ulangan bab 1 dongeng+Carita babad

ulangan bab 1 dongeng+Carita babad

10th Grade

30 Qs

quiz-placeholder

Similar activities

NASKAH SOAL PSKK BAHASA SUNDA KELAS 7

NASKAH SOAL PSKK BAHASA SUNDA KELAS 7

7th Grade - University

25 Qs

Quiz Bahasa Sunda

Quiz Bahasa Sunda

10th Grade

25 Qs

Try Out Bahasa Sunda Kelas 6

Try Out Bahasa Sunda Kelas 6

6th Grade - University

28 Qs

PHB-S X

PHB-S X

10th Grade

30 Qs

PTS BAHASA SUNDA X MIPA 4

PTS BAHASA SUNDA X MIPA 4

10th Grade

25 Qs

PAS Basa Sunda X

PAS Basa Sunda X

10th Grade

29 Qs

Dongeng 2

Dongeng 2

10th Grade

25 Qs

Dongeng

Dongeng

10th Grade

30 Qs

ulangan bab 1 dongeng+Carita babad

ulangan bab 1 dongeng+Carita babad

Assessment

Quiz

Other

10th Grade

Hard

Created by

AYU SARA PUSPITASARI

Used 92+ times

FREE Resource

30 questions

Show all answers

1.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 1 pt

(1)   Sumebar sacara tinulis

(2)   Ngandung hal-hal nu teu asup akal

(3)  diwangun ku basa lancaran

(4)   Caritana jembar        

(5)   Ngandung ajén atikan

(6)   Teu kapaluruh saha nu ngarangna

(7)   Ngandung unsur seni

(8)   Sumebar sacara lisan

(9)   Ngandung hal-hal nu teu pamohalan

 

Ciri-ciri umum nu biasana aya dina dongéng diantarana ...

1, 2, 3, 4

1, 6, 8, 9

2, 3, 5, 8

1, 2, 4, 8

5, 7, 8, 9

2.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 1 pt

Jaman baheula aya adi lanceuk ngaranna Ki Sabar jeung Ki Subur. Ari Ki Subur lanceukna Ki Sabar téh kaasup jelema beunghar. Ngan Ki Subur téh kacida korétna. Ki Subur tara méré jariah. Lamun nginjeumkeun duit, mulangkeunana kudu leuwih loba. Béda pisan jeung adina, ngaranna téh ki Sabar. Ki Sabar mah hirupna pas-pasan alias miskin; tapi masih sok tutulung ka batur. Lamun ningali batur keur susah pasti wé ditulungan sabisana ku ki Sabar

Sempalan dongeng di luhur téh nepikeun ngeunaan ....

Taneuh subur

Dulurna Ki Sabar

Ki Sabar jeung Ki Subur

Ki Sabar lanceukna ki Subur

Adina Ki Sabar anu bageur pisan

3.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 1 pt

Nyi Putri ngadeg bari nulak cangkéng ngagorowok “Kami kudu kawin ka anak pulung cacah, hideng deuih? Ké lanan, kami éling kénéh,” tuluy nunjuk ka luar mani bentik bentik curukna, omongna “ka ditu geura balik, manéh ulah ka dieu-dieu deui!”

Watek nyi putri tina sempalan dongéng di luhur téh nyaéta ....

bageur

adigung

soméah

welas asih

sadrah tumarima

4.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 1 pt

Dalem Boncél kacida kaduhungeunana, lantaran geus wani wani ngusir kolotna. Ayeuna ku dirina karasa kumaha balukarna doraka ka nu jadi kolot. Manéhna nyegruk kanyenyerian bari nangkeup tetengger kuburan indung bapana

Amanat anu ditepikeun tina sempalan dongéng di luhur téh nyaéta ....

kudu indit ka kuburan indung bapa

ulah doraka ka nu jadi kolot

kudu wani ngusir kolot

ulah sok kaduhung

ulah sok nyegruk

5.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 1 pt

Titénan sempalan dongéng dihandap ieu !

(1)      Di lamping gunung Mégamendung, teu tebih ti jalan anu ti Bogor ka Sindanglaya, aya Situ Hiang, katelahna Talagawarna.

(2)      Anjing nempo beungeut gagak  marahmay sanggeus dipuji ku manéhna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil.

(3)      Ceuk ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”

(4)   Kacaritakeun praméswari Prabu Munding Wangi ngagaduhan putra istri, anu geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina. Jenenganana Déwi Kandita.

(5)   Prabu Boros Ngora téh salasahiji raja Panjalu. Kagungan putra dua, nya éta Radén Aria Kuning sareng Radén Aria Kancana.

Sempalan dongéng di luhur nu kagolong kana wangun carita babad nyaéta….

1

2

3

4

5

6.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 1 pt

Baca sempalan dongéng dihandap !

       Kecepruk kecepruk munding meuntas. Ditumpakan ku budak awéwé, diukna ngémpol. Wanci tunggang gunung nu lumaku nepi ka tutugan pasir, eureun handapeun kiara. Kabeneran lebah dinya aya pancuran, caina ngagolontor hérang. Budak awéwé ka cai, ngumbah suku, subeungeut, tuluy nginum, da hanaang. Ari nginumna di totor, teu inget kana weweling indung. Leguk nginum, geblus pancuran awi saruas. Asup kana tikoro budak, kaserot bareng jeung cai. Budak téh eueuleugeungan. Reng sisitan, gebay jadi oray totog.

 

Dicutat tina Rancagé Diajar Basa Sunda

 

Kalimah nu nuduhkeun unsur pamohalan tina dongéng di luhur bisa kapanggih tina kalimah ....

Kabeneran manggih pancuran

Munding ditumpakan ku budak awéwé

Wanci tunggang gunung nepi ka tutugan pasir

Budak awéwé sisitan tuluy robah jadi oray totog

Budak awéwé nginum cai bari ditotor, teu inget weweling indung

7.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 1 pt

Ieu di handap sempalan dongéng nu kaasup kana dongeng sasakala nyaéta ....

Caritana éta dua sobat téh geus marelak cau. Sakadang kuya melak anak cau, ari sakadang monyét melak jantungna

Si oray kuda anu salawasna jal sarta galak sok ngahakan jelema, sarta matih pisan peurahna, lengas-lengis ka si Aki ménta ditulungan, sien génghék kaduruk.

Jaman baheula aya Raja Sepuh nu kacida welas asihna ka pala putrana. Ari putrana aya tilu, kabéhanana ogé awéwé. Hiji mangsa, Raja ngageroan putra- putrana sina ngariung, masamoan di karaton jeung kulawadetna. Ku Raja éta anak-anakna téh rék ditanya soal kanyaahna ka manéhna.

Jol sakadang maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak sakadang kuya. Gur baé suluh téh diseungeut

Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan léb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé.

Create a free account and access millions of resources

Create resources
Host any resource
Get auto-graded reports
or continue with
Microsoft
Apple
Others
By signing up, you agree to our Terms of Service & Privacy Policy
Already have an account?