nu loba kapangaruhan ku adat istiadat. Salasahiji wangunan anu jadi puseur di kampung Ciptagelar disebutna imah gedé.

Di Ciptagelar biasana ngayakeun upacara adat taunan saperti Ngaseuk, Mipit, Nganyaran, Ponggokan, jeung Seren taun. Ku sabab, masarakat kampung adat Ciptagelar percaya yén paré mangrupa sumber kahirupan. Ti mimiti melak paré disebutna ngaseuk, tuluy tatanén dicokot disebutna mipit. Sedengkeun upacara adat Nganyaran mangrupa prosési pikeun ngasaan hasil tatanén. Anu satuluyna aya upacara Ponggokan nu mangrupa sensus data ti jumlah lalaki jeung awéwé, jumlah leuit, jumlah imah, jumlah kandaraan, sarta jumlah hasil iuran warga pikeun pésta panén Seren taun. Puncakna aya di upacara adat Seren taun atawa disebutna pésta panén.

Dumasar kana téks di luhur, naon waé urutan upacara adat anu aya di kampung adat Ciptagaelar …

a)

Ngaseuk, Nganyaran, Mipit, Ponggokan, Seren taun

b)

Ngaseuk, Mipit, Nganyaran, Ponggokan, Seren taun

c)

Nganyaran, Ngaseuk, Mipit, Ponggokan, Seren taun

d)

Nganyaran, Ngaseuk, Ponggokan, Mipit, Seren taun

28.

Di Kampung Adat mah loba hal anu dipahing. Sanajan taya aya aturan nu ditulis, tapi ku masarakatna tara direumpak. Dipahing hartina…

a)

Dipibanda

b)

Dilarang

c)

Dipihara

d)

Dicarék

29.

Umumna kampung adat di Kabupatén Bandung raket patalina jeung …

a)

Nyebarkeun agama kapercayaan

b)

Nyebarkeun budaya Sunda

c)

Nyebarkeun basa Sunda

d)

Nyebarkeun agama Islam

30.

Di Jawa Barat téh aya sabaraha kampung adat nu geus ka koncara, Kampung adat téh kampung anu pengkuh nyekel adat istiadat ti …

a)

Kuncénna

b)

Karuhunna

c)

Juru kuncina

d)

Pupuhuna

31.

Dumasar ciri-cirina, téks déskripsi téh miboga sifat nu faktual. Faktual hartina …..

a)

Imajinasi

b)

Rékaan

c)

Fakta

d)

Rékayasa

32.

Téks déskripsi miboga sifat objéktif. Objéktif hartina …

a)

Saayana

b)

Imajinasi

c)

Teu masuk akal

d)

Ngabayangkeun

33.

Novél téh kaasup karangan dina wangun …

a)

Lancaran

b)

Ugeran

c)

Pedaran

d)

Eusi

34.

Novél téh mangrupa carita …

a)

Pagalaman

b)

Nyata

c)

Rékaan

d)

Kajadian

35.

Upama nilik kana caritana mah, novél téh méh taya bédaana jeung …

a)

Carita pantun

b)

Carita pondok

c)

Carita rahayat

d)

Carita pangalaman

36.

Di handap ieu naon bédana novél jeung carita pondok teh, iwal …

a)

Palakuna biasana leuwih loba

b)

Aya kajadian anu kasinambungan

c)

Tempat jeung waktuna leuwih jembar

d)

Basa anu dipakéna henteu basajan

37.

Novél munggaran anu terbit dina basa Sunda nyatéta …

a)

Gogoda ka nu Ngarora

b)

Baruang ka nu Ngarora

c)

Kabarung ku nu Ngarora

d)

Kagoda ku nu Ngarora

38.

Novél Baruang ka nu Ngarora medal taun ....

a)

1920

b)

1921

c)

1922

d)

1923

39.

Asupna novel kana sastra Sunda téh mangrupa pangaruh Barat ngalawatan basa …

a)

Walanda

b)

Indonésia

c)

Inggris

d)

Arab

40.

Di handap ieu mana nu teu kaasup unsur-unsur dina novel …

a)

Puseur sawangan

b)

Latar

c)

Tokoh

d)

Scene